Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

UJANG PUCUNG

Pabeubeurang, balik ti sakola, aya surat buligir gular-golér dina méja. Henteu maké kop surat. Ditujulkeunana, jelas ka kuring. Dicokot, dibuka jepitan hékterna. Horéng surat ondangan. Eusina ngondang kuring kana acara silaturahmi sakalian ménta pidu’ana yén manéhna arék tandang makalangan dina Pemilu 2009 pikeun jadi anggota DPR RI. Disebutkeun partéyna, urutanana, jeung daérah pemilihanana deuih. Di handapna, aya tanda tangan manéhna jeung ngaran jelas: Ir. H. Ujang Mulyana. Anu matak kuring kapiasem, di handapeun ngaran lengkep, aya tulisan leungeun ku mangsi hideung dina jero kurung. Unina: Murid Ibu, Ujang Pucung téa.

Kagugu jeung kagagas deuih. Teu karasa, aya anu beueus dina kongkolak mata. Masih kénéh inget ka kuring, geuning, masih kénéh nganggap guru ka kuring téh, geuning. Padahal kuring jadi guru manéhna téh basa keur di SD, sakitu puluh taun ka tukang. Padahal ayeuna manéhna geus jadi jalma jugala. Kaasup salasahiji pengusaha suksés di Bandung. Di lembur kuring, malah bisa jadi di kabupatén kuring, moal aya nu bireuk deui ka Bapa Haji Ujang Mulyana mah. Boa sa-Jawa Barat kétang. Ngaranna jeung potrétna mindeng katémbong dina koran. Beungeutna, anu ceuk kuring mah, méh taya robahna ti jaman keur budak, pédah ditambahan kumis ipis, mindeng katémbong dina televisi, dina rupa-rupa acara jeung kagiatan.

Enya, Ujang Pucung.

(Heuheuy deudeuh, sok aya-aya baé hidep mah, Pucung.)

Di lembur kuring loba anu ngaran Ujang téh. Pikeun ngabédakeunana sok dituturkeun ku ngaran kolotna. Ujang Agus, Ujang anakna Pa Agus; Ujang Karim, Ujang anakna Mang Karim; Ujang Jaya, Ujang anakna Ki Jaya; Ujang Amil, Ujang anakna Pa Amil, jeung réa-réa deui. Tapi ari manéhna mah nenggang ti nu séjén: Ujang Pucung, pihartieunana Ujang anu resep nembangkeun pupuh Pucung. Kuring apal kana pihartieunana, lantaran rumasa wé, kuring anu boga dosa ngalandih manéhna kitu téh. Malah sakapeung mah, cukup ku nyebut Pucung baé, teu maké Ujang deui.

Murid Ibu, Ujang Pucung téa, cenah.

(Emh, Pucung, nuhun henteu poho ka Ibu).

Enya, murid kuring manéhna téh. Mimiti kaajar di kelas tilu SD. Manéhna kaasup murid calakan. Hiji mangsa, dina pangajaran basa Sunda, kuring ngajarkeun pupuh. Ari anu diajarkan téh pupuh Pucung. Rumpakana, rumpaka anu geus populér. Ari sababna, salian ti hésé néangan rumpaka séjén téh, kuringna sorangan ngan apal kana éta rumpaka. Anu unina kieu geuning:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Barudak dititah ngapalkeun éta pupuh, sarta minggu hareupna kudu bisa nembangkeun sorangan-sorangan. Dina émprona, manéhna pangheulana ngacung. Ka hareup, ngong tembang. Sanajan sorana henteu halimpu, tapi wirahmana mah bener. Harita ku kuring dipuji. Da enya kudu meunang pamuji tina usaha jeung kawanina. Sabab kuring nyaho, sanajan uteukna éncér, manéhna teu boga anléh kana seni sora. Lain, lain teu boga bakat seni, da ari kana ngagambar jeung nyieun karajinan mah, kawilang alus.

Manéhna kaajar deui ku kuring téh di kelas lima. Tah, harita kuring ngalandi manéhna Si Pucung téh. Lain ngéwa, lain keuheul, ih teu pisan-pisan. Ngan kagugu wé. Atuda unggal dititah nyanyi ka hareup, angger nembangkeun pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Teu galideur ku digeuhgeuykeun, malah sakapeung sok sakalian diheureuykeun. Maenya geura, nembangkeun pupuh Pucung bari jogéd kawas nyanyi dangdut! Babaturanana ager-ageran, manéhna mah kalem wé teu riuk-riuk.

“Hidep mah angger taya robahna ngalagu téh, ti kelas tilu kénéh, hayoh waé pupuh Pucung,” ceuk kuring.

“Atuda resep Ibu,” témbalna.

“Ganti-ganti atuh rumpakana, ulah ‘utamana jalma’ baé!”

“Ah, teu raoseun, Ibu,” cenah.

“Si Pucung wé sugan hidep mah!”

Babaturanana saleuseurian.

Kuring gé teu nyangka, omongan kuring bet jadi panglandi anu napel nepi ka kaluar sakola. Jeung deuih, manéhna ogé kawas anu reueus dilandi Ujang Pucung téh. Hal éta katangén waktu manéhna jadi juara pasanggiri maca sajak antar-SD dina Porseni Kacamatan. Ku kuring diumumkeun di kelas. Ari pokna téh, “Ujang Pucung téa atuh, siapa dulu dong gurunyah ....”

“Huuuhhh ...,” ceuk barudak nu séjén.

Kuring kapiasem.

Ayeuna Si Pucung, Ujang Pucung, aéh Ir H. Ujang Mulyana, jadi caleg DPR RI. Naha henteu cukup kitu ku jadi pengusaha suksés? Engké rék ditanyakeun ka manéhna. Sakalian ménta dihampura, pédah kuring geus ngalandih Si Pucung. Enya, dihenteu-henteu ogé aya ari rasa rumasa salah mah. Atuda sugan téh moal kitu jadina ....

(Emh, Pucung, hidep kudu béak-béak ngahampura ka Ibu.)

Dina waktu anu geus ditangtukeun, kuring datang ka imah Mang Atang, aéh Haji Atang, bapana Ir. H. Ujang Mulyana. Agréng jeung lega ayeuna mah imahna ogé.

Sup ka pakarangan imahna, horéng geus loba jelema. Ti jero imah kaluar lalaki umur 35 taunan, rurusuhan nyampeurkeun kuring. Teu samar, najan awakna jadi lingsig jeung katémbong beresih ogé: Si Pucung, aéh ....

“Ibu, Bapa, aduh .... mangga ka lebet. Kawitna mah ku abdi badé dipiwarang dipapagkeun ka supir ....,” cenah, solongkrong munjungan, cium tangan.

“Ieu téh ....?”

“Pucung, Ibu,” pokna. Enya, tadi gé henteu samar. Ngan bingung, kudu kumaha nyebut ka manéhna ayeuna? Geuning, teu kudu robah. Angger ngabasakeun: Pucung, Ujang Pucung.

Kuring didiukkeun ngaréndéng jeung Bi Haji Isah, indungna. Ari salaki ngaréndéng jeung Mang Haji Atang. Di tengah-tengah antarana, manéhna diuk ngaréndéng jeung pamajikanana. Teu kungsi lila, der baé acara dimimitian. Da cenah nu boga hadas keukeuh, acara kakara bisa dimimitian lamun kuring geus datang!

(Emh, Pucung, dianggap naon atuh Ibu ku hidep téh?)

Acara dijejeran ku Pa Agus, anu sok biasa nga-MC-an di lembur kuring. Teu loba unak-anikna, sanggeus dibuka langsung kana biantara ti sohibul-bét. Capétang perténtang nyaritakeun lalakon hirupna, direumbeuy ku heureuy seger. Suasana karasa hégar. Tapi kuring mah mindeng ngalimba salila ngadéngékeun caritaanana téh. Carita ngeunaan manéhna, anu sabagian gedé kuring geus apal. Ngan henteu saeutik deuih anu kakara apal harita kana jero-jerona.

Manéhna ngamimitian biantara ku nembang. Nembangkeun pupuh Pucung:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Cenah, éta téh lagu anu munggaran ku manéhna diapalkeun enya-enya. Méh unggal usik. Bisa jadi mimitina mah lantaran aya “kawajiban” kudu apal. Lagu anu manéhna henteu sieun ngahaleuang, lantaran dipuji ku guru waktu munggaran ngahaleuangkeunana hareupeun batur. Saterusna, jadi lagu karesep manéhna. Tungtungna, jadi “lagu wajib” manéhna. Lain baé mun dititah nyanyi di kelas, tapi boh hahariringan, boh héhéotan, asa kurang afdol lamun lain lagu Pucung “Utamana jalma kudu réa batur” téh. Nepikeun ka manéhna meunang panglandi Ujang Pucung. Henteu ambek, henteu éra deuih. Duka ku naon, reueus baé nu aya disebut Ujang Pucung téh.

