Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

UJANG PUCUNG

Pabeubeurang, balik ti sakola, aya surat buligir gular-golér dina méja. Henteu maké kop surat. Ditujulkeunana, jelas ka kuring. Dicokot, dibuka jepitan hékterna. Horéng surat ondangan. Eusina ngondang kuring kana acara silaturahmi sakalian ménta pidu’ana yén manéhna arék tandang makalangan dina Pemilu 2009 pikeun jadi anggota DPR RI. Disebutkeun partéyna, urutanana, jeung daérah pemilihanana deuih. Di handapna, aya tanda tangan manéhna jeung ngaran jelas: Ir. H. Ujang Mulyana. Anu matak kuring kapiasem, di handapeun ngaran lengkep, aya tulisan leungeun ku mangsi hideung dina jero kurung. Unina: Murid Ibu, Ujang Pucung téa.

Kagugu jeung kagagas deuih. Teu karasa, aya anu beueus dina kongkolak mata. Masih kénéh inget ka kuring, geuning, masih kénéh nganggap guru ka kuring téh, geuning. Padahal kuring jadi guru manéhna téh basa keur di SD, sakitu puluh taun ka tukang. Padahal ayeuna manéhna geus jadi jalma jugala. Kaasup salasahiji pengusaha suksés di Bandung. Di lembur kuring, malah bisa jadi di kabupatén kuring, moal aya nu bireuk deui ka Bapa Haji Ujang Mulyana mah. Boa sa-Jawa Barat kétang. Ngaranna jeung potrétna mindeng katémbong dina koran. Beungeutna, anu ceuk kuring mah, méh taya robahna ti jaman keur budak, pédah ditambahan kumis ipis, mindeng katémbong dina televisi, dina rupa-rupa acara jeung kagiatan.

Enya, Ujang Pucung.

(Heuheuy deudeuh, sok aya-aya baé hidep mah, Pucung.)

Di lembur kuring loba anu ngaran Ujang téh. Pikeun ngabédakeunana sok dituturkeun ku ngaran kolotna. Ujang Agus, Ujang anakna Pa Agus; Ujang Karim, Ujang anakna Mang Karim; Ujang Jaya, Ujang anakna Ki Jaya; Ujang Amil, Ujang anakna Pa Amil, jeung réa-réa deui. Tapi ari manéhna mah nenggang ti nu séjén: Ujang Pucung, pihartieunana Ujang anu resep nembangkeun pupuh Pucung. Kuring apal kana pihartieunana, lantaran rumasa wé, kuring anu boga dosa ngalandih manéhna kitu téh. Malah sakapeung mah, cukup ku nyebut Pucung baé, teu maké Ujang deui.

Murid Ibu, Ujang Pucung téa, cenah.

(Emh, Pucung, nuhun henteu poho ka Ibu).

Enya, murid kuring manéhna téh. Mimiti kaajar di kelas tilu SD. Manéhna kaasup murid calakan. Hiji mangsa, dina pangajaran basa Sunda, kuring ngajarkeun pupuh. Ari anu diajarkan téh pupuh Pucung. Rumpakana, rumpaka anu geus populér. Ari sababna, salian ti hésé néangan rumpaka séjén téh, kuringna sorangan ngan apal kana éta rumpaka. Anu unina kieu geuning:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Barudak dititah ngapalkeun éta pupuh, sarta minggu hareupna kudu bisa nembangkeun sorangan-sorangan. Dina émprona, manéhna pangheulana ngacung. Ka hareup, ngong tembang. Sanajan sorana henteu halimpu, tapi wirahmana mah bener. Harita ku kuring dipuji. Da enya kudu meunang pamuji tina usaha jeung kawanina. Sabab kuring nyaho, sanajan uteukna éncér, manéhna teu boga anléh kana seni sora. Lain, lain teu boga bakat seni, da ari kana ngagambar jeung nyieun karajinan mah, kawilang alus.

Manéhna kaajar deui ku kuring téh di kelas lima. Tah, harita kuring ngalandi manéhna Si Pucung téh. Lain ngéwa, lain keuheul, ih teu pisan-pisan. Ngan kagugu wé. Atuda unggal dititah nyanyi ka hareup, angger nembangkeun pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Teu galideur ku digeuhgeuykeun, malah sakapeung sok sakalian diheureuykeun. Maenya geura, nembangkeun pupuh Pucung bari jogéd kawas nyanyi dangdut! Babaturanana ager-ageran, manéhna mah kalem wé teu riuk-riuk.

“Hidep mah angger taya robahna ngalagu téh, ti kelas tilu kénéh, hayoh waé pupuh Pucung,” ceuk kuring.

“Atuda resep Ibu,” témbalna.

“Ganti-ganti atuh rumpakana, ulah ‘utamana jalma’ baé!”

“Ah, teu raoseun, Ibu,” cenah.

“Si Pucung wé sugan hidep mah!”

Babaturanana saleuseurian.

