Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

TANTEU MEY

WAWUH jeung Tanteu Méy téh diwawuhkeun ku Si Nana basa rék ngontrak kamar. Leuwih wanoh deui sanggeus sagulung-sagalang saimah. Tanteu Méy jigana mah kaasup kolem geulis keur ngorana mah. Ceuk Si Nana mah, Éva Arnaz taun dua rébu cenah.Randa, hartina kungsi boga salaki, teuing sabaraha kali da tara nyabit-nyabit sual jumlahna najan diselok ogé.

“Pokona, Tanteu apal kana sipat-sipat pameget mah. Tah, tos aya dina dampal leungeun. Kakeupeul.”

“Kumaha kitu, Tanteu?”

“Sami baé pameget mah, resep ngulinkeun istri.”

Tangtu wé paralalaki téh protés. Dilawanan ku awéwé-awéwé séjénna. Tapi ari paréa-réa omong jeung awéwé dina suasana kitu, lalaki mah sok hésé meunangna. Teu cara mun keur paduduaan, paling-paling ngéléhan, da aya pamrih kitu gé.

Supel Tanteu Méy téh, katémbongna mah bisa gaul jeung nu kumaha baé. Bisnis itu bisnis ieu, omongna mah. Milu kagiatan itu kagatan ieu, caritana mah. Ipis biwir, luyu jeung wangun biwirna. Beuki seuri, malah sakapeung mah ku hal-hal anu ceuk kuring mah teu lucu teu sing. Najan kitu, teu ngurangan daya tarikna, komo keur nu anyaran tepung mah. Cara kuring ti heula wé. Aya kesan hadé tur ngartikeun.

“Di dieu mah Cép Dudi, bébas. Anggap di bumi nyalira wé. Apal atuh Tanteu gé ka anak muda mah. Tanteu gé ngora heula atuh,” pokna gé basa kuring mimiti jadi “kulawarga”-na. Puguh saenyana mah salahsahiji sarat ngontrak teu tinulis téh nya éta: jaminan kabébasan.

Nu ngontrak di Tanteu Méy téh mahasiswa-mahasiswi. Mahasiswa opat, mahasiswi genep. Nyicingan kamar-kamar nu kawas kamp tahanan kénca-katuhueun imah puseur, imah Tanteu Méy. Aya tujuh kamar. Kuring, Si Nana, Téh Ais, jeung Héni sakamar ku sorangan. Sésana sakamar ku duaan. Ari peuting, pangpangna bari lalajo “Dunia dalam Berita” tipi, sok ngariung di patengahan imah puseur. Nu matak teu lila asa-asana gé jeung batur sakamp téh. Rélatif singget.

Sapoé dua poé mah, betah wé rarasaan téh. Mémang sual fasilitas mah teu géséh jeung kontrakan séjén. Sual hargana gé prah wé jeung batur. Ngan nya éta, kabébasan éta anu ngabédakeunana téh. Nu jadi hélok mah, éta ku asa merhatikeun pisan Si Tanteu ka kuring téh.

“Biasa wé anyaran mah,” ceuk Si Wawan. Enya sugan. Tapi mudah-mudahan wé kitu satutuluyna. Kuring teu nyaho kumaha mun geus lilana, da can ngalaman. Kana béja-béja ti nu geus lalila téh lain rék teu percaya, ngan sugan wé ka kuring mah aya iwalna.

“Cép Dudi, ieu bilih palay ngaraosan pasakan Tanteu.”

“Nuhun atuh Tanteu, maké ngarérépot sagala,” ceuk kuring bari nampanan rantang, sop jeung sanguna.

“Ah, henteu, Ngarérépot naon? Ka Cép Dudi mah Tanteu téh sok ras wé inget ka anak sorangan.”

“Oh, di mana nya Tanteu?”

“Di Manado anak Tanteu mah, milu jeung akina di ditu.”

“Istri pameget, Tanteu?”

“Awéwé. Sakola kelas hiji ayeuna téh.”

“SMP?”

“Ih, kelas hiji SMA marukan téh.”

“Wah, atuh tiasa diantosan nya Tanteu?” ceuk kuring, ujug-ujug pok baé.Si Tanteu seuri.

“Ari kersa mah. Tanteu téh sok inget baé, saha nu terang kéh anak Tanteu gé ngumbara jauh ti kolot. Piraku wé ari Tanteu nyaah ka anak deungeun mah, ka anak Tanteu gé teu aya nu nyaaheun.” Kuring ngahaminan.

Tanteu Méy, kitu nyarebutna saha baé ogé, teu bireuk deui di ieu wewengkon mah. Ngaranna mah Méirina saperti anu ditulis dina rékening listrikna. Cenah bibit-buitna mah ti Manado. Lahir di Bandung, gedé di Bandung, kawin di Bandung. Geus asa jadi urang Bandung wé cenah.

Beuki lila, kuring beuki apal kana jero-jerona Si Tanteu téh. Ébréh dina kahirupan jeung sikep sapopoéna.

“Eu ... Cép Dudi, punten wé nya pangwartoskeun ka Cép Nana, da ari Tanteu mah teu wantun,” ceuk Tanteu Méy dina hiji poé.

“Naon Tanteu?”

“Éta, Tanteu téh badé mayar listrik sareng lédeng, tos kaping sapuluh ayeuna téh. Ari telat teuing bilih didengda. Nu sanés mah parantos malayar,” omongna. Gebeg téh, kuring gé da acan mayar, sarébu pérak keur listrik jeung keur lédeng sakumaha perjangjian.

“Mangga Tanteu.”

“Punten wé nya, Cép.”

“Abdi gé, teu acan.”

“Ih, wios Cép Dudi mah. Tanteu gé terang, biasana gé apan Cép Dudi mah tara hararésé ari tos aya mah.”

“Muhun atuh Tanteu, engké wé urang wartoskeun ka Nana.”

Pinter malibirkeun caritana Si Tanteu téh. Urang Sunda gé ayeuna mah carang nu kitu téh.

“Iraha ngomongna, Dud?” ceuk Si Nana basa hal éta dibéjakeun ka manéhna.

“Tadi basa sayah balik kuliah.”

Si Nana seuri.

“Saenyana mah, Dud, tadi isuk Si Tanteu nitah ka sayah mangnanyakeun duit listrik jeung lédeng ka énté. Ngan tadi téh énténa saré kénéh.”

“Oh, kitu?”

Kuring duaan sareuri. Surti wé. Buru-buru wé dibayar, teu boga duit ogé kapaksa nginjeum heula ka Si Rini. Dipasrahkeun bari sakalian lalajo iklan musik Artis Safari. Si Tanteu, éh biasa wé nampanan duit téh. Teu jiga-jiga tas nyiasatan. Manuver yang berhasil, ceuk Si Nana mah.

Ti harita, asa mindeng Tanteu Méy téh ngadoni ka kuring.

“Padahal ceuk Tanteu mah nya Cép Dudi, ngariung mah ngariung wé ulah bari jeung éak-éakan. Isin ku tatangga Tanteu téh. Aya naon cenah di Tanteu Méy meni ramé kitu?” ceuk Tanteu Méy, pédah ka kamar Si Tina loba babaturanana, ngalobrol vari suka seuri. Padahal kuring gé milu némbrong, ngobrol suka seuri. Kuring mah surti wé. Sacara teu langsung sangkan dibéjakeun ka Si Tina. Horéng lain ka kuring baé ngomong kituna téh deuih.

Antukna, méh ka nu ngontrak Tanteu Méy téh méré koméntar.

“Sanaos tos tunangan ogé nya Cép Dudi, tapi ulah kitu-kitu teuing atuh. Ieu mah ari kencan téh sok teu terang di waktu,” koméntar Tanteu Méy ka Téh Ais. Pédah éta meureun Kang Dénina ari apél téh sok nepi ka peuting-peuting baé. Téh Ais mah ukur seuri dibéjaan kitu téh, abong nu cicing. Lungguh munding ceuk Si Wawan mah, kakara mijah lamun sawahna digarap.

“Tong diwartoskeun ka Kang Déni wé nya, Dud!” ceuk Téh Ais.

“Tapi Téh, sakali-sakali mah kudu diwarah!” ceuk Si Héni. Ambek meureun, pédah kungsi dikoméntaran teu bisa masak, neuteuli tayohna mah.

“Diwarah kumaha? Bet saruana atuh!”

“Néng Ais! Néng!” kadéngé di luar Si Tanteu gegeroan.

“Tah, rék aya naon cenah Madame de Cegékan téh!” ceuk Si Héni. Abong budak sastra, pinter nyieun istilah. Kuring seuri.

“Husy, ulah kitu ka kolot téh!” Téh Ais ngagebés, tapi tetep témbong mésemna.

“Néng Ais!”

“Kaaah!”

“Ka dieu geura!”

Téh Ais ka luar.

“Badé aya naon, Tanteu?”

“Ieu bilih palay ngaraosan. Aya nu ngirim cau tadi téh, raos geura. Sok wé candak!” ceuk Si Tanteu, atra kadéngé sab ngahaja ngadédéngékeun. Téh Ais sababaraha kali nganuhunkeun.

Teu lila, sup Téh Ais bari nanggeuy goréng cau sapiring metung.

“Hén, hayang males ka Si Tanteu?” ceuk kuring.

Si Héni unggeuk.

“Pisangna tong didahar! Keun sina ngarasaeun kumaha rasana diacuhkeun!”

“Teu aya wé, atuh raos di Akang teu raos di Ayi,” ceuk Si Héni bari ngarongkong pisang. Dasar!

Tah, mun pareng lalakina karumpul tur salsé, réngsé lalajo tipi téh taya deui gawé: gapléh atawa ngobrol ngalor-ngidul. Ti mimiti sual sapopoé, di kampus, jeung sajabana. Bras wé kana sual awéwé. Tapi anu tetep seger mah angger sual Tanteu Méy.

“Ka sayah Dud, nyebut teu boga pikiran!”

“Wah, nu bener, Na?”

“Tah, tanyakeun ka Si Wawan!”

“Enya. Tadi téh nya urang rék mandi, ngadagoan Si Yanti. Si Éta téa ari mandi téh sawindu. Moyan wé di dinya tah, handapeun jambu. Jol téh Si Tanteu. Cép Wawan teu acan kuliah? Teu acan, engké da siang. Oh, ari Cép Nana aya? Tos angkat, ceuk urang téh. Sanés nya Cép, ari wengi Cép Nana téh bobo di kamar Néng Tina? Duka atuh, ceuk urang téh, da abdi mah wengi téh wangsul jam sabelas, teras wé ngaringkuk. Padahal urang gé nyaho manéh téh saré di Si Tina nya, Na?”

“Heueuh, sayah mah ngan maturan wungkul. Si Tina keueungeun saré sorangan, da Si Dédéhna balik.”

“Lain gé maturan wungkul ari nepi ka isuk mah,” ceuk Si Wawan.

“Heueuh, sual séjénna mah merupakan kosékuénsi logis wé éta mah. Bener, Dud?” ceuk Si Nana ngabéla diri bari aya sari-sari hayang kaalem.