Tina karesep keur budak, bet jadi kabiasaan. Kabiasaan hahariringan atawa héhéotan lagu Pucung téh manjang nepi ka ayeuna. Komo ayeuna mah, sanggeus manéhna ngarasa, yén pangna manéhna bisa suksés téh lantaran lagu Pucung. Lain wirahmana, lain rumpakana, lain dang-ding-dungna wungkul. Tapi gumulung, sumerep-sumarambah jadi jenggléngan palasipah nu miraga-sukma. Bari manéhna sorangan henteu sadar kana prosésna.

(Emh, Pucung, Ibu mah ngan saukur guru SD. Teu nyangka geuning pangajaran Ibu téh gedé pangaruhna keur hidep mah.)

Manéhna bisa ngaréngsékeun kuliah, sasatna mah ditulungan ku babaturan sakampusna. Da ngandelkeun pangasilan kolotna di lembur mah, pimanaeun atuh. Kahirupan kolotna anu jadi buruh tani, geus lain koréh-koréh cok deui, tapi cok koréh-koréh. Ku babaturanana, manéhna dipihapékeun ka emangna anu boga percitakan. Ahirna manéhna bisa kuliah bari digawé di percitakan.

Teu kungsi sataun, antara manéhna jeung dununganana, “silihtitipkeun nya diri”. Manéhna nitipkeun dirina sorangan, ari dununganana nitipkeun diri anakna nu awéwé.

“Nya ka anjeunna abdi nitipkeun pibudakeun téh,” cenah, ditungtungan ku sareuri hadirin.

Réngsé kuliah, manéhna neruskeun usaha mitohana. Tina percitakan dironjatkeun jadi penerbitan, husus nerbitkeun buku-buku pangajaran. Ngaran pausahaanana ogé diganti jadi CV Utama, nyokot tina padalisan kahiji pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Taun 90-an mémang keur meujeuhna booming bisnis buku pangajaran. Tah, harita Penerbit CV Utama mimiti ngajaulna téh, jadi salasahiji penerbit gedé di Bandung. Buku-bukuna sumebar ka sakuliah Indonésia.

Usahana ngarekahan kana widang séjén, nya éta rumah makan. Rumah makan anu munggaran diadegkeun di jajalaneun ti Bandung ka lemburna. Dingaranan Rumah Makan Situ. Cenah, “stu” téh singgetan tina “silitulungan”, padalisan kadua tina rumpaka pupuh Pucung paporitna. Kiwari RM Situ geus muka cabang di sawatara tempat.

Tina rumah makan, ngagilek saeutik kana hotél. Hotél anu mimiti dibeuli ku manéhna téh ayana di salasahiji tempat wisata. Ngaranna diganti. Anu tadina ngagunakeun basa asing jadi Hotél Titip Diri. Cenah dicokot tina padalisan katilu rumpaka pupuh Pucung kameumeutna.

“Ari anu ngawitan ngawanohkeun pupuh Pucung ka abdi, jalmina ogé ayeuna aya di dieu. Tah, Ibu Purma. Sasatna mah, nya anjeunna anu masihan dadasar palasipah hirup ka abdi téh. Hatur nuhun, Ibu,” pokna.

Aya nu nyelek dina tikoro, aya anu beueus dina kongkolak mata. Horéng geuning, kuring teu kudu ménta dihampura pedah geus ngalandi Si Pucung ka manéhna. Da geuning keur manéhna mah malah jadi kakuatan anu luar biasa. Jadi dadasar palasipah hirup, cenah.

(Emh, Pucung, Pucung .... hidep geus mumbulkeun rarasaan Ibu ka awang-awang ka uwung-uwung.)

Karasa aya anu can réngsé cenah dina ngamalkeun palasipah pupuh Pucungna téh. Nya éta dina ngajanggélékkeun padalisan kaopat “budi akal lantaran ti padajalma”.

Bulan Juli taun tukang, manéhna ditawaran jadi caleg ku salasahiji partéy gedé. Haratis, sarta ti mimiti nomer urut nepi ka daérah pemilihanana, bisa milih sorangan. Boa-boa ieu cenah, jalan pikeun ngawujudkeun “budi akal lantaran ti padajalma téh”. Sanggeus dipikiran dibulak-balik, dibeuweung-diutahkeun, disawalakeun jeung kulawargana, dipadungdengkeun jeung babaturanana, éta tawaran téh ditarima. Nyokot daérah pemilihan anu ngawengku lemburna sorangan, bari susuganan manggihan jalan pikeun mulang tarima ka lemah sarakan.

Naon deui atuh? Da ceuk kuring mah geus loba anu dipigawé ku manéhna keur lemburna téh. Kaasup ngaronjatkeun ajén lemburna. Manéhna, ka saha baé ogé, di mana baé ogé, sok ngakukeun dirina pituin urang lembur dieu. Tara ngaku urang Bandung! Éta anu jadi pamujian saréréa téh: teu poho ka purwadaksina.

“Nu mawi ayeuna abdi neda pangrojong sareng pidu’ana ti sadayana. Upami janten anggota déwan téh baris seueur mangpaatna kanggo urang sadayana, mugi-mugi abdi sing kapilih. Upami langkung seueur madorotna, langkung saé ulah kapilih,” pokna.

Najan teu dipénta, najan teu dikurihit, kuring baris ngadukung caleg anu ngamalkeun pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Tong boro ukur jadi caleg, malah jadi cagub atawa caprés ogé, pasti didukung. Siap jadi jurkamna deuih, teu kudu dibayar, teu kudu dibibita ku carita. Lain pédah ka murid sorangan, lain pédah ka batur salembur, lain pédah ka nu loba duit. Lain, lain pédah éta. Lain pédah aya haréwosna deuih, “Ibu sareng Bapa, henteu palay angkat jarah ka Mekah? Ieu mah teu aya hubunganana sareng pemilu ….” Lain, sakali deui, lain pédah éta. Aya nu leuwih teleb ti éta.

(Emh, Pucung, muga-muga hidep salalawasna aya dina rido jeung panangtayungan Gusti Alloh.)


Palataran Wanayasa, 2009

TANTEU MEY

WAWUH jeung Tanteu Méy téh diwawuhkeun ku Si Nana basa rék ngontrak kamar. Leuwih wanoh deui sanggeus sagulung-sagalang saimah. Tanteu Méy jigana mah kaasup kolem geulis keur ngorana mah. Ceuk Si Nana mah, Éva Arnaz taun dua rébu cenah.Randa, hartina kungsi boga salaki, teuing sabaraha kali da tara nyabit-nyabit sual jumlahna najan diselok ogé.

“Pokona, Tanteu apal kana sipat-sipat pameget mah. Tah, tos aya dina dampal leungeun. Kakeupeul.”

“Kumaha kitu, Tanteu?”

“Sami baé pameget mah, resep ngulinkeun istri.”

Tangtu wé paralalaki téh protés. Dilawanan ku awéwé-awéwé séjénna. Tapi ari paréa-réa omong jeung awéwé dina suasana kitu, lalaki mah sok hésé meunangna. Teu cara mun keur paduduaan, paling-paling ngéléhan, da aya pamrih kitu gé.

Supel Tanteu Méy téh, katémbongna mah bisa gaul jeung nu kumaha baé. Bisnis itu bisnis ieu, omongna mah. Milu kagiatan itu kagatan ieu, caritana mah. Ipis biwir, luyu jeung wangun biwirna. Beuki seuri, malah sakapeung mah ku hal-hal anu ceuk kuring mah teu lucu teu sing. Najan kitu, teu ngurangan daya tarikna, komo keur nu anyaran tepung mah. Cara kuring ti heula wé. Aya kesan hadé tur ngartikeun.

“Di dieu mah Cép Dudi, bébas. Anggap di bumi nyalira wé. Apal atuh Tanteu gé ka anak muda mah. Tanteu gé ngora heula atuh,” pokna gé basa kuring mimiti jadi “kulawarga”-na. Puguh saenyana mah salahsahiji sarat ngontrak teu tinulis téh nya éta: jaminan kabébasan.

