Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

JAS ALMAMATER

CAN gé tengah poé geus meunang satengah tolombong, puguh wé atohna mah. Leumpang téh mapay sisi, hayang buru-buru pinuh tolombong. Tungkul, da lamun tanggah mah meureun moal manggih beling sapotong-sapotong acan. Mun engké geus pinuh, rék buru-buru dianteurkeun ka Ki Uhri, rék buru-buru néangan deui. Meureun nampa duit téh dua kali. Nu sakali rék dika-Emakeun, nu sakali deui mah keur kuring wé. Rék dipaké jajan saseubeuhna engké peuting di Alun-alun.

Ti kajauhan katempo aya nu ngalumbuk, abu-abu. Leumpang téh digancangan. Horéng baju, mani alus naker. Ceg baju téh ku kuring dicokot, dialak-diilik. Lain baju meureun anu kieu mah, jas. Sarua jeung nu sok dipaké ku Bapa Guru nu sok ngaliwat unggal isuk. Enya, jas nu kieu mah. Leuh, aya ku alus. Di loak gé moal meunang sarébu pérak. Ti heula gé Si Édod ngajualna téh dua rébu pérak, Jiga kieu pisan. Jaba ieu mah masih kénéh aya capan lebah dadana. Ginding temen lamun ieu jas téh dipaké ku kuring. Hanjakal wé kagedéan teuing, cukup keur bapa atawa Kang Ibot.

Kuring luak-lieuk, euweuh sasaha. Rawatan baé kitu? Tapi sieun jiga Si Édod, digarebugan gara-gara kapanggih ngarawatan jas tina popoéan. Ah, barina gé kétang, ieu mah lain tina popoéan ieuh. Mending rawatan, ngan kumaha mawana nya? Ari rék disesepkeun kana tolombong, lebar. Atuh meureun kotor, mangka jas sakieu hadéna. Jas téh ku kuring digigiwing. Tah, kabeneran manggih keretas koran, mahi keur mungkus jas mah. Kalawan ati-ati jas téh ku kuring dibungkus ku keretas koran. Geus kitu mah, disesepkeun kana tolombong. Campur jeung beling gé moal sieun kotor.

Terus bawa ka imah baé kitu? Da geuning euweuh nu nyusulan. Tapi, kumaha mun aya nu nganyahoankeun? Embung jiga Si Édod kuring mah. Si Édod gé dua poé teu bisa liarna téh, jaba beungeutna barengep. Mun kajadian téh, moal henteu kuring bakal disiksa ku Bapa. Cacak elat indit liar ogé geus sakitu popolototna. Ah, mending gé disalabarkeun. Ti heula gé Mang Awing, aya nu méré duit cenah, basa Mang Awing manggihan lokét dina bécana, terus disalabarkeun. Enya ah, mending disalabarkeun. Sugan wé atuh ….

Kudu ka mana nyalabarkeunana, nya? Tadi téh aya nu leumpang miheulaan kuring. Jigana nu manéhna, da can aya deui nu ngaliwat ka dieu iwal ti manéhna jeung kuring mah. Inget ayeuna mah, ka jelemana ogé moal poho mun panggih téh. Mun teu salah mah tadi téh méngkol ka beulah kénca. Jigana mah masiwah, ceuk Si Édod gé anu sarakola di dinya mah masiwah ngaranna téh.

Kuring méngkol ka kénca, terus leumpang, bras ka jalan gedé. Di sisi jalan beulah ditu, témbong lawang sakolana agréng. Komo di jerona meureun. Di saluhureunana aya aksaraan, teuing naon. Sabab kuring mah, tong boroning maca, nyekel patlot gé teu bisa. Kuring meuntas jalan.

Asup kitu ka jero? Leuh, éra temen. Leuheung mun ukur dipoyokan, éta kumaha lamun diusir jeung ditareunggeulan cara di sakola nu anyar téa. Teungteuingeun. Pédah kuring milu lalajo nu keur ucing galah, asup ka buruan sakolana. Resep tuda, padahal mah barudakna gé pantar-pantar kuring. Abong kéna ka nu teu sakola. Lain teu hayang kuring ogé, ngan ceuk Bapa mah moal kabedag ongkosna. Sakola téa ongkosna gé moal mahi saeutik-saeutik. Can keur meuli baju nu sarua jeung batur, can keur meuli buku jeung patlot, can keur méré ka Bapa Guruna.

Jigana kétang, masiwah mah moal kitu. Ceuk Si Édod gé balageur, asal ulah diheureuyan wé cenah. Piraku da geus galedé. Geus sagedé-gedé Mang Awing. Awéwéna gé geus pantar-pantar Ceu Minah. Sanajan kitu, ari kudu asup mah asa-asa. Asa sieun jeung éra. Tungtungna diuk dina batu, nyarandé kana pager sakola. Ari rék dibikeun ka masiwah séjén nu larsup, sok sieun teu ditepikeun. Atuh lapur meureun kuring téh moal meunang buruhan.

Mending ogé didagoan di dieu, sugan wé nu bogana néangan ka dieu. Inget kénéh ieuh ka jelemana mah. Lalaki, buukna panjang jiga Kang Codét méméh dibui. Apal lah ku saliwatan ogé. Mun kitu mah meureun, diukna ogé kudu nyanghareup ka jero sakola.

Enya réa geuning masiwah téh. Aya nu ngélék buku, aya nu nyorén kantong, aya nu mawa tas. Bajuna gé rupa-rupa deuih, teu cara barudak sakola di sakola anyar téa.

