Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

HAYAM JAGO BEUREUM

Isuk-isuk, cara sasari, méméh indit ka kantor téh kuring meresihan motor. Keur kitu, digleu-digleu Pa Dadan, Ketua RT kuring, nyampeurkeun bari ngélék hayam jago beureum.

“Ieu téh hayam Pa Hari, sanés?” pokna ka kuring.

“Sanés Pa RT, da abdi mah teu gaduh hayam jago beureum. Anu Pa Enjang panginten, da anjeunna anu seueur hayamna mah.”

“Sanés, nembé téh tos ditaroskeun. Ka Pa Asép, Bi Enung, Mas Kirno, Jang Wawan, malah dugi ka Ki Arip sagala. Sadayana teu ay anu ngaku,” témbalna. “Nyusahkeun pisan hayam téh!”

“Nyusahkeun kumaha?”

Cenah, ceuk carita Pa RT, rebun-rebun Bi Nani geus datang ka imahna bari masrahkeun hayam, anu ayeuna disalabarkeun téa. Duka hayam saha. Geus aya samingguna éta hayam téh mondok moék di kandang hayam Bi Nani. Kawasna baé kabandang ku bikang, lantaran hayam Bi Nani lolobana danten. Aya ogé hayam jago hiji, jajangkar kénéh.

Keun ari soal mondok moék mah, da geus biasa hayam batur ngadon mondok dina kandang urang, cenah, komo hayam jago. Sanajan angger baé ari olok parab mah, kudu. Teu kuatna téh ku bangorna, cenah. Nalaktak leuwih ti misti. Karesepna idek liher di jero imah. Malah mindeng asup ka kamar ogé. Sedengkeun hayam téa, di mana teuing boga cedo, tara ieuh inget kana cokor kotor tas kokoréh di jarian, clé baé kana sepré anu beresih. Lamun hayang modol, crot baé di mana cicingna.

Sakali dua kali masih kénéh bisa dihampura, dianggap wajar. Ngaranna ogé hayam atuh. Tapi lila-lila mah keuheul ogé. Komo deui keunana ka Bi Nani pisan, anu kasebut jeleme resep beresih berséka. Puncakna kakeuheul, tadi cenah. Bada subuh, tara-tara ti sasari, si hayam jago beureum geus nyéngclé dina jandéla kamar Bi Nani. Digebahkeun téh kalah luncat ka jero kamar. Na ari clé téh kana sajadah. Teu cukup ku kitu, crot baé modol di dinya. Mangkaning, cenah, Bi Nani téh rék solat subuh pisan, geus abdas. Harita kénéh hayam téh ditingker ku manéhna jeung salakina, Mang Undang. Katéwak, tuluy baé dikurungan.

“Abong jaman réformasi nya, Pa Hari, hayam ogé hésé diatur,” ceuk Pa RT. Kuring seuri ngadéngé koméntarna.

Kuring kataji ku dongéngna, hayang nyaho teges, tuluy ngilikan – anu ceuk Pa RT mah – hayam jaman réformasi. Buluna beureum luis jeung alus. Jawérna panjang, beresih, taya nu raca tapa diadu. Kawas nu nyaho keur ditaksir, hayam téh kongkorongok. Alus kongkorongokna ogé, cacak lain hayam pelung mah, kaasup lambat jeung halimpu sorana.

“Saé hayamna mah geuning Pa RT, kawasna lain hayam ti urang,” ceuk kuring.

“Puguh gé muhun,” ceuk Pa RT, “tapi ceuk Bi Nani mah tadi, ‘hayam bangkawarah, hayam cekékeun tétélo, hayam parabkeuneun ka careuh. Éta mah teu langkung Pa RT, abdi masrahkeun ieu hayam. Sagala rupana tanggung jawab Pa RT,’ cenah. ‘Ngan upami kapendak raratan nu bogana, ulah dikencarkeun kituh, matak ngaripuhkeun batur. Pokona mah abdi embung ningali deui ieu hayam. Mun aya kalangkang-kolongkong ka rorompok, dilékék harita kénéh’ ceuk Bi Nani téh. Bendu kacida. Kapaksa abdi ngurus hayam bermasalah, hayam anu meresahkan warga,” ceuk Pa RT ditungtungan ku seuri ngahahah. Kuring ogé milu seuri.

Pa RT tuluy amitan. Kuring seuri konéng. Horéng gawé RT téh énténg-énténg bangga. Urusan hayam nalaktak, saenyana perkara teu pira, nepi ka kudu jadi urusan RT. Komo jelema mah.