Nu ngontrak di Tanteu Méy téh mahasiswa-mahasiswi. Mahasiswa opat, mahasiswi genep. Nyicingan kamar-kamar nu kawas kamp tahanan kénca-katuhueun imah puseur, imah Tanteu Méy. Aya tujuh kamar. Kuring, Si Nana, Téh Ais, jeung Héni sakamar ku sorangan. Sésana sakamar ku duaan. Ari peuting, pangpangna bari lalajo “Dunia dalam Berita” tipi, sok ngariung di patengahan imah puseur. Nu matak teu lila asa-asana gé jeung batur sakamp téh. Rélatif singget.

Sapoé dua poé mah, betah wé rarasaan téh. Mémang sual fasilitas mah teu géséh jeung kontrakan séjén. Sual hargana gé prah wé jeung batur. Ngan nya éta, kabébasan éta anu ngabédakeunana téh. Nu jadi hélok mah, éta ku asa merhatikeun pisan Si Tanteu ka kuring téh.

“Biasa wé anyaran mah,” ceuk Si Wawan. Enya sugan. Tapi mudah-mudahan wé kitu satutuluyna. Kuring teu nyaho kumaha mun geus lilana, da can ngalaman. Kana béja-béja ti nu geus lalila téh lain rék teu percaya, ngan sugan wé ka kuring mah aya iwalna.

“Cép Dudi, ieu bilih palay ngaraosan pasakan Tanteu.”

“Nuhun atuh Tanteu, maké ngarérépot sagala,” ceuk kuring bari nampanan rantang, sop jeung sanguna.

“Ah, henteu, Ngarérépot naon? Ka Cép Dudi mah Tanteu téh sok ras wé inget ka anak sorangan.”

“Oh, di mana nya Tanteu?”

“Di Manado anak Tanteu mah, milu jeung akina di ditu.”

“Istri pameget, Tanteu?”

“Awéwé. Sakola kelas hiji ayeuna téh.”

“SMP?”

“Ih, kelas hiji SMA marukan téh.”

“Wah, atuh tiasa diantosan nya Tanteu?” ceuk kuring, ujug-ujug pok baé.Si Tanteu seuri.

“Ari kersa mah. Tanteu téh sok inget baé, saha nu terang kéh anak Tanteu gé ngumbara jauh ti kolot. Piraku wé ari Tanteu nyaah ka anak deungeun mah, ka anak Tanteu gé teu aya nu nyaaheun.” Kuring ngahaminan.

Tanteu Méy, kitu nyarebutna saha baé ogé, teu bireuk deui di ieu wewengkon mah. Ngaranna mah Méirina saperti anu ditulis dina rékening listrikna. Cenah bibit-buitna mah ti Manado. Lahir di Bandung, gedé di Bandung, kawin di Bandung. Geus asa jadi urang Bandung wé cenah.

Beuki lila, kuring beuki apal kana jero-jerona Si Tanteu téh. Ébréh dina kahirupan jeung sikep sapopoéna.

“Eu ... Cép Dudi, punten wé nya pangwartoskeun ka Cép Nana, da ari Tanteu mah teu wantun,” ceuk Tanteu Méy dina hiji poé.

“Naon Tanteu?”

“Éta, Tanteu téh badé mayar listrik sareng lédeng, tos kaping sapuluh ayeuna téh. Ari telat teuing bilih didengda. Nu sanés mah parantos malayar,” omongna. Gebeg téh, kuring gé da acan mayar, sarébu pérak keur listrik jeung keur lédeng sakumaha perjangjian.

“Mangga Tanteu.”

“Punten wé nya, Cép.”

“Abdi gé, teu acan.”

“Ih, wios Cép Dudi mah. Tanteu gé terang, biasana gé apan Cép Dudi mah tara hararésé ari tos aya mah.”

“Muhun atuh Tanteu, engké wé urang wartoskeun ka Nana.”

Pinter malibirkeun caritana Si Tanteu téh. Urang Sunda gé ayeuna mah carang nu kitu téh.

“Iraha ngomongna, Dud?” ceuk Si Nana basa hal éta dibéjakeun ka manéhna.

“Tadi basa sayah balik kuliah.”

Si Nana seuri.

“Saenyana mah, Dud, tadi isuk Si Tanteu nitah ka sayah mangnanyakeun duit listrik jeung lédeng ka énté. Ngan tadi téh énténa saré kénéh.”

“Oh, kitu?”

Kuring duaan sareuri. Surti wé. Buru-buru wé dibayar, teu boga duit ogé kapaksa nginjeum heula ka Si Rini. Dipasrahkeun bari sakalian lalajo iklan musik Artis Safari. Si Tanteu, éh biasa wé nampanan duit téh. Teu jiga-jiga tas nyiasatan. Manuver yang berhasil, ceuk Si Nana mah.

Ti harita, asa mindeng Tanteu Méy téh ngadoni ka kuring.

“Padahal ceuk Tanteu mah nya Cép Dudi, ngariung mah ngariung wé ulah bari jeung éak-éakan. Isin ku tatangga Tanteu téh. Aya naon cenah di Tanteu Méy meni ramé kitu?” ceuk Tanteu Méy, pédah ka kamar Si Tina loba babaturanana, ngalobrol vari suka seuri. Padahal kuring gé milu némbrong, ngobrol suka seuri. Kuring mah surti wé. Sacara teu langsung sangkan dibéjakeun ka Si Tina. Horéng lain ka kuring baé ngomong kituna téh deuih.

Antukna, méh ka nu ngontrak Tanteu Méy téh méré koméntar.

“Sanaos tos tunangan ogé nya Cép Dudi, tapi ulah kitu-kitu teuing atuh. Ieu mah ari kencan téh sok teu terang di waktu,” koméntar Tanteu Méy ka Téh Ais. Pédah éta meureun Kang Dénina ari apél téh sok nepi ka peuting-peuting baé. Téh Ais mah ukur seuri dibéjaan kitu téh, abong nu cicing. Lungguh munding ceuk Si Wawan mah, kakara mijah lamun sawahna digarap.

“Tong diwartoskeun ka Kang Déni wé nya, Dud!” ceuk Téh Ais.

“Tapi Téh, sakali-sakali mah kudu diwarah!” ceuk Si Héni. Ambek meureun, pédah kungsi dikoméntaran teu bisa masak, neuteuli tayohna mah.

“Diwarah kumaha? Bet saruana atuh!”

“Néng Ais! Néng!” kadéngé di luar Si Tanteu gegeroan.

“Tah, rék aya naon cenah Madame de Cegékan téh!” ceuk Si Héni. Abong budak sastra, pinter nyieun istilah. Kuring seuri.

“Husy, ulah kitu ka kolot téh!” Téh Ais ngagebés, tapi tetep témbong mésemna.

“Néng Ais!”

“Kaaah!”

“Ka dieu geura!”

Téh Ais ka luar.

“Badé aya naon, Tanteu?”

“Ieu bilih palay ngaraosan. Aya nu ngirim cau tadi téh, raos geura. Sok wé candak!” ceuk Si Tanteu, atra kadéngé sab ngahaja ngadédéngékeun. Téh Ais sababaraha kali nganuhunkeun.

Teu lila, sup Téh Ais bari nanggeuy goréng cau sapiring metung.

“Hén, hayang males ka Si Tanteu?” ceuk kuring.

Si Héni unggeuk.

“Pisangna tong didahar! Keun sina ngarasaeun kumaha rasana diacuhkeun!”

“Teu aya wé, atuh raos di Akang teu raos di Ayi,” ceuk Si Héni bari ngarongkong pisang. Dasar!

Tah, mun pareng lalakina karumpul tur salsé, réngsé lalajo tipi téh taya deui gawé: gapléh atawa ngobrol ngalor-ngidul. Ti mimiti sual sapopoé, di kampus, jeung sajabana. Bras wé kana sual awéwé. Tapi anu tetep seger mah angger sual Tanteu Méy.

“Ka sayah Dud, nyebut teu boga pikiran!”

“Wah, nu bener, Na?”

“Tah, tanyakeun ka Si Wawan!”

“Enya. Tadi téh nya urang rék mandi, ngadagoan Si Yanti. Si Éta téa ari mandi téh sawindu. Moyan wé di dinya tah, handapeun jambu. Jol téh Si Tanteu. Cép Wawan teu acan kuliah? Teu acan, engké da siang. Oh, ari Cép Nana aya? Tos angkat, ceuk urang téh. Sanés nya Cép, ari wengi Cép Nana téh bobo di kamar Néng Tina? Duka atuh, ceuk urang téh, da abdi mah wengi téh wangsul jam sabelas, teras wé ngaringkuk. Padahal urang gé nyaho manéh téh saré di Si Tina nya, Na?”

