Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

LILIN GEUS PAREUM

Acan tunduh saenyana mah manéhna téh. Tapi ari rék diteruskeun lalajo televisi, taya pikaresepeunana. Saluranana geus dipundah-pindah, sarua baé. Boh TV pamaréntah, boh TV partikelir, nyiarkeun acara “Laporan Khusus”.

Ari televisi dipareuman, taya alesan pikeun terus cicing di dinya. Diuk di patengahan, ambéh bisa nalingakeun anu keur galuntreng di ruang tamu. Ngahaja manéhna ogé diuk dina tempat anu sakirana henteu matak kagok, boh keur nu di ruang tamu, boh keur manéhna. Anu penting, anu keur paduduaan di ruang tamu téh ngarasa yén aya jalma katilu di dinya. Lain teu percaya ka anak sorangan, tapi sahenteuna wé atuh anakna téh awéwé. Parawan meujeuhna. Malah leuwih ti meujeuhna mun nilik kana umurna mah. Geus méh salawé taun. Taki-taki mah kudu, ngajaga kamungkinan anu panggoréngna.

Leuh, tada teuing aébna mun anakna aya kabéjakeunana. Manéhna ogé tangtu kaciwit kulit kabawa daging. Meureun ceuk batur téh, “Anak saha nu reuneuh jadah?”

“Éta Néng Yani putra Pa Rustandi.”

“Pa Rustandi RW?”

“Enya éta.”

Tuh, nya, jabatan kolot ogé kababawa. Mangkaning tangtuna ogé moal ukur sakitu. Baris aya tuluyna. Enya ogé ukur RW, da pamingpin masarakat atuh. Mana dijadikeun RW ogé, tandaning dipercaya ku masarakat. Kangaranan pamingpin, hade jadi omong goring jadi omong.

Enya, anakna nu keur guntreng di ruang tamu téh. Anakna anu bungsu. Awéwé. Kuliah di Bandung, jurusan Akuntansi di salasahiji paguron luhur. Tadi soré datang ka dieu, ka Purwakarta. Ngan aya bédana ti sasari, datangna téh bari mawa lalaki. Mémang lain sakali baé aya lalaki anu datang ka anakna téh. Anu remen datang ogé kungsi. Tapi da tara meuting cara ayeuna. Cenah babaturanana sakampus, ngan béda jurusan jeung béda fakultas. Ngaranna Wawan, cenah. Papanggih alatan sakaresep, papada resep téater. Babarengan jadi anggota téater di kampusna.

Ukur kitu. Henteu kapapanjangan tatanya. Terusn mah ngobrol sakumaha biasa jeung nu anyar panggih. Tapi, pirasat kolot mah seukeut. Lalaki anu ayeuna dibawa ku anakna téh, lain ukur babaturan biasa. Aya leuwihna ti kitu. Béda tina rindat jeung kelétna ogé.

Ayeuna, anakna keur ngobrol paduduaan jeung lalaki anu cenah babaturanana téa, di ruang tamu. Sakapeung tingkecewis, sakapeung kadéngé obrolanana téh, sakapeung sareuri. Nu kadéngé ku manéhna téh, obrolan ngeunaan téater, ngeunaan babaturanana, ngeunaan dosén-dosénna. Tapi loba anu teu kadéngéna ogé. Geus kabadé, moal henteu ngobrolkeun dirina masing-masing, ngobrolkeun urusan maranéhanana duaan. Bisa jadi, ngobrolkeun aing deuih, ceuk pikir Pa Rustadi.

Surti lebah dinyana mah. Anakna téh geus déwasa. Geus meujeuhna milih-milih rabi mindah-mindah rasa. Da piraku sugan ari rék lalagasan baé mah. Tapi naha aya rasa anu béda karasana ku manéhna nyanghareupan mangsa sawawa anakna nu bungsu mah. Pédah awéwé kitu? Sabab ari lanceuk-lanceukna mah tiluanana ogé lalaki. Pédah ka anak anu pangdipikanyaahna kitu? Anak awéwé hiji-hijina, anak beunang hayang pisan. Maké aya rasa hariwang jeung melang. Lain, ka anakna nu lalaki ogé lain henteu hariwang jeung henteu melang, lain kitu. Ngan rarasaan téh ganjor pisan bédana. Pédah aya anggapan yén awéwé mah heureut deuleu pondok léngkah? Lain éta kawasna mah. Tapi kanyaah nu jadi bapa ka anakna nu awéwé. Kanyaah nu dibarung ku rasa tanggung jawab dunya ahérat.

Enya kawasna mah, aya rasa tanggung jawab dunya ahérat. Keun ari di dunya, omong manusa bisa laas ku mangsa. Tapi di ahérat? Aing ogé kababawa, ceuk pikirna.

Manéhna ngahuleng. “Laporan Khusus” can réngsé kénéh baé. Éh, na aing téh bet kawas nu teu percaya ka anak? Haténa ngajak norowéco deui. Goréng-goréng ogé anak aing téh sok salat. Rarasaan mah, cukup dibéré pendidikan agama téh. Keur leutik, sok dititah ngaji, malah kungsi hatam Kur’anna ogé dua kali. Enya dua kali. Jeung deuih, lamun enya mah anak aing rék migawé pagawéan nirca, teu kudu di dieu, teu kudu di imah kolotna. Di Bandung ogé laluasa, jauh tina panalingaan kolot, bisa jadi moal pati ditalingakeun ku tatangga deuih. Di imah kontrakanana, atawa di mana baé ogé bisa. Upama nilik kana paroman jeung réngkakna, babaturan lalakina ogé bageur katémbongna mah. Hadé tata hadé basa. Sopan. Dina rupa, moal nilam jeung anak aing mah. Itu kasép anak aing geulis. Manéhna imut ngagelenyu. Lucu. Kayungyun.

Hampura Yani, Bapa geus goréng sangka, ceuk gerentes haténa. Manéhna kapiasem sorangan. Naha atuh tadi mah bet hariwang-hariwang teuing? Bet melang-melang teuing? Kasieunan. Sieun kababawa goréng ku nu can puguh goréngna. Égois kitu? Baé da éta mah tadi. Ayeuna mah henteu Yani, henteu. Sok wé ngobrol mah. Bapa percaya, anjeun mah anak Bapa, moal ngalakukeun hal-hal anu matak ngérakeun Bapa.

Jung manéhna nangtung. Ngarongkong power televisi. Cetrék dipareuman. Di ruang tamu kadéngé sora méja kadupak. Manéhna imut surti. Lah, paling-paling ogé kadupak suku anu dikejetkeun.

“Geuning dipareuman, Pa?” ceuk anakna.

“Lah, teu ramé, Laporan Khusus jeung lila deuih,” témbalna.

“Muhun, sok lami baé ayeuna mah. rupina badé mayunan pemilu,” Wawan mairan.

“Biasa. Upami badé istirahat mah, di kamar payun nya. Tos dibérésan kamarna?”

“Atos,” témbal anakna.

“Duh, ieu téh téh kalah ngarérépot wé nya,” ceuk Wawan.

“Ngarérépot naon. Puguh rorompok téh, butut-butut ogé da lega. Tapi kapungkur mah waktos lanceuk-lanceukna Yani can rimbitan, kamar tilu téh asa dukdek. Kamar payun mah, tara dieusian pisan, paranti kitu wé upami aya tamu. Kamar nu itu, sok dianggo ku Yani ari ka dieu. Kitu gé ayeuna mah tara nitih sabulan sakali sabulan sakali acan ka dieuna téh.”

“Atuda riweuh. Komo ayeuna mah mayunan ujian sidang,” témbal anakna, embung disalahkeun.

“Enya riweuh téa mah. Cik ceuk urang mah surat-surat atuh, ulah lebeng teuing. Ieu mah geura Cép, mani tara nyuratan-nyuratan acan. Indungna mah wani sok hariwangeun pisan éta téh.”

“Nu penting mah salamet wé nya, Kang Wan.”

“Enya ari kitu téa mah. Malum, kolot ka anak atuh, sok hariwang baé ari geus lila teu manggih béja téh.”

Anakna kalah nyeukeukeuk. Wawan ogé ngahéhéh.

“Sok wé Cép Wawan, Bapa mah badé istirahat heula,” ngomong kituna téh bari leumpang. Sup ka kamarna. Kamar anu di tengah. Kabeneran, pagigir-gigir jeung ruang tamu.

Lampu kamar geus dipareuman, ukur kacaangan ku sinar lampu ti ruang tamu nu nyulusup kana liang angin kamarna. Pamajikanana geus ngagolér.

“Pa,” ceuk pamajikanana.

“Can saré?”

“Teu acan. Tos wawartos ka Pa RT?”

“Naon?”

“Aya nu ngéndong.”

“Enggeus tadi di masigit. Ceuk Bapa téh, RT di imah aya babaturana Si Yani ngéndong. Najan Bapa RW ogé, da bébéja mah kudu wé, bisi aya nanaon.”

“Leres. Teras kumaha saur Pa RT téh?”

“Kalah malik nanya. ‘Tamuna istri pameget?’ Ceuk Bapa téh, ‘Lalaki.’ Pokna téh, ‘Atuh panginten Pa RW téh téréh hajat deui, nya?’ ‘Naon kitu?’ ‘Muhun nikahkeun Neng Yani.’ Ah, dasar si RT, ari nyarita téh sok ka mana baé. Ceuk Bapa téh, ‘Ah, na ari nanaon téh, enya ogé lalaki, da babaturanana sakampus.’ Kalah seuri dikitukeun téh,” ceuk manéhna.

“Muhun nya, Pa!”

“Muhun naon? Ujug-ujug muhun wé teu pupuguh.”

“Muhun anak urang, Si Yani, babaturan ulinna mah geus rarimbitan. Panungtungan téh Si Popon, apan tos kawin taun kamari.”

“Enya. Teu karasa, geus sawawa wé si bungsu téh. Sugan jeung Ema geus ngobrol-ngobrol?”

“Upami serieus mah teu acan. Mung ti payun, waktos sasih kamari ka dieu téa geuning, ku abdi téh diheureuyan. ‘Ari Yani can mikir-mikir hayang boga salaki?’ Ari walonna téh, ‘Duka atuh.’ ‘Ari Yani geus boga kabogoh?’ ‘Aya wé.’ Ku abdi téh ditaroskeun saha-sahana. Kawitna mah teu ngawartoskeun. Ari lami-lami nyebatkeun, yén tos gaduh cenah calon mah, urang Panjalu. Sakitu wé, da teu kateterasan.”

“Urang Panjalu mah atuh, Cép Wawan ogé urang Panjalu.”

“Wawan éta?”

“Enya.”

“Tadi henteu nyarios nanaon ka Bapa?”

“Henteu.”

“Katingalna mah sakitu uplekna.”

“Ih, ngobrol ogé, ngobrol kitu wé ngalor-ngidul. Lain euweuh curiga éta ogé, da pirasat mah boga, ngan rék ditalék téh sieun kapiring leutik. Keun urang dagoan wé kumaha kahayangna. Da lamun enya ogé rék enya-enya, piraku henteu betus.”

“Saupamina ieu mah nya, Pa. Saupamina leres calon Si Yani téh éta, Bapa satuju atanapi henteu?”

“Nya ari geus jodona mah piraku teu satuju. Bapa mah moal magak kahayang anak. Asal bener. Jeung deuih, katémbongna mah bageus budakna téh.”

Jep baé. Masing-masing ngumbar lamunanana. Di ruang tamu sakapeung kadéngé nu tingkecewis, sakapeung kadéngé atra obrolanana, sakapeung simpé. Anéh, bet aya rasa nu anéh dina dada manéhna mun pareng simpé téh. Rasa anu bijil tina surti sarta dipapantes ku pikiranana sorangan. Boa-boa, boa-boa ….

“Oho-oho!” teu karasa manéhna babatukan.

“Aya korék api, Yan?” teu kungsi lila kadéngé ti ruang tamu Wawan nanyakeun korék api.

“Aya, ké nya urang bantun heula,” kadéngé anakna némbalan. Gesruk-gesruk, sora sendal semu digusur. Leumpang ka paebah bupét, kadéngé mukaan lacina. Matuh da di dinya tempat korék api jeung sabangsana téh. Srek laci ditutupkeun deui kadéngéna téh. Cetrék nyetél televisi. Teu lila. Dipareuman deui wé.

“Acara naon, Yan?”

“Pilem cerita ahir pekan. Badé nongton?”

“Pilem naon?”

“Duka, da pilem Indonésia.”

“Ah, paling-paling ogé pilem tos burem, atanapi pilem petuah petatah-petitih. Ari di RCTI naon?”

Cetrék disetél deui.

“Iklan.”

“Moal, ah.”

Cetrék dipareuman deui.

Nu di kamar ngarénghap. Sugan téh lalajo televisi. Paling copél aya alesan pikeun manéhna kaluar deui ti kamarna. Pokona mah ulah nepi ka simpé, bari nyaho aya dua mahluk lalawanan, anakna jeung sémah lalaki, nyaring paduduaan. Enya, kahayang manéhna. Kahayang an béda jeung kahayang anakna kadua sémah lalaki, tangtuna gé. Tétéla lain ngan saukur babaturan anakna éta sémah téh. Pirasatna henteu nyalahan, sarta beuki yakin sanggeus ngadéngé caritaan pamajikanana. Rét ka pamajikanana, nyileuk kénéh. Sarua kitu rarasaanana jeung aing?

Gesruk-gesruk sora sandal semu digusur ka ruang tamu.

“Kanggo naon maké nyandak lilin sagala?” kadéngé Wawan nanya. Heueuh, da dina laci éta téh sagala aya. Aya korék api, aya lilin, aya sénter, aya gunting. Enya, keur naon atuh anakna make mawa lilin sagala?”

“Nya kanggo diseungeut, piraku badé dianggo susuguh mah,” témbal anakna. Wawan seuri. Tuluy kadéngé tingkecewis. Najan ceulina teu sirikna dirancung-rancung ogé, teu kadéngé écés naon anu diomongkeunana téh. Anu jelas, ditungtungan ku sareuri.

Cekés, kadéngé korék api dicekéskeun. Kaciptana téh dipaké nyeungeut roko. Tapi manéhna ngarénjag basa lampu di ruang tengah pareum. Dituturkeun ku pareumna lampu di ruang tengah. Teu lila, tina liang angina kamarna nyulusup cahaa lilin. Diganti ku lilin geuning.

“Raos nya Kang, mani asa daméy,” kadéngé sora anakna.

“Romantis.”

“Muhun.”

“Éta rupina mah anu matak parasufi sok ngajantenkeun lilin jadi symbol dirina ogé.”

“Kumaha kitu, Kang?”

“Mangga wé aos dina sajak-sajakna. Lilin téh sakapeung sok dianggo simbol dirina anu nyaangan batur ku cahaya cinta, bari teu maliré kana dirina anu jadi korban éta cahaya. Sakapeung jadi symbol cahaya anu dijugjug. Ari dirina diibaratkeun rametuk, anu hayang ngahontal éta cahaya. Ana kahontal, rametuk kabeuleum.

“Lilin, rametuk, sareng anggur sering kapendak dina sajak-sajak sufi mah. Nyeuseup cinta disamikeun sareng nyeuseup anggur nu matak mabok. Tapi di dinya cenah éndahna cinta téh. Tangtos wé sanés cinta asmara sapertos urang. Tapi cinta anu paling hakiki. Cinta ka nu pangpantesna dipikacinta, cinta ka Sang Maha Sagalana. Da cenah mahluk mah taya daya upaya, upami teu tanpa cinta Anjeunna.”

“Jero ogé nya, Kang, palasipah lilin téh.”

“Ah, sagala rupa ogé upami dijero-jerokeun mah, tangtos jero. Didéétkeun atuh déét. Gumantung ka nu ngajerokeun sareng ngadéétkeunana wé. Sapertos ….”

“Sapertos naon?”

Manéhna anu milu ngadéngékeun caritaan Wawan ngeunaan lilin ogé ngarep-ngarep jawaban panalék anakna. Tapi lain jawaban Wawan anu kadéngé téh. Kalah nyikikikna seuri anakna. Jawabanana diharéwoskeun meureun mana teu kadéngé ku manéhna ogé.

“Ih, sebel! Kitu baé Kang Wawan mah!” kadéngé sora anakna.

Manéhna panasaran, sapertos naon Yani anu sebel téh? Sapertos naon anu kitu baé téh?

“Janten engké mah mending jero, supados kakobét palasipahna,” kadéngé sora Wawan. Anakna seuri deui.

Naon anu kedah jero téh? Na ari saméméhna déét kitu, make nyebut engké mah sagala? Haténa make dibarung ratug sagala marengan pikiranana anu norowéco téh.

Beuki lila anu ngalobrol téh beuki lalaunan. Beuki lila, sareurina ogé siga nu dipengkek. Beuki lila remen paselang jeung simpé. Beuki lila, simpé anu leuwih lila téh. Beuki lila, nu di jero kamar nénjokeun cahaya lilin kakalicesan. Panonna neuteup kana lalangit kamarna. Rét ka pamajikanana, katémbong gulinggasahanana.

“Jam sabaraha ieu téh?” manéhna ngaharéwos ka pamajikanana.

Pamajikanana cengkat, nyidik-nyidik béker.

“Satengah satu.”

“Geus peuting,” duka kadéngéeun duka henteu ngomongna kitu ku pamajikanana téh.

Teu lila, ujug-ujug pes baé cahaya lilin téh pareum.

“Bapana!” ceuk pamajikanana bari neuteup lewang. Angenna beuki motah tutunggulan.

“Enya, isukan mah urang talék,” témbal manéhna halon. Teu karasa manéhna déhém.