Ari rék tatanya, éra jeung teu wani. Tuda meni euweuh nu nakol-nakol acan ka kuring téh. Padahal laleumpangna téh teu sirikna ngadupakan kana cukang irung kuring. Teu nyarahoeun yén dina tolombong kuring téh aya jas alus. Tapi untung wé. Coba mun nyarahoeun, moal henteu aya nu ngarebut. Buru-buru tolombong téh ditaleukeuman, sangkan eusina kahalangan ku awak kuring.

Lila-lila mah bet resep nempo masiwah téh. Ku garaya jeung lalégég. Ngalobrol sagunduk-sagunduk. Aya deuih nu pagégéyé awéwé jeung lalaki. Bet ras inget ka Ceu Minah. Ceu Minah gé kitu, ari peuting téh sok ngahoding, indit kana béca Mang Awing. Kuring kungsi manggihan Ceu Minah pagégéyé jeung lalaki dina bangku Alun-alun cara masiwah itu. Sarua deuih Ceu Minah gé cengkat bari pakaléng-kaléng. Cenah mah terus dibawa ka imah lalakina. Pasti lain rék dititah masak, da Ceu Minah mah tara masak ti beurang ogé. Ari dipikir deui, mending Ceu Minah. Teu digawé gé maké kabeuli transistor sagala. Kuring gé sok remen milu ngadéngékeun, komo kana dongéng mah, ramé baé tuda.

Saabrulan masiwah rék baralik. Dudukuy samak anu geus rawing sisina téh beuki dilelepkeun, éra bisi aya nu nyahoeun ka kuring. Nu ngabring, awéwé-lalaki, beuki dareukeut. Ramé ngalobrol sajajalan dibarung ku tingharahah, tingirihil. Saruka ati. Geus deukeut mah, écés kadéngé anu diobrolkeunana téh. Ari sugan bangsa kuring baé anu sok ngomongkeun batr téh. Kadéngé nu maké kacamata hideung jiga kacamata Kang Codét ngomong.

“Enya euy, dosén éta mah kieu,” cenah bari pepeta. Ger babaturanana sareuri. “Mun kitu mah palaturan téh ngan keur mahasiswa wungkul, keur dosén mah tidak berlaku, nya ngeunah éhé teu ngeunah éon ...” Teuing naon terusna mah, teu kadéngé. Kasilep ku nu sareuri meni ramé.

Tibum jigana mah dosén téh. Geuning Bapa ogé sok ngomongkeun Pa Kusén, tibum anu galak téa. Teu nginjeum mata ieu mah, kuring gé kungsi nyaksian peuting-peuting Ceu Minah dipaksa naék kana treuk ku manéhna. Lobaan da, teuing rék dibawa ka mana, da dua poé euweuhna téh. Jigana dosén gé kitu, sok maksa masiwah awéwéna, diakutan kana mobil. Bapa kuring gé sok ngobrolkeun palaturan-palaturan kitu ari keur ngariung téh, ngan sok haharéwosan.

Tah enya, Si Édod salah. Lain masiwah anu sakola di dieu téh. Naon tadi téh, mahasiswa? Tah éta, mahasiswa. Keun engké mun panggih jeung Si Édod rék disalahkeun. Pan ceuk Ki Uhri ogé, kajeun teuing sasaha ari salah mah ulah dibenerkeun, kudu disalahkeun. Paduli teuing Si Édod geus ngalaman dibui ogé. Sakali salah tetep salah.

Keur kitu ronghéap téh lalaki nu buukna panjang ti jero sakola. Moal kapalingan, ieu yeuh nu bogana jas téh. Tapi manéhna tonggoy wé ngaliwata kuring. Tatanya ka nu pasangrok jeung manéhna.

“Mendakan jas almamater henteu?”

Tangtu wé kabéh gé jawabanana téh gideug.

Geus sagorowok-gorowokkeun kuring hayang ngageroan manéhna. Ku teu nyaho ngaranna, jeung deuih sora téh nyandet dina tikoro, teu bisa kaluar. Aya rasa éra, éra lain heuheureuyan. Lain éra baé deuih. Pokona mah asa nyanghareupan Bapa Gendut nu sok ninitah pindah ka peuntas ka Bapa.

Manéhna terus leumpang rurusuhan ka urut kuring datang tadi. Haté téh teu pati dégdégan teuing ayeuna mah. Keun engké gé bakal ka dieu deui. Kumaha mun terus kaclep? Mangka teu wawuh. Meureun kuring téh moal meunang buruh nyalabarkeun. Hanjakal wé.

Bener wé manéhna datang deui, reg eureun dina lawang sakola. Terus mencrong ka kuring. Anu tadi geus leler téh. ayeuna mah haté ngadégdégna beuki angot. Geumpeur.

“Tadi manéh ti ditu nya?” manéhna nanya teugeug, satengah nyentak. “Manggihan jas almamater henteu?” Boro-boro bisa ngajawab, kuring malah terus wé tungkul. Sieun nénjo panonna gé, jeung deuih di kuring mah aya ogé jas abu-abu.

“Ari éta bungkusan naon?” ceuk manéhna deui. Teu ngadagoan jawaban kuring, bungkusan téh dicokot tina tolombong. Béréwék, béréwék, kadéngé bungkusan disoéhkeun.

“Paingan, ieu geuning bangsatna téh!” cenah, teu kira-kira nyebut bangsat ka kuring. “Rék dibawa ku manéh téh hah? Rék dijual ka loak?”

Kuring teu némbal, ari kahayang mah buru-buru ingkah. Ngan bret baé dudukuy kuring didudut, belewer dibalangkeun ka tukang. Kuring mah teu wani tanggah-tanggah acan.

“Leutik-leutik siah, geus diajar ceceremed!”