“Heueuh, sayah mah ngan maturan wungkul. Si Tina keueungeun saré sorangan, da Si Dédéhna balik.”

“Lain gé maturan wungkul ari nepi ka isuk mah,” ceuk Si Wawan.

“Heueuh, sual séjénna mah merupakan kosékuénsi logis wé éta mah. Bener, Dud?” ceuk Si Nana ngabéla diri bari aya sari-sari hayang kaalem.

“Kuma dinya wé lah. Ngan ari ceuk sayah mah, kadé euy bisi kalepasan. Boa enggeus kétang. Cilaka wé. Ari perkara moral-moral kitu, da urang téh geus pada déwasa, geus boga pamilih sorangan, geus boga cecekelan sorangan.”

“Alaaah, ari énté siah ti heula ngerem Si Déwi? Ngaku lah! Basa aya pagelaran seni, hayoh! Tong munapék Dud lah!” Si Nana malik nuduh kuring.

“Ukur ngampihan sayah mah. Manéhna rék balik, geus peuting, euweuh mobil. Kapaksa wé éta mah!”

“Rék kapaksa rék dipaksa, pokona mah manéh ngerem Si Déwi. Titik! Ari nu nempo mah Dud, teu nyaho alesan itu-ieuna. Alesan téa, selalu datang belakangan. Jeung deuih, da sayah gé boga itungan atuh, Dud!” ceuk Si Nana deui.

“Mun urang enya, euweuh kabéjakeunana,” ceuk Si Aang nu ti tadi ngan ukur milu seuri.

“Pantes wé manéh man da kuuleun. Mahasiswa purba, bet jaman féodal gé geus euweuh nu siga manéh mah, Ang,” ceuk Si Wawan. “Kaasup jenis langka manéh mah, geus kudu asup musieum!”

Saréréa sareuri. Si Aang gé milu seuri.

“Terus kumaha, Wan, Si Tanteu téh?”

“Ari ceuk Si Tanteu téh nya, sing gaduh pikiran wé atuh, da di dunya téh sanés mung duaan baé. Enya ngomong kitu, sumpahna gé. Urang mah cicing wé teu ngomong-ngomong. Nya ari keur Tanteu mah, cenah, teu nanaon. Tanteu gé ngora heula atuh, ngan Tanteu téh isin ku tatangga. Meureun ceuk batur téh, éta nu ngalontrak di Tanteu Méy meni barébas kitu. Sok komo upami aya kajadianana, aya kabéjakeunana. Tanteu gé tangtos wé kababawa wirang. Meureun ceuk batur téh, pantes wé da Tanteu Méy mah antepan pisan. Sanés ku nanaon, cenah, Tanteu mah karunya wé bisi kuliahna kagaranggu.”

“Terus ngomong naon deui, Wan?” ceuk Si Nana.

“Nya terusna mah kabéh wé kaparét. Manéh, Dud. Téh Ais, Si Héni. Ah, kabéh wé dikoméntaran. Ngan manéh Ang nu dipuji téh. Resep Tanteu mah ka Cép Aang téh, cenah. Bageur. Ngan urang wé nu teu dikoméntaran téh.”

“Aing téa atuh!” ceuk Si Aang ngalégég. Terus digaronjak.

“Énté mah teu dikoméntaran sotéh, pantes wé keur aya di hareupeunana,” ceuk Si Nana.

Da enya atuh, ku alus budi ari hareupeun mah. Moal aya nu nyangka alus adat atuh. Matak, ceuk béja mah, carang aya anu memperpanjang kontrakanana. Kitu wé meureun.

“Ari urang kumaha cenah, Wan?”

“Ka manéh mah pédah carang saré di dieu wungkul.”

“Lah, enggeus lah! Mending gapléh ayeuna mah!” ceuk Si Nana bari nyokot kartu gapléh, terus dikocok.

“Pasangan, értéan?” Si Aang nanya.

“Értéan,” ceuk Si Nana. “Tante Méy Cup!”

Saréréa sareuri, terus nyokot kartu.

“Balak kosong!”

“Nya di nu hajat atuh!” ceuk Si Nana bari ngalungkeun balak kosong.

“Béda euy, kaciri hayang meunangkeun Tanteu Méyna téh,” ceuk kuring.

“Mun rido mah Tanteu Méyna, moal rék nampik rejeki, nyaan,” ceuk Si Nana kalem.

“Aya béja cenah Tanteu Méy téh baheulana mah ngabadung ogé,” ceuk Si Aang. “Ditilu-tilu, Dud? Euweuh euy, liwat!”

“Ceuk saha, Ang?” Si Nana nanya.

“Urang gé ceuk Si Eulis, tah anu ngontrak di Bu Pardi.”

“Nu bangkok téa, Ang?” ceuk Si Wawan. “Heueuh, da sajurusan jeung manéh nya?”

“Enya ceuk Si Éta. Manéhna gé cenah ceuk Bu Pardi. Malah tah imahna gé cenah dipangnyieunkeun ku Pa Imang, pejabat, teuing pejabat nahaon, pokona mah pejabat wé. Pa Imangna maot, ganti deui. Ditilu-tilu deui, Dud? Ah, aya sentimén pribadi Si Dudi mah ka aing téh. Liwat lah!”

Kuring saréréa sareuri, ngeunah, tapi Si Aang seuri maur.

“Léwat lagih, sudah ada kila-kilanyah ari piértéeun mah. Mangkaning érté mah kabagéan nyusutan urutna, urut pejabat!” ceuk Si Wawan.

“Baheula mah cenah, turun mobil unggal mobil Si Tanteu téh.”

“Kenék meureun nu kitu mah,” ceuk kuring. “Liwat Na? Nya sayah atuh poldan,” lung tilu-genep, tilu téa atuh stok sorangan.

Si Aang kukulutus pédah balak genepna kabebeng, diseungseurikeun ku tiluan. Terus ngocok, terus ngabagi kartu.

“Heueuh, sigana mah Si Tanteu téh kesepian nya. Naék kana sungut. Bisa jadi éta téh! Apan ceuk Freud ogé, tingkah manusia itu dipengaruhi oléh libido séksnya. Sabaraha tatéh?”

“Kosong-dua!” Si Wawan némbal.

“Hayang nyaho wé nya mun ku sayah dilalanyah,” ceuk Si Nana deui bari ngalungkeun kartu dua-hiji.

“Daék kitu manéh?”

“Ceuk sayah gé Dud, sayah mah moal rék nampik rejeki. Kacipta wé nya, euy, mun keur kiru téh torojol Tanteu Méy. Cép Nana, Cép Dudi, Cép Wawan upami teu aya damel mah sareng Tanteu wé urang sparing. Keun wé Cép Aang mah bagéan beberesihna!”

Kuring saréréa sareuri, Si Aang nyereng. Mémang dina riungan mah biasana sok aya anu jadi korban pikeun kasenangan nu séjén. Di dieu, biasana mah Si Aang. Mun awéwéna Si Héni. Teuing atuh, kitu ditakdirkeunana wé meureun.

Nepi ka jam dua, gapléh bari éak-éakan. Moal henteu isuk bakal aya béjana. Carita ngeunaan Tanteu Méy terus mekar, disusurup, dipapantes. Dihenteu-henteu ogé mémang pantes rék loba caritakeuneunana téh Tanteu Méy mah. Tina saréatna wé, sanajan geus teu ngora deui masih kénéh témbong geulisna, ménorna. Komo keur ngorana meureun. Encan tina hal-hala séjénna, saperti ceuk béja jeung sajabana.

Hiji peuting, kuring ngajenghok ogé nempo Tanteu Méy ngajanteng hareupeun kamar Si Nana. Keketrok, Si Nana mukakeun panto, sup Tanteu Méy asup. Gélo! Lain heureuy jigana Si Nana téh. Rék naon atuh Tanteu Méy peuting-peuting ka kamar Si Nana? Kuring inget kana omongan-omongan Si Nana. Sayah mah moal rék nampik rejeki, cenah.

Bener-bener édan Si Nana mah. Ah, Si Tanteunawé deuih teu boga pikiran. Bisa ka batur! Teu sieun kanyahoan kitu? Boa enya nu dicaritakeun ku Si Aang téh. Gélo, duanana gé geus garélo! Arédan!

Salila-lila kuring mikiran Tanteu Méy jeung Si Nana. Wah, kabutak-butak mikiran nu teu aréling mah! Tapi kacipta wé Si Tanteu, ibarat nu kahalodoan manggih hujan. Si Nana …. Gélo! Édan! Geus lah, mending liar, cicing di kamar gé kalah lieur teu puguh.