“Kuma dinya wé lah. Ngan ari ceuk sayah mah, kadé euy bisi kalepasan. Boa enggeus kétang. Cilaka wé. Ari perkara moral-moral kitu, da urang téh geus pada déwasa, geus boga pamilih sorangan, geus boga cecekelan sorangan.”

“Alaaah, ari énté siah ti heula ngerem Si Déwi? Ngaku lah! Basa aya pagelaran seni, hayoh! Tong munapék Dud lah!” Si Nana malik nuduh kuring.

“Ukur ngampihan sayah mah. Manéhna rék balik, geus peuting, euweuh mobil. Kapaksa wé éta mah!”

“Rék kapaksa rék dipaksa, pokona mah manéh ngerem Si Déwi. Titik! Ari nu nempo mah Dud, teu nyaho alesan itu-ieuna. Alesan téa, selalu datang belakangan. Jeung deuih, da sayah gé boga itungan atuh, Dud!” ceuk Si Nana deui.

“Mun urang enya, euweuh kabéjakeunana,” ceuk Si Aang nu ti tadi ngan ukur milu seuri.

“Pantes wé manéh man da kuuleun. Mahasiswa purba, bet jaman féodal gé geus euweuh nu siga manéh mah, Ang,” ceuk Si Wawan. “Kaasup jenis langka manéh mah, geus kudu asup musieum!”

Saréréa sareuri. Si Aang gé milu seuri.

“Terus kumaha, Wan, Si Tanteu téh?”

“Ari ceuk Si Tanteu téh nya, sing gaduh pikiran wé atuh, da di dunya téh sanés mung duaan baé. Enya ngomong kitu, sumpahna gé. Urang mah cicing wé teu ngomong-ngomong. Nya ari keur Tanteu mah, cenah, teu nanaon. Tanteu gé ngora heula atuh, ngan Tanteu téh isin ku tatangga. Meureun ceuk batur téh, éta nu ngalontrak di Tanteu Méy meni barébas kitu. Sok komo upami aya kajadianana, aya kabéjakeunana. Tanteu gé tangtos wé kababawa wirang. Meureun ceuk batur téh, pantes wé da Tanteu Méy mah antepan pisan. Sanés ku nanaon, cenah, Tanteu mah karunya wé bisi kuliahna kagaranggu.”

“Terus ngomong naon deui, Wan?” ceuk Si Nana.

“Nya terusna mah kabéh wé kaparét. Manéh, Dud. Téh Ais, Si Héni. Ah, kabéh wé dikoméntaran. Ngan manéh Ang nu dipuji téh. Resep Tanteu mah ka Cép Aang téh, cenah. Bageur. Ngan urang wé nu teu dikoméntaran téh.”

“Aing téa atuh!” ceuk Si Aang ngalégég. Terus digaronjak.

“Énté mah teu dikoméntaran sotéh, pantes wé keur aya di hareupeunana,” ceuk Si Nana.

Da enya atuh, ku alus budi ari hareupeun mah. Moal aya nu nyangka alus adat atuh. Matak, ceuk béja mah, carang aya anu memperpanjang kontrakanana. Kitu wé meureun.

“Ari urang kumaha cenah, Wan?”

“Ka manéh mah pédah carang saré di dieu wungkul.”

“Lah, enggeus lah! Mending gapléh ayeuna mah!” ceuk Si Nana bari nyokot kartu gapléh, terus dikocok.

“Pasangan, értéan?” Si Aang nanya.

“Értéan,” ceuk Si Nana. “Tante Méy Cup!”

Saréréa sareuri, terus nyokot kartu.

“Balak kosong!”

“Nya di nu hajat atuh!” ceuk Si Nana bari ngalungkeun balak kosong.

“Béda euy, kaciri hayang meunangkeun Tanteu Méyna téh,” ceuk kuring.

“Mun rido mah Tanteu Méyna, moal rék nampik rejeki, nyaan,” ceuk Si Nana kalem.

“Aya béja cenah Tanteu Méy téh baheulana mah ngabadung ogé,” ceuk Si Aang. “Ditilu-tilu, Dud? Euweuh euy, liwat!”

“Ceuk saha, Ang?” Si Nana nanya.

“Urang gé ceuk Si Eulis, tah anu ngontrak di Bu Pardi.”

“Nu bangkok téa, Ang?” ceuk Si Wawan. “Heueuh, da sajurusan jeung manéh nya?”

“Enya ceuk Si Éta. Manéhna gé cenah ceuk Bu Pardi. Malah tah imahna gé cenah dipangnyieunkeun ku Pa Imang, pejabat, teuing pejabat nahaon, pokona mah pejabat wé. Pa Imangna maot, ganti deui. Ditilu-tilu deui, Dud? Ah, aya sentimén pribadi Si Dudi mah ka aing téh. Liwat lah!”

Kuring saréréa sareuri, ngeunah, tapi Si Aang seuri maur.

“Léwat lagih, sudah ada kila-kilanyah ari piértéeun mah. Mangkaning érté mah kabagéan nyusutan urutna, urut pejabat!” ceuk Si Wawan.

“Baheula mah cenah, turun mobil unggal mobil Si Tanteu téh.”

“Kenék meureun nu kitu mah,” ceuk kuring. “Liwat Na? Nya sayah atuh poldan,” lung tilu-genep, tilu téa atuh stok sorangan.

Si Aang kukulutus pédah balak genepna kabebeng, diseungseurikeun ku tiluan. Terus ngocok, terus ngabagi kartu.

“Heueuh, sigana mah Si Tanteu téh kesepian nya. Naék kana sungut. Bisa jadi éta téh! Apan ceuk Freud ogé, tingkah manusia itu dipengaruhi oléh libido séksnya. Sabaraha tatéh?”

“Kosong-dua!” Si Wawan némbal.

“Hayang nyaho wé nya mun ku sayah dilalanyah,” ceuk Si Nana deui bari ngalungkeun kartu dua-hiji.

“Daék kitu manéh?”

“Ceuk sayah gé Dud, sayah mah moal rék nampik rejeki. Kacipta wé nya, euy, mun keur kiru téh torojol Tanteu Méy. Cép Nana, Cép Dudi, Cép Wawan upami teu aya damel mah sareng Tanteu wé urang sparing. Keun wé Cép Aang mah bagéan beberesihna!”

Kuring saréréa sareuri, Si Aang nyereng. Mémang dina riungan mah biasana sok aya anu jadi korban pikeun kasenangan nu séjén. Di dieu, biasana mah Si Aang. Mun awéwéna Si Héni. Teuing atuh, kitu ditakdirkeunana wé meureun.

Nepi ka jam dua, gapléh bari éak-éakan. Moal henteu isuk bakal aya béjana. Carita ngeunaan Tanteu Méy terus mekar, disusurup, dipapantes. Dihenteu-henteu ogé mémang pantes rék loba caritakeuneunana téh Tanteu Méy mah. Tina saréatna wé, sanajan geus teu ngora deui masih kénéh témbong geulisna, ménorna. Komo keur ngorana meureun. Encan tina hal-hala séjénna, saperti ceuk béja jeung sajabana.

Hiji peuting, kuring ngajenghok ogé nempo Tanteu Méy ngajanteng hareupeun kamar Si Nana. Keketrok, Si Nana mukakeun panto, sup Tanteu Méy asup. Gélo! Lain heureuy jigana Si Nana téh. Rék naon atuh Tanteu Méy peuting-peuting ka kamar Si Nana? Kuring inget kana omongan-omongan Si Nana. Sayah mah moal rék nampik rejeki, cenah.

Bener-bener édan Si Nana mah. Ah, Si Tanteunawé deuih teu boga pikiran. Bisa ka batur! Teu sieun kanyahoan kitu? Boa enya nu dicaritakeun ku Si Aang téh. Gélo, duanana gé geus garélo! Arédan!

Salila-lila kuring mikiran Tanteu Méy jeung Si Nana. Wah, kabutak-butak mikiran nu teu aréling mah! Tapi kacipta wé Si Tanteu, ibarat nu kahalodoan manggih hujan. Si Nana …. Gélo! Édan! Geus lah, mending liar, cicing di kamar gé kalah lieur teu puguh.

Ceg kana jékét, lalaunan kaluar ti kamar. Mending ngéndong di Si Yayat lah, loba sarana pikeun ngabrangbrangkeun haté, rasa anu teuing kumaha mah. Keuheul aya, sebel aya, jeung sajabana. Pokona aya rasa tujuh rupa wé, nu négatif wungkul.

Balik téh isuk-isuk, niat téh rék terus saré nebus urut bagadang peutingna. Karék gé rék ngedeng, panto kamar aya nu ngetrok. Saha deuih? Ngaganggu pisan! Bray panto dibuka. Gebeg. Tanteu Méy ngajanteng imut.

“Cép Dudi teu kuliah?”

“Teu Taneu, da teu aya kuliah dinten ieu mah. Mangga ka lebet Tanteu,” ceuk kuring.

“Punten wé nya, ngaganggu,” ceuk Si Tanteu bari asup. Gék diuk dina korsi. Jempé sajongjonan, teuing haté téh maké ngageter sagala.

“Oho oho (Si Tanteu batuk), Tanteu téh badé aya kaperyogian ka Cép Dudi.”

“Kaperyogian naon, Tanteu?” Haté téh geterna rada leler. Tapi ingetan ka Si Nana mah can leungit kénéh.

“Isin-isin gé maksakeun Tanteu téh oho oho. Ka saha deui atuh, da mung ka Cép Dudi wé wanton téh, tos teu asa-asa deui oho-oho (Tanteu nyekel dadana). Tanteu téh badé ka dokter, bronchitis saurna mah, kedah diparios deui. Ehem, tulungan wé Tanteu téh, nambut artos upami aya mah oho, sapuluh rébu wé. Di Tanteu tos teu aya pisan oho-oho-oho, dianggo mayar listrik sareng lédeng kamari.”

“Aduh, teu aya atuh Tanteu ari ageung-ageung kitu mah. Nya upami lima rébu mah aya wé panginten.” Haté geus biasa deui, sugan téh rék naon tuda.

“Sawios lima rébu gé oho-oho, ehem kirangna mah sugan kénging ti Bu Engkom, kagungan sambetan dua puluh rébu ka Tanteu téh. Oho-oho jangjina mah kamari. Ari kamari ditagih, cenah énjing wé teu acan oho kénging. Tungtungna mah icuk colé-icuk colé wé oho-oho ehem.”

Golosor wé lima rébu pérak, karunya ogé nempo kitu mah. Kabeneran wé karak nampa wésel. Tapiari hate mah aya ngutrukna ogé. Na atuh lain ka Si Nana nginjeum duit téh? Duit ditampanan ku Si Tanteu, nganuhunkeunana ogé duka sabaraha kali mah, teu diitung ieuh. Diselang ku oho-oho, batuk bronchitis cenah.

Teu ngeunah puguh gé, ari ngeungeunahna keur Si Nana, kuriang bagéan riripuhna.