Kuring gé teu nyangka, omongan kuring bet jadi panglandi anu napel nepi ka kaluar sakola. Jeung deuih, manéhna ogé kawas anu reueus dilandi Ujang Pucung téh. Hal éta katangén waktu manéhna jadi juara pasanggiri maca sajak antar-SD dina Porseni Kacamatan. Ku kuring diumumkeun di kelas. Ari pokna téh, “Ujang Pucung téa atuh, siapa dulu dong gurunyah ....”

“Huuuhhh ...,” ceuk barudak nu séjén.

Kuring kapiasem.

Ayeuna Si Pucung, Ujang Pucung, aéh Ir H. Ujang Mulyana, jadi caleg DPR RI. Naha henteu cukup kitu ku jadi pengusaha suksés? Engké rék ditanyakeun ka manéhna. Sakalian ménta dihampura, pédah kuring geus ngalandih Si Pucung. Enya, dihenteu-henteu ogé aya ari rasa rumasa salah mah. Atuda sugan téh moal kitu jadina ....

(Emh, Pucung, hidep kudu béak-béak ngahampura ka Ibu.)

Dina waktu anu geus ditangtukeun, kuring datang ka imah Mang Atang, aéh Haji Atang, bapana Ir. H. Ujang Mulyana. Agréng jeung lega ayeuna mah imahna ogé.

Sup ka pakarangan imahna, horéng geus loba jelema. Ti jero imah kaluar lalaki umur 35 taunan, rurusuhan nyampeurkeun kuring. Teu samar, najan awakna jadi lingsig jeung katémbong beresih ogé: Si Pucung, aéh ....

“Ibu, Bapa, aduh .... mangga ka lebet. Kawitna mah ku abdi badé dipiwarang dipapagkeun ka supir ....,” cenah, solongkrong munjungan, cium tangan.

“Ieu téh ....?”

“Pucung, Ibu,” pokna. Enya, tadi gé henteu samar. Ngan bingung, kudu kumaha nyebut ka manéhna ayeuna? Geuning, teu kudu robah. Angger ngabasakeun: Pucung, Ujang Pucung.

Kuring didiukkeun ngaréndéng jeung Bi Haji Isah, indungna. Ari salaki ngaréndéng jeung Mang Haji Atang. Di tengah-tengah antarana, manéhna diuk ngaréndéng jeung pamajikanana. Teu kungsi lila, der baé acara dimimitian. Da cenah nu boga hadas keukeuh, acara kakara bisa dimimitian lamun kuring geus datang!

(Emh, Pucung, dianggap naon atuh Ibu ku hidep téh?)

Acara dijejeran ku Pa Agus, anu sok biasa nga-MC-an di lembur kuring. Teu loba unak-anikna, sanggeus dibuka langsung kana biantara ti sohibul-bét. Capétang perténtang nyaritakeun lalakon hirupna, direumbeuy ku heureuy seger. Suasana karasa hégar. Tapi kuring mah mindeng ngalimba salila ngadéngékeun caritaanana téh. Carita ngeunaan manéhna, anu sabagian gedé kuring geus apal. Ngan henteu saeutik deuih anu kakara apal harita kana jero-jerona.

Manéhna ngamimitian biantara ku nembang. Nembangkeun pupuh Pucung:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Cenah, éta téh lagu anu munggaran ku manéhna diapalkeun enya-enya. Méh unggal usik. Bisa jadi mimitina mah lantaran aya “kawajiban” kudu apal. Lagu anu manéhna henteu sieun ngahaleuang, lantaran dipuji ku guru waktu munggaran ngahaleuangkeunana hareupeun batur. Saterusna, jadi lagu karesep manéhna. Tungtungna, jadi “lagu wajib” manéhna. Lain baé mun dititah nyanyi di kelas, tapi boh hahariringan, boh héhéotan, asa kurang afdol lamun lain lagu Pucung “Utamana jalma kudu réa batur” téh. Nepikeun ka manéhna meunang panglandi Ujang Pucung. Henteu ambek, henteu éra deuih. Duka ku naon, reueus baé nu aya disebut Ujang Pucung téh.

Tina karesep keur budak, bet jadi kabiasaan. Kabiasaan hahariringan atawa héhéotan lagu Pucung téh manjang nepi ka ayeuna. Komo ayeuna mah, sanggeus manéhna ngarasa, yén pangna manéhna bisa suksés téh lantaran lagu Pucung. Lain wirahmana, lain rumpakana, lain dang-ding-dungna wungkul. Tapi gumulung, sumerep-sumarambah jadi jenggléngan palasipah nu miraga-sukma. Bari manéhna sorangan henteu sadar kana prosésna.

(Emh, Pucung, Ibu mah ngan saukur guru SD. Teu nyangka geuning pangajaran Ibu téh gedé pangaruhna keur hidep mah.)

Manéhna bisa ngaréngsékeun kuliah, sasatna mah ditulungan ku babaturan sakampusna. Da ngandelkeun pangasilan kolotna di lembur mah, pimanaeun atuh. Kahirupan kolotna anu jadi buruh tani, geus lain koréh-koréh cok deui, tapi cok koréh-koréh. Ku babaturanana, manéhna dipihapékeun ka emangna anu boga percitakan. Ahirna manéhna bisa kuliah bari digawé di percitakan.