(Dicutat tina Manglé No. 1365, 27 Agustus 1992)

KATALIMBENG ANGEN-ANGEN

Tintin anjeucleu hareupeun kaca toalét. Sakali deui leungeunna ngarongkong kana tempat kosmétik, nyokot lipensetip Mustika Ratu nomer 6. Terus dipulaskeun kana biwirna, lalaunan. Dipelong, ditéléng. Runya-renyu, biwirna diengabkeun saeutik, dilétak ipis ku létahna. Dipelong deui, ditéléng deui. Piraku sugan salakina teu uruy. Apan baheula mah resepeun pisan kana ieu biwir mun geus dilipensetipan modél kieu téh. Boh keur mangsa hahadéan, boh mangsa anyar kawin. Sok terus dicoo, diusapan, jeung sajabana-jeung sajabana.

Kadéngé ti luar Si Nénéng ceurik.

“Ésiiih, ku naon éta Si Nénéng?”

“Hoyongeun balon, Ibu!” témbal Ésih ti tepas.

“Meuli atuh! Yeuh, duitna!”

Ésih nyampeurkeun, muka panto kamar dununganana, terus ngajanteng di lawang bari ngais Si Nénéng nu inghak-inghakan. Tintin nyampeurkeun. Mikeun deuit limaratus pérak. Terus ngusapan sirah anakna.

“Nénéng ameng di payun, nya, sareng Bi Ésih. Ngantosan Apa, nya!”

Budak unggeuk, celengok pipina dicium.

“Ésih, bawa ulin di hareup. Tong jauh nya!”

“Mangga.”

“Keun wé méja makan mah, ku Ibu engké dibéréskeun. Geus digantitaplakna?”

“Atos.”

“Heueuh. Jung Nénéng ameng sareng Bi Ésih, mésér balon. Tong nangis nya!”

Budak unggeuk. Ésih indit bari ngais Si Nénéng. Panto kamar ditutupkeun deui ku Tintin.

Reg eureun hareupeun kaca. Tintin ngajanteng neuteup awakna nu sampulur konéng. Ngangigir, terus nukang. Kawas peragawati, geuning, nangtang tandang. Nyéh imut sorangan. Inget deui, mun geus kitu salakina sok katutuluyan. Ngaharéwos bojong, napasna karasa panas ku héabna kanyaah.

“Teraskeun ulah ieu téh?” Biasana Tintin ngajawab ku isarat raga tumarima.

Tapi éta mah baréto, basa anyaran kawin, basa méméh boga Si Nénéng. Ayeuna mah geus loba robahna. Geus aya taunna. Éta wé saprak Si Nénéng léléngkah halu, ayeuna geus opat taun jalan. Saprak salakina diangkat jadi Kepala Bagian Pemasaran di kantorna. Mun rék indit ka kantor kawas aya nu ngarurusuh. Balikna geus teu tangtu, ari datang boro-boro bisa heureuy, malah kawas nu embung pisan diajak nyarita gé. Malah kungsi salakina nyereng tina hal anu teu pira, ceuk Tintin mah. Harita téh salakina karék datang ti kantor,ngabaheuhay dina korsi di patengahan. Tintin nyampeurkeun.

“Pa, tadi Ibu Dadan ka dieu.”

“Hemh ....”

“Nawiskeun éta, mangkok poslén satengah losin, lalucu téh. Palay tujuh puluh lima rébu. Ké wé ceuk Mamah téh, upami Apana Si Nénéng tos sumping. Ditawis lima puluh, bari heureuy. Jigana Pa upami serieus mah dipasihkeun lima puluh ogé.”

“Na badé ngagaleuh nu kitu-kitu baé mani kedah ngantosan Apa heula? Pan kamari dipasihan artos ku Apa, piraku tps séép deui mah.”

“Ih, sanés kitu, Pa. Geuning saur Apa, sagala gé kedah musawarah heula upami badé nanaon téh.”

“Muhun. musawarah téh upami aya masalah ageung. Ieu mah, alah, naon masalahna atuh. Piraku gé badé ngagaleuh mangkok poslén. Der der wé atuh. Biasana ogé apan tara wawartos.”

“Pa!”

“Tos wé Mah lah. Éta mah teu langkung Mamah wé. Ulah nambih-nambih émutaneun Apa. Ku urusan kantor ogé tos riweuh Apa téh!”

Tintin teu nyarita deui. Ngan peutingna, di gigireun salakina anu tibra, Tintin mah nginghak.

Ti harita, mimiti karasana pisan ayana gunung és di antara manéhna jeung salakina téh. Gunung és anu beuki lila karasa beuki ngagédéan. Hubungan jeung salakina, karasana ku Tintin mah ngan ukur pikeun nohonan kawajiban. Teu leuwih ti kitu. Lamun seug teu katalian ku Si Nénéng mah, teuing kumaha pamustunganana.

Kawasna baé, hal éta ogé karasaeun ku salakina. Beuki dieu, beuki carang baé ayana di imahna téh. Urusa kantor kawas nu rata reureuhna. Aya éta ogé kacuriga mah ka salakina téh. Malum atuh anu mindeng anggang jeung pamajikan. Ngan disidem wé, inggis leuwih ngalegaan anggang, nohagaan bénténg gunung és.

Puncak kasabaran Tintin, basa magkukna. Salakina cukup ku nitah ka supirna ngabéjaan Tintin yén rék ka Surabaya salila dua poé. Tintin ngarasa teu dihargaan ku salakina téh, ngadu ka kolotna.

“Teu kiat abdi téh Pa ari kieu-kieu teuing mah,” ceuk Tintin satutasna ngabéjér-béaskeun pasualan imah-imahna.

“Sing sabar wé atuh, Tin.”

“Ari sabar mah, kirang kumaha sabar atuh abdi téh. Raraosan mah tos séép kasabaran téh,” ceuk Tintin. Témbong panonna ngalimba nahan piceurikeun, pokna deui dareuda, “Upami teu émut ka Si Nénéng mah ....”

“Geus wé atuh ari kitu mah, ménta enggeusan. Ménta talak! Ti batan jadi pikiran, der deuih engké jadi panyakit batin, matak TBC. Da manéh téh masih kénéh ngora ieuh. Leupas ti Si Agus gé moal teu padanyanggap! Keun Si Nénéng mah, Ema ogé sanggup ngurusanan mah!” ceuk indungna milu mangnyerikeun.

“Éta, éta, éta .... Ari nyarita téh sok padu, jiga lain kolot baé Ema mah,” ceuk bapana. “Lain kadua milu ngabébérés, ieu mah kalah nitah ancur. Keun wé, da biasana anu rumah tangga mah, moal salawasna tengtrem ayem atuh, sok aya pacogréganana, aya teu bérésna. Cenah paséa téh kembangna rumah tangga. Tah Ema, urang téh kolot, kudu milu néangan jalan pikeun ngoméanana. Soal pipisahan mah perkara gampang, ngan na geus kapikir pibalukareunana?”

“Sebel tuda. Mun Ema mah boga salaki kitu, wuahhh ...!” ceuk indungna.

“Hawatos ka Si Nénéng abdi mah.”

“Enya bener, karunya ka Si Nénéng. Mikir téh ulah ngan saayeunaeun wungkul, tapi kudu dipikir pikahareupeunana. Geuning loba contona, loba kacaritakeunana; budak nakal lantaran pakucrut indung-bapana. Saha nu salah? Nya kolot-kolotna kénéh! Tah, sabisa-bisa mah singkahan hal-hal sarupa kitu téh.”

“Muhun, pok-pok atuh carioskeun kumaha carana, ulah seueur pidato, ulah disamikeun sareng di sakola!”

“Tah, baku ari geus mamawa kana pagawéan téh indung manéh mah, Tintin. Ké, salsé wé da nu boga urusanana ogé Si Tintin, lain Emana.”

“Muhun Si Tintin. Tapi pan Ema téh indungna Si Tintin, dihenteu-henteu ogé mun Si Tintin meunang katugenah, Ema ogé milu ngarasakeun!” indungna nyereng.

“Geus, geus, atuh moal aya tungtungna ari dikagokan baé mah!”

“Sebel tuda!”

“Geus, da Bapa gé sarua milu ngarasakeun kana katugenah nu jadi anak téh. Rék mémérés nu teu bérés, kalah ngajak teu bérés tuda Ema mah. Geus lah. Ayeuna Bapa rék nanya ka Tintin, suka kénéh ka Jang Agus téh ta henteu?”

Tintin unggeuk.

“Hawatos ka Si Nénéng abdi téh.”

“Heueuh, keun ari sual alesanana mah, Pokona mah Tintin masih kénéh gedé kasuka rumah tangga téh nya? Ayeuna mah kieu wé, méméh ngaléngkah ka nu leuwih jauh téh, dimimitian ku ngoréksi diri heula, introspéksi. Boa pang salaki urang kitu peta téh, teu betah di imah, lantaran urang ngawulaanana kurang utama.”

“Duka atuh, da raraosan mah asa tos cekap kumawula ka salaki téh.”

“Ah, lalakina wé éta mah!”

“Geus, geus ... (bapana molototan indungna). Cukup téh ceuk rarasan urang, Tin, boa ceuk itu mah masih kénéh kurang. Bisa jadi deuih lantaran aya salah paham, urangna teu bruk-brak. Nu matak perluna bruk-brak, terbuka jeung nu saimah téh di dinya, pikeun nyingkahan salah paham. Ayeuna mah kieu wé, isukan Tintin balik. Enya ka imah. Isukan lin Jang Agus téh pidatangeunana? Heueuh. Tah, salaki dating téh sampakkeun budi parangi anu hadé, paroman anu marahmay hégar. Dangdan anu pantes. Sayagikeun kaperluanana, boh keur beberesihna, boh bisi capé atawa lapar, sadiakeun keur daharna,” ceuk bapana.

Saterusna loba-loba deui papatahna téh. Kaharti, ku Tintin dicatet dina ati sanubarina. Boa enya sangkaan bapana téh, salakina ngarasa kurang dikawulaan ku manéhna. Sanajan indungna mah kawas anu teu satuju kana padika ti bapana téh, tapi ayeuna éta papatah téh rék dilaksanakeun. Geus teu sabar malah, geus hayang buru-buru nyaho hasilna.

Di luar kadéngé Si Nénéng ceuceuleukeuteukan, diélég Si Ésih. Nyahoeun kitu indungna rék nyanghareupan pagawéan rumpil? Rék nugar cadas hahalang, ngaleyurkeun gunung és? Nénéng du’akeun Mamah, Tintin ngagerentes.

Sakali deui Tintin neuteup awakna méméh muka lomari rék néangan baju téh. Baju nu mana nya? Ieu kitu nu panganyarna? Warna ungu ngora, warna anu keur “in” taun ieu. Lahak teuing tapi, jeung nyitak teuing deuih. Ulah, ah, ulah ieu, kurang sreg. Bari milih-milih baju, pikiran Tintin mah nyusurup sorangan. Nu itu teu pantes, nu ieu bakal kurang kéwes. Ceg téh kana baju pulas paul, warna cinta cenah. Baju hadiah ti salakina basa poéan diangkat jadi Kepala Bagian Pemasaran. Weuteuh kénéh da carang dipaké. Potonganana basajan. Rap wé. Mahi kénéh geuning, teu loba robahna horéng awak téh, gerentes Tintin. Ngaca deui. Resepeun Kang Agus mah kana baju ieu téh.

Gerung téh aya mobil asup kapakarangan. Tintin apal kana sorana, sora mobil salakina. Geuning geus balik wayah kieu? Nempo béker karék pukul sapuluh saparapat. Biasana mah apan tara kurang ti jam dua. Najan ts ti mana-mana ogé, tara langsung ka imah, sok ka kantorna heula. Ieu mah kawas nu langsung.

Gerung-gerung, rep sora mesina dipaéhan. Kadéngé ti kamar sora panto mobil dibuka, jebréd ditutupkeun deui.

Tintin ngintip tina jandéla kamarna. Salakina nyampeurkeun Si Nénéng, terus dipangku. Budak téh seuri, cacarita duka naon, terus nangkeup pageuh kana beuheung bapana. Tintin gura-giru kaluar ti kamarna, maksudna rék mukakeun panto, mapag salaki. Teu kaburu. Salakina geus asup, terus ka patengahan, gék diuk dina korsi. Si Nénéng dina lahunanana.

“Geuning tos mulih deui, Pa?”

“Capé lah,” ukur kitu témbal salakina téh.

“Teu ka kantor heula?”

“Atos,” témbal salakina deui pondok bari ngalonjorkeun sukuna, diuk ngabaheuhay. Éta sapatuna, panglaankeun kitu? Ah, éra. Teu biasa. Padahal apan kitu kuduna mah ceuk Bapa téh. Tintin mandeg mayong, anu prak téh kalah pok ngomong.

“Nénéng, éta teu kénging kitu (nénjo budak ajet-ajetan dina lahunan salakina)! Yap, ka dieu ka Mamah, Apa mah capé kénéh!”

“Emung,” ceuk Si Nénéng gideug.

“His, awon! A, a, a ... alim kituh!”

“Aim.”

“Yu, ka Mamah. Urang mésér balon deui, yu!” Mimitina mah budak téh mugen, tapi k uterus diolo mah teu burung daékeun. Ku Tintin dibawa ka tepas, dibikeun ka Si Ésih. Hayang tenang cenah, hayang bruk-brak, haying sagala rupa taya nu ngaganggu. Teu lila geus asup deui, gék diuk gigireun salakina nu keur ngalaan sapatu.

Kumaha nya, pikirna bingung, tanya baé kitu. Apa badé tuang heula atanapi badé ka ranjang heula?

“Pa, em ... badé tuang?” ceuk Tintin, ukur sakitu nu kedal mah.

Salakina unggeuk.

“Ké nya, manawi téh tuda moal mulih énjing kénéh.”

“Pami Apa teu wangsul énjing kénéh, bagé naon kitu?”

“Ah, henteu. Mung teu acan bébérés wé, teu acan sasayogian kanggo tuang Apa. Tap ké sakedap, urang haneutkeun heula sopna,” ceuk Tintin. Jung cengkat terus ka dapur. Dituturkeun ku teuteup seukeut salakina.

Tintin bébérés, di dapur, di ruang makan. Haténa hahariringan. Réngsé sasadiaan, nyampeurkeun deui ka salakina.

“Mangga, Pa!” ceuk Tintin bari imut ngirut. Salakina nu keur uleng ngalamun, kagebah. Jung cengkat, sup ka ruang makan. Gék Tintin diuk gigireun salakina, mangnyiukkeun sangu. Salakina angger ngabetem. Kalékéd pisan rék dahar téh, kawas nu hayang teu hayang.

“Ku naon sih, Pa? Teu raraos?” Tintin nanya.

Salakina ngabigeu.

“Atanapi aya masalah?”

“Masalah naon, Pa? Kantor?” ceuk Tintin deui, giak. Aya kaatoh, aya harepan. Salakina geus rék daék deui silitembrakkeun rupa-rupa masalah.

“Sanés. Masalah urang, masalah Mamah sareng Apa,” ceuk salakina bari leuwih ngadeukeutkeun mangkok sop.

Tintin ngagebeg ngadéngé jawaban salakina kitu téh. Tanda Tanya minuhan uteukna, kawas aya masalah gedé baé. Masalah naon atuh? Timbul kapanasaran, ku dariana salakina. Daria kacida. Pirasatna mere tangara teu hadé.

“Ayeuna Apa badé naros ka Mamah, kedah diwaler anu saleres-leresna. Anu jujur.”

“Mangga.”

“Emh ... saleresna Mamah téh badé ka mana atuh?”

“Moal ka mamana.”

“Nu leres?”

“Muhun,” témbal Tintin. Ceg kana cukil, nyiuk sangu keur manéhna. Rék dahar maturan salakina. “Sok-sok atuh tuang téh, bilih kabujeng tiis!”

“Hemh, terus terang wé Mah! Saur Apa mah da asa langkung saé upami Mamah terus terang, blak-blakan, terbuka. Ambéh jelas masalahna. Ambéh jelas deuih milari jalan kaluarna, puguh!”

“Muhun, anu kedah dijelaskeun téh naon? Raraosan mah asa teu aya anu dibuni-buni. Teu gaduh rusiah. Teu ngalalartos Mamah mah!” ceuk Tintin neuteup salakina. Prok paadu teuteup, teu kapanggih aya geugeut. Tintin tungkul deui.

Teu cacarita sajongjonan. Aranteng dalahar kawas nu teu narapsu. Teu lila salakina ngomong deui, antaré tapi sorana ngageter.

“Apa gé terang Mamah téh sering kasepian, sering dikakantunkeun ku Apa. Tapi Mamah kedah sadar, Apa ngantun-ngantunkeun téh sibuk ku padamelan. Sadayana ogé pikeun makayakeun nu jadi anak pamajikan, Mah. Kanggo Mamah! Kanggo Si Nénéng!”

“Muhun, Mamah ogé terang ....”

“Tapi geuning Mamah mah jiga anu teu ngahargaan kana usaha Apa téh, nyapirakeun!”

“Nyapirakeun kumaha ari Apa? Ah, beuki teu ngalalartos wé Mamah mah!” ceuk Tintin. Daharna teu diteruskeun deui.

“Mamah tos ngabohong ka Apa! Saleresna Mamah téh ayeuna badé angkat ti bumi. Buktosna? Teu sakara-kara Mamah dangdos, ngageulis, ngaluis, upami Mamah teu badé angkat-angkatan. Sanés nyapirakeun ari kitu? Sareng deui Mah, upami leres mah tujuanana saé, ku Mamah téh teu kedah dibuni-buni. Kitu wé nya upami teu aya Apa téh? Paingan asa bararénten ahir-ahir ieu mah. Paingan tadi Mamah jiga anu nganaha-naha ka Apa pédah wangsul énjing kénéh!”