“Ngeunah naon?” ceuk Si Nana basa didakwa ku kuring. “Si Tanteu mah ka kaar sayah téh rék nginjeum deuit, cenah keur ka dokter, nyeri dada!”

“Dibéré?”

“Dibéré wé da karunya, lima rébu pérak, hayangna mah sapuluh rébu. Sayah gé ngan boga sapuluh rébu deui duit téh, saminggueun deui,” ceuk Si Nana, “Mangka ayeuna téh karak tengah bulan.”

“Ka urang gé nginjeum duit deuih. lima rébu sarua. Sarua deuih méntana mah sapuluh rébu. Sarua deuih keur ka dokter. Ngan panyakitna bronchitis ka urang mah,” ceuk kuring bari seuri.

“Iraha?”

“Tadi isuk-isuk.”

“Ari peuting énté ka mana, Dud?”

“Ngéndong di Si Yayat,” témbal kuring. Can dibéjakeun sabab-musababna mah. Keun engké gé aya waktuna keur terus terang mah, mun aya deui Tanteu Méy Cup.

Bandung, 1986.

(Katumbiri jilid 2, 1986)

ÉNDAH RAGA SUKMA

BASA Raga datang ka imahna, Éndah keur saré dina sofa. Jigana mah kasaréan. Mopo urut di Bali meureun. Tilu poé di ditu, teu kaasup di jalanna. Cenah mah study-tour jeung fakultasna ka paguron luhur anu aya di ditu. Duka mana anu poko saenyana mah, duka studina duka tourna. Indit sotéh Éndah mah bané waé aya nu wani nanggung jawab sagala rupana. Dosénna cenah, malah lain pangkat joré-joré deuih jabatanana ogé, PD.

Ari saré ukur maké baju tidur kayas ngalangkang. Raga nyampeurkeun, teu kuat sugan, ngok wé nyium. Éndah ngoréjat.

"Duh, mani reuwas, sugan téh naon," omongna. Celetot nyiwit leutik peupeuteuyan Raga. Hudang, terus nyang­saya mana tahan téa. Raga diuk gigireunana.

“Kumaha di Bali téh Ndah? Happy?"

“Happy sih happy, ngan kitu wé banyak ranjau!”

“Tapi kan kesempatan mah selalu ada.”

“Iya, kesempatan dalam kesempitan.”

“Justru sempitnya itu nu nimat téh ha ha ha ...”

Éndah gé milu seuri, mani rangu.

"Sok aja pikir ku Raga, dia téh siapa. Sahenteuna kan pejabat. Mesti ngajaga citra dong. Tapi kan Éndah gé ngerti, apa mau dia nu ma­tak ngajak Éndah ogé."

"Dapet?"

"Tentu. Dia gé teu bodo atuh, Ga."

Raga seuri.

"Aya naon sih? Aya nu lucu?"

"Teu. Cuman kacipta wé,” carita Raga diterus­keun ku pepeta. Éndah nyeuItukeuteuk. Teu cenah teu kitu, tapi kieu kieu kieu, ceuk Endah bari pepeta. Raga nga­gakgak.

"Oh iya Ga, anteur nya Endah shoping.”

Asyiiik. Meledak nih."

"Tentu dong.”

"Iraha?"

"Bulan depan!"

Raga ngabarakatak.

"Ya sekarang atuh."

"Sugan téh ayeuna mah ngesop pingping.”

"Maunyé!"

"Tentu, itu nomer satu. Dikecapin, sambelna sambel terasi, béasna béas Cianjur. Siiip wé!”

Éndah seuri, nyiwit cangkéng Raga, gemes. Raga néwak leungeun Éndah, dibetot sakaligus.

“Em... emh... emmmhhh... jangan ah,” ceuk Éndah ngagurinjal cepet tina keukeupan Raga. “Engké wé nya, sekarang mah anteur dulu Éndah, oké?” Gura-giru Éndah asup ka kamarna, rék ganti baju.

Raga teu bisa majar kumaha, geus teu sabar ogé disabar-sabar wé. Harepanana, engké ogé sabataé, geus rido mah geuning sok lungsur-langsar. Hayang kumaha baé ogé bisa. Anu pasti mah hayang nyoba gaya anyar, gaya Pembantu Dékan. Atawa gaya séjénna anu geus biasa, saperti gaya politikus, gaya pejabat, gaya diréktur, gaya diplomat, gaya mentri ogé aya. Atawa gaya séjénna anu mangrupa hasil improvisasi. Pokona mah asal tetep nyoko dina gaya kupu-kupu malam.

Aya éta ogé niat Raga pikeun nuturkeun ka kamarna téh, ngan karunya bisi teu kaur anggeus. Keun sakitu mah itung-itung pengorbanan wé, ceuk pikirna, pira silihanteur karep.

“Ga, selama Éndah di Bali, aya nu ka dieu teu?” Éndah nanya ti jero kamarna.

“Teu. Duka mun waktu Raga nggak ada mah. Cuman nu nanyain mah aya.”

“Saha?”

"Si Bangkong!"

Éndah nyeuleukeuteuk.

Si Bangkong téh landian pikeun atasan Raga. Éta pédah gayana, ceuk Éndah mah, gaya bangkong. Ari Raga inget ka dinya téh, bet seuri sorangan. Teu sangka tuda, sugan téh moal terus maskét. Mimitina mah basa resépsi mutasi di kantorna, Raga mawa Éndah. Isukna jiga nu ngahajakeun bossna téh datang ka méjana. Ngobrol-­ngobrol. Barang nyahoeun nu saenyana yén Endah téh awé­wé fair, manéhna némbong­keun minat. Raga ngajalanan. Jadi wé, bari teu loba nu nya­ho. Sagala gé atuh bisa diatur ari ku nu nyaho di élmuna mah. Tangtu wé atuh posisi Raga di kantorna téh aya undakna.

"Ngalamun wé!" Endah ngagebah. Lamunan Raga buyar. Aduh Éndah, Éndah mémang éndah. Ku geulis ari anjeun. Buuk meles dibop, awak lenjang konéng langsep. Di calana panjang dikaos gombrang. Tangtungan peragawati. Sed saeutik kétang. Artis wé sugan mah, ukur éléh sasetrip ipis ku Andi Mariem ogé. Nyaho diperhatikeun, Éndah méré pangajén.

"Teu ngéwa, Ga?”

“Teu atuh. Ngéwa sotéh ku a ku é mah geura, sip.”

Éndah seuri, nyiwit gemes deui ka Raga. Leungeunna ditéwak, dibedol. Éndah merod.

"Ét, ét, éit!” Endah molo­tot, Raga seuri maur. Break wé.

Teu lila duanana geus katémbong ngageuleuyeung kana mobil kantor Raga, ngajugjug ka puseur dayeuh.

“Ngalamun baé. Aya naon sih?” ceuk Éndah basa duanana asup ka P. Shoping Center.

“Ngalamun, betapa bahagianya Raga bisa menggandéng Ibu Pejabat.”

Éndah nyeuleukeuteuk. Jalma-jalma marerong. Ka nu geulis nyeuleukeuteuk atuh, saha anu teu resep, komo lalaki mah.

Mémang karék kapikir ku Raga ogé, saenyana mah Éndah téh ibu pejabat. Ibu pejabat demit, ilegal. Éndah mah boga saluran husus upama rék patepung jeung pejabat téh. Teu loba unak-anikna. Teu kabéh mémang, tapi tetep wé hiji préstasi anu ngangkat préstise. Komo ieu apal nepi ka bubuk leutikna, apal kana késang badag késang lembutna, apal kana téték jeung bengékna. Dihenteu-henteu ogé Éndah téh osok mantuan prosés lahirna hiji kawijaksanaan, ngaliwatan saluran hususna éta.

Réngsé shoping, Raga méakkeun peuting di imah kontrakan Éndah. Kabeneran Éndah gé taya acara séjén. Éta cenah ngeunahna cicing di kota gedé téh, tara loba paguyuran soal kitu, komo mun jadi “jelema”. Asal ulah aya sengkéta jeung batur wé, ulah nepi ka ka pangadilan, koran ogé haré-haré.

Katurug-turug Éndah jeung Raga mah padanyangka baraya. Boh babaturan Éndah sakampus, boh babaturan Éndah saihwan, boh babaturan Raga, boh atasan Raga, jeung boh-boh anu séjénna. Tapi lamun di lembur Éndah mah, di S., Raga téh ku Éndah sok diakukeun pisalakieun. Boh ka indung bapana, boh ka saha baé ogé. Raga, ceuk Éndah téh, anu ngabiayaan kuliahna, anu sok mangmeulikeun pakéan-perhiasan make up marahal, jeung sajabana-jeung sajabana. Padahal anu saenyana, Raga nu sok kapécrétan rejeki Éndah téh, komo mun meledak mah.

Hubungan Éndah jeung Raga nya éta hubungan silihpikabutuh, siliheusian lolongkrang. Dasarna mah silihngartikeun, bruk-brak, jeung silihpercaya. Mémang ari leuleutikan mah pacogrégan téh sok aya, kitu wé alatan salah paham, tapi tara lila. Lain sakeudeung-sakeudeung hubungan maranéhanana téh, rék nincak opat taun. Panggih geus cara arayeuna. Dina hal-hal anu prinsip mah, teu loba robahna. Tetep babarengan bari pada-pada teu boga niat hayang kaiket ku iketan resmi. Dina ayana niat sakolébatan, sok buru-buru disaringkahan. Cenah ambéh bisa tetep silihargaan hak-hakna salaku pribadi.

Ti poé ka poé kahirupan téh lumangsung normal. Biasa. Hirup normal Raga, ngantor, cicing di imah upama taya acara “kaluar” jeung atasanana jalan-jalan. Taya nu anéh. Éndah ogé kitu. Kuliah, ngobyék, jalan-jalan ngukur shoping center mun teu cicing di imah ogé. Anyar-anyar sok latihan kasenian. Hal-hal di luar éta, mangrupa variasi nu taya hartina, teu gedé pangaruhna.

Nepi ka Éndah wawuh, wanoh jeung Sukma. Cenah batur sakampus pédah béda jurusan. Cenah seniman sagalabres; dramawan, pangarang, penyair, musik (tradisional jeung modérn). Cenah ayeuna téh keur diajar ngalukis. Cenah Sukma téh budayawan ngora nu nyongcolang. Saterusna atuh tina biwir Éndah nu ipis lir amis téh ngaguluyur pujian-pujian pikeun Sukma. Raga ukur ngéngklokan. Keun, biasana gé kitu apan Éndah mah. Sok ngagul-ngagul béak karep batur amenganana anu anyar. Da nya éta lolobana mah lain si itu si éta. Biasana deuih sok ditungtungan ku, “Biar gitu, sama Éndah mah bertekuk lutut.” Atawa, “Wuah, kitu sotéh ka batur, ka Éndah mah sampai meréngék-réngék.” jeung sajabana, jeung sajabana. Tapi geuning henteu ka Sukma mah, acan sugan. Komo seniman, ceuk Raga mah, sok leuwih pogot ka nu karitu téh. Modalna ukur popularitas. Loba contona mah. Tapi nepi ka sawatara lilana, kecap pamungkas Éndah upama geus nyaritakeun Sukma téh teu kedal baé. Na Si Sukma téh impotén kitu? Atawa mémang Éndahna baé anu henteu ngedalkeun.