Bek aya nu nambag kana beungeut. Kuring ngagoak, karasa nyeri, katambah teu puguh téténjoan sawatara lilana. Ari dirampa biwir panon kénca téh asa ngegedéan. Kuring ceurik. Rob téh jelema ngariung kuring.

“Aya naon, No?”

“Ieu, Do, budak. Jas sayah rék disikat!”

“Kumaha mimitina atuh?” sora awéwé ayeuna mah nu nanya téh.

”Kieu, Day, Yatno téh rusuh, jas téh teu dipaké, ditumpangkeun wé dina kantong, di tukang. Meureun murag teu kanyahoan. Ari ditéangan geus euweuh, mangka rék seminar. Nyaho-nyaho geus aya dina tolombongna dibungkus ku kertas koran. Untung wé can indit jauh budakna!”

Kuring hayang némbal, hayang nyaritakeun nu sabenerna. Tapi piomongeun téh kabéh nyangked dina tikoro, nyelek jeung piceurikeun anu masih kénéh loba. Anu kaluar ngan ingsreuk-insgreukan. Nyeri. Ku teungteuingeun ari mahasiswa. Abongkéna ka nu teu boga, abongkéna ka nu teu sakola, abongkéna ..., abongkéna ....

“Enggeus wé No, bawa ka pulisi lah, tuman!” ceuk nu disebut Do, “Babaturan urang gé leungit jas almamaterna téh, keur dipoé di buruan, boa ieu wé yeuh bangsatna téh.”

“Enya, enggeus wé bawa ka pulisi,” nu séjén mairan.

Ngadéngé kitu mah piceurikeun anu tadi ditahan-tahan téh budak kabéh, ngabangingik. Ari haté mah norowéco. Lain kuring nu sok maokan jas abu-abu mah, tuh Si Édod. Kuring mah tara, paling gé calana pondok, keur pakéeun éta gé. Hayang ngomong, tapi teu bias ngedalkeun.

Batin nalangsa. Ras ka Ema, ras ka Bapa, ras ka Si Utik. Pisakumahaeun meureun mun kuring dibawa ka pulisi téh, heug terus dibui. Mangka jauh bui keur barudak mah, lain di dieu. Embung sanajan kumaha baé gé, kuring mah embung dibawa ka pulisi, garalak ceuk Kang Codét ogé. Ceurik téh beuki narikan.

“Keur naraon ieu téh, maké ngaheureuyan budak? Kawa anu euweuh pagawéan baé!” kadéngé sora nu agem, jiga sora nu sok ngadongéng dina transistor Ceu Minah.

“Ieu Pa, tukang beling maok jas abdi, disingsieunan badé dibantun ka pulisi.”

“Oh, kitu? Ari éta ku naon beungeutna héjo?”

“Duka atuh, da teu dikukumaha ku abdi gé. Saurna mah kamari gé padangagebugan, kapendak keur nyait jas tina popoéan.”

Bohong kétang, Pa. Bieu ieu mah. Lain kuring kétang Pa anu sok nyaitan jas tina popoéan mah, Si Édod. Ukur na jero haté ngomong kitu téh. Kuring tanggah saliwatan, tembong nu disebut Bapa téh kira-kira pantaran Mang Awing. Teu pikasieuneun geuning Si Bapa téh, teu cara Kang Codét, tapi bet dipikasieun.

Kuring tungkul deui, ceurik téh hayang eureun, éra. Tapi ari inghakna mah masih kénéh aya.

“Enya, enggeus wé atuh. Karunya, ulah diheureuyan teuing. Keun wé da jasna ogé geus kapanggih deui ieuh. Ngérakeun. Jung, geura balik, Jang! Ulah sakali-kali deui wé nya panjang leungeun kitu, teu hadé éta téh!”

Kuring unggeuk, mani hayang nganuhunkeun ka Si Bapa, ngan kudu kumaha.

“Jung ka ituh!” cenah nitah indit ka kuring.

Teu talangké kuring cengkat. Nuhun Bapa, nuhun. Terus nyokot dudukuy anu nyangsang dina pager sakola. Teu luak-lieuk, terus baé ngincid, bari ngusapan biwir panon kénca. Héjo cenah. Méngkol ka urut tadi, leumpang téh rada dilaunan. Rét kana tolombong anu dikélék. Balik ah. Sakieu gé geus cukup. Ngan kudu kumaha ngajawabna, lamun engké aya nu nanya, “Ku naon éta biwir panon sia héjo?”

(Manglé No. 892, 2-8 Juni 1983)

MA ENAH

“GEUS datang Ma Enah téh, Ciwi?"

"Teu acan, Ibu."

"Ka mana atuh nya nini-nini téh. Moal teu nya¬hoeun mah, kitu?"

"Piraku Ibu, da abdi nu ngawartosanana ogé sareng Ceu Iti. Nya Euceu? Pait pisan raraosan mah. Ti kamari da Ibu teu ayana téh. Ari saur Mang Odi mah ka ditu, ka Pasir cenah Ibu, ka Si Yoyoh meureun."

"Heueuh, enggeus, nu aya wé heula ayeuna mah. Saha baé di dieu téh?"

"Abdi wé Ibu, sareng ieu Ceu Iti, Emi, Enok,sareng itu wé Ibu, Nyi Ubéd," ceuk Nyi Ciwi nu harita mah jadi juru bicara kelompokna, kelompok anyaman tina awi.

"Enya atuh, sing hadé wé nya. Mun engké aya nu nanya, tong poho nu ceuk Ibu téa. Ka saréréa wé ieu mah lain ka Ciwi wungkul. Saréréa kudu siap, ulah aga-eugeu ngajawabna mun aya nu nanya téh nya."