“Pa!”

“Sebatkeun, Mah, aya jangji sareng saha Mamah téh? Gaduh acara sareng saha? Pok nyarios!” ceuk salakina. Cul wé kana dahar mah.

“Janten, janten Apa téh, Apa téh ... nyangka abdi salingkuh ti salaki? Nyolowédor? Muhun, Pa?” ceuk Tintin satengah cengkat. Haténa panas disangka teu uni ku salakina, panonna panas nahan piceurikeun.

“Seueur contona! Istri nu sering dikantun ku carogéna, kasepian, teras mencari pelarian ka pameget sanés!”

“Teu Mamah mah! Teu rumaos!” ceuk Tintin nahan émosi. Gauk wé ceurik nalungkup kana méja makan.

Salakina cicing, ngabigeu, ngégél biwir sorangan.

Jung cengkat, deregdeg Tintin lumpat bari nungkup beungeutna ku dua leungeun. Sup ka kamarna, meubeutkeun manéh kana kasur. Ceurik kanyenyerian nyaluuh kana bantal.

Salakina angger cicing, ngajentul di ruang makan.

(Katumbiri Jilid 3, 1986)

MAMAH NGIMPI MEKPREK BEURIT

“Tadi wengi mah ngimpi téh aya ku anéh,” ceuk pamajikan kuring.

Kuring angger diuk, teu riuk-riuk. Puguh manéhna nu anéh mah. Nyaho salaki kakara datang, kakara ucul-ucul, késang gé can tuus-tuus acan, disampakkeun carita ngimpi anéh. Boro-boro hayang mairan, anu jelas mah hayang reureuh wé. Hayang ngararasakeun kacapé, balas leumpang nanjak-mudun aya kana tilu kilona. Aya éta ogé ari ojég mah, tapi Pa Bupati palay angkat nyacat étang-étang olahraga saurna téh. Kapaksa wé atuh bawahanana ogé, komo pejabat ésélon tilu cara kuring mah, kedah ngiringan kana kapalayna.

Puguh wé pikeun kuring mah boro-boro olahraga, anu jelas awak asa pasiksak. Urut mangkukna ogé masih kénéh karasa cangkeulna. Sarua deuih, badarat mapay jalan satapak ngahadiran acara di lembur anu sarua singkurna. Ngan mangkukna mah ngiringkeun Pa Wakil Bupati.

Boh Bupati boh Wabup, duanana gé atasan kuring. Ahir-ahir ieu, duanana mindeng ngayakeun acara di pilemburan. Dadakuna mah sakalian tepung lawung jeung masarakat nu aya di pasisian. “Da éta ogé masarakat urang kénéh,” saur Pa Bupati. Tapi dina enas-enasna mah, kabéh ogé padamaphum, duanana rék nyalonkeun Bupati dina Pilkada nu kari sababaraha bulan deui. Pa Bupati palay jadi bupati deui, Pa Wabup palay undak jabatan jadi bupati.

Anu serba salah, pajabat anu aya di sahandapeunana saperti kuring. Ka ditu kumaha, ka dieu kumaha. Milu ka ditu, teu milu ka dieu, bisi majarkeun “ada keberpihakan”. Kitu ogé lamun acarana henteu mareng. Lamun mareng mah saleuheung kénéh, bisa milih acara anu raket patalina jeung dinas tempat kuring digawé. Tapi minggu ieu mah, dikersakeunana téh acarana euweuh nu mareng. Atuh kapaksa kudu milu ka duanana. Matak awak asa pasiksak téh lain bebenjon ieu mah.

Ari anu ngaranna bawahan, lain soal satuju jeung teu satuju, ngan kawasna kabéh ogé sarua, sieun aya buntutna. Teu werat nanggung konsékuénsi politisna, anu bisa jadi baris mangaruhan kana karier ka hareupna. Salaku pajabat karier, kuring ogé hayang atuh naék pangkat mah. Paling copel bisa ngeusian jabatan “yang menjanjikan”. Apan ayeuna mah, sabada aya otonomi daérah, nasib pajabat di daérah téh leuwih gumantung ka kapala daérah. Éta masalahna téh.

Pamajikan ogé kababawa riweuh deuih. Da Ibu Bupati sareng Ibu Wabup sami-sami sering ngayakeun rupi-rupi acara. Tadi baé, pamajikan mah milu dua acara sakaligus. Isuk-isuk milu kagiatan PKK sareng Ibu Bupati, soréna ngiringkeun Ibu Wabup muka acara turnamen poli putri antarkacamatan.

“Mamah téh tadi wengi ngimpi mékprék beurit. Aya naon nya, Pah?” ceuk pamajikan bari diuk gigireun.

“Ah, ngimpi-ngimpi baé Mamah mah jadi masalah. Riwan éta mah! Ari ngimpi téh kembangna saré, anu muncul tina alam bawah sadar,” ceuk kuring tamba bau sungut, ngutip pamadegan psikoanalis Sigmund Freud.

“Éh, Papah mah… Tong dianggap serieus, nya, ieu mah nyarioskeun. Kapungkur waktos Si Enong badé nikah, Mamah téh ngimpi neunggeul oray. Teu kantos lami, apan Si Enong nikah. Da saurna, upami ngimpi neunggeul oray mah badé nikah atanapi badé nikahkeun. Ieu mah ngimpi mékprék beurit, dipékprék ku batu nepi ka paéh si beuritna téh. Anu jadi émutan Mamah téh, ari beurit perlambang naon, nya?” ceuk pamajikan, norostos. Si Enong téh anak kuring nu cikal, lanceukna Si Enéng. Da ngan dua-duana kuring mah boga anak téh, duanana awéwé.

“Ah, Mamah mah kawas Si Alung baé percaya kana sioh. Anu jelas, beurit mah sato nu sok kokorowot! Apan dokumén Papah ogé di kamar tukang, béak dikorowotan beurit!” ceuk kuring.

Pamajikan ngahuleng, kawas-kawas anu mikiran omongan kuring. Ari nepi ka kitu mah, teu téga kuring ogé.

“Apan ceuk Mamah gé tong dianggap serieus. Boa saméméhna keur mikiran beurit. Atawa anu siga beurit!” ceuk kuring ngajak heureuy.

“Ah, Papah mah kitu baé. Puguh Mamah téh ti siang kénéh teu ngarareunah haté, inget baé ka Si Enéng!”

Teg téh aya nu nyentug kana haté.

“Apan Si Enéng mah biasana sok ngiring kana kagiatan ibu-ibu!”

“Leres, énjing-énjing mah aya di Gedong PKK. Tapi teu lami, da saurna téh badé kana acara Pa Bupati.”

“Na, da euweuh di ditu mah. Kepala dinasna ogé euweuh deuih, diwakilan ku kabagna duaan. Cenah keur aya tugas ka Bandung.”

Moal milu ka Bandung mah, kitu? Éta anu kapikir ku kuring téh, tapi henteu dipokkeun ka pamajikan mah. Sabab bisa jadi pamajikan ogé boga pikiran kitu. Katurug-turug geus méh pukul dalapan can balik kénéh baé.

“Telepon atuh kana HP-na atawa di-SMS,” ceuk kuring.

“Atos sababaraha kali, tapi mailbox baé.”

Si Enéng téh kakara sataun tamat ti paguron luhur di Bandung. Ti batan ngaligeuh bari juta-jeté, ku kuring diasupkeun jadi pagawé honorér di pemda. Pikiran téh, lamun geus aya di jero mah kari ngadagoan wanci nu mustari pikeun dibebeskeun jadi pagawé negri. Soal sulap-selip jeung waragadna mah bisa diatur, lantaran ayeuna téa apan euweuh nu haratis. Can sataun digawé, cenah geus kapaké ku atasanana. Malah sok katémbong babarengan jeung kapala dinasna sagala. Aya reueus pacampur jeung paur. Kapaur kolot nu boga anak awéwé geus sawawa.

Kapala dinasna, Pas, umurna mah sahandapeun kuring. Malah jadi pagawé negrina ogé teu leuwih lila ti kuring. Tapi karierna gancang nérékél ngaluncatan paraseniorna. Pangpangna mah baréto, jaman Orde Baru, kaasup bisa ngadeukeutan Bupati alam harita. Bisa mupujuhkeun karesepna, anu sabenerna mah kurang pantes. Nepi ka aya béjana sosobatan jeung pénisilin sagala apan. Ceuk béja, kabiasan jaman orbana téh terus manjang nepi ka jaman otda kiwari. Ari ayeuna mindeng kapanggih babarengan jeung Si Enéng. Si Enéng, anak kuring nu bungsu, sarjana anyar. Soal rupa, paling copel di lingkungan pagawéanana mah hésé tandingna. Enya, geulis Si Enéng téh, malah leuwih geulis ti Si Enong. Ayeuna teuing keur jeung saha jeung di mana deuih?

Teu mustahil mun Si Enéng kapincut ku Pas téh. Ganteng, gagah, jeung pinter deuih. Pinter sagala rupana. Gelarna ogé ngantay ti hareup ti tukang. Gelar akademis asli ieu mah. Lain hadiah komo aspal, saperti kalolobaanana pejabat di urang. Geus puguh ari pakayana mah, da méh salilana aya di dinas anu lain baseuh deui, tapi cikruh. Malah manéhna téh disebut-sebut salasaurang pejabat ésélon dua anu diincer ku sababaraha calon bupati pikeun jadi wakil bupatina. Ngan cenah Pas can méré putusan ka sasaha ogé, sabab manéhna leuwih ngincer jabatan sékda, kalungguhan puncak pikeun pejabat karier.

Boa-boa enya ayeuna téh keur babarengan jeung Si Enéng. Beu, teu mikeun haté téh. Sanajan indungna, enya pamajikan kuring, kungsi nyarita yén Pas geus aya jangji rék ngusahakeun Si Enéng jadi pagawé negri. Tapi ari nepi ka kitu mah, asa mahal teuing waragadna. Boa-boa éta kitu anu dilambangkeun ku beurit téh? Beu….

“Kumaha atuh, Pah? Taroskeun atuh ka réréncanganana!” ceuk pamajikan.

“Ku Mamah wé atuh! Papah mah jam salapan téh aya pertemuan di Pondok Ungu. Ngaréngsékeun perkara potongan bantuan ka désa-désa téa. Atasan nu ngabalana, angger wé bawahan anu kudu sasapuna mah!” ceuk kuring, meupeus keuyang.

Atuda enya, salah tah anu nyieun babasan “euweuh bawahan anu goblog, aya ogé pamingpin anu teu becus” téh. Buktina mah, lamun pamingpin nyieun kasalahan, angger wé bawahan anu kudu daék katempuhan buntut maungna mah! Da euweuh atuh pamingpin anu daék disalahkeun mah, iwal lamun sacara politis leuwih nguntungkeun mun ngaku kasalahan. Mangkaning sasapu kalasahan pamingpin jaman réformasi téa, teu cukup ku catur, da kudu jeung bukurna nepi ka puluhan juta. Sabab anu kudu disumpelna ogé leuwih loba tur “merata”.

Mun kitu, saha atuh anu dilambangkeun beurit téh?

“Kumaha atuh, Pah?” ceuk pamajikan deui.

“Dagoan wé nepi ka Papah balik ti Pondok Ungu. Lamun can datang baé, ku Papah ditéangan, sakalian urang pékprék jeung beuritna! Ngan lamun datang ayeuna-ayeuna, talék ku Mamah anu bener! Ulah ngérakeun Papah kituh!”

Pamajikan katénjo cumalimba. Bisa jadi kahariwangna leuwih gedé ti kahariwang kuring.

Situ Wanayasa, Agustus 2005


(Juara I Saembara Ngarang Carpon Kujang taun 2005)

APAN ABDI MAH LOU HAN

Nén diuk gigireun. Awakna rada ngadayagdag nyarandé kana awak kuring. Teuteupna anteng kana akuarium. Nuturkeun panénjo kuring kawasna mah. Ari kuring, teuing kumaha, peuting ieu bet ngarasa betah neuteup akuarium téh. Teuing neuteup laukna, teuing neuteup caina, teuing berekbekna, teuing neuteup latar gambar karang tukangeunana. Akuarium anu biasana diapilainkeun. Padahal eusina lauk lou han. Lauk mahal, cenah.

“Ieu mah lauk mahal, Bapa. Tuh, tingali motifna ogé kawas aksara Arab!” ceuk Si Alan anu méréna. Soal Si Alan barangbéré ka kuring, éta mah bagian tina bisnis manéhna, supplier barang-barang bangunan. Ari kuring, lah, teu kudu dicaritakeun deui soal kalungguhan mah. Anu jelas, kuring milu nangtukeun rékanan pikeun pangwangunan hiji proyék di ieu kota mah. Tangtuna gé proyék pamaréntah, apan kuring téh kaasup kolem pejabat ésélon dua.

Anu jadi pikiran ayeuna téh, naha Si Alan kamari bet méré akuarium? Jeung nyaho deuih, dikirimkeunana téh lain ka imah “nu itu”, tapi ka dieu, ka imah “nu ieu”. Imah kuring anu mimindengna dieusian ku Nén.

Laukna, lauk lou han. Huluna nongnong, awakna semu beureum. Disidik-sidik bet enya motif dina awakna siga aksara Arab. Aya nu siga alif, aya nu siga elam. Ngan tungtungna, teuing ha, teuing emim, teuing hamzah.

“Lauk anu kieu téh Bapa, ku batur mah ditéangan. Hargana ogé mahal,” ceuk Si Alan deui.

“Naon anu matak mahalna téh, Lan?”

“Motifna, Bapa. Ku batur gé geus ditawar lima juta, ngan ku sayah teu dibikeun. Sayah téh inget ka Bapa. Resep teu resep ku Bapa kudu ditarima.”

Teu hadé nampik pangasih. Najan harita mah, ceuk ingetan téh, naon bédana lauk lou han jeung lauk séjénna? Nu ieu mah istiméwa, cenah, lantaran motifna kawas aksara Arab. Tapi tetep kuring teu ngarti ari hargana nepi ka ngajuta mah. Meureun aksara Arabna anu matak mahal téh.

Lamun téa mah peuting ieu kuring anteng neuteup akuarium, neuteup lou han, leuwih keuna mun disebut “tibatan neuteup nu lain-lain”. Kaasup Nén anu nyarandé kana awak kuring. Padahal Nén ukur diharudum ku simbut. Padahal can dua jam kuring pisan anu ngalantarankeun Nén ukur kitu papakéanana téh. Tadi mah komo, teu disimbutan-simbutan acan. Padahal tadi mah panénjo kuring teu daék ingkah tina sagala rupa nu aya di Nén.

“Urang téh badé kikieuan baé, nya?” ceuk Nén tadi di kamar, bari ngusapan dada kuring anu ngedeng gigireunana bari lungsé.

Lamun téa mah kungsi ditonjok hulu angen ku Mike Tyson, ieu mah karasana leuwih ti kitu. Keur mah eukeur éta hal téh keur jadi pikiran kuring salila sababaraha poé. Ngan sok buru-buru disalénggorkeun. Anéhna téh teu bisa leungit ku nu lain-lain, iwal ti leuwih pogot pagaléntor asih jeung Nén. Ari tadi, bijil pisan tina biwir Nén bari neuteup leleb kana mamaras mata, tembus kana haté. Kuring ukur bisa ngahuleng bari teuteup anteng kana lalangit. Teu wasa paadu teuteup jeung Nén.

“Pa!”

“Kulan, Cay!” kuring maksakeun heureuy, saperti biasa sok nyabasakeun “cayang” ka manéhna.

“Ku naon?”

“Ah, henteu. Ieu mah nuju ngumpul-ngumpul tanaga, bilih kedah …”

“Kedah naon? Kedah naon?” ceuk Nén bari nyiwit kana cangkéng.

Kuring ngagurinjal. Teu kudu aya alesan séjén pikeun hudang, ngarawél tutup awak sarawél-rawélna. Kaluar ti kamar. Nyician cai tina dispénser. Ngahirupkeun tipi. Diuk dina korsi. Tapi ahirna teuteup anteng kana akuarium, kana lou han, kana caina, kana berekbekna, kana hiasan karang tukangeunana. Nén nuturkeun.

Beuki lila, Nén beuki ngadayagdag ngabeungbeuratan awak kuring.

“Abdi mah alim sapertos lou han,” pokna.

“Naha?”

“Sanaos awis pangaosna, sanaos dipupujuhkeun sagala rupina, tapi dikungkung dina kaca,” cenah.

“Saur saha dikungkung? Apan Cayang mah tiasa bébas. Badé didamel mangga, badé neraskeun deui sakola, mangga. Badé aktif di organisasi ogé teu aya nu ngahulag,” ceuk kuring.

Nén téh lulusan paguron luhur, aktivis, malah kiwari geus digawé di salasahiji pausahaan Si Alan, beunang ngasupkeun kuring. Kuring banget panuju waktu manéhna aya karep hayang neruskeun sakolana ka S-2 téh. Kuring yakin pisan ku manéhna mah bakal kaotakan. Atuh soal waragad, teu kudu leuleuweungan. Ceuk rarasaan, lamun teu kudu ngabiayaan sakola adi-adina mah, ku ngandelkeun gajih manéhna sorangan ogé cukup.

Nén téh panggih jeung kuring sataun ka tukang, basa kuring jadi narasumber dina diskusi ngeunaan “pembangunan berkelanjutan” di kampusna. Harita Nén jadi ketua panitiana, mindeng konsultasi jeung kuring. Antukna jadi kateterusan.