Ceg kana jékét, lalaunan kaluar ti kamar. Mending ngéndong di Si Yayat lah, loba sarana pikeun ngabrangbrangkeun haté, rasa anu teuing kumaha mah. Keuheul aya, sebel aya, jeung sajabana. Pokona aya rasa tujuh rupa wé, nu négatif wungkul.

Balik téh isuk-isuk, niat téh rék terus saré nebus urut bagadang peutingna. Karék gé rék ngedeng, panto kamar aya nu ngetrok. Saha deuih? Ngaganggu pisan! Bray panto dibuka. Gebeg. Tanteu Méy ngajanteng imut.

“Cép Dudi teu kuliah?”

“Teu Taneu, da teu aya kuliah dinten ieu mah. Mangga ka lebet Tanteu,” ceuk kuring.

“Punten wé nya, ngaganggu,” ceuk Si Tanteu bari asup. Gék diuk dina korsi. Jempé sajongjonan, teuing haté téh maké ngageter sagala.

“Oho oho (Si Tanteu batuk), Tanteu téh badé aya kaperyogian ka Cép Dudi.”

“Kaperyogian naon, Tanteu?” Haté téh geterna rada leler. Tapi ingetan ka Si Nana mah can leungit kénéh.

“Isin-isin gé maksakeun Tanteu téh oho oho. Ka saha deui atuh, da mung ka Cép Dudi wé wanton téh, tos teu asa-asa deui oho-oho (Tanteu nyekel dadana). Tanteu téh badé ka dokter, bronchitis saurna mah, kedah diparios deui. Ehem, tulungan wé Tanteu téh, nambut artos upami aya mah oho, sapuluh rébu wé. Di Tanteu tos teu aya pisan oho-oho-oho, dianggo mayar listrik sareng lédeng kamari.”

“Aduh, teu aya atuh Tanteu ari ageung-ageung kitu mah. Nya upami lima rébu mah aya wé panginten.” Haté geus biasa deui, sugan téh rék naon tuda.

“Sawios lima rébu gé oho-oho, ehem kirangna mah sugan kénging ti Bu Engkom, kagungan sambetan dua puluh rébu ka Tanteu téh. Oho-oho jangjina mah kamari. Ari kamari ditagih, cenah énjing wé teu acan oho kénging. Tungtungna mah icuk colé-icuk colé wé oho-oho ehem.”

Golosor wé lima rébu pérak, karunya ogé nempo kitu mah. Kabeneran wé karak nampa wésel. Tapiari hate mah aya ngutrukna ogé. Na atuh lain ka Si Nana nginjeum duit téh? Duit ditampanan ku Si Tanteu, nganuhunkeunana ogé duka sabaraha kali mah, teu diitung ieuh. Diselang ku oho-oho, batuk bronchitis cenah.

Teu ngeunah puguh gé, ari ngeungeunahna keur Si Nana, kuriang bagéan riripuhna.

“Ngeunah naon?” ceuk Si Nana basa didakwa ku kuring. “Si Tanteu mah ka kaar sayah téh rék nginjeum deuit, cenah keur ka dokter, nyeri dada!”

“Dibéré?”

“Dibéré wé da karunya, lima rébu pérak, hayangna mah sapuluh rébu. Sayah gé ngan boga sapuluh rébu deui duit téh, saminggueun deui,” ceuk Si Nana, “Mangka ayeuna téh karak tengah bulan.”

“Ka urang gé nginjeum duit deuih. lima rébu sarua. Sarua deuih méntana mah sapuluh rébu. Sarua deuih keur ka dokter. Ngan panyakitna bronchitis ka urang mah,” ceuk kuring bari seuri.

“Iraha?”

“Tadi isuk-isuk.”

“Ari peuting énté ka mana, Dud?”

“Ngéndong di Si Yayat,” témbal kuring. Can dibéjakeun sabab-musababna mah. Keun engké gé aya waktuna keur terus terang mah, mun aya deui Tanteu Méy Cup.

Bandung, 1986.

(Katumbiri jilid 2, 1986)

ÉNDAH RAGA SUKMA

BASA Raga datang ka imahna, Éndah keur saré dina sofa. Jigana mah kasaréan. Mopo urut di Bali meureun. Tilu poé di ditu, teu kaasup di jalanna. Cenah mah study-tour jeung fakultasna ka paguron luhur anu aya di ditu. Duka mana anu poko saenyana mah, duka studina duka tourna. Indit sotéh Éndah mah bané waé aya nu wani nanggung jawab sagala rupana. Dosénna cenah, malah lain pangkat joré-joré deuih jabatanana ogé, PD.

Ari saré ukur maké baju tidur kayas ngalangkang. Raga nyampeurkeun, teu kuat sugan, ngok wé nyium. Éndah ngoréjat.

"Duh, mani reuwas, sugan téh naon," omongna. Celetot nyiwit leutik peupeuteuyan Raga. Hudang, terus nyang­saya mana tahan téa. Raga diuk gigireunana.

“Kumaha di Bali téh Ndah? Happy?"

“Happy sih happy, ngan kitu wé banyak ranjau!”

“Tapi kan kesempatan mah selalu ada.”

“Iya, kesempatan dalam kesempitan.”

“Justru sempitnya itu nu nimat téh ha ha ha ...”

Éndah gé milu seuri, mani rangu.

"Sok aja pikir ku Raga, dia téh siapa. Sahenteuna kan pejabat. Mesti ngajaga citra dong. Tapi kan Éndah gé ngerti, apa mau dia nu ma­tak ngajak Éndah ogé."

"Dapet?"

"Tentu. Dia gé teu bodo atuh, Ga."

Raga seuri.

"Aya naon sih? Aya nu lucu?"

"Teu. Cuman kacipta wé,” carita Raga diterus­keun ku pepeta. Éndah nyeuItukeuteuk. Teu cenah teu kitu, tapi kieu kieu kieu, ceuk Endah bari pepeta. Raga nga­gakgak.

"Oh iya Ga, anteur nya Endah shoping.”

Asyiiik. Meledak nih."

"Tentu dong.”

"Iraha?"

"Bulan depan!"

Raga ngabarakatak.

"Ya sekarang atuh."

"Sugan téh ayeuna mah ngesop pingping.”

"Maunyé!"

"Tentu, itu nomer satu. Dikecapin, sambelna sambel terasi, béasna béas Cianjur. Siiip wé!”

Éndah seuri, nyiwit cangkéng Raga, gemes. Raga néwak leungeun Éndah, dibetot sakaligus.

“Em... emh... emmmhhh... jangan ah,” ceuk Éndah ngagurinjal cepet tina keukeupan Raga. “Engké wé nya, sekarang mah anteur dulu Éndah, oké?” Gura-giru Éndah asup ka kamarna, rék ganti baju.

Raga teu bisa majar kumaha, geus teu sabar ogé disabar-sabar wé. Harepanana, engké ogé sabataé, geus rido mah geuning sok lungsur-langsar. Hayang kumaha baé ogé bisa. Anu pasti mah hayang nyoba gaya anyar, gaya Pembantu Dékan. Atawa gaya séjénna anu geus biasa, saperti gaya politikus, gaya pejabat, gaya diréktur, gaya diplomat, gaya mentri ogé aya. Atawa gaya séjénna anu mangrupa hasil improvisasi. Pokona mah asal tetep nyoko dina gaya kupu-kupu malam.

Aya éta ogé niat Raga pikeun nuturkeun ka kamarna téh, ngan karunya bisi teu kaur anggeus. Keun sakitu mah itung-itung pengorbanan wé, ceuk pikirna, pira silihanteur karep.

“Ga, selama Éndah di Bali, aya nu ka dieu teu?” Éndah nanya ti jero kamarna.

“Teu. Duka mun waktu Raga nggak ada mah. Cuman nu nanyain mah aya.”

“Saha?”

"Si Bangkong!"

Éndah nyeuleukeuteuk.

Si Bangkong téh landian pikeun atasan Raga. Éta pédah gayana, ceuk Éndah mah, gaya bangkong. Ari Raga inget ka dinya téh, bet seuri sorangan. Teu sangka tuda, sugan téh moal terus maskét. Mimitina mah basa resépsi mutasi di kantorna, Raga mawa Éndah. Isukna jiga nu ngahajakeun bossna téh datang ka méjana. Ngobrol-­ngobrol. Barang nyahoeun nu saenyana yén Endah téh awé­wé fair, manéhna némbong­keun minat. Raga ngajalanan. Jadi wé, bari teu loba nu nya­ho. Sagala gé atuh bisa diatur ari ku nu nyaho di élmuna mah. Tangtu wé atuh posisi Raga di kantorna téh aya undakna.