Sapoé dua poé, taya béjana deui urusan hayam téh. Kuring ogé nganggap geus bérés baé. Hartina geus ay anu ngaku. Barina ogé kétang, kateuteuari mikiran hayam jago batur, mikiran kahirupan sorangan ogé sakieu karasa beuratna. Hahargaan nérékél gancang, ari gajih angger sauted. Ripuh baé nu aya. Lamun seug pamajikan henteu pinter sulap mah, ngarugal-rigel pangabutuh, wah kana raweuy hutang di unggal warung.

Katilu poéna, Pa RT geus datang deui, isuk-isuk kénéh pisan, bari ngélék hayam jago téa. Kuring ogé masih kénéh disasarung, can tatan-tatan keur ngantor.

“Geuning aya kénéh hayam téh, Pa RT?” kuring nanya.

“Nu mawi, Pa, teu acan aya nu ngaku baé. Tos disalabarkeun ka mamana ieu téh. Sadidinten dikurungan, kudu ngurus jeung maraban hayam tak bertuan, repot abdi téh. Kamari mah dileupaskeun, sugan téh rék terus ingkah, rék diintip ka mana léosna, kalah betah di rorompok. Jeung enya deuih bangorna téh. Éta baé sayur sapanci kamari mah teu kapuluk, di dipodolan tah ku si bangkawarah téh. Jadi inget kana paribasa, angeun sapanci dipodolan hayam, antukna dipiceun indung barudak,” ceuk Pa RT. Kaciri ambekna, tapi kumaha baé pamakéna, leuwih loba pikaseurieunana. Kuring ogé seuri.

Anu matak, cenah, tadi peuting geus badami jeung pamajikanana, lamun euweuh nu ngaku baé, hayam téh rék dipeuncit. Tah, lamun engké ay anu mapaykeun, rék dibayar saharga pipanteseunana. Hayam sagedé kitu, cenah, bisa jadi mahal, tapi moal leuwih ti tilu puluh rébu. Harga sakitu, masih kénéh ceuk Pa RT, jelas leuwih murah upama dibandingkeun jeung “pengorbanan moral dan spiritual” ngurus hayam batur teu pupuguh, bari jeung hayamna teu beunang diurus.

“Tah, bilih Pa Hari badé ngersakeun kana dagingna, mangga. Sawios nu tanggel walerna mah abdi,” pokna.

“Mangga,” témbal kuring, “bagi dua baé, engké upama aya nu ngaku, urang bayar ku duaan.”

“Namung bilih kumaha onam, abdi ayeuna badé laporan heula ka RW. Muhun Pa Nanang. Da kalah kumaha ogé, ari wawartos mah kedah, sanés?”

“Saé,” témbal kuring.

Ka Pa Dadan téh kuring mah muji ku taraptina. Dina sagala urusan éta téh. Bisa jadi éta salasahiji sababna anu matak ayeuna manéhna jadi RT. Teuing sabaraha periode. Anu jelas, ti barang kuring pindah ti Bandung ka dieu, geus aya kana sapuluh taunna, manéhna geus jadi RT. Mana kitu ogé meureun kapaké ku wargana, kaasup kuring.

Balik ti kantor, pasosoré, kuring dahar jeung sop. Bukurna daging hayam. Ceuk pamajikan, cenah daging hayam ti Pa RT. Hayam jago beureum téa, cenah dipeuncit. Dagingna dibagi tilu, da cenah Pa RW ogé ngersakeun. Ari mayarna engké lamun aya anu mapaykeun. Kaasup sabaraha-sabarahana. Jangji ditanggung ku tiluan: kuring, Pa RT Dadan, jeung Pa RW Nanang. Kuring yakin éta hayam téh aya nu bogana, pasti bakal aya nu mapaykeun.

Isukna, poé Jumaah, bada Isa Pa RT ngahajakeun nganjang ka imah. Kaperluanana kawas anu teu pira, ngabadamikeun soal hayam jago beureum téa. Geuning bet aya buntutna, ceuk Pa RT. Tadi pabeubeurang, bada Jumaahan aya nu mapaykeun hayam jago beureum: Bu Lia.

“Bu Lia Pa Hérman?”

“Muhun Bu Lia éta,” témbal Pa RT, “Abdi rumaos kurang pariksa, margi teu nyangka téa yén Bu Lia kaguangan hayam. Apan di bumina ogé sakitu barérésna, sareng deui teu acan kantos kabéjakeun ngukut hayam. Ngota pisan anjeunna mah. Nu mawi waktos nyalabarkeun hayam téa, kalangkung ku abdi téh.”