Teu kungsi sataun, antara manéhna jeung dununganana, “silihtitipkeun nya diri”. Manéhna nitipkeun dirina sorangan, ari dununganana nitipkeun diri anakna nu awéwé.

“Nya ka anjeunna abdi nitipkeun pibudakeun téh,” cenah, ditungtungan ku sareuri hadirin.

Réngsé kuliah, manéhna neruskeun usaha mitohana. Tina percitakan dironjatkeun jadi penerbitan, husus nerbitkeun buku-buku pangajaran. Ngaran pausahaanana ogé diganti jadi CV Utama, nyokot tina padalisan kahiji pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Taun 90-an mémang keur meujeuhna booming bisnis buku pangajaran. Tah, harita Penerbit CV Utama mimiti ngajaulna téh, jadi salasahiji penerbit gedé di Bandung. Buku-bukuna sumebar ka sakuliah Indonésia.

Usahana ngarekahan kana widang séjén, nya éta rumah makan. Rumah makan anu munggaran diadegkeun di jajalaneun ti Bandung ka lemburna. Dingaranan Rumah Makan Situ. Cenah, “stu” téh singgetan tina “silitulungan”, padalisan kadua tina rumpaka pupuh Pucung paporitna. Kiwari RM Situ geus muka cabang di sawatara tempat.

Tina rumah makan, ngagilek saeutik kana hotél. Hotél anu mimiti dibeuli ku manéhna téh ayana di salasahiji tempat wisata. Ngaranna diganti. Anu tadina ngagunakeun basa asing jadi Hotél Titip Diri. Cenah dicokot tina padalisan katilu rumpaka pupuh Pucung kameumeutna.

“Ari anu ngawitan ngawanohkeun pupuh Pucung ka abdi, jalmina ogé ayeuna aya di dieu. Tah, Ibu Purma. Sasatna mah, nya anjeunna anu masihan dadasar palasipah hirup ka abdi téh. Hatur nuhun, Ibu,” pokna.

Aya nu nyelek dina tikoro, aya anu beueus dina kongkolak mata. Horéng geuning, kuring teu kudu ménta dihampura pedah geus ngalandi Si Pucung ka manéhna. Da geuning keur manéhna mah malah jadi kakuatan anu luar biasa. Jadi dadasar palasipah hirup, cenah.

(Emh, Pucung, Pucung .... hidep geus mumbulkeun rarasaan Ibu ka awang-awang ka uwung-uwung.)

Karasa aya anu can réngsé cenah dina ngamalkeun palasipah pupuh Pucungna téh. Nya éta dina ngajanggélékkeun padalisan kaopat “budi akal lantaran ti padajalma”.

Bulan Juli taun tukang, manéhna ditawaran jadi caleg ku salasahiji partéy gedé. Haratis, sarta ti mimiti nomer urut nepi ka daérah pemilihanana, bisa milih sorangan. Boa-boa ieu cenah, jalan pikeun ngawujudkeun “budi akal lantaran ti padajalma téh”. Sanggeus dipikiran dibulak-balik, dibeuweung-diutahkeun, disawalakeun jeung kulawargana, dipadungdengkeun jeung babaturanana, éta tawaran téh ditarima. Nyokot daérah pemilihan anu ngawengku lemburna sorangan, bari susuganan manggihan jalan pikeun mulang tarima ka lemah sarakan.

Naon deui atuh? Da ceuk kuring mah geus loba anu dipigawé ku manéhna keur lemburna téh. Kaasup ngaronjatkeun ajén lemburna. Manéhna, ka saha baé ogé, di mana baé ogé, sok ngakukeun dirina pituin urang lembur dieu. Tara ngaku urang Bandung! Éta anu jadi pamujian saréréa téh: teu poho ka purwadaksina.

“Nu mawi ayeuna abdi neda pangrojong sareng pidu’ana ti sadayana. Upami janten anggota déwan téh baris seueur mangpaatna kanggo urang sadayana, mugi-mugi abdi sing kapilih. Upami langkung seueur madorotna, langkung saé ulah kapilih,” pokna.

Najan teu dipénta, najan teu dikurihit, kuring baris ngadukung caleg anu ngamalkeun pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Tong boro ukur jadi caleg, malah jadi cagub atawa caprés ogé, pasti didukung. Siap jadi jurkamna deuih, teu kudu dibayar, teu kudu dibibita ku carita. Lain pédah ka murid sorangan, lain pédah ka batur salembur, lain pédah ka nu loba duit. Lain, lain pédah éta. Lain pédah aya haréwosna deuih, “Ibu sareng Bapa, henteu palay angkat jarah ka Mekah? Ieu mah teu aya hubunganana sareng pemilu ….” Lain, sakali deui, lain pédah éta. Aya nu leuwih teleb ti éta.

(Emh, Pucung, muga-muga hidep salalawasna aya dina rido jeung panangtayungan Gusti Alloh.)


Palataran Wanayasa, 2009

 

Pengikut