Nu dipapatahan arunggeuk.

"Geuning éta mah jiga nu kurang wedel pagawéan téh, Enok?"

"Ah, Ibu. Malum wé atuh nembé gé diajar dua dinten abdi mah ngadamel boboka téh," témbal Nyi Enok ditungtungan ku héhéh.

Ibu Lurah ukur mésem. Terus ngaroris persiapan kelompok "Menjahit" jeung "Menyulam". Teu hariwang di kelompok ieu mah da aya Ibu Modisteu jeung Ibu Iis, guru Inprés nu loba momonésna. Nya kitu deui di kelompok "Makanan dan Minuman," di dinya aya Ibu Ulis nu ngaluluguanana. Terus Ibu Lurah ngaroris dapur umum katut tempat resépsina. Éh, da masalah konsumsi ogé penting atuh, bisa jadi deuih konsumsi gé milu nangtukeun pangajén, Ibu Lurah apal kana hal éta mah.

Nilik kana kasiapanana mah sacara umum, Ibu Lurah téh sugema wé. Nyawang pisukséseunana, moal misleuk. Ieu Paméran Pembangunan téh bakal suksés. Nu milu kana ieu paméran, lian ti ibu-ibu PKK téh aya ogé ti kelompen-capir, aya ti kelomtan, jeung unsur pemuda. Malah ti pihak swasta ogé aya, pédah diakukeun kana hiji kelompok resmi atawa kadinesan.

Ti isuk mula, di sabudeureun Balé Désa téh geus ramé. Tapi paméran, nu diayakeun di Balé Désa téh, acan dibuka. Engké, nurutkeun rencana, dibukana téh ku Ibu Bupati satutasna ngaresmikeun Désa Landeuh, nu mangrupa désa pamekaran ti Désa Tonggoh.

Kira-kira pukul sapuluh, tamu nu dianti-¬anti téh sumping. Mani ngabring, disarengan ku bapa-bapa Tripida Kecamatan. Mobilna ditunda di lebah warung Bi Iyam, da can nepi ka Balé Désa dibatuna téh, AMD-na kaburu réngsé. Tapi ari motor mah dibarawa ka hareupeun Balé Désa, da bisa. Ondangan nu kana motor mah jeung nu rék ngadon lalajo.

Der wé atuh acara resmi téh dimimitian. Sambutan-sambutan, nepi wéh kana biantara Bapa Bupati. Biantara peresmian. Anu pokona mah, pangwa¬ngunan di sagala widang kudu dihangkeutkeun, sarta sakabéh rahayatna kudu nyukséskeun Pemilu 87. Tripida kaca¬matan jeung lurah-lurah anu hadir dina éta acara salaku ondangan, surti kana naon nu dimaksud kudu nyukséskeun Pemilu 87 ku Bapa Bupati téh. Komo aya basa di ieu kacamatan téh hasil pemilu ti heula gé cenah panggoréngna upama dibandingkeun jeung kacamatan lianna. Di dieu préstasi jeung préstiseu diuji, alus jeung henteuna baris nangtu¬keun pisan kana konditeu.

Tunda acara keprok jeung keprok, peresmian nu rék deukeut ka réngsé, di aréna pameran kabéh geus sayagi nga¬jaga stanna masing-masing. Malah aya nu keur hulang-huleng, kunyam-kunyem ngapalkeun pijawabeun engké mun aya nu nanya. Dina enas-enasna, kudu luyu jeung nu dibripingkeun tadi ku Pa Lurah jeung Ibu Lurah. Cenah kitu kuduna saur Pa Camat ogé.

Torojol Ma Énah haruhah-haréhoh.

"Ti mana baé atuh Ema mani karék nolol?"

"Alah nya éta Ciwi, Ema téh tas ti Pasir. Kamari aya nu néang, Si Dodo, cenah Si Yoyoh ngajuru."

"Enggeus ngajuruna téh Ema? Awéwé, lalaki?"

"Alhamdulillah, awéwé," jawab Ma Énah. "Alah, mani lungsé awak téh. Teu sirikna notog-notogkeun manéh ti Pasir téh, sieun teu kaburu panggih jeung tamu agung. Geus asup ka dieu acan tamu agungna téh, Ciwi?"

"Acan Ema, sakeudeung deui meu¬reun," témbal Ciwi, "Reureuh heula wé atuh Ema. Pangnyokotkeun cai Nok, keur Ma Énah. Boro tadina mah geus sieun abdi téh. Kumaha engké mun aya nu nanyakeun cara-carana nyieun cetok? Teu paham abdi mah."

"Piraku Ciwi, sok teu umum manéh mah, aya tamu agung nanyakeun cara-carana nyieun cetok."

"Ih, ari Ema. Nya teu piraku, da can tangtu bisaeun atuh nyieun nu kararieu mah ...."

"Buktina wé geuning manéh gé teu bisa nyieun cetok, cacak lain pajabat," Nyi Ubéd mairan.

"Ih, da acan nepi kana cetok pangajaranana ogé nya, Ema. Karak nepi kana boboko."

"Ngaredul wé maranéh mah!" ceuk Ma Énah, "Teu cara Ema baréto." Barabat atuh manéhna nyaritakeun mangsa ngorana di Lembur Pasir. Bisa unyum-anyam téh, kitu wé mimitina mah, bunta-bantu ka kolotna. Da geus prah di Lembur Pasir mah, ari réngsé gawé di kebon téh sok nyieun anyaman. Aya boboko, dingkul, cetok, hihid, jeung sajabana. Lumayan keur ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoé. Nu matak Lem¬bur Pasir mah kasohor ku hasil anyamanana.