“Leres, asa tararebih Bu Lia ngukut hayam mah. Kumaha atuh saterasna? Panginten kedah ngartosan, nya? Kedah sabaraha abdi mayar?”

Ditanya kitu, Pa RT kalah seuri maur. Nu matak cenah, éta anu jadi bingung téh. Keun lebah ngagantian, da geus kitu jangji tadi, ngan lebah hargana anu matak teu kaharti téh. Bu Lia ménta ganti saratus lima puluh rébu pérak. Da sakitu cenah waragad anu dikaluarkeunana pikeun meunangkeun éta hayam téh.

“Atuh éta mah sami sareng harga anak domba!” ceuk kuring.

“Taktagé kitu,” ceuk Pa RT bari angger seuri maur.

Jadi meureun, lamun dibagi tilu téh, kuring kabagéan lima puluh rébu pérak. Euleuh, mahal teuing atuh. Henteu sabanding jeung lobana daging, jeung deuih enya ogé hayamna alus, da dagingna mah geus rada liat. Nya lamun hayam adu mah, atawa hayam bangkok, bisa jadi. Ari ieu, apan hayam biasa, hayam sayur, hayam lisung. Anu di pasar mah dina mahalna ogé moal leuwih ti lima puluh rébu. Boa mahal teuing sakitu ogé.

“Ké, anu saleresna hayam naon, sareng turunan déwa naon, dugi ka pangaosna sakitu téh?” kuring panasaran.

Cenah éta téh hayam sarat, hayam tumbal. Meunang tatanya ti Kalér. Jadi lain hayam samanéa. Mun rék digantian kudu ku hayam anu ules kitu deui, hayam beureum ngeplak dina dadasar bulu hideung meles. Kudu hayam jado deuih, ulah jajangkar kénéh, sarta ulah kolot teuing. Barina ogé, cenah, lain hayamna baé anu matak mahal téh, tapi jampé pamaké anu diterapkeun kana éta hayam. Duit saratus lima puluh rébu, ceuk Bu Lia ka Pa RT, ngan ukur wujud fisikna. Lamun dihargakeun jeung “eusina”, bakal tikel dua-tilu ti sakitu. Néangan “wujud” hayamna ogé geus hésé, komo “eusina” meureun. Sabab, bisa jadi, aya patalina jeung kayakinan. Dina seuhseuhanana mah, éta apan, enya parebut bebeneran soal kayakinan anu matak jadi reuweuh-reuweuh di sababaraha témpat téh.

“Urusan hayam gé janten rumit upami tos kaselapan unsur kayakinan mah,” ceuk kuring.

“Leres éta téh Pa Hari, malah tiasa-tiasa janten perkara SARA,” Pa RT mairan.

Bu Lia keukeuh teu bisa dionggét-onggét. Basa dijéntrékeun sabab-musababna pangna éta hayam dipeuncit, ditéték ti mimiti nepi ka ahir, cenah ceuk Pa RT kalah beuki neugtreug. Ngésék-ngésékkeun Pa RT. Jadi pamingpin kurang maliré kana kaayaan wargana, henteu asak jeujeuhan, jeung sajabana. Mun ditéték mah, kuring ogé anu narima béjana, milu teu ngeunah. Komo basa nyebutkeun yén RT, RW, jeung tokoh masarakat – moal salah kuring anu dimaksudna téh – aya kolusi: ngagasab banda rahayat anu lain hakna! Bu Lia ngancam rék ngalaporkeun éta kajadian ka Pa Lurah. “Lamun perlu ka pangadilan!” cenah.

Tah, ieu anu matak hareneg téh. Dituduh aya kolusi! Padahal ceuk rarasaan, saméméh réformasi ogé kuring mah geus anti-KKN, ari basa keur kuliah kénéh mah, malah pamajikan kuring ogé sasatna mah beubeunangan tina KKN nu éta. Anu beurat mah éta disebut ngagasab banda rahayat anu lain hakna. Beu! Tina hayam kana banda rahayat, enya ogé aya benerna, tapi da karasa ganjor pisan bédana.

Ku Pa RT ogé cenah, éta téh geus dilaporkeun ka Pa RW. Pa RW mah kalem baé nyanghareupanana. Kabayangna ku kuring bari imut ngagelenyu, da kitu pamakéna. Pokna gé cenah, mun téa mah enya nepi ka dibawa ka pangadilan, aya alusna. Sugan wé jadi terkenal. “Urusan kitu mah sipil atuh, bébérés wé ku RT. Lamun teu bisa, kakara bawa ka dieu,” cenah.