Beuki lila, beuki karasa baé ku Raga aya nu séjén jeung nu enggeus-enggeus hubunganana jeung Si Sukma mah. Éndah geus teu bruk-brak deui. Biasana Raga sok suka seuri lamun nyeueung lalaki nu bareng jeung Éndah téh. Sabab Raga nyaho, Éndah nyanghareupanana teu jeung haté. Éndah ukur ngamangpaatkeun kodratna salaku awéwé geulis. Biasana lalaki nu sok jadi korban Éndah téh. Tapi ayeuna mah bet siga nu sabalikna. Éndah jadi korban Si Sukma.

Naon atuh daya tarikna Si Sukma téh? Ceuk Éndah mah kabasajanana, ceuk Raga mah deukeut-deukeut ka rudin. Ceuk Éndah mah kajujuranana, ceuk Raga mah kanaifan nyanghareupan hirup. Anéhna, Éndah jiga nu kabawakeun ku irama hirup Sukma. Lain waktuna latihan kasenian di kampusna baé Éndah reureujeungan jeung Sukma téh. Ari ditanya tas ti mana atawa rék ka mana? Cenah nongton pagelaran anu-anu, diskusi anu-anu, caramah anu-anu-anu. Karasa ku Raga, Éndah leuwih mentingkeun hubunganana jeung Si Sukma batan hal-hal séjén.

Hiji mangsa Éndah balik subuh, padahal peuting éta téh Raga mondok di Éndah miharep anu sing sarwa éndah.

“Dari mana, Ndah?”

“Abis nongton wayang.”

“Wayang?”

“Iya, ramé téh, Ga.”

“Wah, saraména gé wayang atuh!”

Na atuh ari daradad téh Éndah nyaritakeun sual wayang panjang lébar. Wayang téh cenah, gambaran hirup manusa, kumaha ébréhna karakter manusa dina wayang, jeung saterusna-jeung saterusna. Saperti biasa, Raga ukur jadi juru regep anu hadé. Tapi ari pikiranana mah norowéco galécok sorangan. Cenah Éndah téh geus kajiret ku pangbibita palasipah ngawang-ngawang, ku ajén anu samar, anu jauh tina réalita. Sedeng sual ajén, moral, norma, éta mah kumaha sual kasaluyuan ayeuna. Sual korupsi, ajén gebyar lahiriah, bondonisasi sagala widang, mun téa mah geus jadi hiji budaya; singsaha nu teu milu ngadukung bakal kadupak kaluar kalang. Salah ceuk Si Sukma. Teu! Sual dosa éta mah ukur rarasaan dogmatis. Raga mangkarunyakeun, Éndah ceuk manéhna geus kajiret fatamorgana. Bari jeung ukur pangaruh batur. Éndah moal kitu lamun lain pangaruh Si Sukma.

Éndah mah henteu kitu. Raga nyaho Éndah nu saenyana saméméhna. Dina hirupna, ngan aya hiji udagan nya éta bisa hirup senang bari senang-senang. Étika Éndah mah, étika majalah-majalah wanita. Baju mana anu pantes keur ka pésta, resépsi itu-éta, beurang soré peuting isuk. Kumaha cara-cara dahar, resép ngagaét lalaki, cara sangkan katémbong sopan santun luar. Dunya Éndah, dunya busana jeung kosmétik, dunya butik jeung diskotik. Lain, lain dunya wayang jeung palasipahna. Apan basa diajar jaipongan ogé lain keur senina, tapi keur kapentingan séjén. Pikeun nyiptakeun kasempetan ngérét gegedén, jeung pikeun alesan bisa ka ditu ka dieu. Jadi, nu keur ngomong sual palasipah wayang mah lain Éndah, anu nyaritakeun sual ajén luhur seni-budaya mah batur, anu ngomong kabagjaan teu diukur ku kasenangan duniawi mah Si Sukma. Nepi ka Éndah réngsé caramahna, Raga tetep teu percaya 100% kana parobahan drastis Éndah. Padahal, can lila Éndah reureujeungan jeung Si Sukma téh.

“Atuh meureun ada yang baru, nya,” ceuk Raga.

“Tentu. Manusa, Ga. Piraku tetep baé.”

“Bukan, bukan itu. Maksud téh gaya baru, gaya seniman.”

Teu sakumaha biasa, ngadéngé omongan kitu téh Éndah cicing bareureum alum.

“Ku naon, Ndah?”

Éndah teu ngajawab.

“Marah?”

“Marah sih henteu. Ngan, cobalah Ga, ulah nyangka nu lain-lain.”

“Nyangka nu lain-lain kumaha? Kan biasa! Teu ngerti Raga mah nempo Éndah ayeuna. Berubah, berubah sekali! Éndah jiga nu ngahaja menghindari Raga, menghindari lelaki lain, menghindari teman-teman Éndah ....”

“Ya, mémang Éndah menghindari semua itu! Raga gé tentu tau sebabnya, Sukma. Ya, Sukma! Éndah manggihan sesuatu yang lain di Sukma anu euweuh di nu séjén. Lain, Ga, lain hal-hal dangkal seperti nu disangka ku Raga.”

Ngadéngé jawaban Éndah, Raga ngabetem. Tétéla, aya parobahan garis udagan hirup Éndah. Garis anu méngpar kacida tina garis nu biasa dilakonan Éndah jeung Raga. Garis anu papalingpang, garis anu nguciwakeun Raga.

Cobalah, Ga, hargailah Éndah, hargailah hak-hak Éndah seperti yang sudah-sudah. Éndah percaya, Raga cukup ngerti!”

Hal anu dipikainggis ku Raga téh kajadian. Raga kaduhung teu nyegah ti anggalna. Raga hanjakal maké nurut kana pamanggih Si Tanteu jeung batur-batur Éndah. Engké ogé sadar sorangan cenah. Keun wé antep, Éndah téh keur ngumbar rarasaan, keur loba ulin jeung rarasaan. Engké ogé sadar, hirup jaman ayeuna mah teu cukup ku rarasaan wungkul, malah rarasaan téh taya hartina. Komo cinta, ah, romantisme murahan. Keun. Tapi aya hal transedental dina cinta anu teu kabalitungkeun ku maranéhna. Raga bingung nyanghareupan hiji sistem anu robah. Kudu kumaha nyanghareupan Éndah ayeuna? Meureun kudu ngadagoan Éndah kuciwa ku Si Sukma. Iraha? Jeung deui lamun enya Éndah kuciwa, na bakal balik deui kitu kana garis baheula?

“Endah, kamu serius jeung Sukma?”

“Mungkin,” jawab Éndah teleb.


Wanayasa, 1986

(Katumbiri Jilid. 1, 1986)

AYA CARITA NU KALIWAT

KA mana Iti?

Biasana, mun keur kieu téh sok norojol.

"Geus dahar Kang Upar?" Tara ieuh ditémbalan, da piraku teu apal.

"Tuh, di dapur!"

Tara ieuh loba omong. Koloyong ka dapur, celebek dahar, da geus disampakkeun. Sok ponyo, komo lamun tas nganteur Bapa ka ditu-ka dieu mah, boh urusan kantor boh lain. Lain ngan­teur atuh, nganteurkeun meureun. Ka­sebutna kuring téh supir pribadi Bapa.

Biasana, lamun kuring keur dahar, Iti sok maturan. Atuh dina henteuna ogé, tara jauh ti dapur, bari ngecewis baé sagala dicaritakeun. Pangpangna sagala nu kajadian di imah ieu. Ibu téa, Néng Winda téa, Cép Dasé téa, Bi Onih téa, nepi ka anjing jeung ucingna dica­ritakeun. Kuring ukur mairan, kitu gé saperluna baé. Rarasaan can kungsi kalepasan ngabuka rusiah, anu ceuk kuring mah kudu dipindingan ku supir pribadi. Henteu saeutik malah anu ku­du dikilungan ogé. Sabab raket patali­na jeung katingtriman rumah tangga dunungan.

Ka mana atuh Si Iti téh? Geus aya kana sajamna diuk di dieu, dina korsi hareupeun dapur. Korsi anu biasa di­diukan méh unggal balik ti kantor ata­wa ti mana baé. Ieu beuteung geus na­gih eusi.

"Upar, ulah wara balik nya. Engké so­ré anteur Ibu ka Braga."

Lain Iti, tapi Ibu.

"Bisi rék dahar mah ménta baé ka Bi Onih."

Ka Bi Onih, na bet lain ka Iti?

“Mangga, Bu."

Sup Ibu ka jero imah deui, sup kuring ka dapur.

"Sok Jang Upar rék dahar mah, jong­jon-jongjon baé nya! Ibi mah rék gégé­roh heula ambéh salsé."

"Keun wé Bi lah, da lain sasaha ieuh."

"Enya, tong asa-asa barina gé. Bisi kurang sanguna, éta dina térmos nya." Kuring unggeuk, Bi Onih ngaléos. Celebek dahar, lapar ti tatadi. Ponyo. Tapi karasa aya nu leungit. Enya Si Iti. Poho tadi téh teu nanyakeun ka Bi Onih.

"Ih, geuning prus-pris ieu téh, sakieu keur rariweuhna," kadéngé sora Bi Onih ti pipir.

Kaciptana téh torojol Mang Odo, sa­lakina, sarua deuih ngabadéga ka Bapa.

"Baku ari geus gégéréwékan téh! Aya naon?"

"Pangnyaitankeun popoéan!" Geblig-geblig sora papan katinca­kan. Moal salah, Mang Odo naék ka lo­téng pamoéan, luhureun dapur. Sup Bi Onih ka dapur nanggeuy piring anyar ngumbah. Teu loba.

"Geuning enggeus deui dahar téh, Jang Upar?”

"Wareg Bi."

"Alah hampura wé nya Jang Upar, euweuh deungeunna. Keur Juragan ogé meuli pais lauk wé. Puguh gé asa ripuh euweuh Si Iti téh."

Kabeneran, arék pok nanyakeun pi­san, aya jalan.

"Na ka mana kitu, Bi?"

"Can nyaho nya Jang Upar?"

"Acan."

Kuring panasaran.

"Apan aya nu nyusulan ti lemburna. Mangkukna."

"Aya naon kitu, Bi?"

"Ah, duka da teu nyarita nanaon ka Ibi mah. Ngan cenah aya lanceukna nyusulan, Si Iti kudu balik. Lah, paling-­paling ogé rék dikawinkeun, budak parawan dititah balik mah."

Gebeg téh, bet asa aya nu neumbag kana dada.

"Maenya Ibi, budak-budak rék dika­winkeun?"

"Budak kumaha ari Jang Upar? Geus maju ka dalapan las umurna téh. Di lembur mah atuh geus meujeuhna boga anak dua. Ibi mah komo, saumur Si Iti téh geus béak dua gelempeng," ceuk Bi Onih ditungtungan ngaheuheuh. Ku­ring mésem. Tuluy ngabetem. Asa per­caya asa henteu. Saterusna, asa teu pu­guh rarasaan.