"Saprak pindah ka dieu wé, saprak ngarangkep jeung akina Si Dodo, tara ngahagalkeun unyum-anyam téh. Nya ari kalan-kalan mah osok éta ogé," ceuk Ma Énah, leguk nginum deui caina.

"Pokona mah Ema, engké upama aya nu nanyakeun nu kararitu mah, jawab ku Ema wé nya!"

"Heug atuh Ciwi ari manéh teu bisa diandelkeun mah."

"Ih, lain kitu Ema, ambéh apdol wé ieu mah. Ceuk abdi gé tadi, teu paham abdi mah, da lain urang Pasir."

Can gé garing nu ngalobrol di stan anyaman, nu disebut tamu agung ku Ma Énah téh lebet ka Balé Désa, sabadana Ibu Bupati ngagunting pita beureum bodas nu nganteng dina lawang. Diiring ku paraponggawa jeung bawahanana, ningalian paméran kalayan gemet. Nanya itu nanya ieu di unggal stan ka nu nga¬jagana. Cetrék burinyay, cetrék burinyay nu motrétan. Malah aya ogé nu mamanggul kaméra vidéo, rohangan jadi caang jeung bayeungyang ku lampuna nu dibawa ku nu séjén deui. Horéng nu tunya-tanya téh lain Bapa jeung Ibu Bupati wungkul. Nu séjén ogé milu ném¬brong. Pa Lurah atawa Ibu Lurah saka¬peung milu mairan.

Di stan makanan, rombongan téh rada lila ogé. Da salian ti tataros téh bari nyarobian deuih, da dimanggakeun ku Ibu Lurah. Tuluyna mah aya nu mungkus ogé.

Nya ari geus dibuka mah pengunjung teh pabaliut. Hansip riweuh ngajaga lolongkrang antara pengunjung séjénna jeung rombongan Pa Bupati.

Anjog wéh rombongan tamu agung téh ka stan anyaman.

"Ieu téh sadayana hasil Ibu-ibu PKK, Bu?"

"Sumuhun," walon Ibu Lurah anteb.

"Saé, saé."

Pa Bupati unggut-unggutan, imut tan¬da panuju. Laju rombongan téh lalajo nu keur ngadeluk nyieun boboko, nu teu anqgeus-anggeus. Cetrék burinyay anu motrét. Kaméra vidéo jeung lampuna gé nyorot ka lebah dinya.

“Ibu, sadinten kénging sabaraha hiji ngadamel nu kieu?" ceuk salahsaurang ti rombongan nanya ka Ma Énah, bari nunjuk kana cetok.

"Ah, nya teu tangtos atuh,” ceuk Ma Énah. “Tiasa hiji, tiasa dua. Tapi kapungkur éta mah. Kapungkur mah Emana gé masih kénéh ngora."

"Ari ayeuna, Ema?" nu nanya ngaemakeun.

"Ayeuna? Ah, ayeuna mah tos tara pirajeunan unyum-anyam. Ieu ogé pédah wé disuhunkeun ku Ibu Lurah."

"Ari ieu kénging saha atuh, Ema?"

"Duka atuh ieu mah. Meunang mara¬néh lain?" Ma Enah nanya ka nu keur ngadareluk nyieun boboko. Nu ditanya kalah ka beuki ngareluk. Sieun katutu¬luyan ditanya meureun, mangka karék nyieun boboko gé can bener-bener bisa. Mangka nu dipajang di dinya téh lain boboko wungkul. Aya hihid, ayakan, tolombong leutik, jeung cetok. Ari ukur ditanya cara nyieun parud mah, lah céték.

"Kénging Ibu-ibu PKK di dieu wé," Ibu Modisteu nyambungan, nu aya di stan gigireun, "Ieu téh mangrupi hasil keur¬seus ketrampilan nu diayakeun ku Ibu-ibu PKK, rutin, saminggu sakali, unggal dinten Minggu. Sapertos ieu wé (bari nunjuk kana sulamanana), ieu téh sada¬yana gé hasil kagiatan PKK. Kaleresan abdi pisan anu ngalatihna ogé." Abong lami di kota, mani perténtang nyariosna gé Ibu Modisteu mah.

Ibu Lurah karérét getihan deui. Basa Ma Énah katémbong rék ngomong, dipolototan ku Ibu Lurah. Jadi teu kebat ngomongna, luk tungkul. Ma Énah karék inget, cenah ceuk minantuna, kamari aya piwarangan Pa Lurah Larideuh ka Désa Pasir, mawa hasil anyaman keur paméran.

Basa rombongan Pa Bupati tos kalaluar ti aréna paméran, Ibu Modisteu ngagelendeng Ma Énah. Nu séjén ogé milu nyambungan. Tangtu wé, Ciwi jeung batur-baturna gé kaparét. Teu boga tanggung jawab, cenah. Tapi maranéhanana teu bisa majar kumaha, rumasa salah meureun. Ngan Ma Énah anu teu ngarti kénéh baé téh. Nya kitu deui basa diseukseukan ku Ibu Lurah. Teu ngarti, ceuk pikirna, apan aing mah nyarita téh saujratna. Teu boga niat rék ngabohongan ka tamu agung, komo boga niat hayang ngawiwirang ka Ibu Lurah mah. Teu, teu pisan-pisan. Untung, cenah, aya Ibu Modisteu. Cacak mun euweuh, teuing kumaha pijadieunana. Cohagna, dianggap pahlawan wé harita mah Ibu Modisteu téh.

"Nu matak Ema ari diperedih gawé ku pamingpin téh ulah sok kalékéd, ulah sok loba alesan. Ulah leuwih mentingkeun kapentingan pribadi, pentingkeun heula kapentingan saréréa. Kitu tah akibatna téh!" ceuk Ibu Lurah. Nu séjén ngahaminan.