Lain mokahaan, da mémang kitu biasana ogé, lamun urang boga hayam dikencarkeun, hég balik téh geus pincang, tara ieuh mapay raratan saha nu mincanganana. Surti baé, hayam urang anu salah. Bisa jadi lantaran ngaranjah pepelakan atawa ngahakanan poé pare batur. Cindekna mah hayamna nu bangor. Da piraku atuh aya jalma teu pupuguh malédogan hayam, ari lain anu pangangguran atawa anu édan mah. Kitu deui lamun aya hayam milu ngéndong dina kandang urang, umumna lantaran kabandang ku bikang, tara geruh. Da biasana sok balik deui ka kandangna sorangan.

Mémang ari hayam jago beureum Bu Lia mah béda deui kasusna. Ngan upama ditilik tina jihat kabiasaan sawajarna, asa teu kudu jadi perkara gedé. Salah-salah teuing ogé henteu, da geus disalabarkeun. Hanas Bu Lia kaliwat, éta mah kasalahan manusiawi. Sabab sakumaha taraptina ogé Pa RT Dadan, kudu baé aya kaliruna, da lain malaikat. Anu héran téh, naha atuh mani euweuh hampurana? Jeung maké ngambat ka dieu ka dieu. Naha pédah hayam sarat kitu?

Tah, éta anu jadi pikiran kuring jeung Pa RT saterusna téh. Malah samulangna Pa RT, éta hal jadi catur kuring pamajikan. Sarat naon? Tumbal naon? Nyaratan jeung numbal saha deuih?

Bu Lia téh asli urang dieu. Lila ngumbara di Jakarta. Kurang leuwih tilu taun ka tukang, balik deui ka dieu, enya ka lemburna. Ari sababna, cenah lantaran capé nunutur salaki anu harita mah mindeng dipundah-pindah gawé ku kantorna. Mimitina ti Jakarta. Ti dinya dipindahkeun ka Semarang. Teu lila pindah deui ka Bandung. Méméh ditarik ka kantor pusatna di Jakarta, kungsi sataun naratas cabang anyar pikeun wilayah Priangan Timur di Tasik. Ayeuna gawéna matuh di Jakarta. Kitu katerangan pamajikan kuring, anu mémang mindeng babarengan ari nganteur budak di TK.

Ari salakina, Pa Hérman, cenah ayeuna geus jadi “branch manager” di pausahaanana, salasahiji pausahaan asuransi nasional. Balikna matuh saminggu sakali. Poé Saptu datang, Minggu sore atawa Senén balik deui ka Jakarta.

Numbal naon atuh Bu Lia téh? Lamun hayang jabatan atawa pakaya, ceuk kuring mah asa kurang kumaha. Hayang naon deui atuh? Katémbongna mah sagala nyampak. Jauh tina kakurang. Teuing kétang ari jero-jerona mah, keuna kana paribasa ‘gunung luhur bisa diukur, laut jero bisa dijugjugan ….

Geus gilig diniatan, pagéto mah kudu ngahajakeun datang ka imah Bu Lia. Ngahaja diniatan pagéto, ambéh Pa Hérman aya kénéh. Ceuk itungan kuring, Pa Hérman mah bakal leuwih bisa diajak nyarita tibatan pamajikanana. Paling copél, henteu ngagegedékeun émosi jeung rarasaan. Kalah kumaha baé ogé, ieu masalah téh kudu buru-buru diréngsékeun. Ulah nepi ka papanjangan, anu antukna ngabengkahkeun hubungan tatangga. Da dihenteu-henteu ogé, boh kuring boh Pa RT, kitu deui Pa RW, masih kawilang tatangga nu deukeut jeung Lia téh. Komo jeung kuring mah, ukur nyégog sasuhunan ti paeunteung-eunteung.

Poé Minggu, rérés ngajak budak jalan-jalan kuring nganjang ka imahna Bu Lia. Kasampak Bu Lia keur ngadaray-daray buukna. Geus diangir meureun. Nénjo kuring paromanna marahmay, taya riuk-riuk nu geus ambék bébéakan. Taya pasemon ceuceub, komo mun dipatalikeun jeung tuduhanana mah yén kuring téh cenah geus kolusi jeung pejabat RT-RW ngagasab banda rahayat anu lain hak!

“Aéh, Pa Hari, mangga ka lebet! Abdi mah asa kagunturan madu kasumpingan Pa Hari téh. Badé ka pun lanceuk? Ké, nembé téh nuju di jamban. Mangga atuh ka lebet!” pokna soméah, daréhdéh.