***

KARASA ayana sanggeus euweuh. Aya dina pikiran, aya dina kongkolak mata, aya dina rasa. Horéng bet aya di mana-mana.

Tadina mah sugan téh leungiteun biasa baé, pédah geus aya taunna ma­turan dahar, ngadéngékeun galécokna, ngadéngékeun ceuleukeuteukna. Saeutik-saeutik kapaliré tingkah pari­polahna. Saeutik-saeutik katémbong babagéan beungeutna, awakna, jeung sgjabana. Anu tadina biasa téh, ayeuna mah bet asa dédéngéeun, bet asa deu­deuleueun, bet asa gembleng. Iti. Su­narti.

Angger samar rasa mun inget kana caritaan Bi Onih. Na enya kitu rék dikawinkeun? Mun enya kumaha? Mun henteu, moal talangké deui kuring rék balaka. Susul baé kitu ka lemburna? Pilakadar Ciamis, ti Bandung mah bisa pulang poé. Di ditu balaka. Mun enya rék dikawinkeun, sina ménta bolay. Geus siap kitu kuring jadi salakina? Kumaha engké baé. Batur gé nu saréat­na mah sahandapeun, teu burung hirup.

Ké, kira-kirana daekeun kitu Itina? Ceuk rarasaan mah kudu daékeun. Bé­da dina rindatna. Béda dina imutna. Béda dina sagalana wé ka kuring mah. Omongna gé, jeung kuring mah bisa ngobrol sagala rupa.

Sing percaya baé, Iti. Engké mah ku­ring gé moal ukur ngadéngékeun, moal ukur mairan saperluna. Puguh gé han­jakal. Lamun seug sarua galécokna, meureun aya kasempetan pikeun silih­jugjugan haté. Pikeun nembrakkeun enas-enasna kereteg ati kuring. Loba kasempetan pikeun kitu téh. Tur ku­ring yakin Iti bakal kataji.

Cara basa manéhna nyaritakeun sual Ibu meuli ali mata berlian, na atuh ku­ring téh bet ukur mairan? Bet loba nga­betemna? Coba mun harita kuring nya­ritakeun, Bapa ogé sarua meuli ali nu matana berlian, tapi lain keur Ibu. Keur Néng Évi, mahasiswi saumur jeung Néng Winda. Éta baé lamun Bapa bébéja rék rapat ka Ibu, bisa rapat di kantorna, bisa merapat di imah kontrakan Néng Évi. Ceuk kuring téh meureun, Akang mah moal kitu. Moal kawas Ba­pa mani teu cukup ku hiji. Asal jadi ka Iti.

Cara basa manéhna nyaritakeun sual Néng Winda anu nyaretél vidéo di ka­mar sagebrug jeung babaturanana awéwé-lalaki. Atawa basa nyaritakeun Cép Dasé balik subuh rarampéolan ma­bok. Ceuk kuring téh meureun, karu­nya barudak teu kapaliré ku kolotna. Bapa sibuk Ibu sibuk. Akang mah moal kitu ka budak téh. Rék diperhatikeun sagala rupana, kaasup barang-barang anu didaharna. Ceuk Ajengan Mamat ogé, mun barang hasil karinah, komisi, sasatna barang haram dipaké ngabayuan anak­-pamajikan, moal waras kana rumah tanggana. Ari hayang boga anak soléh, ari dibayuan ku duit haram, nya moal bisa atuh. Meureun ceuk manéhna téh, ari Bapa kitu kituh? Moal, moal dipin­dingan deui, barabat atuh kuring nya­ritakeun usaha Bapa di luar jabatana­na, anu jelas ngamangpaatkeun éta ja­batan. Kuring mah moal kitu, karunya ka anak-pamajikan, karunya ka anak­-incu. Kgjeun hirup basajan, asal aya di­na rido Gusti. Iti daék ka supir?

Cara basa dititah nganteur manéhna ka Pasar Baru, mangka lain sakali dua kali tatéh. Naha atuh maké salancar baé pikiran téh? Engké mah kasempet­an samodél kitu téh moal diantep. Loba saenyana mah kasempetan téh, loba pisan. Di dapur baé, apan mindeng ukur paduduaan. Paduduaan jaba di luar hujan, mindeng deuih. Malah pa­duduaan di imah ogé, lain sakali dua kali. Jaba di luar hujan ogé kungsi. Na­ha atuh bet diantep? Ayeuna kari ka­duhungna.

Lamun teu diantep, Iti bakal daé­keun kitu? Nempo ulat jeung semuna mah kudu daékeun. Malah kakara ka­pikir ayeuna, kungsi sababaraha kali kawas nu ngahajakeun sangkan ulah diantep. Nyaho kuring keur dahar di dapur, der maké asup ka dapur ukur dibabasah. Éta baé ari ngaharéwos, da mani antel-antel baé biwirna kana ceu­li. Ari nyarita, remen bari ngadayagdag dina korsi atawa beungeutna nampeu­-nampeu baé kana beungeut kuring. Lain totondén hadé ari kitu? Jelas, pas­ti daékeun!

Ngan lamun enya téh rék dikawin­keun, asa taya iber ti anggalna. Lamun enya téh, bisa jadi Iti mah kapaksa ata­wa dipaksa. Da tara ngobrolkeun sual kabogoh jeung kuring mah. Kuring gé kitu deuih, tara ngomong-ngomong soal awéwé. Rumasa wé, umur nincak lima likur gé, can kungsi ari serieus ha­hadéan mah. Tadina loba karumasa.

Lamun teu dipaksa ku kolotna, moal kitu kapaksa ku kaayaan? Saha nu nyaho Iti téh.... Gusti, teu wasa mikira­nana ogé. Saha atuh anu ngaruksak Iti téh? Bapa? Cép Dasé? Bisa jadi duana­na ogé, buaya jeung bayawak. Cenah disusulan? Bisa baé akon-akon.

Taya deui jalan, isukan kuring kudu muguhkeun. Lamun perlu nyusul ka lemburna, nyusul naha. Dadakuna ka Bapa mah, kumaha engké.

Parat sapeuting henteu saré, mikiran Iti.


***

LENDENG urut peuting kurang saré beuki karasa pabeubeurang mah. Diuk dina korsi ngadagoan waktu nu tepat, rék bébéja ka Bapa, isukan rék peré. Rék ka Ciamis, bisi teu kaburu mulang poé-poé ieu.

"Kang Upaaar....!" aya nu ngagero­an ti jero imah. Wawuh kana sorana mah. Dilieuk, teu salah. Iti! Haté ratug ngadulag. Teu sadar kuring nangtung. Iti nyampeurkeun. Gep dua leungeun pataréma, sasalaman. Karasa aya nu sur-ser. Teu dilésotkeun deui, leu­ngeunna dikeukeuweuk. Iti imut leleb. "Ti mana baé Iti teh?"

"Ti lembur," témbalna. Katémbong paromanna marahmay. "Kang Upar ka ditu, nya?"

"Ka ditu ka mana?"

"Muhun ka abdi, ka Ciamis."

Gebeg.

"Insya Alloh, asal kahartos we." Leungeunna masih kénéh dikeukeu­weuk.

"Dijamin lah," omongna angger bari imut.

"Aya naon kitu?"

"Apan abdi badé nikah," omongna teteg.

Jedug! Teu karasa leungeunna lésot sorangan tina cekelan kuring. Teuing asa kateumbrag naon mah.

"Ku naon Kang Upar?"

"Henteu, ieu lieur kurang saré."

"Atuda bagadang bae Kang Upar mah."

"Sareng saha?"

"Sareng urang ditu deui wé, batur sa­lembur. Mung didamel di Jakarta, di pabrik gelas."

"Geuning teu wartos-wartos badé ni­kah téh?"

"Atuda rusiah," omongna deui bari angger imut, paromanna marahmay, beuki marahmay. "Tos lami da hubu­nganana mah."

Kuring gogodeg. Saenyana mah sa­mar polah. Mireungeuh paroman Iti, teu riuk-riuk anu nguyung. Marahmay. Cahayaan. Perbawa bagja. Na atuh ku­ring téh bet ngarep-ngarep Iti nguyung? Iti kaduhung pédah rék kawin?

"Wilujeng atuh."

"Ka ditu nya? Da Bapa, Ibu, Néng Winda sareng Cép Dasé ogé baradé ka daritu."

Kuring unggeuk. Kakara sadar, aya nu kaliwat nu tara dicaritakeun ku Iti ka kuring téh: dirina sorangan. Haté, teuing kumaha, rasa, teuing kumaha. Anu jelas pikiran mah muter: ka Cia­mis atawa ulah?

(Galura, Minggu III, Juni 1992)

ASTAGFIRULLOHAL'ADIM

1

“Astagfirullohal ‘adim.” Ceuk Ustad Soléh bari ngusap beungeut. “Enya éta téh Ahdi?”

“Leres Pa Ustad, malah abdi ogé ngiring nganteurkeun ka bale désana,” témbal Si Ahdi.

“Emh, nepi ka kituna,” ceuk Ustad Soléh. Paromanna reueuk. Gék diuk nyarandé kana tihang paimbaran, nyanghareup ka lawang tajug.

“Aya naon di balé désa téh Ahdi?” Mang Ondin nu kakara datang nanya.

“Éta si Otang, digerebeg keur nganjang ka imahna Si Inén, terus dibawa ka bale désa.”

“Alah, sugan téh aya naon, mani ramé. Pilakadar nganjang-nganjang baé, wajar wé atuh, make kudu digerebeg sagala….”

“Wajar kumaha ari Emang?” Si Ahdi motong omongan Mang Ondin. “Wajar sotéh mun nganjangna henteu terus ka pangkéng. Apan basa digerebeg téh kasampak keur barulucun!”

“Masa Alloh, nu bener Ahdi?”

“Maenya uing ngabohong ka kolot, ngabohong ka Pa Ustad!” ceuk Si Ahdi, ngarah diandel. “Mémang ari ukur nganjang wungkul mah apan, tong boroning ti beurang, dalah ti peuting nepi ka bray beurang ogé, tara aya nu ngaharu biru!”

“Kumaha atuh Si Émanna?”

“Nya teu nyahoeun wé. Apan keur euweuh di dieu, keur ka Jakarta milu kuli ngaduk jeung Mang Bakri. Nyéta puguh, uing gé karunya ka Éman téh. Manéhna mah jongjon-jongjon wé usaha di Jakarta, teu nyaho di dieu kebon kacang diranjah batur!”

“Husy, manéh mah ari ngomong téh!” Ustad Soléh ngagebés, tapi bari nahan piseurieun. Si Ahdi jeung Mang Ondin ngahéhéh.

“Mangka kebon ngan sakotak-sakotakna,” Mang Ondin mairan dibarung seuri.

“Sakotak gé léndo lebah dinya mah, Mang, da deukeut kana cubluk,” ceuk Si Ahdi.

“Meugeus, komat kainyah!” ceuk Ustad Soléh.