(Manglé No. 1033, 27 Feb – 5 Mar. 1986)

ORAY

POÉ ieu, poé nu béda jeung poé nu geus kaliwat. Tangtu béda, sanajan jeung poé nu bakal datang gé. Da teu unggal bulan atuh kadatangan tamu ti dayeuh téh. Tamu agung ceuk urang dieu mah. Malah taun kali gé henteu kétang. Malum lembur singkur, aya dina sela-sela suku gunung téh enyaan. Untungna téh pédah kaliwatan ku jalan désa. Éta gé anyar kénéh bisa diliwatan ku mobil mah.

Tapi lembur ieu téh, kaitung lembur gedé ogé. Nu matak paratokoh masra-katna meredih sangkan ieu lembur téh dijadikeun désa: désa pemekaran istilahna téh. Alhamdulillah, kacumponan. Teu lila gé terus wé atuh milih lurah, dipilih sacara aklamasi. Sarta terus ngadegkeun balé désa jeung sarana séjénna pikeun kapentingan pamaréntahan désa.

Nu poé ieu badé sumping ka ieu désa téh nya éta wawakil ti Bapa Bupati, pikeun ngaresmikeun balé désa anyar sakalian mariksa kamekaran désa pemekaran téa.

Nyaho kitu, désa téh kawas nu rék pésta baé. Jalan désa diberesihan ku cara dibaktikeun. Salian ti kitu, ogé mérésan imah katut buruanana masing-masing. Kabéh boga rasa sieun teu kapaké. Aya alusna, désa téh jadi beresih tur hégar. Mémang ari alusna mah, ceuk Pa Lurah, kituna téh ulah wungkul pédah rék kadatangan tamu baé. Tapi da teu ngabibisani cenah, sagala ogé mikabutuh pangjurung laku. Sanajan nu disebut kasadaran ceuk paribasana.

Atuh ti tungtung lembur beulah wétan nepi ka tungtung lembur beulah kulon, sisi-sisi jalan désa téh kénca-katuhuna dipasangan umbul-umbul warna-warni, dipacorokkeun jeung bandéra. Malah ti tungtung beulah wétan mah, dipasangan kaca-kaca sagala. Dijieunna tina awi haur, dipapaés dipapantes. Di luhurna nganteng spanduk, nu eusina mah ngabagéa¬keun ka tamu. Bubuhan bakal ti beu-lah dinya sumpingna tamu téh.

Komo di palebah balé désa mah - nu perenahna di tengah-tengah lembur, sisi jalan désa, dihias ku keretas warna-warni, sabangsa lampion jeung nu séjénna. Atuh di buruanana, ti isuk kénéh gé jelema téh geus tinglaliud. Komo nu ngaradon dagang mah, ti sabarang srangéngé meleték gé geus nyarampak. Malah ti peutingna kénéh ogé geus nyampak, geus dadasar.

Beuki beurang, nu datang téh beuki merul baé.

Katingali Pa Lurah ngajanteng dina lawang balé désa. Rét kana érlojina, pukul satengah sapuluh.

“Tabuh sabaraha saurna, Pa, tamu badé sarumpingna téh?" Jurutulis nanva, terus nangtung gigireun Pa Lurah.

"Paling gé antara pukul sapuluh-¬sabelas. Da ka kacamatan heula, ti dinya kakara ka dieu disarengan ku Pa Camat,” témbal Pa Lurah. “Pék wé itung, mun ti dituna pukul tujuh téh, pukul salapan kudu geus aya di kacamatan. Ti kacamatan ka dieu, itung sajam lalampahan wé. Nya antara pukul sapuluhan lah pikadieueuna¬na téh. Boa teuing kétang, ayeuna gé geus aya di kacamatan."

"Kitu gé upami tabuh tujuh ti dituna, sareng upami teu aya halangan nanaon di jalanna."

"Nya mudah-mudahan wé atuh, Ulis. Mangka munggaran pisan urang rék kasumpingan pajabat téh. Nu matak kudu enya-enya gé, kudu némbongkeun hormat jeung kasatuhuan urang ka nu jadi pingpinan. Ambéh teu hésé mun aya itu-ieuna. Pan engkéna mah keur urang-urang kénéh baé, lin?”

"Leres pisan éta téh, Pa Lurah.”

Keur kitu, ti beulah kulon jelema katémbong tingrariung. Terus arindit muru tungtung lembur beulah kulon. Kawasna aya béja nu matak ngahudang kapanasaran. Béja pabéja-béja, uratelan ka saban jalma. Bring atuh jelema téh nuturkeun nu geus indit ti heula. Sanajan henteu kabéh indit éta gé, tapi jelema di buruan balé désa téh jadi coréngcang.

Ronghéap Wakil.

"Aya naon cenah, Pa?" Pa Lurah mariksa ka nu anyar datang.

"Aya oray saurna mah."

"Kumaha, Pa?"

"Muhun oray. Oray sanca saurna mah, sagedé pingping. Kapendak ku Bi Iti di kebonna Mang Darya, keur ngagusur hayam."

"Sugan téh aya naon, mani ngareu¬waskeun. Bet aya oray-oray baé, kawas nu kakara manggih.”

Pa Lurah asup ka jero balé désa, ninggalkeun Jurutulis jeung Wakil anu terus guntreng. Tapi teu kungsi lila, Pa Lurah geus kaluar deui, terus ngilikan érlojina.