“Muhun waruga mah,” cenah.

“Sanés, Cayang mah sanés lou han. Upami dina waruga mah, lauk emas, lauk kumpay anu girinyih ku gajih. Malih ceuk Bapa mah guramé, dikumaha-kumaha ogé teu weléh pelem.”

Didago-dago Nén nyiwit, henteu, teu cara sasari mun diélég ku hal-hal anu samodél kitu.

Kalah ka pokna téh, “Waruga mah tiasa bébas, malah mun tiasa mah hoyong ngapung ngawang-ngawang ka langit nembus lapisan ozon. Tapi jiwa, Pa, teu kiateun. Jiwa abdi sapertos lou han anu katalimbeng dina akuarium.”

Kuring geus ngabadé ka mana léokna maksud omongan Nén téh. Sanajan henteu togmol, Nén miharep sangkan kuring jeung manéhna ulah sakadar “mung ukur badé kikieuan baé”. Sabenerna mah geus sababaraha kali Nén ngedalkeun maksudna téh, ngan béda-béda carana. Tapi kawasna harita mah can tepung jeung kereteg nu bijil tina ati kuring sorangan. Masih kénéh bisa disalénggorkeun, bisa dibangbalérkeun ku rupa-rupa cara, kaasup dijadikeun anggota rombongan studi banding “pembangunan berkelanjutan” ka salasahiji kota di Tatar Wétan, anu diteruskeun refreshing ka Bali.

Saenyana geus sababaraha poé ieu kuring mikiran pola hubungan kuring jeung Nén téh. Pangpangna mah ti saprak si cikal bébéja, yén manéhna geus lulus ti SMA sarta hayang neruskeun ka paguron luhur. Beu, aing téh geus kolot, umur geus méh satengah abad. Sanajan di jajaran pejabat ésélon dua di ieu kota mah, kuring téh pangorana, tapi angger baé diukur ku jatah umur mah geus kaasup kolem cueut ka hareup. Rus-ras ka ditu ka dieu.

Ras ka pamajikan, anu sok jadi bebenjon jeung batur saihwan disebut “pamajikan jaman perjoangan”. Lain, lain teu nyahoeun kana kalakuan kuring téh, da lain sakali baé, jeung lain ayeuna baé deuih. Anu matak manéhna nyieun rupa-rupa kagiatan téh, kuring gé surti, pikeun ngabangbalérkeun katugenah haténa. Utamana kagiatan-kagiatan sosial, anu dina emprona geuning milu ngalalancar kana jalan karir kuring di pamaréntahan. Ras ka anak, anu nepikeun ka ayeuna katémbong reueus pisan ka nu jadi bapana. Ras ka anak buah. Ras ka itu, ras ka ieu. Ras ka Nén.

Nén, enya Nén. Anu keur basa mindeng ka kantor mah disarebutna ku anak buah kuring téh “anak angkat bapa”. Antukna jadi bahan gogonjakan deui baé. Anak angkat, anak anu bisa diangkat, dipangku, ditangtang diténgténg dijadikeun bonténg sapasi. Nén, enya Nén. “Urang téh naha bade kikieuan baé?” ceuk Nén tadi, sarua jeung pananya nu aya dina haté kuring. Malah aya tuluyna, “Nepi ka iraha?” Tapi Nén ngungkabkeunana ku basa anu puitis, basa rasa anu sari-sari putus asa.

“Nén!”

“Kah!” témbalna. Teuteupna ceuleuyeu, tapi lain ceuleuyeu anu sasari.

“Kersa ngantosan ….”

“Dugi ka bérés Pilkada?” ceuk manéhna megat omongan. Kuring unggeuk.

“Abdi gé terang Bapa téh badé dicalonkeun janten wabup. Abdi gé terang, saur sasaha ogé kans Bapa kanggo janten wabup téh ageung pisan. Leuh, sakumaha teuing raména upami Bapa ayeuna kanyahoan sareng abdi. Tangtos janten komoditas politik. Abdi gé terang Bapa bakal langkung milih karir ti batan abdi,” omongna neregteg lir bedil otomatis Rambo.

“Sanés kitu, Nén. Nén sing percanten ka Bapa….”

“Percanten, abdi ogé percanten. Namung, apan abdi mah lou han,” ceuk Nén bari nangkeup tipepereket. Aya nu maseuhan kana dada kuring, anu ti tadi katémbong ngembeng.

Situ Wanayasa, Juli 2005
(Juara Harapan Saembara Ngarang Carpon Kujang 2005)

TELEVISI

DUR bedug. Ngong adan.

Nu imahna pipir masjid mah sok kahu¬dangkeun, turug-turug ayeuna mah geus maké spiker masjid téh. Matak éra mun sakalieun haroréam teu salat subuh berjamaah téh.

Éta spiker téh minangka wakaf ti Ama Haji Patah suwargi, kumplit jeung akina sagala anu dua belas volt, mani sadua-dua. Disetrumna piligenti, ari mayarna maké duit kas masjid. Tambah gawé keur Mang Merebot.

Nyata kagunaanana téh lain ukur keur adan baé. Bubuhan deukeut ka balé désa, nya sok dimangpaatkeun ka pamaréntah désa. Upamana baé basa rék bakti pikeun ngabatu jalan désa, pisapoéeunana méh unggal waktu Pa Wakil ngémbarkeun maké spiker masjid.

"Ulah hilap ka sakumna masarakat désa, énjing, dinten Jumaah supados ngalaksanakeun bakti. Urang sami-sami ngalereskeun jalan désa."

Atuh dina prungna bakti, éta spiker téh teu eureun-eureun disada ti mimiti nepi ka lekasanana. Uar pangajak jeung sabangsa¬na. Pa Lurah piligenti jeung Pa Wakil, maréntah ka nu keur digarawé, atawa nganuhunkeun ka nu geus ngirim lalawuh. Da kitu ilaharna, mun teu milu bakti piraku wé teu cai-cai acan mah.

“Éta gé sami kénéh bakti," ceuk Pa Lurah.

Jempé Pa Lurah jeung Pa Wakil, ana celengkeung teh sora cempréng, sora bogana Si Éméd.

"Hatur nuhun ka Mang Mansur anu tos badé ngintun leueuteunana, sareng hatur nuhun deuih ka Mang Udin nu tos ngintun rokona anu teu acan dugi ...."

Nu ngadéngé sareuri.

Nyuntik ti dituna mah, pédah Mang Mansur jeung Mang Udin teu katingali bakti. Jeung enyana deuih, teu kungsi lila tingkurunyung titahanana mawa kulub hui, kulub sampeu, jeung roko. Geus kitu mah nu teu milu bakti téh buru-buru bara¬rangkirim. Tayohna mah sieun dikana-spi¬kerkeun. Malum atuh di kampung, teu sirikna ti tungtung nepi ka tungtung téh padanyaho. .Ngan aya untungna, nu teu milu bakti téh kalolobaanana mah jalma nu kaitung mampuh.

Malah hiji poé mah tina éta spiker téh kungsi aya béwara kieu.

"Ka Bi Utih, diantos pisan ku Ibu Lurah, énggal saurna téh. Tong hilap pesenanana téa. Hatur nuhun!"

Lain sakali baé kadéngé béwara anu sipatna pribadi téh. Ditujukeun ka Mang Anu, Bi Anu, Pa Anu, Ibu Anu ... kitu téa kieu téa. Ti saha wé datangna mah, sabab keuna ku paribasa: uyah mah tara téés ka luhur.

Ku lantaran éta spiker, barudak ngaraji di masjid beuki rempeg baé. Méméh dur magrib geus dariuk pahareup-hareup, padeukeut-deukeut kana mik. Pupujian patarik-tarik, hayang kadéngé ku balaréa yén anu pangtarikna téh sora manéhna. Kakara eureun mun geus dicaram ku Mang Merebot, anu ogé guru ngajina. Breng salat, lebah amin patarik-tarik deui baé. Abong barudak.

Réngsé salat magrib barudak mah terus ngaraji, bangun saregut naker. Upama dibéré talaran susuratan, paheula-heula apal. Nu geus apal buru-buru ka hareup pikeun norolangkeun nu geus kacangkemna, sorana ngahaja ditompokeun kana mik. Moal manggih deui wé bungahna téh, sorana bisa didéngé sahenteuna ogé kadéngé ku nu di luar.

Hiji mangsa, waktu Jumaahan. Saméméh manjing waktu bedug lohor, Pa Lurah biantara.

"Assalamu ‘alaikum warohmatullahi wabarakatuh …!" Ditémbalan ku saur manukna sidang jumah, "Wa alaikum sa¬laaamm …!”

“Palawargi masarakat désa sadayana, hapunten sim kuring ngiring nyarios heula sakedap. Alhamdulillah, désa urang téh baris meunang sumbangan televisi ti pa¬maréntah. Ieu nandakeun yén pamaréntah aya perhatianana ka urang. Ku kituna sim kuring salaku kepala désa umajak ka sa¬kumna masarakat désa sangkan bener¬bener ngaronjatkeun deui pangwangunan dina sagala widang. Kamari sim kuring disaur ka kacamatan, tétéla désa urang téh geus meunang pangajén anu badé ti Pa Camat. Lian ti éta, sim kuring miharep pikeun ka payunna sakumna masarakat désa kudu ngarojong kana program, boh anu dijalankeun ku pamaréntah boh pamaréntahan désa, saupamina baé bakti, lajeng Keluarga Berencana, sareng nu sanésna. Margi éta téh engkéna pikeun kapentingan urang-urang kénéh baé. Ma¬lah sakumaha anu tos disaurkeun ku Pa Camat, ieu sumbangan televisi téh pikeun ngaronjatkeun kanyaho, atawa élmu pangaweruh urang. Tegesna mah ulah katinggaleun teuing. Demi maksudna anu utami nya éta pikeun leuwih ngaronjatkeun deui hasil pangwangunan anu baris kahontal, salian ti méré hiburan anu séhat ka masarakat désa.

“Salajengna atuh éta televisi téa baris di¬pasrahkeun ku tamu ti kabupatén, ngahaja badé ka dieu disarengan ku Pa Camat. Dupi waktosna dinten Ahad, pagéto. Ku kituna ka masarakat désa énjing mah kedah beberesih, boh di bumina masing¬masing boh di tempat-tempat umum. Utamina anu kedah barérés téh anu bumina sisi jalan, lajeng jalan désa sareng di balé désa, panginten éta mah kedah bakti. Sakali deui sim kuring nyuhunkeun perhatosanana.

“Rupina mung sakitu baé ti sim kuring. Hatur nuhun, wassalamu ‘alaikum warrah¬matullahi wabarrakatuh."

Sanggeus ngadéngé kitu, sidang jumah boga carita séwang-séwangan, sakurang¬-kurangna dina jero haténa. Ngan anu mi¬miti katangén némbongkeun kapanujuan¬ana kana caritaan Pa Lurah téh jajaran nu pangtukangna. Kawantu loba budak ngorana, jeung teuing wé ari nu pang¬tukangna sok ribut lain wayah. Biasa.

Nu baralik jumaahan mawa béja, béja pabéja-béja. Malah éta béja téh nerekab nepi ka désa-désa di sabudeureunana. Poé Minggu baris sumping tamu ti kabupatén badé masrahkeun televisi.

Demi masarakatna, bungah, reueus, jeung teuing rasa naon deui nu nyangkaruk dina dadana. Anu pasti, isukna nu bakti leuwih rempeg, leuwih soson-soson diga¬rawéna. Ngarasa capé gawéna téh geuning teu mubadir, leuwih ti kitu ngarasa aya pangajén kana basil gawéna. Boga rasa sagala lakon gawéna bakal kapaliré. Enya, ajén-inajén gumantung kaha hasil gawéna.

Teu kacatur kumaha émprona acara pa¬pasrahan televisi téa, ngan tangtuna gé kajudi ku raména. Ramé ku jelema, malah aya nu nyaruakeun jeung tujuh betas Agustusan sagala. Masarakat némbong¬keun kabungahna, nu jadi kabungah ogé pikeun nu saluhureunana.

Televisi nu jadi lantaran kabungah saré¬réa, ayeuna geus nampeu di buruan balé désa. Maké hiji tihang beusi nu jangkungna dua méter. Kotak paranti neundeunna dijieun tina beusi sapaseun televisi tujuh belas inch. Ti dituna geus dicét sing sarwa konéng.

Malum anyar, soréna jelema geus ngaliud di buruan balé désa rék lalajo te!evisi téa. Geus puguh ari nu jagjag mah, hiji aki aki nu geus rarémpo silihtungtun jeung incuna nyuay-nyuaykeun jelema réa.

"Cik, atuh Ki, tos sepuh mah calik wé di bumi." ceuk hiji pamuda.

"Ih, puguh hayang nyaho tilepsisi. Ulah wungkul ceuk béja."

"Sanés tilepsisi Abah, tilipisi," incuna ngabenerkeun.

"Aéh, enya éta."

Jelema beuki moyég, televisi can disetél kénéh baé. Manahoréng can aya akina. "Ti batan euweuh mah enggeus wé atuh ganti ku Aki Nata," ceuk Si Eméd.

"Lain kalah ka heureuy, Kéméd," Juru¬tulis nyereng, "Heug cokot anggursi ka ditu, ka Mang Merebot. Béjakeun wé ceuk Pa Lurah kituh, nginjeum heula aki nu anyar nyetrum!"

Teu réa carita Si Éméd indit, kaceletot, teu inget yén Aki Nata téh uana Jurutulis. Sarta teu kungsi lila manéhna geus datang deui bari manggul aki, dituturkeun ku Mang Merebot. Lebah lawang buruan balé désa ngarandeg heula, pok nanya ka hiji mojang.

"Rék lalajo, Nyi?"

Acan gé nyi mojang ngajawab, ana go¬rowok téh ti balé désa.

"Buru-buru atuh, Méd! Gampang nga¬heureuyan awéwé!”

Barang dilieuk, bréh Jang Aip mencrong ka manéhna barina lajag-léjég.

"Kalem wé atuh, Jang," témbal Si Éméd.

"Lain kalem-kalem, da nu ngadaragoan mah kesel."

"Enya, manasina hampang aki téh!"

"Heueuh, lamun beurat buru-buru!" Jang Aip nyentak. Si Éméd teu némbal. Ari panas mah geus tangtu, sok komo di¬sentak hareupeun awéwé. Ngagejrét, ceuk pangrasana.

Sanggeus dipasang-pasang, cetrék atuh televisi téh disetél. Nu lalajo paeuleuh-¬euleuh. Ahéng. Antukna, bakating ku anteng méh lat poho kana waktu. Mang Merebot ngilikan jam tuluy gura-giru indit ka masjid. Dur nakol bedug, terus adan. Nu lalajo kalékéd naker rék ninggalkeun buruan balé désa téh, lir nu keur gawé kagok ku hanca:

"Palawargi sadayana, ayeuna tos man¬jing kana waktosna pikeun netepan magrib." Kakara aya béwara kitu, da biasana méméh bedug gé jelema téh sok geus araya di masjid.

Mang Merebot kaleungitan ku barudak nu sok pacowong-cowong pupujian di masjid méméh salat magrib, kaleungitan ku hiji kaayaan. Malah saréngséna salat magrib gé sakedapan masjid téh geus padaninggalkeun. Tinggal Mang Merebot jeung Pa Haji Isak katilu anakna Mang Me¬rebot. Kitu gé budak mah geus élékésékéng baé, lengo deui lengo deui kana pan¬to. Mang Merebot surti.

"Jig atuh Ya, bisi hayang lalajo televisi mah."

Si Uya melong ka bapana, nganuhun¬keun, nu tadina alum téh ngadadak marah¬may. Jung cengkat.

"Ngan kadé ulah poho salat Isa."

"Mangga," témbal budak. Ka luar ti masjid teu sirikna notog-notogkeun ma-néh, hayang buru-buru lalajo televisi jeung batur-baturna.

“Barudak téh …," ukur kitu caritaan Mang Merebot. Neuteup kosong ka jauh-na.

"Biasa anyar kénéh. Engké gé lila-lila mah baroseneun," ceuk Pa Haji Isak, "Ngan taya goréngna upama Emang ngu¬sulkeun ka Pa Lurah supaya éta televisi téh dipareuman heula ti saméméh magrib nepi ka bada Isa. Lain ku nanaon, ieu mah sangkan teu ngaganggu kana ngajina baru¬dak."

"Saé, saé éta usul téh," Mang Merebot mairan bari unggut-unggutan tanda panuju, "Keun énjing mah urang carios¬keun ka Pa Lurah."

Isukna éta usul téh dilaksanakeun, kitu gé sanggeus ramé heula padungdengan. "Enggeus wé atuh televisina pindah¬keun ka hareupeun masjid," ceuk Si Éméd, tapi kaputusan Pa Lurah tetep kudu dilaksanakeun. Ngan hanjakal can gé isa-isa acan televisi téh geus disetél deui. Horéng si¬manahoréng padamelan Ibu Lurah wiréh putrana anu bungsu ngarenghik baé palay nongton televisi.

Barang kabireungeuh ku barudak nu keur ngaraji, bet jadi siga nu paranas bujur, teu daék cicing. Diukna padeukeut¬-deukeut kana panto, Mang Merebot nganaha-naha, kitu ge ukur na jero haté. Ari Pa Lurah ....

Ayeuna désa téh teu combrék teuing, komo di sabudeureun balé désa mah geus réa nu dadasar ngadon dagang. Resep puguh gé, bari susuganan aya nu mileu¬leuheungkeun.