Ngong Si Ahdi komat. Tiluan salat lohor berjamaah, diimaman ku Ustad Soléh. Réngsé awéh salam, Si Ahdi cengkat, teu ngadagoan réngsé ngadoa.

“Rék ka mana Ahdi, rurusuhan teuing?” Mang Ondin nanya.

“Apan rék ka balé désa, bisi kudu jadi saksi di ditu, da uing gé milu mawa apan.”

“Heueuh ah, Emang gé rék ka ditu engké.”

Duanana kaluar ti tajug, ninggalkeun Ustad Soléh nu masih kénéh ngadoa. Ditéma ku wiridan. Da kitu biasana. Bari ngadagoan wanci asar, mangsa kudu ngawuruk ngaji ka barudak. Tara ieuh nyelang heula balik ka imahna, mun teu penting-penting teuing mah. Tampolana sok parat nepi ka isa. Kitu wé, mun teu wiridan, mukaan kitab, ngaderes Kur’an atawa ngobrol mun kabeneran aya batur. Padahal imahna ngan kahalangan ku jalan désa ka tajug téh, paeunteung-eunteung.

Tapi ayeuna mah wiridanana téh rada kaganggu ku bari jeung mikiran kajadian poé ieu di lemburna. Ceuk Si Ahdi tadi, dicurigana mah lili aya rasiah antara Si Otang jeung Si Inén téh. Nu matak pada ngintip-ngintip. Ari tadi, Si Otang kapanggih ngulampréng ka lebah dinya. Sup ka imah Si Inén, kabeneren Si Inénna keur sorangan, da adi beuteungna, nu sok maturan Si Inén, keur ka pasar. Atuh meureun tumaninah nyacapkeun kasono.

Waktu Si Otang asup, kanyahoan ku Si Jaja, tatangga Si Inén. Buru-buru ngabéjaan babaturanana, sarua budak ngora, kaasup Si Ahdi. Digerebeg ku limaan, teu bisa manggapulia, da bukti. Duanana diabringkeun ka bale désa, bari teu sina dibaju heula. Ukur ulah katémbong bagian-bagian anu pentingna baé. Atuh puguh jadi lalajoaneun batur. Ibur wé, pada ngadeugdeuk ka bale désa. Jadi sabiwir hiji.

“Astagfirullohal ‘adim, rék kiamat kitu ieu téh?” pikir Ustad Soléh. Saingetna, asa kakara aya kajadian kawas kieu di lemburna. Katurug-turug boh Si Otang boh Si Inén kungsi kawuruk ngaji ku manéhna, keur barudakna téh. Ayeuna kacerek deleg ngalakukeun pagawéan nirca. Si Inén ngalambangsari jeung Si Otang. Jinah. Jinah anu sanyata-nyatana jinah. Sapatemonna lalaki jeung awéwé anu lain muhrim.

Naon hukumanana keur nu jinah? Dirajam! Ceuk agama Islam, jinah kaasup dosa gedé, sabanding jeung maténi katut murtad. Kaasup anu getihna halal dikucurkeun. Aya dina hadisna. Lalaki anu jinah, sanggeus dipecut saratus kali, ngan pantes kawin jeung awéwé anu geus bukti jinah jeung manéhna. Jadi, Si Otang kudu dikawinkeun jeung Si Inén, sanggeus meunang hukumanana. Da jelas duanana ogé Islam agamana téh. Ustad Soléh uleng mikir bari teu weléh istigfar, “Astagfirullohal’adim.”

Keur kitu, kadéngé anu ayeuh-ayeuhan. Beuki lila beuki deukeut. Kawasna baé rék ngaliwat ka jalan pipir tajug. Ustad Soléh cengkat, nangtung hareupeun jandéla tajug, nyérangkeun nu abring-abringan. Nu mimiti katémbong téh Si Ahdi, keur nyingkir-nyingkirkeun barudak nu ngahalangan jalan. Pahibut jeung rebut kawas nénjo barang langka.

Beuki deukeut, beuki écés kadéngé omong-omonganana.

“Dulur-dulur sakabéh, tah ieu anu jinah téh!” ceuk Si Ahdi, “Pok ngomong deui, abdi jinah, abdi jinah, abdi jinah, kituh!” ceuk Si Ahdi ka nu diabring-abring. Si Otang jeung Si Inén, duanana ukur maké baju jero. Si Inén aya tambahna, disarung bendelah-bendeléh semet tuur, sarung Si Ahdi nu tadi dipaké salat di tajug. Si Otang jeung Si Inén ukur bisa kunyam-kunyem. Beungeutna euceuy, cimatana murubut. Si Inén kaciri inghak-inghakanana. Nu ngabringkeun, lolobana barudak ngora, ngaromong sakacuam-caém, matak rawing ceuli nu ngadéngé.

“Astagfirullohal’adim …,” gerentes Ustad Soléh bari ngusap beungeut. “Nepi ka kituna …,” haténa milu peurih asa digerihan ku hinis.

“Tah, ka Pa Ustad Soléh ngomong, hayoh, hapunten Pa Ustad, abdi parantos ngalanggar hokum agama, kituh!” ceuk Si Ahdi deui. Nu dititah kalah beuki ngeluk tungkul. “Hayoh ngomong! Ulah hayang ngeunahna baé atuh hirup téh! Komo manéh mah, teu inget ka salaki!”

Ustad Soléh ukur bisa neuteup. Teu bisa kukumaha. Neuteup nepi ka abringan téh ngiles lebah péngkolan warung Bi Kénoh. Ay anu haneut mapay pipina. Cimata. Karunya ka nasib Si Otang jeung Si Inén, karunya ka nasib Si Éman …. Ngan enya, naon anu karandapan ku Si Otang jeung Si Inén ayeuna téh alatan amal-amalanana. Tong boro engké, ayeuna ogé geus karasa lara wirangna. Gusti Alloh mah tara nanggeuy di bongkokna. Pikiran Ustad Soléh norowéco sorangan. Ari Si Éman? Manéhna mah keur meunang cocoba. Emh, muga-muga wé sing dipasihan sabar.

Ustad Soléh diuk deui dina urut tadi. Mikiran deui kajadian cikénéh. Paingan aya kasebutna, ceuk pikirna. Papasangan téh lain wungkul awéwé jeung lalaki, beurang jeung peuting, sedih jeung gumbira baé. Aya deui nu disebut kufu, papasangan kénéh éta ogé. Awéwé anu iman keur lalaki anu iman, awéwé anu tukang nyolowédor keur lalaki tukang nyolowédor, awéwé anu munapék keur lalaki anu munapék deui. Hanjakal kalolobaanana jelema mah tara nurut kana totondén Alloh. Mangprung ngaberung ngungudag wates karep, atuh taya kendatna da napsu. Ustad Soléh unggut-unggutan, “Emh, astagfirullohal’adim.”

2

Si Éman ngahaja diala ka Jakarta. Mimitina mah enya, katémbong napsu ngadéngé Si Inén, pamajikanana, digarap Si Otang téh. Tapi, leler sorangan, taya kajadian nanaon. Si Inén dikawinkeun jeung Si Otang.

Si Éman balik deui ka Jakarta.

“Teu nyangka nya Si Éman, nyolong bade. Ningali kana pangadatanana mah, kudu jadi huru-hara atuh. Ari hég, nya dina seuhseuhanana sabar wé sakitu mah,” ceuk Mang Ondin.

“Nu matak ari ka jelema téh ulah sok mandang lahiriahna wungkul gé kitu,” ceuk Ustad Soléh. “Mun nempo saréatna mah, saha nu nyangka atuh Si Inén make wani ngalakukeun pagawéan nirca? Budak sakitu bageurna keur parawanna mah. Nu matak loba anu manglebarkeun basa pruk kawin ka Si Éman téh.”

“Héh héh, nya pantes wé da tos aya gentosna,” ceuk Si Ahdi.

“Gentosna kumaha ari manéh?” Ustad Soléh nanya semu kagét.

“Di Jakartana téh Si Éman tos kagungan deui istri.”

“Ceuk saha?”

“Bilih teu percanten mah, taroskeun wé ka Si Didin.”

“Si Didin anakna Mang Bakri?”

“Muhun. Pan sareng Si Éman ka dieuna, ti payun téh.”

“Enya, terus kumaha?” Mang Ondin panasaran. “Lain kakara tilu bulan di Jakartana téh?”

“Muhun, salami tilu sasih téh tara ka dieu geuning,” ceuk Si Ahdi ka Ustad Soléh. “Sihoréng di dituna téh kagungan deui istri. Sanggem Didin mah ka putrana tukang warung di padamelanana. Tos dua sasih nikahna ogé, sanggem Si Didin mah.”

Naha atuh meni euweuh anu ngabéjaan ka dieu, nya? Padahal boh Mang Bakri boh Si Didin, asa mindeng balikna téh.”

“Sanggem Si Didin mah, heurin ku létah. Da kacilakaan nikahna ogé, sanggemna mah.”

“Astagfirullohal’adim.”

“Kacilakaan kumaha?” Mang Ondin nanya, hayang yakin pisan.

“Ari Emang, kacilakaan kawas Si Inén baé jeung Si Otang,” ceuk Si Ahdi ka Mang Ondin. “Ngan aya undakna itu mah, digerebegna ku hansip.”

“Saruana atuh ari kitu mah, lain sabar-sabar teuing. Boro mah geus dipuji ku uing téh.”

Sanggeus éta kajadian, teu kungsi sabulan, aya deui kajadian samodél kitu. Ayeuna mah Si Amin, tukang kiridit urang lembur peuntas. Digerebeg keur mondok di imahna Si Isah, randa kakara crét. Peuting-peuting diabringkeun ku ronda ka imah Pa Lurah. Isukna, dibaringkeun bari ukur make pakéan jero.

“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh. “Naha totondén naon atuh ieu téh? Totondén ahir jaman kitu?”

Ceuk Si Ahdi mah, Si Amin téh kapanggihna keur ngagolér di tengah imah Si Isah.

“Boa teuing kapeutingan éta mah, Ahdi. Ulah waka nyangka nu lain-lain, bisi pitnah,” ceuk Ustad Soléh. “Manéh ogé nyaho meureun, yén pitnah téh pagawéan anu dila’nat ku Gusti Alloh.”

“Upami leres mah kawengian, naha atuh make mondok di bumina Si Isah? Si Amin téh apan seueur réréncanganana di dieu. Mana kitu ogé panginten, aya maksad-maksad sanés.”

“Ari omongna kumaha?”

“Muhun kitu, kawengian sanggemna mah. Tapi da moal enya aya bangsat ngaku!”