"Ngalamun wé!" Endah ngagebah. Lamunan Raga buyar. Aduh Éndah, Éndah mémang éndah. Ku geulis ari anjeun. Buuk meles dibop, awak lenjang konéng langsep. Di calana panjang dikaos gombrang. Tangtungan peragawati. Sed saeutik kétang. Artis wé sugan mah, ukur éléh sasetrip ipis ku Andi Mariem ogé. Nyaho diperhatikeun, Éndah méré pangajén.

"Teu ngéwa, Ga?”

“Teu atuh. Ngéwa sotéh ku a ku é mah geura, sip.”

Éndah seuri, nyiwit gemes deui ka Raga. Leungeunna ditéwak, dibedol. Éndah merod.

"Ét, ét, éit!” Endah molo­tot, Raga seuri maur. Break wé.

Teu lila duanana geus katémbong ngageuleuyeung kana mobil kantor Raga, ngajugjug ka puseur dayeuh.

“Ngalamun baé. Aya naon sih?” ceuk Éndah basa duanana asup ka P. Shoping Center.

“Ngalamun, betapa bahagianya Raga bisa menggandéng Ibu Pejabat.”

Éndah nyeuleukeuteuk. Jalma-jalma marerong. Ka nu geulis nyeuleukeuteuk atuh, saha anu teu resep, komo lalaki mah.

Mémang karék kapikir ku Raga ogé, saenyana mah Éndah téh ibu pejabat. Ibu pejabat demit, ilegal. Éndah mah boga saluran husus upama rék patepung jeung pejabat téh. Teu loba unak-anikna. Teu kabéh mémang, tapi tetep wé hiji préstasi anu ngangkat préstise. Komo ieu apal nepi ka bubuk leutikna, apal kana késang badag késang lembutna, apal kana téték jeung bengékna. Dihenteu-henteu ogé Éndah téh osok mantuan prosés lahirna hiji kawijaksanaan, ngaliwatan saluran hususna éta.

Réngsé shoping, Raga méakkeun peuting di imah kontrakan Éndah. Kabeneran Éndah gé taya acara séjén. Éta cenah ngeunahna cicing di kota gedé téh, tara loba paguyuran soal kitu, komo mun jadi “jelema”. Asal ulah aya sengkéta jeung batur wé, ulah nepi ka ka pangadilan, koran ogé haré-haré.

Katurug-turug Éndah jeung Raga mah padanyangka baraya. Boh babaturan Éndah sakampus, boh babaturan Éndah saihwan, boh babaturan Raga, boh atasan Raga, jeung boh-boh anu séjénna. Tapi lamun di lembur Éndah mah, di S., Raga téh ku Éndah sok diakukeun pisalakieun. Boh ka indung bapana, boh ka saha baé ogé. Raga, ceuk Éndah téh, anu ngabiayaan kuliahna, anu sok mangmeulikeun pakéan-perhiasan make up marahal, jeung sajabana-jeung sajabana. Padahal anu saenyana, Raga nu sok kapécrétan rejeki Éndah téh, komo mun meledak mah.

Hubungan Éndah jeung Raga nya éta hubungan silihpikabutuh, siliheusian lolongkrang. Dasarna mah silihngartikeun, bruk-brak, jeung silihpercaya. Mémang ari leuleutikan mah pacogrégan téh sok aya, kitu wé alatan salah paham, tapi tara lila. Lain sakeudeung-sakeudeung hubungan maranéhanana téh, rék nincak opat taun. Panggih geus cara arayeuna. Dina hal-hal anu prinsip mah, teu loba robahna. Tetep babarengan bari pada-pada teu boga niat hayang kaiket ku iketan resmi. Dina ayana niat sakolébatan, sok buru-buru disaringkahan. Cenah ambéh bisa tetep silihargaan hak-hakna salaku pribadi.

Ti poé ka poé kahirupan téh lumangsung normal. Biasa. Hirup normal Raga, ngantor, cicing di imah upama taya acara “kaluar” jeung atasanana jalan-jalan. Taya nu anéh. Éndah ogé kitu. Kuliah, ngobyék, jalan-jalan ngukur shoping center mun teu cicing di imah ogé. Anyar-anyar sok latihan kasenian. Hal-hal di luar éta, mangrupa variasi nu taya hartina, teu gedé pangaruhna.

Nepi ka Éndah wawuh, wanoh jeung Sukma. Cenah batur sakampus pédah béda jurusan. Cenah seniman sagalabres; dramawan, pangarang, penyair, musik (tradisional jeung modérn). Cenah ayeuna téh keur diajar ngalukis. Cenah Sukma téh budayawan ngora nu nyongcolang. Saterusna atuh tina biwir Éndah nu ipis lir amis téh ngaguluyur pujian-pujian pikeun Sukma. Raga ukur ngéngklokan. Keun, biasana gé kitu apan Éndah mah. Sok ngagul-ngagul béak karep batur amenganana anu anyar. Da nya éta lolobana mah lain si itu si éta. Biasana deuih sok ditungtungan ku, “Biar gitu, sama Éndah mah bertekuk lutut.” Atawa, “Wuah, kitu sotéh ka batur, ka Éndah mah sampai meréngék-réngék.” jeung sajabana, jeung sajabana. Tapi geuning henteu ka Sukma mah, acan sugan. Komo seniman, ceuk Raga mah, sok leuwih pogot ka nu karitu téh. Modalna ukur popularitas. Loba contona mah. Tapi nepi ka sawatara lilana, kecap pamungkas Éndah upama geus nyaritakeun Sukma téh teu kedal baé. Na Si Sukma téh impotén kitu? Atawa mémang Éndahna baé anu henteu ngedalkeun.

Beuki lila, beuki karasa baé ku Raga aya nu séjén jeung nu enggeus-enggeus hubunganana jeung Si Sukma mah. Éndah geus teu bruk-brak deui. Biasana Raga sok suka seuri lamun nyeueung lalaki nu bareng jeung Éndah téh. Sabab Raga nyaho, Éndah nyanghareupanana teu jeung haté. Éndah ukur ngamangpaatkeun kodratna salaku awéwé geulis. Biasana lalaki nu sok jadi korban Éndah téh. Tapi ayeuna mah bet siga nu sabalikna. Éndah jadi korban Si Sukma.

Naon atuh daya tarikna Si Sukma téh? Ceuk Éndah mah kabasajanana, ceuk Raga mah deukeut-deukeut ka rudin. Ceuk Éndah mah kajujuranana, ceuk Raga mah kanaifan nyanghareupan hirup. Anéhna, Éndah jiga nu kabawakeun ku irama hirup Sukma. Lain waktuna latihan kasenian di kampusna baé Éndah reureujeungan jeung Sukma téh. Ari ditanya tas ti mana atawa rék ka mana? Cenah nongton pagelaran anu-anu, diskusi anu-anu, caramah anu-anu-anu. Karasa ku Raga, Éndah leuwih mentingkeun hubunganana jeung Si Sukma batan hal-hal séjén.

Hiji mangsa Éndah balik subuh, padahal peuting éta téh Raga mondok di Éndah miharep anu sing sarwa éndah.

“Dari mana, Ndah?”

“Abis nongton wayang.”

“Wayang?”

“Iya, ramé téh, Ga.”

“Wah, saraména gé wayang atuh!”

Na atuh ari daradad téh Éndah nyaritakeun sual wayang panjang lébar. Wayang téh cenah, gambaran hirup manusa, kumaha ébréhna karakter manusa dina wayang, jeung saterusna-jeung saterusna. Saperti biasa, Raga ukur jadi juru regep anu hadé. Tapi ari pikiranana mah norowéco galécok sorangan. Cenah Éndah téh geus kajiret ku pangbibita palasipah ngawang-ngawang, ku ajén anu samar, anu jauh tina réalita. Sedeng sual ajén, moral, norma, éta mah kumaha sual kasaluyuan ayeuna. Sual korupsi, ajén gebyar lahiriah, bondonisasi sagala widang, mun téa mah geus jadi hiji budaya; singsaha nu teu milu ngadukung bakal kadupak kaluar kalang. Salah ceuk Si Sukma. Teu! Sual dosa éta mah ukur rarasaan dogmatis. Raga mangkarunyakeun, Éndah ceuk manéhna geus kajiret fatamorgana. Bari jeung ukur pangaruh batur. Éndah moal kitu lamun lain pangaruh Si Sukma.