"Geus pukul sapuluh, moal henteu sakeudeung deui ka darieuna tamu téh," ceuk Pa Lurah, “Kumaha ieu téh? Jelema kalah ka arindit. Kumaha mun tamuna kaburu ka dieu?"

“Muhun, kumaha atuh?"

"Sina ka darieu deui atuh, jung!"

Jurutulis jeung Wakil silihpélong.

"Keun wé ku abdi, Pa," ceuk Wakil, bari jung indit ngajugjug kebon Mang Darya, di tungtung lembur belah kulon, dibarengan ku dua urang anggota hansip. Ari Jurutulis, asup ka kantorna. Angkananana téh rék ngaroris administrasi, bisi aya nu poho, sok sieun engké dipariksa.

Pa Lurah masih kénéh ngajanteng dina lawang balé désa. Ngadadago. Nengetan kaayaan, leuh kumaha mun tamu datang mangsa kieu? Rentang-rentang katingali Wakil diiringkeun ku masarakat, teu saparapatna-saparapatna acan ti nu kungsi aya di buruan balé désa. Mireungeuh kanyataan kitu, pameunteu Pa Lurah jadi robah. Terus mapag Wakil nepi ka sisi jalan désa, bari pok nanya, “Naha geuning ngan saeutik? Ka marana sawaréh deui?"

"Nya éta, Pa. Keur ngarepung oray, basana téh kagok cenah."

"Héh,” ukur kitu, tapi katingali dina pameunteuna, Pa Lurah bendu. “Sugan kudu ku aing," ceuk pikirna. Gejlig atuh Pa Lurah indit, leum¬pangna ngagidig ngajugjug ka tempat jalma nu keur ngarepung oray.

Di kebon Mang Darya, jelema tinggarimbung. Anu boga kawani asup ka jero kebon nu dipager awi bari teu léngoh. Aya nu mawa bedog, aya nu mawa awi jeung kai, pokona mah malar pantes pikeun pangbonggol. Malah Mang Unang mah mamawa halu. Teu saeutik deuih nu ngan mawa batu.

Anu teu boga kawani, atawa nu boga alesan lianna, cukup ku cicing di sisi kebon baé. Haok ti ditu, haok ti dieu, dibarung ku heureuy. Mun geus nyaho mah meureun kawas nu keur ngalasan. Tapi kétang ieu mah lain di leuweung, tapi di kebon Mang Darya anu barala. Bubuhan tanahna kurang gembur, jadi teu dipaliré. Matak pantes jadi pangabetah oray ogé.

Datang Pa Lurah, terus nyampeurkeun ka nu tinggarimbung. "Meunggeus, meunggeus! Nanahaonan ieu téh? Ngadon tingharaok di dieu? Naha teu nyaho rék aya tamu? Hayoh ka daritu, ka balé désa!"

"Aya oray, Pa Lurah, sanca ageung,” ceuk hiji sora ti tengah kebon.

“Nyaho kuring gé,” Pa Lurah beuki ambek. “Cing, kumaha mun tamu kaburu ka dieu? Heug katingali euweuh jelema, der deui engké disangka kurang sambutan ti urang. Kurang ngahormat, kurang ngahargaan ka nu jadi pamingpin. Da moal henteu atuh, kuring anu bakal ditegorna mah!”

Jep jempé, taya nu hahaok. Ukur patingkecewis.

“Jigana maranéh mah atoh wé meureun nya, mun boga lurah ditegor ku nu ti luhur téh! Nyaho pikieueun mah, kuring ogé moal daék jadi lurah sagala. Tadina ogé kuring mah teu hayang-hayang acan jadi lurah téh. Mun teu didongsok mah ....”

“Sanés kitu Pa Lurah …,” ceuk Mang Haji.

“Ari enggeus naon atuh? Geuning kieu kabuktianana?” Pa Lurah nyereng.

Ana gorowok téh ti tungtung kidul.

“Oraaay...! oraaay ...!”

“Mana? Mana?”

Rob atuh jelema téh ka belah kidul, teu maliré ka Pa Lurah.

“Tah, ka dinya tah!” jelema tingtarunjuk kana rungkun cucuk garut. Enya wé. oray sanca mani gedé. Teu kudu diparéntah deui, buk-bek dibaronggolan.

“Maéhan oray mah huluna heula atuh. Sarua wé jeung wadul ari buntutna heula mah!”

“Lah, nu pentingna modar, rék naonana-naonana ogé!”

Kanyataanana, ayeuna oray téh geus teu nyawaan.

“Awas Nyi, ulah deukeut-deukeut teuing, mangka oray jaluna éta téh,” ceuk Mang Haji ka budak awéwé anu seselendep hayang nénjo oray.

“Geus paéh ieuh Mang Haji!”

“Nya bisi hirup deui wé, da cenah oray mah teu kaop dideukeutan ku awéwé sok terus hirup.”

Pa Lurah teu lémék teu nyarék, tong dicaritakeun deui ari ambekna mah.

“Pa,” ceuk salasaurang hansip.

“Aya naon, Mén?”

”Eu, itu, tamu tos sarumping.”

“Baruk? Iraha?”

“Nembé.”

Teu talangké deui Pa Lurah muru ka balé désa. Tayohna mah omongan hansip téh kadaréngéeun ku nu dareukeut. Béja sumebar yén tamu ti dayeuh téh tos sumping. Maranéhanana buru-buru nuturkeun Pa Lurah. Antukna ngawangun aleutan anu panjang, kawas oray baé. Pa Lurah nu jadi huluna.