Ustad Soléh teu nyarita deui. Karasa ay anu robah di lemburna téh. Loba kacuriga. Teu sirikna kabéh jalma jadi detéktip. Nyéko. Intip-intipan. Kawas nu katagihan ngabringkeun jelema satengah bubulucun. Saha nya ayeuna anu kudu digerebeg téh? Si Anu katémbong béda rindatna jeung Si Anu, boa-boa …. Si Anu katémbong sok ngalanto ka Si Anu, aya nu dianjing cai meureun, boa-boa …. Si Anu jeung Si Anu, Si Itu jeung Si Éta, boa-boa …. Mindeng katémbong nu tingkecewis. Ngupat. Apan ngupat téh dilarang ku agama. Komo tigebrus kana nyebarkeun pitnah mah! Komo lamun mitnah jalma anu teu tuah teu dosa ngalakukeun jinah. Mun teu bukti téh, hukumanana sarua jeung nu ngalakukeun jinahna sorangan, beuratna. Aya kahariwang, aya kamelang. Astagfirullohal’adim, ieu téh totondén naon atuh? Totondén ahir jaman kitu?

Enya baé, teu kungsi saminggu ti tas ngabringkeun Si Amin jeung Si Isah, nu ngaronda geus ngagerebeg deui nu keur otél. Ayeuna mah guru nu beunang téh. Pa Édi jeung Bu Ina. Digerebeg keur lalajo TV di kamar Bu Ina. Mémang geus lila dicurigana mah. Pa Édi téh sok katémbong balik peuting-peuting baé ti imah Bu Ina. Cenah keur migawé pancén sakola. Naha atuh bet aya émbohna, paduduaan di kamar? Cenah lalajo TV. Apan biasana ogé TV mah di kamar tengah? Balaham-béléhém. Sarua jeung enggeus-enggeus, terus baé dikawinkeun. Untungna téh sarua pada lalagasan. Katambah guru deuih. Jadi aya tinimbanganana, teu maké jeung kudu diabring-abring sagala. Cukup diréngsékeun di imah Lurah baé.

Ti dinya, pleng wé méh kana dua bulanna taya kajadian kitu deui. Masarakat sarieun rék migawé pagawéan nirca téh, meureun. Kahirupan sapopoé geus méh balik ka sabihara-sabihari deui. Arang nu tingkecewis. Atuh Si Ahdi, nu sacara teu resmi dianggap kapala detéktip husus nu kararitu, kawas nu rék pangsiun otomatis.

Nepi ka hiji mangsa, Si Ahdi nyampeurkeun ka Ustad Soléh, anu mémang natangga, pok nyarita, “Paingan atuh rahayatna rucah, da pamingpinna ogé teu waras, nya Pa Ustad?”

“Naon Ahdi? Saha nu teu waras téh?” ceuk Ustad Soléh nu keur maraban lauk di balongna.

“Har, Pa Ustad teu acan uninga kitu? Apan Pa Lurah téh kénging ku ronda tadi wengi!”

“Beunang kumaha?”

“Muhun kénging digerebeg nuju leleson dina lahunan Si Onah.”

“Ké, ké, can ngarti Bapa mah. Lurah téh digerebeg keur rucah jeung Si Onah?”

“Muhun, kitu lah kacindekanana mah.”

“Astagfirullohal’adim. Ceuk saha Ahdi?”

“Apan abdi anu ngagerebegna ogé Pa Ustad. Bada Isa téh abdi gégéléhéan, reup wé mondok. Kinten-kinten tabuh sapuluh, aya Si Utay ngahudangkeun. Manawi téh aya naon. Ari hég anjeunna nuju ngaronda, tepang sareng Pa Lurah di leresan wates. Biasa wé silihtaros. Saurna mah badé néang cai. Si Utay curiga, maenya néang cai los-los ka wétan, apan sungapanana ogé palih kulon ti dinya mah. Sarengna deui, asa anéh wé cenah Pa Lurah néang cai sosoranganan. Diintip wé. Ti wates teras ngidul, na ari sup téh ka bumina Si Onah. Gura-giru wé Si Utay téh balik deui ka pos ronda. Teras néang abdi …. Dongkap ka ditu téh, muhun wé. Pa Lurah nuju ngedeng dina pingping Si Onah. Ku abdi diintip heula tina bilik. Tos kitu mah, ah, langsung wé digerebeg, teu tiasa mingé deui.”

“Astagfirullohal’adim. Enya peuting téh ngadéngé nu rebut-ribut. Sugan téh lain Lurah atuh. Rék ditanyakeun ka Si Ondin, teu katémbong salat subuh tadi téh.

“Mang Ondin mah apan sareng abdi di ditu, di balé désa, ngajagi Pa Lurah sareng Si Onahna wé sakalian dibandang. Nembé dongkap abdi gé ieu téh.”

“Nepi ka kituna Lurah!”

“Da ari karaos aya rusiahna mah ti kapungkur Pa Ustad, seueur anu terangeunanan ogé. Mung teu acan aya buktos. Nembé wengi …. Abdi gé badé ka ditu deui, nyelang mandi heula ieu téh. Mang Ondin mah di ditu kénéh. Keun da tos aya Pa Kopral nembé téh.”

“Lurah gé rék diabringkeun nya, Ahdi?”

“Atuh kantenan wé. Diésék-ésékkeun ku Pa Kopral mah. Nurus tunjung, saurna téh, tayoh ka patutna. Jadi pamingpin téh lain nyontoan bener, ieu mah kalah mirucaan teu balég. Sarua jeung ngahucuhkeun rahayat kana lampah teu balég éta téh.”

“Dikitukeun ku Pa Kopral? Kumaha ari Lurahna?”

“Ah, nya ngeluk wé, da rumaos lepat panginten. Malah saur Pa Kopral mah, diabringkeunana ogé kedah bari dikendangan. Kedah aya undakna, apan anu ngadamel aturan kitu ogé, Lurah kapungkur téh. Tamiang meulit kana bitis namina téh nya, Pa Ustad?” ceuk Si Ahdi bari turun ka tampian.

“Emh, nepi ka kituna Lurah,” ceuk Ustad Soléh, halon, ngusap beungeut bari ngucap, “Astagfirullohal’adim.”

Méméh lohor, Ustad Soléh ngajanteng hareupeun jandéla tajugna. Nyérangkeun anu ngaleut ngabringkeun Lurah jeung Si Onah, nu ukur maké pakéan jero. Dikendangan ku Si Dayat. Sakapeung tepak kendangna téh dijaipongkeun. Barudak mah ay anu ngéngklak sagala. Ari Lurah tungkul, alum, teu katémbong urut-urutna jalma anu capétang perténtang pinter nyarita téh. Si Onah pon kitu deui. Ras ka anak pamajikanana. Tada teuing nyerieun haténa Bu Lurah. Nyeri haté ku dua ku tilu. Pangpangna mah ku polah salakina.

“Astagfirullohal’adim.”

Naha atuh bet nirca anjeun téh Lurah? Teu nyaho yén anjeun téh pamingpin? Umaro, anu kuduna mah paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeung ulama ngawangun masarakat anu adil mahmur. Asa mindeng, boh diba hutbah Juma’ah, boh upama aya Muludan atawa Rajaban, nerangkeun yén umaro jeung ulama téh mangrupa dwitunggal tanjeur masarakat. Mun salahsahiji tanjeurna bobo, rék bisa ajeg kumaha atuh masarakat téh? Asa mindeng, pangpangna mah dina bulan Rajab, ngélingan ku lalakon Isro jeung Mi’rajna Kangjeng Nabi. Apan dina lalampahanana téh kungsi manggihan jalma anu ngadaharan daging atah, boh awéwé boh lalaki. Saur Malaikat Jibril, éta téh jalma anu mondok bareng, boh awéwé boh lalaki, jeung nu lain muhrim. Ku anjeun dipilampah duanana, Lurah. Ngarempak aturan darigama jeung agama. Ngarempak aturan hirup kumbuh jeung larangan Alloh.

“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh, sadar tina galécok haténa. “Mugi Anjeun maparin hidayah ka maranéhna.”

Sanggeus éta kajadian, Lurah dipocot tina kalungguhanana, dumasar kana kasaluyuan warga masarakat. Minangka gagantina, Pa Wakil jadi pejabat sementara Kepala Désa, nepi ka pilihan Lurah engké. Ari Lurah manten, dikawinkeun jeung Si Onah. Pamajikanana ogé, Bu Lurah, ménta diserahkeun. Taya alesan pikeun baha, da puguh lantaranana, kuat alesanana paménta Bu Lurah téh. Salakina nyolowédor.

Pa Lurah manten terus baé pindah ka lembur séjén, kahayangna sorangan. Da euweuh saurang ogé anu nitah pindah atawa ngajurung-jurung supaya ninggalkeun lemburna sorangan. Anak-anakna, tiluanana ogé milu jeung indungna.

3

Kahirupan lumangsung biasa deui. Ngan ayeuna mah beuki mindeng baé aya jalma anu digerebeg téh. Mun lanjang jeung bujang, dikawinkeun, tara ieuh diabringkeun. Tapi mun nu geus rumah tangga, kacerek deleg keur milampah pagawéan nirca, diémbohan ku diabringkeun bari satengah bulucun. Ngurilingan lembur bari dikendangan ayeuna mah. Hukuman téh pikeun nu séjén mah bet kawas hiburan baé.

“Pa Ustad badé nongton pawéy?” ceuk Si Ahdi bari tuturubun turun ti tajug.

“Si Éman nya ayeuna mah nu beunang téh?”

“Muhun, abong anjing kampong atuda, dihayoh-hayoh kana bistik ogé, ari dileupaskeun mah ceg deui wé kana waduk!” ceuk Si Ahdi bari nyéréngéh.

“Geuning geus mimiti,” ceuk Si Ahdi bari déngdék-déngdék baé ngadédéngékeun nu gembrang-gembrung. Belecet lumpat.

Si Éman téh geus balik ti Jakartana, da pagawéanana geus réngsé. Balikna ngaligincing wé, sorangan. Cenah pamajikanana bobogohan deui jeung nu séjén. Ku Si Éman ditalak. Omongna mah ditalak tilu sakalian, da biheung panggih deui biheung moal. Duda, da pamajikanana nu tiheula, Si Inén, geus bumén-bumén jeung Si Otang. Si Éman kacerek deleg waktu keur indehoy jeung Si Isah, anu keur ditinggalkeun ku salakina nagihan ka unggal lembur, ma’lum atuh tukang kiridit.

Nu gembrang-gembrung bari ayeuh-ayeuhan, geus rék ngaliwat ka tajug Ustad Soléh. Ustad Soléh geus nangtung hareupeun jandéla tajug. Teu kungsi lila, hol abringan anu ngendangan sakitan téh, bari aréak-éakan. Paingan atuh, da lain anu ngabringkeunana baé anu ngéngklak téh, sakitanana ogé, Si Éman jeung Si Isah milu ngéngklak deuih. Dina tepak kendang jaipongan.

“Blaktukna sing merenah atuh, euy!” ceuk salahsaurang ka Si Éman. Ku Si Dayat nu ngendangan, hayoh baé diblaktuk-blaktuk. Ngeplos deui, ngeplos deui nu ngigelanana mah. Abong nu ngigel kapaksa. Nu nénjo ager-ageran.

“Gitekna atuh, gitekna!”

Si Éman ngagitek, teu nincak wirahma. Nu nénjo akey-akeyan.

“Si Isah sina ngagitek atuh! Ngagitek Isah, hayoh ngagitek kainyah! Ulah ngan keur Si Éman baé ngagitek téh atuh, uing gé hayang nyaho gitek manéh!”