Nyi Amah gé harita téh keur lalajo, ieu kasempetan hadé téh teu diantep ku Jang Aip, anu mémang geus aya sir ti anggalna

“Nyi, nongton?" manéhna nanya.

“Muhun,” témbal Nyi Amah bari imut. Atuh puguh wé pikeun Jang Aip mah asa dibéré haté.

“Sareng saha?"

“Ah, duaan wé." Maksudna mah duaan jeung adina. Padahal teu kitu, sabab nu lalajo harita téh leuwih ti sa-RT-eun. Ukur kitu, tungtungna mah paheneng-heneng. Panon lalajo sotéh da ari kahayang bacéo. "Ah, isukan mah moal jeung si Toha,” ceuk pikir Nyi Amah.

Batu turun keusik naék, ku remen lalajo bareng téa, antukna mah lain ukur rindat jeung kelét baé. Nepi ka hiji peuting, wa¬noh jeung bogoh disampurnakeun ka nu liuh. Nyampurnakeun kapa¬nasaran anu dikipasan ku sétan. Hawa sucina désa nyaksian dua raga nu nganteur patarémana dua rasa: cinta jeung napsu, ngawujud jadi lampah anu muyarkeun hiji ajén. Lantaran aya lolongkrang.

Sabuni-bunina ogé anu modol, barang kaambeu bauna, terus baé jadi sabiwir hiji. Si Anu jeung Si Anu kapanggih keur anu ku Si Anu.

“Astagfirullahal’adzim ...,” Pa Haji Isak ngusap beungeut barang éta béja nepi kana ceulina. “Enya éta téh, Mang?”

“Leres henteuna mah wallohu alam, da Emang gé ukur ceuk béja,” témbal Mang Merebot.

“Lain, lamun enya téa mah, Mang, salila kuring inget asa kakara aya kajadian kitu di dieu. Geus puguh ari di dayeuh mah, da loba kacaritakeunana. Ngan urang téh kudu asak sasar, bisi ngan ukur pitenah, jalma téa saha nu nyaho. Der deuih engké urang kababawa mitenah jalma anu teu tuah teu dosa.”

Tungtungna, éta nu jadi catur téh tepi ka Jang Aip. Paingan, ceuk pikirna, nu ngo¬brol sok ngadak-ngadak eureun mun datang aing, atawa tingkecewis. Moal salah ngomongkeun éta téh. Dina haténa aya prasangka, nu sok ngabarubahkeun kana sagala rupa. Beungeut-beungeut katingalina siga kedok, dina basa karasana aya rasa anu nyamuni.

Tangtu aya sumberna. Saha atuh anu geus ngaliarkeun taleus ateul téh? Naléngténg ka ditu ka dieu, weléh taya jawaban anu pasti. Teu pegat harepan, manéhna nanyakeun ka hiji budak.

“Da... da ... abdi mah .... abdi mah...., ceuk .... ceuk .... ceuk Kang Éméd,” ngajawabna bangun kasima.

Ngadéngé kitu, beungeut Jang Aip reup geuneuk ray pias, awakna ngagidir nahan amarah. Leumpang dangah sajajalan, nananyakeun Si Éméd.

“Aya naon, Jang?”

Teu ditémbalan. Anu nanya kitu téh lain saurang dua urang.

Barang gok jeung Si Éméd, teu tata pasini deui ujug-ujug jekuk wé atuh beungeut Si Éméd diteunggeul.

“Wuaduh,” Si Éméd ngagoak, kagét jeung nyeri. Jang Aip rék mindo, tapi kaburu dipisah ku jalma réa anu tadi panasaran hayang nyaho nu baris kajadian. Jang Aip padangarejeng.

“Leupaskeun! Leupaskeun!” ceuk Jang Aip bari teterejelan. Gedé wawanén pangaruh bapa gedé dunya.

“Ké, ké, aya naon ieu téh, Jang?”

“Ah, pokona mah leupaskeun! Urang warah tah si bangkawarah téh!”

“Tenang, tenang…. Aya naon ieu téh, Kéméd?”

“Ka teuing tuh!” témbal Si Éméd bari ngusapan pipi kéncana anu bengep. “Kasarumahan meureun!”

“Sia ari ngomong téh ulah sok sambarangan!” ceuk Jang Aip bari tutunjuk, dihalangan ku Mang Endin.

“Ari aing ngomong naon ka sia, hah?” Si Éméd ngalayanan, bet sireum ogé ditincak-tincak teuing mah ngégél.

“Ah, siah, sia nu ngagogoréng aing jeung Nyi Amah!”

“Ari enya! Basa malem Minggu di tukangeun balé désa, saha? Bisi teu percaya, jung tanyakeun ka Si Otong jeung Si Karta!”

Torojol Mang Merebot.

“Meunggeus, meunggeus! Nanahaonan ieu téh ngadon ribut hareupeun masjid? Astagfirullahal’adzim, siga nu tara ngaji baé. Cing atuh, sing ngahargaan ….”

“Geus Jang Aip, jeung sia deuih Kéméd, milu ka balé désa!” ceuk Pa Lurah nu anyar datang aya nu nyusulan. “Kakara aing mah manggih nu kieu patut!”

Jang Aip jeung Si Éméd dibawa ka balé désa, diabringkeun siga sakitan.

Dur bedug. Ngong adan.

Di masjid ukur aya Mang Merebot jeung Pa Haji Isak, bari pupujian ngadagoan nu lian nu masih kénéh di balé désa.

Cetrék televisi dipareuman!

Ikayasa – Bandung ‘82

(Tina Manglé No. 837, 13 Méi 1982)

TIM PAMARIKSA

ROHANGAN anu biasa lalega, genah wantuning ladang nga¬tur duit, dadak sakala asa sarumpek. Imut Monalisa, réproduksi lukisan Leonardo da Vinci nu meunang nga¬haja mesen ti Singapura, salin wu¬jud jadi jebéng. Pék nambahan su¬hu AC sugan bisa ngurangan ba¬yeungyang, ukur pépés dedetikan. Enya ari tiisna mah, ngan bet ma¬tak rieut kana sirah. Puyeng malah. Tadi, méméh kuring asup ka rohangan, duaan anu kabagian pa¬nyentak téh. Mang Engkos tukang sasapu, bongan katembong ngelepus. Ah, nyao teuing, naha paga¬wéanana réngsé atawa acan? Jeung naha kakara ayeuna kuring nénjo manéhna ngelepus isuk-isuk?

Nu kadua Ati, sekertaris pribadi. Nu ieu mah bongan baé teu gugur teu angin nyebut, "Janten Pa?"

Leuh, komo Ati da pangawak awéwé, katara piasna disentak ku kuring téh. Ayeuna inget sotéh. Enya, mangkukna kuring ngajangjian urang ngalo¬ngok villa di Lémbang. Ngalongok jeung sajabana, lantaran asa geus lila teu mawa manéhna ka ditu.

Kop kana interkom, inget kana géboy leumpangna. Asa hayang ménta dihampura ka Ati, lebar bisi ambekna kateterusan. Tapi ras deui kana eusi téléks nu kamari. Beungeut Ati robah jadi beungeut nini-nini. Pikasebeleun. Komo kana lakuna, piduit. Duka teuing sabara¬ha juta duit pausahaan nu kacéot ku manéhna téh. Jadi imah, jadi mobil, baju jeung ruruba séjénna. Inget kana ....

"Hamid aya?" tungtungna méng¬kolkeun niat, "Titah ka dieu!" sora angger, rada teureugeus.

Nu diangkir teu kungsi lila da¬tang. Geus pikasebeleun deui baé. Beungeutna taya riuk-riuk susah. Dasar sarjana kasebelan, ceuk haté. Sarjana tilu juta! Sajuta satengah keur meuli dokterandes, sajuta sa¬tengah deui keur mémérés sarjana hukumna. Gelar wé ngantay di hareup di tukang.

Kétang, ari otakna mah lumayan. Mi¬kirna tangginas, pinter jeung rada licik. Moal gé daék jadi sarjana as¬pal atuh mun teu kabarengan ku sikep daék licik mah. Moal gé, moal gé kapilih jadi tangan kanan Pa Direk¬tur teu kitu-kitu acan mah. Enya, kuring Dirékturna téh. Nu ngang¬kat manéhna, aéh nu ngangkat deui manéhna maksud téh.

Urang mah ngarti gé biheung, ceuk Pa Johan diréktur nu diganti ku kuring. Sagala urusan pasrahkeun ka manéhna. Urang mah nya¬ho di bérés wé. Paling ukur néken, néken wé. Mun teu kitu pidato ata¬wa ngalayanan wartawan nu hayang wawancara atawa ngaya¬keun katerangan pérs.

"Kapaké ku Bapa mah Hamid téh. Ngan ulah poho nyadiakeun hancengan pangasilan ékstra keur manéhna. Geura moal teu sagala bérés," ceuk Pa Johan piduapoéeun deui sérén jabatan ka kuring di imahna.

Teu kapalang nurut. Bi¬sa diuk dina korsi nu ieu ogé apan pangjeujeuh anjeunna. Pa Johan nu ngahaja mangadepkeun kuring ka pusat gé, ditepungkeun jeung Bapa Komisaris Utama pausahaan. Pa Johan deuih nu nangtukeun saba-raha-sabarahana unggal bulan ku¬du nyetoran rékening Pa Komisaris Utama. Kaasup ngirim konci Suzu¬ki modél anyar ka putrana anu bungsu.

"Mana anu séjén?" ceuk kuring sanggeus Hamid diuk.

"Har, manawi téh abdi wungkul."

"Atuh sing ngarti wé, apan nu rék dibahasna gé pasualan gedé!"

"Saha baé nya, Pa?" jawabanana angger siga nu sahayuna.

"Tangtu wé atuh unggal kapala bagian!"

Manéhna ngarongkong interkom hareupeun kuring. Kurang ajar pi¬san, abong geus kagok raket. Rék di¬sentak, bisi nambahan kapu¬sing.

Nepi ka pukul dua rapat jeung pa¬ra kapala bagian téh. Kitu gé asa can tutug. Ieu sirah kaburu asa beulah. Haté ongkoh beuki cape ngararasakeunana.

Ancak dahar beurang can ditoel-¬toél. Karék cai jerukna wungkul nu ludes téh. Bet lapar teu lapar, nga¬darégdég teu pupuguh. Tungtung¬na dayagdag waé kana panyarandéan korsi. Haseup roko ngulibek di sabudeureun, kuntung¬na rentul, calacah méh teu kawa¬dahan. Rieut jeung pusing. Panon mélétét lain ku tunduh, horéam nénjo kaayaan dunya!

"Moal waka mulih, Pa?" sora Ati semu ngadarégdég. Siga ayeuna mah, siga pagawé nyarita ka du¬nungan. Henteu cara biasana, maké émboh sora ogo. Tampolana, najan dialonkeun, mun manéhna rek mu¬lang ti heula, "Daah saaayyy ...," cenah.

Mun téa mah manéhna teu dititah ka jero heula, bisa jadi lantaran aya nu ngadagoan nu sagalana leuwih ti Ati. Kasarna mah aya gantina. Éta gé ari semet neureuy ciduh mah, teu tinggal. Ngan mun manéhna dititah ka jero heula, lapur jangji jeung nu séjén téh moal teu bolay. Tang¬tu wé lebar, komo da geus méré uang muka.

"Sok wé rék marulang mah," rada leuleuy.

Golédag deui numpangkeun si¬rah kana panyarandéan korsi. Su¬ngut haseum, biwir karasa garing, weureu udud bari beuteung can kaeusian sangu.

Naon nu dirapatkeun bieu téh? Béhna mah taya saurang gé nu mampuh mémérés. Ana sakalieun ditanya, dikumahaan, cukup ku: teu langkung, ngiringan ... bari nga¬reluk jeung ngaramesan leungeun luhureun lahunan.

Kemis, Jumaah, Saptu, Minggu... Tuh, ngan nyésa tilu poé deui. Se¬nén nu mariksa baris datang. Mang¬kaning tim lengkep, maké akuntan negara sagala. Nu henteu téh mawa ti BPK meureun.

Dalam rangka penyéhatan per¬usahaan-perusahaan milik negara, sesuai dengan Instruksi Présidén nomor sekian .... sekian ..., cenah ceuk dina téléksna. Naon deui ka dituna mah geuning, maké aya nonmigas-nonmigas jeung éféktif-éfisien sagala rupa. Ngarti gé hen¬teu kana soal-soal nu kararitu téh. Apal soteh kana perang atawa nga¬bekaskeun bedil. Cenah maké daék diangkat jadi diréktur pausahaan, hég aya patalina jeung kagiatan éks¬por-impor? Saha nu salah? Piraku teu ditarima, jeung da hayang wé deuih. Piraku hirup kudu jadi la¬mak butut lantaran pangsiun mah.

Dua ratus juta leuwih, ceuk lapor¬an kapala bagian keuangan mah nu can kabukukeun téh. Dua tempat (perkebunan) geus -tilu taun teu mampuh nyumponan targét pro¬duksi. Défisit deuih.

Teu beunang dipiraku-piraku. Teu bisa hémeng. Kajeun teuing sa¬babaraha bulan ka tukang mah éta perkebunan téh kapilih ngeusian acara televisi. Taun tukang diang¬gap conto nepi ka Pa Menteri gé ngersakeun sumping. Tuh, potrétna nu digéndéng ku kuring ngajeblag. Ari pék buktina, geus tilu taun ma¬jarkeun téh, terus-terusan défisit. Jaba ti teu mampuh nyumponan targét produksi téh.

Waktu tilu taun hartina pas jeung jangka jabatan kuring nyangking kalungguhan direktur di dieu.

Dua ratus juta leuwih duit nu can kabukukeun téh. Sajero tilu taun deuih nya? Poho ditanyakeun. Jeung teu purun we na¬nyakeunana ogé. Horéam bisi kudu mariksa pembukuan sorangan. Lain soal leukleukna, teu ngalalar¬ti! Hatam sotéh apan pidato. Ngarti sotéh nyanghareupan wartawan atawa kaméra TV. Atawa lebah ku¬du nataan mérek naon baé nu biasa dipaké ku Ati luar-jerona.

Kasebelan boga pagawé téh. Taya hiji ogé nu becus digawé. Ja¬batan wé paluhur-luhur. Kana fasi¬litas gawé paboro-boro. Éta deuih Si Hamid, abong sarjana meunang meuli, sirahna nyao dieusian ku naon?

"Senén rék aya tim pamariksa ti pusat!" pok téh satengah nyentak.

"Sabaraha urang sadayana, Pa?" si Hamid motong kalimah. Mani hayang nénggor ku asbak. Éta ku teu riuk-riuk, sugan beungeut témbok!

"Lain soal sabaraha urang¬-sabaraha urangna!" kuring beuki nyeuneu.

"Éta gé peryogi, Pa," Si Imam Hidayat bagian keuangan mairan.

"Leres Pa, bilih kedah nyayogi¬keun hotél," sora Ati ngagalindeng, beungeutna teuing ka mana, can wasaeun nénjo beungeut kuring tayohna mah.

"Ari Ati,” rada lémpés, "Ieu mah tim husus, lain tim pamariksa nu biasa, nu rutin unggal kuartal. Maca lain Ati gé eusi teleksna?"

"Namung teu disebatkeun saba¬raha urang-sabaraha urangna. Mung lian ti pengawas ti kantor pu¬sat teh disarengan ku akuntan ne¬gara. Piraku mung duaan mah," omongna deui. Angger ayem, ang¬ger semu tungkul. Persis polah Ati basa munggaran diajak ulin.

"Enya, jadi minimal duaan. Tam¬bah asisten jeung supir meureun. Tuh, geus limaan."

"Naha da nganggo plén nu pa¬ngénjingna dina téléksna mah," ba¬ri cengkat ayeuna mah nyarltana Ati téh.

Teu dihaminan deui. Da lain éta pasualanana ogé. Soal nyadiakeun hotél katut itu-ieuna mah, ulah ma¬ké limaan genepan, rék welas urang gé moal teuing dipaké bingung. Ma¬rab jeung ngongkosan wartawan ti¬lu likur gé, hésé kénéh ngondang heuay. Nu rék dipariksana nu jadi pikiran jeung nu matak nyentak ka Ati ogé.

Tok .... tok ... tok ...

Saha mangkelukna? Datang teu ngaliwatan se¬kertaris heula. Aéh, pan geus balik Atina ogé ketah.

"Saha ?"

"Abdi Pa, Hamid sareng Imam."

Laléngoh. Sugan téh rék mekel pembukuan atawa naon baé keur laporkeuneun nu mariksa engké. Jeung nu matak tambah keuheul téh éta ku angger teu riuk-riuk. Ba¬riasa wé. Naha teu apal kana kaaya¬an haté dunungan kitu? Piraku ari geus teu garableg cedo mah!

"Teu aya rencana ka luar kota, Pa?" Hamid basa-basi ti dituna mah meureun.

Teu ditémbalan. Rék ka luar ko¬ta, dina enyana gé paling-paling sa¬kalian terus kabur. Mun teu kitu ka lembur, nguruskeun pangaboga sugan aya nu bisa dijual. Ah, jaruji beusi. Kamar sumpek dua ka dua. Anak pamajikan jeung baraya ting-hareruk. Wartawan but-bet. Koran padadaék ngagedéan judul berita di kaca hareup. Jadi headline. Unina geus kasawang kecap korup sagedé gajah. Ngaran wé jeung potrét kuring.

Kungsi jaman keur harénghéng dikepung puluhan D.I. Asa teu keueung cara ayeuna. Dua ratus ju¬ta leuwih, karék engeuh ka mana léosna, lian ti nu diparaké ku anak pamajikan téh.