Éndah mah henteu kitu. Raga nyaho Éndah nu saenyana saméméhna. Dina hirupna, ngan aya hiji udagan nya éta bisa hirup senang bari senang-senang. Étika Éndah mah, étika majalah-majalah wanita. Baju mana anu pantes keur ka pésta, resépsi itu-éta, beurang soré peuting isuk. Kumaha cara-cara dahar, resép ngagaét lalaki, cara sangkan katémbong sopan santun luar. Dunya Éndah, dunya busana jeung kosmétik, dunya butik jeung diskotik. Lain, lain dunya wayang jeung palasipahna. Apan basa diajar jaipongan ogé lain keur senina, tapi keur kapentingan séjén. Pikeun nyiptakeun kasempetan ngérét gegedén, jeung pikeun alesan bisa ka ditu ka dieu. Jadi, nu keur ngomong sual palasipah wayang mah lain Éndah, anu nyaritakeun sual ajén luhur seni-budaya mah batur, anu ngomong kabagjaan teu diukur ku kasenangan duniawi mah Si Sukma. Nepi ka Éndah réngsé caramahna, Raga tetep teu percaya 100% kana parobahan drastis Éndah. Padahal, can lila Éndah reureujeungan jeung Si Sukma téh.

“Atuh meureun ada yang baru, nya,” ceuk Raga.

“Tentu. Manusa, Ga. Piraku tetep baé.”

“Bukan, bukan itu. Maksud téh gaya baru, gaya seniman.”

Teu sakumaha biasa, ngadéngé omongan kitu téh Éndah cicing bareureum alum.

“Ku naon, Ndah?”

Éndah teu ngajawab.

“Marah?”

“Marah sih henteu. Ngan, cobalah Ga, ulah nyangka nu lain-lain.”

“Nyangka nu lain-lain kumaha? Kan biasa! Teu ngerti Raga mah nempo Éndah ayeuna. Berubah, berubah sekali! Éndah jiga nu ngahaja menghindari Raga, menghindari lelaki lain, menghindari teman-teman Éndah ....”

“Ya, mémang Éndah menghindari semua itu! Raga gé tentu tau sebabnya, Sukma. Ya, Sukma! Éndah manggihan sesuatu yang lain di Sukma anu euweuh di nu séjén. Lain, Ga, lain hal-hal dangkal seperti nu disangka ku Raga.”

Ngadéngé jawaban Éndah, Raga ngabetem. Tétéla, aya parobahan garis udagan hirup Éndah. Garis anu méngpar kacida tina garis nu biasa dilakonan Éndah jeung Raga. Garis anu papalingpang, garis anu nguciwakeun Raga.

Cobalah, Ga, hargailah Éndah, hargailah hak-hak Éndah seperti yang sudah-sudah. Éndah percaya, Raga cukup ngerti!”

Hal anu dipikainggis ku Raga téh kajadian. Raga kaduhung teu nyegah ti anggalna. Raga hanjakal maké nurut kana pamanggih Si Tanteu jeung batur-batur Éndah. Engké ogé sadar sorangan cenah. Keun wé antep, Éndah téh keur ngumbar rarasaan, keur loba ulin jeung rarasaan. Engké ogé sadar, hirup jaman ayeuna mah teu cukup ku rarasaan wungkul, malah rarasaan téh taya hartina. Komo cinta, ah, romantisme murahan. Keun. Tapi aya hal transedental dina cinta anu teu kabalitungkeun ku maranéhna. Raga bingung nyanghareupan hiji sistem anu robah. Kudu kumaha nyanghareupan Éndah ayeuna? Meureun kudu ngadagoan Éndah kuciwa ku Si Sukma. Iraha? Jeung deui lamun enya Éndah kuciwa, na bakal balik deui kitu kana garis baheula?

“Endah, kamu serius jeung Sukma?”

“Mungkin,” jawab Éndah teleb.


Wanayasa, 1986

(Katumbiri Jilid. 1, 1986)

AYA CARITA NU KALIWAT

KA mana Iti?

Biasana, mun keur kieu téh sok norojol.

"Geus dahar Kang Upar?" Tara ieuh ditémbalan, da piraku teu apal.

"Tuh, di dapur!"

Tara ieuh loba omong. Koloyong ka dapur, celebek dahar, da geus disampakkeun. Sok ponyo, komo lamun tas nganteur Bapa ka ditu-ka dieu mah, boh urusan kantor boh lain. Lain ngan­teur atuh, nganteurkeun meureun. Ka­sebutna kuring téh supir pribadi Bapa.

Biasana, lamun kuring keur dahar, Iti sok maturan. Atuh dina henteuna ogé, tara jauh ti dapur, bari ngecewis baé sagala dicaritakeun. Pangpangna sagala nu kajadian di imah ieu. Ibu téa, Néng Winda téa, Cép Dasé téa, Bi Onih téa, nepi ka anjing jeung ucingna dica­ritakeun. Kuring ukur mairan, kitu gé saperluna baé. Rarasaan can kungsi kalepasan ngabuka rusiah, anu ceuk kuring mah kudu dipindingan ku supir pribadi. Henteu saeutik malah anu ku­du dikilungan ogé. Sabab raket patali­na jeung katingtriman rumah tangga dunungan.

Ka mana atuh Si Iti téh? Geus aya kana sajamna diuk di dieu, dina korsi hareupeun dapur. Korsi anu biasa di­diukan méh unggal balik ti kantor ata­wa ti mana baé. Ieu beuteung geus na­gih eusi.

"Upar, ulah wara balik nya. Engké so­ré anteur Ibu ka Braga."

Lain Iti, tapi Ibu.

"Bisi rék dahar mah ménta baé ka Bi Onih."

Ka Bi Onih, na bet lain ka Iti?

“Mangga, Bu."

Sup Ibu ka jero imah deui, sup kuring ka dapur.

"Sok Jang Upar rék dahar mah, jong­jon-jongjon baé nya! Ibi mah rék gégé­roh heula ambéh salsé."

"Keun wé Bi lah, da lain sasaha ieuh."

"Enya, tong asa-asa barina gé. Bisi kurang sanguna, éta dina térmos nya." Kuring unggeuk, Bi Onih ngaléos. Celebek dahar, lapar ti tatadi. Ponyo. Tapi karasa aya nu leungit. Enya Si Iti. Poho tadi téh teu nanyakeun ka Bi Onih.

"Ih, geuning prus-pris ieu téh, sakieu keur rariweuhna," kadéngé sora Bi Onih ti pipir.

Kaciptana téh torojol Mang Odo, sa­lakina, sarua deuih ngabadéga ka Bapa.

"Baku ari geus gégéréwékan téh! Aya naon?"

"Pangnyaitankeun popoéan!" Geblig-geblig sora papan katinca­kan. Moal salah, Mang Odo naék ka lo­téng pamoéan, luhureun dapur. Sup Bi Onih ka dapur nanggeuy piring anyar ngumbah. Teu loba.

"Geuning enggeus deui dahar téh, Jang Upar?”

"Wareg Bi."

"Alah hampura wé nya Jang Upar, euweuh deungeunna. Keur Juragan ogé meuli pais lauk wé. Puguh gé asa ripuh euweuh Si Iti téh."

Kabeneran, arék pok nanyakeun pi­san, aya jalan.

"Na ka mana kitu, Bi?"

"Can nyaho nya Jang Upar?"

"Acan."

Kuring panasaran.

"Apan aya nu nyusulan ti lemburna. Mangkukna."

"Aya naon kitu, Bi?"

"Ah, duka da teu nyarita nanaon ka Ibi mah. Ngan cenah aya lanceukna nyusulan, Si Iti kudu balik. Lah, paling-­paling ogé rék dikawinkeun, budak parawan dititah balik mah."

Gebeg téh, bet asa aya nu neumbag kana dada.

"Maenya Ibi, budak-budak rék dika­winkeun?"

"Budak kumaha ari Jang Upar? Geus maju ka dalapan las umurna téh. Di lembur mah atuh geus meujeuhna boga anak dua. Ibi mah komo, saumur Si Iti téh geus béak dua gelempeng," ceuk Bi Onih ditungtungan ngaheuheuh. Ku­ring mésem. Tuluy ngabetem. Asa per­caya asa henteu. Saterusna, asa teu pu­guh rarasaan.


***

KARASA ayana sanggeus euweuh. Aya dina pikiran, aya dina kongkolak mata, aya dina rasa. Horéng bet aya di mana-mana.