Si Isah ngagitek.

“Maenya kitu?”

“Ulah jauh teuing! Sina padeukeut ngigelna!”

Si Éman jeung Si Isah dideukeutkeun. Nu nénjo teu weléh seuri.

“Blaktukna ding nepi antel siah!”

“Pahareup-hareup, hayoh pahareup-hareup!”

“Batur gé hayang nyaho sia blaktuk jeung Si Éman, Isah!”

“Heueuh, ulah hayang di kamar baé blaktuk téh!”

Nu ngaromong teu puguh kadéngéna. Masing-masing hayang méré koméntar. Aya anu mangkarunyakeun, aya ogé anu mupuas. Lolobana mah anu nyeungseurikeun. Ustad Soléh anu nyérangkeun tina jandéla tajug ogé kapiasem tadina mah. Luk tungkul, paromanna alum.

“Astagfirullohal’adim,” ngusap beungeut bari gogodeg. “Barurung sugan jelema téh! Nu salah diéngklakan, nu boga dosa sina ngéngklak. Beu, totondén ahir jaman kitu ieu téh?”

Si Ahdi cuh-cih ngatur barisan, pangpangna mah barudak anu milu ngéngklak.

“Ngigelna ulah bari ngaheureuyan batur atuh!” omongna.

“Manéh deuih, ulah bari heureuy, bisi cilaka!”

Narurut ka Si Ahdi mah. Mémang, ti saprak loba kajadian nu diabringkeun kitu, pamor Si Ahdi jadi ngajaul. Dianggap kokolot pamuda ieu lembur ayeuna mah manéhna téh. Lain baé dina sual nu kararitu. Éta wé basa aya paréntah kudu aya organisasi Karang Taruna di désa, apan méh kabéh nunjuk ka Si Ahdi pikeun jadi ketuana. Tapi teu sakabéh suka nénjo ngajaulna pamor Si Ahdi téh, aya ogé nu teu sukaeun. Nu katémbong terang-terangan mah, Si Jaja. Si Jaja sabatur-batur teu weléh néangan kasalahan Si Ahdi. Geus puguh ari caritaan mah. Manéhna anu nyebarkeun carita yén Si Ahdi ogé kungsi kapanggih kaluar ti imahna Si Katiah peuting-peuting. Éta béja tepi ka Ustad Soléh.

“Astagfirullohal’adim. Mun enya téh, euweuh sahulueun ….”

Ustad Soléh kungsi nanyakeun éta hal ka jinisna. Si Ahdi susumpahan, teu ngaku. Mémang kungsi ka lebag dinya mah, ti peuting. Tapi da lain rék nganjang ka Si Kartiah, puguh nuturkeun jelema anu pikacurigaeun.

“Rigigna mah sapertos di Jéjén.”

“Lanceukna Si Jaja?”

“Muhun, namung leungiteun tapak abdi téh.”

Ustad Soléh ngahuleng. Éta jeung batur salembur, jeung papada batur ulin, nepi ka silihcuriga kitu. Padahal, Si Ahdi jeung Si Jéjén téh, ari bau-bau sinduk baé mah aya. Kasebut dulur, najan geus laér ogé.

Nepi ka hiji mangsa, rék salar subuh.

“Si Ahdi beunang,” ceuk Mang Ondin ka Ustad Soléh.

“Saha Ondin?”

“Si Ahdi, kacerek keur di pipir imah Si Kartiah.”

“Astagfirullohal’adim.”

“Sanggem Si Jaja mah, Si Ahdi téh badé lebet pisan ka dapur Si Kartiah ….”

“Ceuk saha?”

“Si Jaja.”

“Oh, Si Jaja.” Ustad Soléh unggut-unggutan.

“Muhun, sanggemna téh badé lebet pisan kagareuwahkeun. Badé lumpat, teu aya jalan da tos dikepung. Ti kidul Si Éman, ti kalér Si Jéjén. Badé mundur, apan jungkrang di dinya mah. Diraponan wé ku tiluan, teu tiasa mingé deui. Nya dicandak wé ka balé désa.”

“Ari Si Kartiahna kumaha?”

“Wengi gé teras diala. Ditaros téh, muhun sanggemna, parantos aya jangji sareng Si Ahdi. Sanaos Si Ahdi susumpahan ogé, teu ngaku, teu tiasa majar kumaha, da ari jalmi mah guru bukti apan.”

“Astagfirullohal’adim. Nepi ka kituna Si Ahdi,” ceuk Ustad Soléh, “Manéh percaya, Ondin?”

“Puguh gé percanten teu percanten. Percantenna da aya saksi, malah sareng susumpahan sagala sadayana ogé. Ari teu percantenna, muhun da sanés sakatiga atuh kenal sareng Si Ahdi téh. Asa tetebiheun kana kitu. Komo sareng Si Kartiah, enya ogé aya rupa, da tos pada apal kana kalakuanana atuh, nu mawi sok cruk-crek ogé. Sedeng Si Ahdi, kitu-kitu ogé cegékan, teu resepeun pisan ka nu kararitu téh.”

“Ari ayeuna kumaha? Rék diabringkeun deuih?”

“Nya muhun, wengi téh kitu. Sanggem Si Ahdi téh, diabringkeun mah heug baé, najan dua poé dua peuting ogé, ngan laum aing kudu kawin jeung Si Kartiah, kajeun narohkeun pati. Najis teuing kudu kawin jeung tukang pitenah, awéwé palacuran, kitu sanggemna téh,” ceuk Mang Ondin. “Kawitna mah nu tiluan téh maksa, kudu dikawinkeun baé, namung Si Ahdi ngancam, lamun kudu kawin baé jeung Si Kartiah, heug, tapi saméméh kawin urang ijén heula jeung aing nepi ka ay anu paéh. Saha wé ieu mah. Rék Si Jaja, rék Éman, rék Si Jéjén, ku aing moal dipanglumpatkeun. Dikitukeun mah jarempé.”

“Astagfirullohal’adim. Emh, nepi ka kituna ….”

Wanci pecat sawed, jelema geus ngagimbung di balé désa, rék ngabringkeun Si Ahdi.

“Geus siap ieu téh?” ceuk Pa Kopral.

“Ké, tukang tarompétna can datang,” ceuk Si Dayat.

“Na maké ditarompétan sagala? Prak tabeuh wé atuh!” ceuk Si Jaja.

“Kumaha aing wé atuh, Kaja, aing apan nu rék dikendanganana ogé!” ceuk Si Ahdi nu geus buligir, ukur maké calana jero. Paromanna teu kaciri alum. Malah siga nu hayang ngahajakeun ka Si Jaja sabatur-batur. Anu matak basa peuting ngaharéwos ka Si Dayat, dina waktuna, kudu dkumplitan tatabeuhan téh. Ulah kendang indung jeung kempul wungkul. Kendang kudu kumplit, indung jeung rincikna ditambah kulantérna sakalian. Kempul jeung goong, ketuk, ditambah ku tarompét. Si Dayat nyanggupan.

Torojol Mang Ocim mawa tarompét.

“Tah, geuning datang. Sia gigreun aing cicingna Kartiah!” ceuk Si Ahdi. “Prung, ah! Minangka bubukana, Kembang Gadung, Mang!”

Térétét Mang Ocim ngalagukeun Kembang Gadung. Si Dayat ngendangan ku tepak kendang jaipongan, Si Utay ngagoongan, Si Umam kendang leutik, ketukna ku Si Édod. Can ay anu ngigelan, sabab keur urang kalér mah Kembang Gadung téh minangka sanduk-sanduk, teu meunang aya nu ngigelan. Réngsé Kembang Gadung.

“Ayun Ambing, Mang! Kadé sia Utay, ulah ngeplos deui ngagoongan téh!” ceuk Si Ahdi. Si Utay nyéréngéh. Térétét Ayun Ambing.

“Mangga ka payun Jang Ahdi!” ceuk Si Édod.

Si Ahdi ngigel, dingeunah-ngeunah. Teu kapalang gélo. Salila ngigel téh maké jeung ngadegung-degungkeun sirah Si Kartiah sagala, meneran jeung plaktukna. Nu lalajo sareuri.

“Ganti euy ku kendang penca, asa geus lila henteu ulin!” ceuk Si Ahdi. “Tepak tilu, Yat!”

Pakdudingkleung tepak tilu. Si Ahdi meta, bari angger ngaheureuyan Si Kartiah. Dicabakan bujurna, didegungkeun sirahna. Si Kartiah ngégél biwir nahan piceurikeun. Si Ahdi terus menca. Sakapeung dina gerak nangtang ménta lawan, peureupna buleud-buleud baé disanghareupkeun ka Si Jaja, Si Éman, atawa Si Jéjén.

“Lawan, Ja, lawan!” ceuk Si Utay. Si Jaja rampang-reumpeung.

“Hayam kabiri, euy, hayam kabiri!”

Ayeuna mah anu penca téh lain Si Ahdi baé. Babaturan Si Ahdi ogé milu parenca. Pahibut wé. Lain baé milu ngareuah-reuah. Tapi sakapeung mah bari nyiku, nyigeung, atawa ngabadug Si Jaja, Si Éman, atawa Si Jéjén. Nu tiluan teu wani ngalawan, sabab balad Si Ahdi leuwih loba. Si Kartiah mah komo, teuing sabaraha kali menerkeun sampingna ogé, morosot aya nu ngabetot.

Nu lalajo beuki ayeuh-ayeuhan. Si Ahdi beuki motah. Nu tiluan beuki ngeluk. Si Kartiah inghak-inghakan, terusna mah ceurik tarik.

“Méwék siah!” ceuk Si Ahdi bari ngadegungkeun sirah Si Kartiah.

“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh anu nyérangkeun tina jandéla tajug. “Meni ka hésé ngabédakeunana mana anu salah jeung mana anu bener.”

Saha saenyana anu diabringkeun téh? Si Ahdi jeung Si Kartiah? Atawa Si Jaja, Si Éman, Si Jéjén, jeung Si Kartiah? Da geuning Si Ahdi mah kalah motah. Balikanan anu opatan, kawas bueuk beunang mabuk téh lain bohong.

“Nyaan, geus témbong tanda-tanda ahir jaman téh. Geus hésé ngabédakeunana anu salah jeung anu bener. Nu salah bisa meunang ganjaran, anu bener bisa meunang hukuman. Jelema téh geus teu maké deui kana papagon bener jeung salah, boa. Dapon dirina senang baé. Nu salah bisa dirugal-rigel nepi ka bisa dianggap bener. Naon atuh ukuran salah jeung bener jalam ayeuna?” pikiran Ustad Soléh norowéco. “Kawasna mah geus lain papagon agama ….”

Tatabeuhan beuki motah, kadéngéna téh. Ustad Soléh sujud dina paimbaran tajugna.

“Astagfirullohal’adim. Mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya. Sareng mugi Gusti maparin hidayah ka abdi sadaya ….”

Isola, 1991

(Dicutat tina Manglé No. 1316)

 

Pengikut