Di Ati nu geus tangtu mah. Terus di Nuning, budak urang Tasik. Teu sabaraha manéhna mah, ukur imah kontrakan jeung ongkos kuliah. Pakéan jeung kaperluan sapopoéna deuih. Capé mun kudu dipapayan kabéh mah. Wantuning réa pisan nu nalamprakkeun leungeun ménta upeti. Ti mimiti pangaji rébu nepi ka juta. Tl mimiti mangmayar¬keun hotél jeung manggantikeun mobll. Acan nu teu paruguh, jalma jeung waktuna. Kakara karasa boga pangkat di¬réktur teu matak naon-naon téh, arl lain jadi gunung kabingung mah. Ayeuna.

"Aya kénéh waktos tilu dinten, Pa," si Imam nu nyarlta téh.

"Lain soal waktuna pan, tapi ...."

"Bingung Bapa téh?" Si Hamid geus kurang ajar deui baé.

"Ngan arllaing nu teu katémbong bingung téh!”

Si Hamid, lebah dinya punjulna Si Kasebelan téh. Ngaku waé kuring téh éléh padu nyanghareupan ma¬néhna mah. Nepi ka tungtungna ka¬paksa pok pisan, bawaning ku geus leuwih ti sebel jeung puyeng.

"Heueuh kumaha silaing duaan wé lah!"

"Muhun atuh. Bapa mah mangga baé bilih badé niiskeun émutan, ba¬dé ka mana-badé ka mana ogé. Asa tos lami teu ningal Nuning héh héh ..."

Édan sia Hamid! Golédag deui. Nu duaan ngaléos. Leumpangna kaintip ngagandeuang bangun teu dibeungbeuratan nanaon. Malah kadéngé tingharéwos ditungtungan tingcikikik. Gélo! Édan sia Hamid, saruana deuih jeung si Imam.

Mun sato mah kagok kapocong¬hok. Mubat-mabit teu maliré naon-¬naon deui. Sakur nu témbong diso¬dok minangka pamudal haté. Nu¬ning, Ati, méja rolét, pantl pijat, vil¬la jeung hotél, méméh ngaringkuk di pangbuian!

Poé Senén asa jadi poé pibariseun kiamah. Duka teuing kaayaan kula¬warga mah. Geus saminggu cam¬pleng horéam balik. Ukur sababna anu béda téh. Tilu poé saméméhna nyaah kudu ninggalkeun Voni pa¬ngeusi anyar Hotél B dl L. Opat poé dipaké nyinglar pasoalan nu rék di¬sanghareupan.

Datang ka kantor, slga kumaha nya beubeungeutan. Nyao teuing. Baju safari nu dipaké gé karasa ce¬pel, kakésangan bari teu merlukeun ganti. Haté jeung sirah deuih nu ka¬rasa panas téh. Lalendeng lain ku kurang saré-kurang saré teuing. Matak basa Si Hamid ngurunyung tanpa ngaliwatan Ati, méh baé di¬paké pameupeus keuyang. Masih kénéh untung kaambek kaganggu nénjo seuri manéhna.

"Tujuhan Pa tamu téh. Diban¬tun ka Hotél P. waé malar istitahat¬na tumaninah. Tilu dinten di dieu¬na. Lumayan panginten da tujuhan¬ana palay sakamar séwang," ceuk Si Hamid laporan. Hideng kituna mah, mangkaning asa teu kungsi maréntah mapagkeun ka airport.

"Terus rencanana?"

"Nembé énjing ka dieuna. Saurna Bapa diantos dl hotél pasisiang. Pu¬kul dua, kitu lah..."

"Naon deui pesenna?"

"Seueur, mung sanés ka Bapa. Husus kanggo abdi sareng Imam. Aéh, upami teu kaabotan, Ati badé dibantun engké wengi."

Teu pati ngarti.

"Duka ti mana uningaeunana, Pa Sihombing, muhun, ketua tim, pa¬lay tepang sareng Ati saurna."

Sirah geus teu jalan dipaké mikir. Naon nu diucapkeun ku Si Hamid semet diheugan jeung dienyakeun. Kitu deui basa manéhna nyodor¬keun tékeneun, gutrut bae ditéken.

Manéhna mangkat teu mang¬ga-mangga acan. Hamid siah, kase¬belan. Hamid …

Hamid siah .... Manéhna ngahé¬héh édég. Heueuh da kasép sia téh. Awak bangbang kulit beresih, najan ngaharib-harib kana hideung ogé. Bisa deuih milih bahan pijaseun, kaasup nu dipaké ku kuring ayeuna.

"Hamid, pukul sabaraha acara téh dimimitianana?"

"Sapuluh, Pa. Sadayana gé tos bérés, ka televisi-televisi parantos disiapkeun. Bapa Dirjén sumpingna tabuh salapanan. Ulah hilap nya Pa, upami aya kasempetan nyuhun¬keun tambihan invéstasi ka Pa Dirjen. "

"Kumaha engké baé, mun katém¬bongna pikagumbiraeun."

"Hih, Piraku. Apan acarana gé ngalélér bintang sebagai perusaha¬an mIIik negara terbaik!"

Hamid siah! Siapkeun amplop keur parawartawan ambéh potrét aing ngajeblag gedé di kaca hareup!

(Galura, Minggu III, Januari 1990)

SI UJANG HAYANG KA KEBON BINATANG

"Din, isukan moal ka mamana?"

"Badé naon kitu, Pa?"

"Urang ka Taman Safari. Itu barudak cenah hayang ulin ka Taman Safari."

"Aduh, kumaha nya. Saleresna mah énjing téh abdi ogé badé ka Kebon Binatang sareng pun anak."

"Ka mana?"

"Muhun ka Kebon Binatang."

"Lah, atuh ka Kebon Binatang mah bisa engké deui da deukeut ieuh," ceuk dunungan.

"Jeung deuih, meungpeung aya waktu wé Bapana. Minggu hareup mah apan rapat rutin ka Jakarta, Minggu hareupna deui, atuh barudakna ogé geus baralik, geus arasup deui sakolana. Kumaha, Din?"

Lamun geus kitu, taya pilihan deui pikeun kuring, iwal ti nyebut "mangga". Sabab anu ngaranna paménta dunungan téa, pikeun jalma modél kuring mah, ajénna sarua jeung paréntah.

"Heueuh, sukur wé atuh ari bisa mah," ceuk dunungan, terus asup ka jero imah, ninggalkeun kuring anu terus diuk ngahuleng dina jok urut gigireun garasi.

Ras ka Si Ujang, anak sorangan hiji-hijina. Méh unggal waktu ngarenghik ngurihit hayang ka Kebon Binatang. Ceuk pamajikan, cenah kapanasan ku Jang Iman, anak tatangga, anu Minggu kamari dibawa ka Kebon Binatang ku bapana. Terus ngagul-ngagul pangalamanana salila di Kebon Binatang. Tayohna mah Si Ujang téh kabita. Da mani jigrah atuh basa dijangjian rék dibawa ka Kebon Binatang poé Minggu téh. Ceuk pamajikan, teu sirikna dibéja-béja ka unggal hulu yén, "Ujang badé ka Kebon Binatang sareng Apa Ujang.” Ceuk pamajikan kénéh, Si Ujang jadi remen nananyakeun poé Minggu. "Ari Minggu téh iraha, Ma?" Kétang, soal éta mah tadi ogé isuk-isuk nanyakeun ka kuring, "Pa, Minggu téh énjing nya?"

Enya, isukan poé Minggu téh. Sakuduna mah nedunan paménta Si Ujang nu hayang ka Kebon Binatang; hayang nempo gajah, singa, maung, uncal, jeung monyét. Samarukna eusi Kebon Binatang téh ngan sakitu, da ngan sakitu apalna meureun. Kacipta tetelepékna wé engké di Kebon Binatang, nanyakeun sasaton, anu bisa jadi kakara nénjo harita manéhna mah. Budak umur lima taun jalan téa atuh keur meumeujeuhna célémbéng.

"Mang Udin, bésok téh jadi ka Taman Safari?" ceuk Néng Wida incu dunungan. Kuring unggeuk.

"Asiiik ...," ceuk budak téh bari asup ka imah. Torojol incu-incu dunungan nu séjén, tiluan, nanyakeun hal anu satua. Kuring unggeuk deui. Katémbong jaligrah.

"Kadé ulah poho Din, isukan téh urang isuk-isuk wé ti dieuna, ambéh salsé di dituna," ceuk dunungan awéwé.

"Pariksa heula mobilna, bawa ka béngkél. Ayeuna asupkeun, engké soré bawa deui," ceuk dunungan lalaki. Kuring ngahaminan

"Mun aya nu kudu diganti, ganti wé, asupkeun kana bon kantor nya.”

Datang ka imah teh geus soré.

"Geuning sonten?" pamajikan nanya.

"Ka béngkél heula, ngoméan mobil," témbal kuring bari ngodok saku, nyokot duit gajih, saratus salawé rébu pérak sanggeus dicocéng tipa-rupa potongan, gajih supir. Ditampanan ku pamajikan, katémbong paromanna marahmay.

"Cekap nya Pa lima puluh rébu ogé ka Kebon Binatang mah," pokna. "Ongkos pulang-pergi lima rébu, karcis dua rébu, jajan budak wé di ditu, moal dugi ka salawé rébu. Cekap lah. Sésana kanggo mayar sambetan ka Ceu Euis, teras mayar arisan RT. Ah, mung ngaliwat wungkul gajih sasih ieu mah Pa," ceuk pamajikan deui, teu riuk-riuk ari paromanna mah.

"Moal jadi ka Kebon Binatangna ogé," ceuk kuring, halon.

"Naha?" pamajikan ngajénghok, mencrong kana beungeut kuring.

"Kudu nganteur Bapa ka Taman Safari."

"Ka mana?"

"Ka Taman Safari."

"Badé naon ka Taman Safari?"

"Biasa wé nganteur Enéng-enéng sareng Encép-encép, paraputu Juragan palay amengan."

Pamajikan ngahuleng. Antukna paheneng-heneng, sarua hanjeluna. "Padahal ceuk urang mah nya, ngajakan-ngajakan atuh ka Si Ujang," ceuk pamajikan semu humandeuar.

Kuring asa kagebah. Enya, bener, naha atuh henteu ngajak-ngajak ka Si Ujang? Padahal, boh ka Taman Safari boh ka Kebon Binatang, sarua baé dina seuhseuhanana mah: hayang nénjo sasatoan. Atawa Si Ujang mah anak supir kitu? Humayua, anak supir hayang milu¬-milu ilubiung sukan-sukan jeung incu dunungan. Atawa kuringna baé kitu anu henteu ngusulkeun sangkan mawa Si Ujang? Ah, teu kabayang dina ditolakna. Inggis ku bisi rempan ku basa. Der jadi nambah-nambah pipanyakiteun. Hal éta dicaritakeun ka pamajikan, pamajikan ukur ngeluk.

"Muhun kumaha atuh, abdi mah karunya ka Si Ujang upami énjing teu janten téh," pokna.

"Geus wé atuh isukan di dinya indit, menta dianteur ka batur."

"Muhun ka saha atuh? Da panginten kedah ngongkosan, sareng deui abdi mah sieun nyasab."

"Salegana ogé Bandung atuh, maké jeung sieun nyasab sagala."

"Muhun kanggo Bapa anu tos lami di Bandung, ari abdi?"

Enya ari kitu téana mah, pamajikan téh can lila di Bandungna, kakara dua bulan. Da tadina mah milu jeung kolotna, enya mitoha, di Cidaun. Salembur jeung kuring mah. Kakara dibawa ka Bandung sanggeus kuring bisa ngontrak imah nu rada pantes di Ujungberung, nu matak kaharti lamun aya kasieun nyasab di Bandung téh. Teu cukup ku dipapatahan ku dilelebah, ma'lum awéwé, katambah-tambah keumba deuih.

"Engké deui wé atuh."

"Muhun iraha? Abdi mah karunya ka Si Ujang ..."

"Enya, Bapa ogé karunya ka Si Ujang. Tapi kumaha deui atuh? Bapa teu bisa nolak ka dunungan, jeung geus nyanggupan deuih."

"Mun sakali-kali mah nolak, ulah kersa baé, da ieu mah sanés urusan dines."

"Ari manéhna, rek unusan dines rék lain, ngaranna ogé paréntah dunungan. Bisa bae ayeuna Bapa nolak, tapi kumaha kéh lamun dipecat? Daék di dinya mun boga salaki teu boga gawé?"

"Alim."

"Nya. Nu matak sing sabar wé. Heueuh ngaranna ogé supir kantor, najan kantor gedé, angger wé supir. Tugasna kudu nyupiran dunungan, rék urusan dines rék lain. Kumaha atuh, da geus kitu umumna."

"Abdi mah pedah karunya wé ka budak. Teu kabayang kedah kumaha ngabéjaanana."

"Keun engké Bapa anu ngabéjaanana mah, ngan di dinya kudu bisa ngabangbalérkeunana wé isukan."

***

Pasusubuh kuring geus indit ka imah dunungan di Dago. Datang téh geus ray-rayan. Tétéla sagalana geus siap, malah mobil ogé geus dipanasan ku dunungan.

"Tah, geuning Udin, jam sabaraha ti Ujungberung?" dunungan awéwé nanya.

"Tabuh lima." .

"Sorangan baé? Ka mana ari budak? Teu dibawa?"

"Henteu."

"Karunya Udin, budak téh hayangeun ulin meureun sakali-kali mah."

"Muhun éta ogé Ibu, da kawitna mah badé ka Kebon Binatang."

"Tuh, komo kitu mah. Sok teu karunya-karunyaeun ka budak manéh mah. Matak naon mun bawa, keun wé tong mikiran itu-ieuna manéh mah." '

Kuring ukur bisa nyéréngéh.

"Enya Udin, sugan Bapa ogé rék dibawa budak téh. Ongkoh cenah hayang ka Kebon Binatang, hayang nénjo sasatoan meureun, bet ka Taman Safari ogé sarua baé ari hayang nénjo sasatoan mah. Mani keukeuh kudu ka Kebon Binatang baé," ceuk dunungan lalaki mairan.

Kuring angger ukur nyéréngéh. Enya, kumaha deui atuh? Da kamari mah taya nu nyarita "henteu nanaon mun Si Ujang dibawa ogé". Kaasup dunungan lalaki, padahal nyahoeun yén poé ieu téh kuring boga rencana mawa Si Ujang ka Kebon Binatang. Enya, hayang nénjo sasatoan. Atawa kuringna baé kitu anu keumba, teu wani nyarita perkara Si Ujang papanjangan?

Malah bisa jadi, mun nilik ka nu inditna mah, dunungan ogé moal nanaon upama kuring ngajak Si Ujang sakalian jeung indungna. Da geuning anu indit téh lain ngan dunungan jeung incu-incuna wungkul. Mang Engkos, pangebon, jeung Si Iting, purah masak ogé milu. Puguh pikeun kuring mah matak hanjelu. Leuh, kacipta lamun Si Ujang jeung indungna milu, mangka ceuk dunungan awéwé ogé tadi, teu kudu mikir nanaon deui cenah. Hartina, sagala rupana ditanggung ku dunungan. Sampeur baé kitu ka Ujungberung? Éra. Leuh, lamun seug imah téh aya di jajalaneun ka Taman Safari.

Indit ti Bandung pukul genep, bari salsé ngajalankeun mobil téh, jam salapan geus nepi ka Taman Safari. Terus nanjak ka pasir tempat sasatoan. Bédana jeung di Kebon Binatang, di dieu mah jelema anu dikurungan dina mobil, sato anu bébas leuleumpangan.

Nénjo incu-incu dunungan anu ramé, suka-bungah nénjo sasatoan, ras ka Si Ujang. Haté téh maké norowéco sorangan, nurutan dunungan. Tah, éta lama ngaranna, sapertos domba tapi beuheungna panjang. Itu kuda nil. Tuh, itu gajah. Tah, éta mah badak. Sanés Ujang, sanés kuda, tapi sébra. Muhun kuda sébra. Buluna belang sapertos simbut Ujang. Euleuh, itu aya uncal. Kadé Ujang, ulah nolol dina jandéla, nya? Sakedap deui ka tempat maung sareng singa. Tuh, geuning aya maungna, coréléng, sararé dina papanggungan. Itu singa. Keur sararé wayah kieu mah. Lamun seug manéh milu, Ujang!

Réngsé ti pasir tempat liarna sasatoan, tétéla nanjak ogé, terus mudun ka tempat meta gajah. Incu-incu dunungan dipoto gigireun rnaung. Lah, ari ukur kitu mah kétang, Si Ujang oge wanieun. Kawantu maung geus lindeuk tur aya pawangna. Ti dinya, lalajo orang utan, lalajo atraksi heulang jeung singa laut. Lamun seug manéh milu, Ujang!

***

Nyugemakeun piknik téh. Sanajan pikeun kuring mah kalah beuki ngagedéan kahanjelu. Hanjakal, teu mawa Si Ujang. Padahal lamun dibawa jeung indungna ogé, moal nanaon dunungan téh. Enya, moal nanaon.

Ka pamajikan kuring bisa nyaritakeun saujratna. Tapi ka Si Ujang? Taya deui cara iwal ti kudu mawa ka Kebon Binatang. Itung-¬itung pikeun ngubaran kahanjelu kuring ayeuna, taya deui waktu nu mustari, iwal ti isukan. Enya, isukan, poé Senén. Kuring rék lahlahan bébéja ka dunungan yén isukan moal digawé. Kumaha bébéjana? Lah, bébéja baé hayang mawa Si Ujang ka Kebon Binatang. Piraku teu diijinan, karunya ka Si Ujang, hayang nénjo sasatoan. Hayang nénjo singa, gajah, maung, uncal, jeung monyét.