Tadina mah sugan téh leungiteun biasa baé, pédah geus aya taunna ma­turan dahar, ngadéngékeun galécokna, ngadéngékeun ceuleukeuteukna. Saeutik-saeutik kapaliré tingkah pari­polahna. Saeutik-saeutik katémbong babagéan beungeutna, awakna, jeung sgjabana. Anu tadina biasa téh, ayeuna mah bet asa dédéngéeun, bet asa deu­deuleueun, bet asa gembleng. Iti. Su­narti.

Angger samar rasa mun inget kana caritaan Bi Onih. Na enya kitu rék dikawinkeun? Mun enya kumaha? Mun henteu, moal talangké deui kuring rék balaka. Susul baé kitu ka lemburna? Pilakadar Ciamis, ti Bandung mah bisa pulang poé. Di ditu balaka. Mun enya rék dikawinkeun, sina ménta bolay. Geus siap kitu kuring jadi salakina? Kumaha engké baé. Batur gé nu saréat­na mah sahandapeun, teu burung hirup.

Ké, kira-kirana daekeun kitu Itina? Ceuk rarasaan mah kudu daékeun. Bé­da dina rindatna. Béda dina imutna. Béda dina sagalana wé ka kuring mah. Omongna gé, jeung kuring mah bisa ngobrol sagala rupa.

Sing percaya baé, Iti. Engké mah ku­ring gé moal ukur ngadéngékeun, moal ukur mairan saperluna. Puguh gé han­jakal. Lamun seug sarua galécokna, meureun aya kasempetan pikeun silih­jugjugan haté. Pikeun nembrakkeun enas-enasna kereteg ati kuring. Loba kasempetan pikeun kitu téh. Tur ku­ring yakin Iti bakal kataji.

Cara basa manéhna nyaritakeun sual Ibu meuli ali mata berlian, na atuh ku­ring téh bet ukur mairan? Bet loba nga­betemna? Coba mun harita kuring nya­ritakeun, Bapa ogé sarua meuli ali nu matana berlian, tapi lain keur Ibu. Keur Néng Évi, mahasiswi saumur jeung Néng Winda. Éta baé lamun Bapa bébéja rék rapat ka Ibu, bisa rapat di kantorna, bisa merapat di imah kontrakan Néng Évi. Ceuk kuring téh meureun, Akang mah moal kitu. Moal kawas Ba­pa mani teu cukup ku hiji. Asal jadi ka Iti.

Cara basa manéhna nyaritakeun sual Néng Winda anu nyaretél vidéo di ka­mar sagebrug jeung babaturanana awéwé-lalaki. Atawa basa nyaritakeun Cép Dasé balik subuh rarampéolan ma­bok. Ceuk kuring téh meureun, karu­nya barudak teu kapaliré ku kolotna. Bapa sibuk Ibu sibuk. Akang mah moal kitu ka budak téh. Rék diperhatikeun sagala rupana, kaasup barang-barang anu didaharna. Ceuk Ajengan Mamat ogé, mun barang hasil karinah, komisi, sasatna barang haram dipaké ngabayuan anak­-pamajikan, moal waras kana rumah tanggana. Ari hayang boga anak soléh, ari dibayuan ku duit haram, nya moal bisa atuh. Meureun ceuk manéhna téh, ari Bapa kitu kituh? Moal, moal dipin­dingan deui, barabat atuh kuring nya­ritakeun usaha Bapa di luar jabatana­na, anu jelas ngamangpaatkeun éta ja­batan. Kuring mah moal kitu, karunya ka anak-pamajikan, karunya ka anak­-incu. Kgjeun hirup basajan, asal aya di­na rido Gusti. Iti daék ka supir?

Cara basa dititah nganteur manéhna ka Pasar Baru, mangka lain sakali dua kali tatéh. Naha atuh maké salancar baé pikiran téh? Engké mah kasempet­an samodél kitu téh moal diantep. Loba saenyana mah kasempetan téh, loba pisan. Di dapur baé, apan mindeng ukur paduduaan. Paduduaan jaba di luar hujan, mindeng deuih. Malah pa­duduaan di imah ogé, lain sakali dua kali. Jaba di luar hujan ogé kungsi. Na­ha atuh bet diantep? Ayeuna kari ka­duhungna.

Lamun teu diantep, Iti bakal daé­keun kitu? Nempo ulat jeung semuna mah kudu daékeun. Malah kakara ka­pikir ayeuna, kungsi sababaraha kali kawas nu ngahajakeun sangkan ulah diantep. Nyaho kuring keur dahar di dapur, der maké asup ka dapur ukur dibabasah. Éta baé ari ngaharéwos, da mani antel-antel baé biwirna kana ceu­li. Ari nyarita, remen bari ngadayagdag dina korsi atawa beungeutna nampeu­-nampeu baé kana beungeut kuring. Lain totondén hadé ari kitu? Jelas, pas­ti daékeun!

Ngan lamun enya téh rék dikawin­keun, asa taya iber ti anggalna. Lamun enya téh, bisa jadi Iti mah kapaksa ata­wa dipaksa. Da tara ngobrolkeun sual kabogoh jeung kuring mah. Kuring gé kitu deuih, tara ngomong-ngomong soal awéwé. Rumasa wé, umur nincak lima likur gé, can kungsi ari serieus ha­hadéan mah. Tadina loba karumasa.

Lamun teu dipaksa ku kolotna, moal kitu kapaksa ku kaayaan? Saha nu nyaho Iti téh.... Gusti, teu wasa mikira­nana ogé. Saha atuh anu ngaruksak Iti téh? Bapa? Cép Dasé? Bisa jadi duana­na ogé, buaya jeung bayawak. Cenah disusulan? Bisa baé akon-akon.

Taya deui jalan, isukan kuring kudu muguhkeun. Lamun perlu nyusul ka lemburna, nyusul naha. Dadakuna ka Bapa mah, kumaha engké.

Parat sapeuting henteu saré, mikiran Iti.


***

LENDENG urut peuting kurang saré beuki karasa pabeubeurang mah. Diuk dina korsi ngadagoan waktu nu tepat, rék bébéja ka Bapa, isukan rék peré. Rék ka Ciamis, bisi teu kaburu mulang poé-poé ieu.

"Kang Upaaar....!" aya nu ngagero­an ti jero imah. Wawuh kana sorana mah. Dilieuk, teu salah. Iti! Haté ratug ngadulag. Teu sadar kuring nangtung. Iti nyampeurkeun. Gep dua leungeun pataréma, sasalaman. Karasa aya nu sur-ser. Teu dilésotkeun deui, leu­ngeunna dikeukeuweuk. Iti imut leleb. "Ti mana baé Iti teh?"

"Ti lembur," témbalna. Katémbong paromanna marahmay. "Kang Upar ka ditu, nya?"

"Ka ditu ka mana?"

"Muhun ka abdi, ka Ciamis."

Gebeg.

"Insya Alloh, asal kahartos we." Leungeunna masih kénéh dikeukeu­weuk.

"Dijamin lah," omongna angger bari imut.

"Aya naon kitu?"

"Apan abdi badé nikah," omongna teteg.

Jedug! Teu karasa leungeunna lésot sorangan tina cekelan kuring. Teuing asa kateumbrag naon mah.

"Ku naon Kang Upar?"

"Henteu, ieu lieur kurang saré."

"Atuda bagadang bae Kang Upar mah."

"Sareng saha?"

"Sareng urang ditu deui wé, batur sa­lembur. Mung didamel di Jakarta, di pabrik gelas."

"Geuning teu wartos-wartos badé ni­kah téh?"

"Atuda rusiah," omongna deui bari angger imut, paromanna marahmay, beuki marahmay. "Tos lami da hubu­nganana mah."

Kuring gogodeg. Saenyana mah sa­mar polah. Mireungeuh paroman Iti, teu riuk-riuk anu nguyung. Marahmay. Cahayaan. Perbawa bagja. Na atuh ku­ring téh bet ngarep-ngarep Iti nguyung? Iti kaduhung pédah rék kawin?

"Wilujeng atuh."

"Ka ditu nya? Da Bapa, Ibu, Néng Winda sareng Cép Dasé ogé baradé ka daritu."

Kuring unggeuk. Kakara sadar, aya nu kaliwat nu tara dicaritakeun ku Iti ka kuring téh: dirina sorangan. Haté, teuing kumaha, rasa, teuing kumaha. Anu jelas pikiran mah muter: ka Cia­mis atawa ulah?

(Galura, Minggu III, Juni 1992)

 

Pengikut