“Ah, badé ka Ibu wé sakantenan sareng ka Bapa,” témbal kuring. Rada ngarengkog ogé, ku teu disangka-sangka téa, boro tadina mah geus setél kenceng.

Gék kuring diuk dina korsi empuk. Ditaksir, moal beunang saehm hargana ogé.

Torojol Pa Hérman. Sarua hégar jeung marahmayna jeung pamajikanana. Tuluy ngobrol sabulang-béntor. Sanggeus karasa cukup mangsana, kakara kuring nyaritakeun maksud anu sabenerna pangna datang ka dinya.

“Nu mawi abdi dongkap ka dieu téh, aya anu badé ditaroskeun.”

“Mangga, perkawis naon, Pa Hari?” Pa Hérman nanya.

“Perkawis hayam ….”

Can gé tamat kuring nyarita, geus ditempas mantén ku Bu Lia, “Atos perkawis éta mah, atos dicarioskeun ka Pa RT. Tadi téh sateu acan Bapa sumping, Pa RT ka dieu. Ku abdi parantos dicarioskeun sagala rupina.”

“Janten kumaha atuh?”

“Muhun, taroskeun wé ka Pa RT!”

“Aya naon sih, Mah?” Pa Hérman nanya, kawasna mah teu nyahoeun masalahna. “Tadi téh aya Pa RT ka dieu? Naha atuh henteu ngawartosan Papah?”

“Da Papahna kulem kénéh. Tos, ah! Engké ku abdi dicarioskeun sagala rupina. Pokona mah Pa Hari kedah ngahapunten ka abdi, tos wé!” ceuk Bu Lia, paromanna semu beureum kawas nu kapiring leutik.

Teu kapapanjangan, kuring amitan. Tuluy baé ka Pa RT, panasaran hayang nyaho caritaan Bu Lia tadi isuk.

“Alhamdulillah, hayam téh teu kedah digentosan, malah saurna, upami aya kénéh mah badé dipasihkeun deui ka urang,” ceuk Pa RT.

“Ké, ké, kumaha dongéngna éta téh Pa RT, dugi ka tiasa tibalik saratus dalapan puluh darajat kitu?” kuring beuki panasaran.

Méméh ngajawab Pa RT seuri heula kawas nu kayungyun.

“Atuda Bu Lia mah aya-aya baé, kawas nu lain ti sakola luhur.”

“Kumaha kitu?” kuring beuki panasaran.

Cenah hayam jago beureum téh tumbal beunang tatanya ti urang Kalér (lebah dinya kuring geus nyaho). Pédah salakina boga panyakit (baruk boga panyakit?). Panyakit biasa baé, panyakit lalaki (oh, lemah sahwat meureun). Geus aya kana dua bulanna “gawéna” téh kurang hadé, pokona mah henteu bisa nyugemakeun pamajikan (mangkaning Bu Lia téh keur meujeuhna …). Pikeun ngungkulanana Bu Lia tatanya (heuheuy, geuning anu ngota téh resep dudukun). Diparancahan bari dibéré tumbal ku hayam téa (oh, jadi éta téh hayam tumbal kasakit peluh, paingan bangor!).

Tayohna mah Pa Hérman gé sadar kana panyakitna. Barang datang ti Jakarta, cenah bébéja ka Bu Lia yén Pa Hérman geus konsultasi jeung dokter perkara panyakitna téa. Ceuk dokter lantaran capé teuing, utamana capé pikiran (stress meureun). Terus baé ngajalankeun térapi anu dianjurkeun ku dokter (ari hasilna?).

“Tadi téh énjing-énjing abdi nepangan Bu Lia. Teu acan gé abdi sasanggem, tos hahapuntenan. Ayeuna mah tos alhamdulillah, saurna téh,” ceuk Pa RT.

“Dupi hayam téa?”

“Anjeunna sok kaisinan upami nyabit-nyabit hayam jago téh. Malih sok disalénggorkeun. Perkawis hayam mah atos baé, mung omat saurna téh teu kénging ay anu terangan salian ti urang tiluan. Malih upami kirang kénéh mah engké dikintun deui.”

“Da tos alhamdulillah téa panginten nya,” ceuk kuring. Pa RT seuri ngahahah.

“Paingan atuh abdi dongkap ka bumina téh anjeunna nembé bérés diangir sareng marahmay deuih.”

(Tina Manglé No. 1792)

Comments :

0 comments to “HAYAM JAGO BEUREUM”
 

Pengikut