Sanggeus rinéh, kuring amitan ka dunungan.

"Pa, abdi badé wangsul."

"Heueuh, jung wé rék balik mah. Nuhun nya, Din."

Kuring unggeuk.

"Eu, sareng ieu, Pa."

"Aya naon deui?"

"Abdi téh énjing moal tiasa didamel."

"Naha?"

"Aya kaperyogian."

"Kaperyogian naon?"

"Muhun éta, eu ... badé ngajak Si Ujang ka Kebon Binatang.”

"Ka Kebon Binatang?"

"Muhun."

"Lah, engké deui wé atuh ka Kebon Binatang mah. Apan isukan mah poé kantor. Lamun euweuh Udin, saha engké nu mawa mobil? Apan kudu ka Ciwidéy isukan téh."

Kuring ukur bisa ngeluk.


(Tina Galura, Minggu III, Nopémber 1993; Pinunjul I Wangun Carita Pondok "Hadiah Sastra LBSS Taun 1993").

SULING SI UJANG

REG Si Ujang ngarandeg hareupeun kios Mang Udin, hareupeun Termi¬nal Wanayasa. Capa-cipi kana tong¬gongna. Ceg nyokot suling anu diselap¬keun kana bagian tukang calanana. Tongkatna disarandékeun kana awak¬na. Tulat-tulit niup suling nyusurup wirahma. Gelik ngalagu. Karunya, aduh-aduh karunya, hayang ngapung ngawang-ngawang teu boga jangjang. Nu ngadéngékeun milu nuturkeun dina je¬ro haténa.

"Salagu deui, Jang!" ceuk Si Darto, supir mobil Sagalahérang.

Teu talangké Si Ujang niup deui su¬lingna. Somse Enéng mani somse som-bong sekali. Nu nalangkring di teras kios Mang Udin saregep ngadéngé¬keun. Malah nu tadina jauh ogé, nya¬lampeurkeun, lolobana supir jeung ke¬nék. Rengsé lagu "Somse".

"Deui Jang, tapi lagu dangdut," ceuk Si Édén, lembing di dinya. Tulit-tulit. Di dalam buku harian, tut-tut tulit-tut. Nu nanggap mimiti édég. Si Ujang anteng niup suling, lagu¬na "Dana Asmara". Si Édén nyokot sa¬pu nyéré ti pipir kios Mang Udin, dikep¬rak-keprak. Si Darto nakolan dreum sapotong wadah runtah. Si Uyo nabeuh tabeng mobil Sagalahérang nu keur ngetém hareupeun kios. Réngsé lagu “Dana Asmara".

"Teruskeun, Jang!" ceuk St Uyo nga¬gorowok. "Keun lah ku aing ditambah¬an cepé."

Si Ujang niup deui sulingna. Gelik la¬gu "Hitam di Atas Putih". Mimitina aya nu jogéd. Ditéma ku lagu "Sapu¬tangan Mérah". Beuki maraceuh, aréak-éakan, galumbira. Nu milu aub beuki loba. Hiburan murah meriah. Naék deui kana lagu "RT 5 RW 3".

Lagu can tutug, kapegat prus-pris. Sungsong ngeupeulan Si Ujang. Sara¬tus-saratus, aya kana lima ratusna. Breg hujan, buriak nu keur ngadang¬dut téh bubar.

***

KICIPRIT-kiciprit aya nu kikiciprit¬an ka kios Mang Udin, karék turun tina mobil nu ti Purwakarta.

"Mulih ti mana, Néng? Mani huhujanan atuh," Mang Udin nanya ka nu anyar datang.

"Wangsul ti Purwakarta, Mang," témbalna. "Puguh hilap teu ngabantun payung."

Si Ujang nu keur ngiuhan di teras kios, neges-neges sora awéwé nu anyar datang. Saha? Asa kungsi ngadéngé, tapi poho deui.

"Di lebet atuh!"

"Mangga."

"Hujan di lebak, Néng?"

"Rupina mah, da tadi téh tos ang¬keub. Abdi mah kahujanan téh di Ran¬ca Darah."

Si Ujang ngadedempés, nangkeup harigu bari ngadédéngékeun nu gunem catur. Saha nya?

"Bilih badé mulih mah, anggé wé atuh payung nu Emang."

"Muhun atuh upami teu dianggo mah."

"Lah, na dianggo naon. Da aya dua ieuh di dieu mah," ceuk Mang Udin bari ngaléos ka tukang, rék nyokot payung. Ké, asa-asa ieu téh, Si Ujang pana¬saran.

"Éh, geuning aya Kang Ujang? Nuju naon di dieu?"

Lakadalah, geuning wawuheun ka aing, nyebut Akang deuih. Si Ujang kagét.

"Ah, henteu, Néng," témbalna ukur kitu. Ngaenéngkeun nurutan Mang Udin.

"Mangga ieu Néng," ceuk Mang Udin, nyodorkeun payung.

"Aduh, kalah ngarérépot wé nya ieu téh."

"Ah, henteu Néng, ngarérépot naon barina gé," ceuk Mang Udin. "Geuning ayeuna mah katingalna téh aya baé di dieu, nuju libur?"

"Ari Emang, apan abdi téh tos ngalih ayeuna mah, ngajar di Purwakarta." Bray muka payung.

"Baruk Néng Tatin téh tos ngalih?"

"Muhun, tos badé saminggu."

"Nuhun wé atuh, nyaketan sepuh ayeuna mah panginten nya. Cép Iwan mah di Bandung wé nya?"

"Muhun, sareng Kang Hérman."

Néng Tatin? Cép Iwan? Kang Hér¬man? Néng Tatin lanceukna Cép Iwan adina Cép Hérman. Moal salah putra Pa Kohar. Néng Tatin putrana Pa Kohar. Enya, apan baréto téh sakola di Bandung, cekel gawé di Bandung. Ayeuna mah geus pindah ka Purwakarta cenah gawéna téh. Didugdag baé ti dieu meureun. Geus saminggu cenah. Tapi na bet kakara panggih? Pikiran Si Ujang norowéco sorangan.

“Mangga atuh, Mang, wios engké panginten miwarangan barudak ngawangsulkeun pajungna.”

“Mangga Néng, énjing deui gé teu sawios-wios atuh.”

Kukucuprakan nincak cileuncang. Karék gé tilu léngkah Néng Tatin ngarandeg hareupeun Si Ujang.

“Kang Ujang badé mulih ayeuna? Urang sareng wé yu sareng abdi!”

Lenyap téh, haté Si Ujang ngalenyap. Kakara gé nyieuhkeun kahayangna, hayang diajak balik bareng, da imah Si Ujang téh kaliwatan ku Néng Tatin. Teu nyangka bakal jadi kanyataan.

“Ah, wios Néng, mangga wé ti payun!”

“Lain wios-wios Sujang, meungpeung aya batur, apan sok laeueur jalan ka kalér téh ari hujan mah,” ceuk Mang Udin. “Dasar bodo manéh mah Sujang. Batur mah parebut haying sapayung jeung nu geulis téh!”

Néng Tatin mésem, Si Ujang balaham-béléhém.

***

POÉ pasar, teu wudu mucekil ogé beubeunangan ngamén téh. Si Ujang diuk dina téras warung Mang Udin. Ngelepus udud, sulingna ditunda dina lahunan.

“Jang, urang ngadangdut deui, ah!”

“Capé ayeuna mah, isuk deui wé lah.”

“Béda euy ari boga Néng Tatin mah, poho kana nyuling téh. Tong sieun Jang, dibayar ku aing gé!” ceuk Si Darto.

“Lain kitu, To, capé urang téh, geus nyuling di pasar, teuing sabaraha puluh lagu atuh.”

Si Ujang padangagonjak pédah kamari sapayung jeung Néng Tatin. Si Ujang cungar-cengir, jajauheun kana ambek. Nepi ka balikna. Si Ujang deuih, kawas ngahaja nu ngajalanan sangkan terus digonjak.

Si Ujang balik. Leumpang utag-atog. Jalan jeung barang-barang ukur katémbong belegbegna. Maké tongkat, sapatu botna semu digusur. Suling nogél dina tonggongna, diselapkeun kana bagian tukang calanana.

Di jalan mudun lebah imah Pa Lili, Si Ujang mapay sisi. Leumpang bari muntangan kana pager, sieun labuh. Jalanna leueur, tadi gé isuk-isuk, lebah dieu téh ditungtun ku Mang Andi nu rék ka pasar.

“Kang Ujang, kadé geubis, laleueur!”

Gebeg. Néng Tatin. Si Ujang seuri, ngalieuk ka lebah datangna sora, ngabelegbeg jangkung leutik. Gep leungeun Si Ujang dicekel ku Néng Tatin, terus ditungtun. Leumpang ati-ati.

“Mulih ti mana Kang Ujang téh?”

“Éhéh, ti pasar.”

“Na da abdi gé lirén téh di pasar, geuning teu pendak?”

“Éhéh, da tadi.”

Jep deui. Si Ujang norowéco saorangan na jero haténa. Bongan hayang galécok ngobrol hésé kedal. Hayang ngadéngékeun halimpuna sora Néng Tatin. Nu kamari gé masih kénéh dédéngéeun, da terus ngagalindeng dina haténa. Nu kamari gé masih kénéh karasa haneutna dampal leungeun Néng Tatin, da terus nyimbutan haténa. Nu kamari gé masih kénéh karasa lemesna kulit Néng Tatin, da terus nyayang di¬na haténa. Nu kamari gé masih kénéh kaambeu seungitna awak Néng Tatin, da terus nyaliara dina haténa. Ayeuna dipindo deui.

***

"KATÉNJONA téh balik bareng deui jeung Néng Tatin, Ujang?" indungna nanya.

"Enya, panggih di hareupeun imah Pa Lili."

"Néng Tatin mah kayungyun, keur geulis téh daréhdéh deuih. Soméah. Ka saha-saha téh teu weléh imut jeung sopan. Tara gudag-gideug cakueum ha¬seum. Abong nu berpendidikan nya, Ujang.”

"Enya."

Indungna, terus muji-muji Néng Ta¬tin. Si Ujang anteng neruskeun hanca sapeupeuting, nginget-nginget beu¬ngeut Néng Tatin. Geulis cenah, bodas cenah. Ngala ka indung? Da teu bodas Bu Kohar mah.

Apal Néng Tatin téh baréto, keur leu¬tik. Si Ujang sok ulin bareng jeung lanceukna, Cép Hérman, da sakelas. Hari¬ta manéhna ogé masih kénéh belejag. Masih kénéh bisa ningali, panonna ma¬sih kénéh normal. Saméméh gering pa¬nas mulan-malén, saméméh dlopna¬meu di Bayu Asih. Cenah manéhna kungsi dibawa ka kamar mati sagala, da geus taya harepan. Tapi bisa cageur. Ngan panonna teu nempo, aya lamad anu ngahalangan. Ti harita, sakolana gé karék kelas tilu SD, Si Ujang ukur bisa nénjo belegbegna hiji barang. Sa¬kolana teu laju. Ayeuna kudu nginget¬-nginget deui beungeut awéwé nu harita budak kénéh, sakola gé acan. Poék.

Indungna masih kénéh nyaritakeun kaalusan Néng Tatin.

"Ma!"

"Naon, Jang?"

"Ah, henteu kétang."

"Teu puguh manéh mah!"

***

ISUKNA, Si Ujang ngandangdut deui jeung barudak terminal di hareupeun kios Mang Udin. Tadi isuk, Néng Tatin ka Bandung cenah ceuk si Édén mah. Rék ka lanceukna meureun, aya uru¬seun, pikir Si Ujang. Nu ngadangdut ra¬mé, aréak-éakan. Teuing geus sabara¬ha lagu, Si Ujang teu katémbong capé niup sulingna. Lagu dangdut, lagu Sun¬da. Bari nyuling, bari ngadangdut, bari aya nu didagoan. Tapi weléh, nepi ka balikna, nu dianti-anti téh teu datang. Meuting meureun di Bandungna.

Isukna deui, Si Ujang geus mangkal di hareupeun kios Mang Udin. Nga-dangdut deui. Beuki ramé. Da ayeuna mah dibarung ku hitar jeung tamtam. Si Ujang sumanget nyulingna. Nu mén¬ta lagu naon baé ogé, asal dangdut jeung Sunda, teu dipersabenan. Bari ngadagoan nu kamari teu datang.

Keur meujeuhna ramé ngadangdut, celengkeung Si Darto.

"Jang, Néng Tatin!"

Plong, haténa asa ngemplong.

"Jeung saha nya?" Ceuk Si Darto deui.

"Kabogohna, urang Purwakarta. Nu matak pindah ogé gawéna, cenah mah rék ditanyaan pagéto," ceuk Mang Udin.

Gedug aya nu neumbrag kana haté Si Ujang. Baruk kabogohna? Baruk rék ditanyaan? Baruk? Néng Tatin, teung¬teuingeun....

"Nu balég atuh Jang nyulingna!" Si Adé nu ngahitar ngagebés.

"Heueuh lah sok ayeuna mah." Jung Si Ujang nangtung. Gelik nyu¬ling, laguna "Pagar Makan Tanaman". Genjréng hitar, dang-dang-dut ken¬dang. Si Ujang jogéd. Nu ngadangdut, nu narempokeun, kabawa sumanget. Beuki lila Si Ujang beuki mijah. Teu nolih ka nu narempokeun, teu nolih ka¬na itu-ieu. Néng Tatin jeung kabogoh¬na, ukur melong. Mésem. Duaan pa¬gégéye ka kalérkeun. Si Ujang beuki motah, beuki motah, beuki motah, beu¬ki mijah. Lagu demi lagu ngagelik tina sulingna.

Keur ramé-ramé, ujug-ujug reg Si Ujang eureun.

"Ku naon, Jang?"

Teu némbal. Galéong-galéong, bru rubuh.

"Mijah teuing atuda!"

Pahibut. Si Ujang pada mayang ka imahna.

***

GEUS dua poé Si Ujang nombrona. Ukur asup cai.

"Ujang, geura cageur atuh. Lah, aing mah ku aya-aya baé. Bapa manéh deuih geus dua minggu teu balik-¬balik," ceuk indungna.

Ras Si Ujang inget ka bapana anu keur kull némbok di Jakarta. Nepi ka kudu kitu. Cenah béak naon béak naonna téh basa manéhna gerlng. Sa¬wah, tanah, harta banda séjénna taya nu nyésa, dipaké waragad tatamba ma¬néhna. Can kagantian nepi ka ayeuna.

"Geus Ujang, ceuk Ema gé ulah nga¬mén deui. Da najan manéh teu kitu ogé, moal burung kaparaban ku Ema jeung Bapa téh."

Si Ujang teu némbal. Enya, kolotna mah nyaram manéhna ngamén téh. Ta¬pi, manéhna keukeuh. Embung hirup ngan jadi kabeungbeurat kolot baé. Hayang bisa usaha sorangan. Bisana ngan ukur nyuling. Da suling apan so¬batna anu satia téh, satia marengan dina kaayaan kumaha baé.

"Ari Suling mana, Ma?"

"Aya suling mah, diteundeun na lo¬mari ku Ema. Dahar heula Jang ambéh téréh cageur. Tah, aya pangirim ti Pa Kohar."

"Pa Kohar?"

"Enya, apan Néng Tatin téh aya nu nanyaan, bieu. Lah, Ujang, resep Pa Kohar mah boga minantu téh. Keur ka¬sép téh jeneng deuih. Nurub cupu jeung Néng Tatin mah. Éta wé Ujang, karék nanyaan ogé mani geus bro-broan."

Si Ujang ngabetem.

"Sok geura dahar heula, Jang," ceuk indungna bari ka dapur.

Si Ujang ngaheneng, panonna beueus. Sangu jeung rupa-rupa deu¬ngeunna pangirim ti Pa Kohar di gigi¬reunana. Si Ujang ngahuleng, leng-leng ngahuleng.

"Ma!"

"Naon, Jang?" ceuk indungna, noro¬jol ti dapur.

"Iraha cenah kawinna téh?"

"Saha? Néng Tatin?"

"Enya." Manéhna mah teu wasa nye¬but ngaranna gé.

"Bulan hareup. Naon kltu?"

"Ah, henteu, hayang mangnyuling¬keun wé," omong Si Ujang dareuda.

(Galura, Minggu I Désémber 1991)

UING MAH NEUNGGEUL SI JAGO

Naon atuh dosa Ibu téh? Bageur ceuk kuring mah. Sok seuri ka ku¬ring. Teu cara Papih. Teu cara lanceuk. Teu cara si Emang. Teu cara si Iti. Teu cara batur. Ka kuring téh sok nyeungseurikeun. Ibu mah sok ngu¬sapan kana sirah, sok mépéndé, tara sentak sengor. Teu cara Papih. Tapi naha Ibu bet dibawa? Dibungkus kaén bodas, dikubur? Enya diku¬bur. Ti harita kuring can panggih deui jeung Ibu. Padahal kuring téh méh unggal poé nungguan di tempat lbu dikubur. Naha cicing baé atuh Ibu téh?

Papih mah teu ngarti, teu ngarasakeun. Mun kuring cicing di dinya téh sok ditéang. Sok dicerékan. Mun kuring teu daék, sok dirangkét. Pa¬pih mah teu ngarti, apan kuring téh keur ngadagoan Ibu.

Tapi basa éta mah, kuring bisa samemena cicing ngadagoan Ibu téh. Enya, di tempat dikuburna. Papih euweuh, si Iti euweuh, si Emang euweuh. Teuing ka marana, da ngagarinding. Lanceuk ogé anu tara ka imah, aya deui basa éta mah. Cenah Papih rék kawin deui. Cenah kuring téréh boga Ibu deui. Cenah ambéh kuring henteu ka kuburan baé. Ce¬nah, teuing naon deui ceuk Papih téh. Da loba nu diomongkeunana. Ce¬nah kuring bakal boga adi awéwé. Tah, harita kuring bisa ngadagoan Ibu saseubeuhna, nepi ka reup peuting. Tapi Ibu euweuh baé.

Kuring néangan pangali, rék ngali kuburan Ibu. Keur naon atuh Ibu téh? Uing hayang panggih. Kuburan Ibu dikali ku awi. Tapi kakara gé sababaraha gecrukan, datang si Emang, Keur naon manéh téh Oyik? Hayang panggih jeung ibu? Moal aya atuh di dinya mah. Aya. Uing gé nyaho di dieu dikuburna téh! Euh, atuh geus euweuh, boa geus jadi ta¬neuh. Jadi taneuh? Ibu jadi taneuh? Sok nu lain-lain baé ari si Emang. Ulah, Ibu mah ulah jadi taneuh. Kuring beuki segut ngali kuburan lbu. Bisi enya, kaburu jadi taneuh.

Oyik, Ibu manéh mah aya di imah. Aya di imah? Enya, karék datang bieu jeung Papih. Ibu uing? Enya.

Cul kana awi. Leumpang gura-giru ka imah. Hayang geura panggih jeung Ibu. Di buruan loba mobil, nu beureum jeung nu bulao mah, nyaho, anu Papih. Enya baé, kasampak di imah téh loba jelema. Aya nu wawuh. Aya nu henteu. Tapi Ibu mah euweuh.

Mana Ibu téh, Mang? Tuh, nu baju héjo gigireun Papih. Nu baju héjo? Kuring nenget-nenget. Lain, éta mah lain Ibu. Anu maké baju bodas, kén¬caeun Papih, dulur maneh éta mah. Dulur uing? Dulur ti mendi? Asa karak panggih. Kuring terus nelek-nelek. Keur kitu, Papih ningalieun ka kuring. Nangtung terus nyampeurkeun.

Ti mana baé manéh téh Oyik? Papih nanya bari molotot. Kuring teu némbalan. Ti kuburan, Kang. Si Emang nu némbalan téh. Kapendak nuju ngali kuburan Aceuk Juag. Hah? Ngali kuburan? Enya, Oyik? Nana¬haonan atuh sia téh? Indung sia mah geus euweuh dikieuna deuleu! Tuh, itu indung sia nu ayeuna mah! Cing, atuh Oyik, sia téh ulah picaca¬pékeun teuing hirup téh! Mandi kaituh! Geus éra aing mah, majarkeun teu ka¬urus! Papih nyeuneu.

Yu, urang ka cai Oyik. Si Emang nyekei peupeuteuyan, ku kuring di-képéskeun. Ngéwa ka si Emang téh. Sok bébéja ka Papih. Sagala rupa dibéjakeun ka Papih. Kituna téh basa Ibu geus dikubur wé. Baheula mah tara. Da sieuneun ku Ibu.

Leungeun Si Emang ku kuring diképéskeun deui. Lésot. Kuring indit ka cai, sorangan. Mandi. Sup ka kamar kuring. Ganti baju. Baju anu mangmeulikeun Ibu téa ti pasar, jeung kuring meulina gé. Baju kahayang kuring. Ibu, iraha atuh ngajak ka pasar deui ka uing?

Keur kitu, torojol Papih, nu maké baju héjo, jeung nu maké baju bodas. Oyik, enggeus ayeuna mah manéh téh ulah inget baé ka Ibu nu geus euweuh. Ulah ka kuburan baé, nya. Manéh téh ayeuna mah geus boga deui indung. Tah ieu, ka dieu teh manéh kudu nyebut Ibu. Ari ieu, adi manéh, Ita. Ceuk Papih. Kuring nenget-nenget. Jadi éta nyah Ibu kuring ayeuna téh? Tapi geuning henteu seuri? Kalah melong. Éta deuih adi kuring téh? Ditenget-tenget, manéhna seuri. Bet siga Ibu seurina, enya Ibu nu dikubur téa. Kuing gé hayang seuri deui. Ngan sieun ku Papih. Keun engké deui mah, mun manéhna seuri, kuring gé arék seuri deui. Tuh, itu kamar Mang Anang. Tuh, anu deukeut kamar mandi kamarna si Iti. Papih nuduh-nuduhkeun patempatan nu aya di imah. Lega atuda imah téh. Ari itu wangunan naon Pih? Adi kuring téa nanya. Oh, éta mah gudang. Nu sabeulahna deui dipaké kandang hayam ku Mang Anang. Seueur hayamna, Pih? Ih, loba ogé. Aya kana puluhna. Puguh ogé daék¬an boga adi téh. Maké hayang ngingu hayam sagala. Nya, puguh wé, teu hésé ku endog hayam kampung. Ari sakalieun butuh keur isuk mah, aya. Papih seuri, indung kuring nu anyar téa gé seuri. Tapi lain ka kuring. Adi kuring ngadilak bari seuri. Seurina siga seuri Ibu, tapi lain Ibu nu ieu.

Tah, Oyik sing nurut nya ka indung manéh. Ceuk Papih. Muhun, tong ka kuburan deui nya? Da ayeuna mah aya Ibu sareng abdi, ceuk adi kuring téa téh bari seuri. Kuring unggeuk, teu karasa.

Tiluanana laleumpang deui. Ningalian imah. Ku kuring disérangkeun tina jandéla. Terus areureun di taman. Dariuk. Kuing mah terus baé da¬har beunang nyayagikeun si Iti. Kuing inget baé ka adi kuring téa. Saha ngaranna téh? Poho deui. Inget téh kana seurina baé. Siga seuri Ibu, ta¬pi lain Ibu nu ieu.

Isukna, kuring dibéjaan ngaran adi kuring téa ku si Iti. Néng Ita, cenah. Bisi poho deui, kuring terus ngapalkeun ngaranna. Mun poho, nanya deui ka si Iti. Néng tta. Néng Ita. Néng Ita. Si Iti mah nyeungseurikeun. Keun baé. Ayeuna mah lain seurina bae nu inget téh. Ngaranna gé inget: Néng Ita. Néng Ita. Néng Ita.

Enya baé Néng Ita mah bageur. Tara nyeungseurikeun, tara molotot¬an, tara sentak sengor. Osok seuri unggal panggih gé. Osok nanya ung¬gal panggih ogé. Ti mana Oyik? Oyik geus dahar? Oyik geus mandi? Oyik ka kuburan Ibu deui tara? Ibu nu anyar mah henteu kitu. Ayeuna mah kana dahar tara elat, kana mandi tara elat, ulin tara jauh, ka kuburan ogé tara. Néng Ita sok seuri mun kuring ngajawab bener téh. Tuluyna mah kuring ogé sok nanya ka Néng Ita mah, cara ka Ibu wé, tapi lain Ibu nu ieu. Néng Ita ti mana? Kuliah cenah. Kuliah téh naon? Néng Ita ngaja¬wab, kuring teu ngarti. Keun baé. Da Néng Ita sok seuri. Néng Ita ti ma¬na? Ti pasar cenah, ieu mawa oléh-oléh keur Oyik. Kupat tahu sapincuk. Néng Ita ti mana? Ti toko cenah, geus balanja, ieu mawa sapatu keur Oyik. Kuring gé mantuan mangmawakeun balanjaanana tina mobil. Da Ioba. Ayeuna mah kuring tara tinggal sapatu ka mana-mana ogé. Ari saré mah ulah maké sapatu cenah. Ayeuna mah tara dibawa saré sapatu téh.

Ayeuna mah kuring resep di imah. Resep mun aya Néng Ita. Bageur tuda. Nurut kana omonganana, da tara molototan, da tara sentak sengor, da sok seuri. Siga Ibu seurina téh. Teu cara lanceuk kuring. Sok popolotot, sok nyarékan, cara Papih. Siga Papih rupana ogé. Carang ka dieu ayeuna mah. Ari ka dieu sok jeung awéwé, ceuk si Iti mah pamaji¬kanana. Sok mawa budak. Budakna sok resepeun mun ulin jeung kuring téh. Kuring gé resep. Ngan sok dicaram ku lanceuk kuring. Keun baé kétang, da aya Néng Ita ayeuna mah.

Hiji poé Néng Ita datang jeung lalaki. Néng Ita ti mana? Kuliah. Éta saha? Ada ajah. Ada Ajah nanya, saha It? Oyik. Oh, Oyik téh éta? Néng Ita unggeuk, si Ada Ajah seuri. Kuring bébéja ka si Iti. Néng lta tas kuliah balikna jeung Ada Ajah. Si Iti nyeungseurikeun. Lain Ada Ajah, ngaranna téh Cép Dasé. Kabogohna, cenah.

Néng Ita, ari kabogoh téh galak? Henteu. Tara popolotot? Tara. Tara, tara, tara nyarékan? Tara. Kuring atoh. Naha? Lamun galak ku uing rék diteunggeul. Néng Ita seuri. Kuring atoh. Oyik teu boga kabogoh? Hen¬teu. Néangan atuh, da Oyik téh geus déwasa, ceuk Papih mah geus dua puluh opat taun. Ah, henteu. Keun engké dipangnéangankeun ku Ita, nya? Nu cara Ibu? Nu cara Néng Ita? Nya nu kumaha wé, anu bageur ka Oyik. Kuring teu ngarti. Da nu bageur mah Ibu jeung Néng Ita.

Cép Dasé datang deui, bada magrib ayeuna mah. Papih euweuh, ceuk si lti mah ka ondangan, teuing di hotél nahaon. Si Emang mah ti kamari ogé, teuing ka mana. Cép Dasé jeung Néng Ita ngobrol duaan di tepas. Écés tina jandéla kamar kuring mah. Si Iti lalajo tipi. Cép Dasé jeung Néng Ita pagégéyé. Ngobrol suka seuri. Up!ek. Cép Dasé jeung Néng Ita turun ka taman. Meureun rék ngala kembang. Geuning terus ka wétan? Apan di lebah dinya mah euweuh lampuan. Meureun ngala kem¬bang campaka. Geuning teu datang-datang deui? Panasaran, kuring ngeteyep ka taman, hayang nganyahoankeun Cép Dasé jeung Néng Ita. Bisi kumaonam. Geuning euweuh? Kadéngé aya nu ngorosak. Ditelek-¬telek. Enya wé Cép Dasé jeung Néng Ita. Keur naon hah? Ngagalolér dina jukut. Cép Dasé nindihan Néng Ita. Kuring karunya ka Néng Ita, teu bisa hojah. Ngeteyep ngadeukeutan. Cép Dasé ngégélan Néng Ita, di¬sogotan. Rék dihakan? Kurang ajar, Cép Dasé jahat. Kuring nyampeur¬keun. Néng Ita pepereket. Karunya. Kuring ngarabut pancuh. Teu antaparah deui, habek diteunggeulkeun ka Cép Dasé. Cép Dasé ngagoak. Néng Ita ngagurinjal. Oyik nanaonan ari sia? Kuring terus nyehcer Cép Dasé. Nepi ka ngaréngkol na akar tangkal campaka. Tulung, tulung! Si Oyik ngamuk! Kuring atoh geus nulungan Néng lta. Tulung, tulung! Si Oyik ngamuk! Néng lta tulung-tutungan. Torojol si lti. Si Oyik rigamuk, teu pupuguh ujug-ujug neunggeul Kang Dasé. Gurujag Papih jeung Ibu datang, tina mobil teu sirikna ngajleng nyampeurkeun. Aya naon ieu téh? Ceuk Papih. Si Oyik ngamuk. Neunggeulan Kang Dasé. Kurang ajar! Na sia téh ngan ngeselkeun aing baé Oyik? Gampleng-gampleng, Papih nampilingan. Kuring ngagoak. Da uing mah nulungan! Gampleng deui. Bangkieung. Gaplok najong. Atos, Pap, atos! Gaplok deui. Atos Juragan, atos! Gaplok. Leng, leng, kuring teu inget nanaon deui. Inget-inget geus di kamar, nyareri satulang sandi.

Isukna, Néng Ita jadi béda. Ka mana Néng Ita? Baeud. Ti mana Néng Ita? Miceun beungeut. Boro-boro seuri, némbalan ge henteu. Abong-¬abong nu teu waras, dibageuran téh kalah nincak hulu, cenah. Kuring teu ngarti. Da uing mah rék nulungan. Ti mana Néng Ita? Cuih, nyiduh. Ayeuna mah Néng Ita geus tara seuri. Sok molototan.

Kuring teu betah di imah. Ari rék ka luar, si Ernang atawa si !ti sok nyingsieunan. Dibéjakeun ka Papih geura. Dibéjakeun ka Juragan geu¬ra. Kuring sieun ku Papih. Sieun ditampiling deui, sieun ditajongan deui. Nyeri, nyeri pisan. Ayeuna gé karasa kénéh urutna. Ngan ti harita Cép Dasé tara datang deui. Gara-gara Oyik, Cép Dasé putus jeung Néng Ita. Putus? Kuring teu ngarti. Da uing mah rék nulungan. Tapi naha Néng Ita jadi kitu?

Kalantang-kulinting sorangan di imah. Kesel. Bus ka gudang. Nyoo naon baé. Ulin jeung hayam. Si Emang jeung si Iti ogé henteu nanaon kuring ulin di dinya mah. Tah, di dinya wé ulin mah, ulah ka luar. Moal dibéjakeun ka Papih? Moal.

Kuring jadi resep ulin di gudang. Resep ulin jeung hayam. Resep ningalikeun si Bodas. Anakna loba. Mun keur mépéndé anakna, kawas Ibu. Ibu gé sok mépéndé kuring. Kuring nyampeurkeun. Mimitina mah Si Bodas siga nu sieuneun. Uing mah moal nanaon Bodas. Nyabakan buluna. Lemes, kawas kulit Ibu, kawas buuk Ibu. Haneut kawas awak Ibu. Si Bodas. Ibu. Si Bodas. Ibu. Lemes. Haneut. Aya ku genah. Reup saré. Kahudangkeun ku Si Iti. Itu Juragan, Oyik bobo di kandang hayam. Torojol Si Emang. Oyik ulah saré di dinya, mérang! Si Emang metot leungeun kuring. Dibawa ka kamar.

Tapi lila-lila mah Si Iti jeung Si Emang gé tara ribut mun kuring saré di dinya téh. Jeung si Bodas. Ulin jeung anak-anakna. Narurut ka kuring, da sok diparaban. Gogolédagan. Sasaréan jeung kuring. Si Bodas agé sok mépénd[ anakna. Mépéndé kuring deuih. Kuring sok nulungan mun aya nu ngaganggu ka Si Bodas téh. Si jago nu sok ngudag-ngudag, sieuneun. Si Jago Beureum. Si Jago Hideung, sieuneun duanana gé.

Hiji poé, kuring ningali si jago keur ngudag-ngudag Si Bodas. Si Jago Beureum jeung si Jago Hideung, ngudag-ngudag. Anak-anak Si Bodas tingkocéak. Kuring ambek. Digebah, angger baé. Dibalédog, angger baé. Kuring nyokot paneunggeul, kai sagedé leungeun. Si Jago Beureum diudag-udag. Habek-habek diteunggeulan. Kékéakan. Si Jago Hideung diudag-udag, habek deui, kéak wé. Lulumpatan ka ditu ka dieu. Nga¬heureuykeun kuring. Ku kuring terus diudag-udag. Si Iti datang gegedor kana panto gudang. Oyik, buka! Aya naon Iti? Oyik ngamuk Juragan, ngaburak-barik gudang. Panto gudang aya nu neumbrag. Kuring terus ngudag Si Jago Hideung, da Si Jago Beureum mah geus ngajehjer. Oyik, nanaonan ari sia? Papih nyampeurkeun. Kuring neunggeulan Si Jago Hideung, Papih nyurungkeun kuring. Kuring ngabangkieung. Ajeg deui. Ngabubat-babit paneunggeul. Si Jago Hideung. Papih. Papih. Papih. Si Jago Hideung. Tulung! Tulung! Oyik ngamuk! Si Iti gégéréwékan, lurnpat ka luar gudang. Torojol Si Emang, néwak leungeun kuring. Papih jeung si Jago Hideung ngajehjer. Gampleng, gampleng, jebot, jebot! Si Emang nampiling jeung neunggeulan kuring. Kuring ampun-ampunan. Tapi Si Emang henteu eureun. Leng, leng, teu inget nanaon. Inget-inget, suku jeung leungeun geus ditalian.

Geus ripuh pisan si Oyik téh, Adi. Muhun, Kang, kedah dicandak ka rumah sakit jiwa. Papih jeung si Emang nangtung hareupeun. Sirah Pa¬pih dibulen perban. Enya, lamun euweuh Adi mah, boa geus paéh Akang téh. Da baheula mah tara ngamuk kitu atuh. Enya, diogo teuing ku Aceukna. Nyaho budak teu jejeg. Oyik, ku naon maké neunggeul Papih? Neunggeul Papih? Da uing mah neunggeul si jago. Bongan ngudag¬-ngudag Ibu. Tuh, nya Kang, tos parna pisan.

Isukna, kuring dibawa kana mobil ku Papih jeung Si Emang. Teuing rék ka mana. Ibu nu ayeuna jeung Néng Ita, nganteurkeun nepi ka la¬wang pager. Leungeun jeung suku kuring ditalian.

(Galura, 1992, Pinunjul I Hadiah Sastra LBSS taun 1991/1992)

 

Pengikut