“Ari geus kieu kumaha?” ceuk Pa Lurah. Taya nu némbal, kabéh siga nu ngararasakeun kabingung Pa Lurah. Haténa norowéco. Ari geus kieu ku¬maha atuh? Sanggeus dipikir dibulak-balik, Pa Lurah boga maksud rék wakca balaka baé. Ngabéjakeun anu sa¬benerna karandapan. Keun baé, kari kumaha engké. Sabab ceuk pikirna taya alesan séjén anu leuwih hadé.

Katingali di hareupeun balé désa geus ngajugrug sababaraha mobil jeung motor. Haté Pa Lurah tambah tagiwur. Leuheung mun ukur ditegor, kumaha mun disangka nu lain-lain? Sup ka balé désa, kasampak paratamu geus dariuk dina korsi panghareupna. Solongkrong Pa Lurah, sasa¬laman jeung paratamu, dituturkeun ku Wakil. Sanggeus réngsé kabéh taya nu kaliwat, Pa Lurah nyampeurkeun ka Pa Camat. Gigireun Pa Camat diuk tamu téa.

"Kumaha ieu téh?" ceuk Pa Camat bari mencrong ka Pa Lurah. Jigana mun seug euweuh tamu, moal teu dicarékan bébéakan mah.

"Aduh, hapunten we ieu téh, Pa," omong Pa Lurah bari mamandapan, sorana pasrah sabab rumasa salah, “Sanés kirang utami, mung itu .... , ngepung heula oray, oray sanca saageung pingping."

"Sagedé kumaha, Pa?" tamu nanya.

"Muhun, saageung pingping. Éta gé kapendak keur ngagusur hayam."

"Hemh...," ceuk tamu bari ung¬gut-unggutan, "Tapi ayeuna geus beunang?"

"Parantos.... “

"Sukur wé atuh, sugan téh acan. Nya mun acan mah, teruskeun deui wé. Penting pikeun kaamanan, komo kapanggih keur ngagusur hayam mah."

"Muhun éta gé," omong Pa Lurah, "Mung hapunten wé ieu téh, sanés sim kuring kirang hormat."

"Is, henteu. Malah Bapa mah atoh, Lurah geus ngaheulakeun kapentingan rahayat. Henteu, keur Bapa mah teu perelu ku laporan-laporan, anu pen¬ting mah kanyataanana. Bapa ogé teu hayang disambut direuah-reuah, bari jeung kaayaan masarakatna teu aman. Alus éta téh, ieu mah lain muji pedah hareupeun. Ngan Bapa peupeujeuh, sing saterusna wé ngaheulakeun ka¬pentingan rahayat téh."

"Nuhun atuh upami kitu mah," ceuk Pa Lurah sarta pameunteuna marah¬may. Cariosan tamu, sulaya tina pa¬nyangkana. Tapi ari Pa Camat mah mencrong baé kalayan teuteup anu séjén.

Saterusna atuh, sakumaha nu geus ditangtukeun; acara paresmian balé désa téh dimimitian. Acarana diwa¬ngun ku sambutan-sambutan, sarta sambutan nu pangahirna ti tamu téa; eusina munel, saeutik patri. Umajak sangkan kabéh rahayat milu ngarojong kana pangwangunan dina raraga ngeusian kamerdékaan jeung Orde Baru. Kabéh gé taya nu nyabit-nyabit perkara oray sanca.

Sanggeus réngsé sagala rupana, sadaya tamu tos dituang-leueutkeun, terus dicalikkeun deui di balé désa. Pa Lurah disaur ku Pa Camat.

"Ka dieu geura, Lurah!" ceuk Pa Camat bari terus asup ka Kantor Ke¬pala Désa, dituturkeun ku Pa Lurah. gék Pa Camat diuk dina korsi nu sok didiukan ku Pa Lurah. Ari Pa Lurah gék diuk hareupeunana. Pok Pa Camat ngomong antaré naker.

"Na ari Lurah, bet ngérakeun teuing lampah téh?"

"Aduh, hapunten wé Pa. Rumaos lepat."

"Omat, sing jadi perhatian, ulah sa¬kali-sakali deui peta kitu téh. Untung wé ninggang ka nu bageur. Mémang taya duana pamingpin nu bageur jiga anjeunna mah. Coba mun nu séjén, moal henteu Bapa gé milu éra atuh!"

"Sadaya-daya."

"Enya, keun wé nu enggeus-eng¬geus mah. Ngan bieu téh aya haréwosna, saurna oray sanca téh mun bisa mah badé dicandak ku anjeunna. Rék diarah kulitna, itung-itung kenang-kenangan wé cenah ti désa ieu."

“Ih, nya mangga téh teuing upami peryogi mah,” walon Lurah bari imut kagugu.

"Enya ari kitu mah, jung atuh geura bérésan!"
"Mangga," tembal Pa Lurah bari terus indit rék urus-urus candakeun tamu. Da maenya oray sanca wungkul.

(Tina Manglé No. 852, 26 Agustus 1982)

MANGSA

“Allohu akbar, Allohu akbar,” kadéngé sora takbir indung kuring lirih basa kuring asup ka imah. Pabaur jeung ceurik Si Nénéng nu geus leslesan, sakapeung mah jiga nu humarurung. Ceu Titi kadéngé inghak-inghakanana.

“Kumaha, Jang?” bapa kuring nanya bari neuteup. Kuring ngajawab ku gideug.

“Jadi, dokterna teu bisa kabawa ka dieu?”

Kuring gideug deui.

“Kumaha Pa Mantri atawa Bu Bidan?”

“Atos, Pa, sadayana ogé tos didongkapan,” témbal kuring. “Ngawitan ka bumi dokter, terus ka bumi Pa Mantri, teras ka Bu Bidan. Weléh. Bujeng-bujeng muka panto, gugah gé henteu. Diketrokan mah diketrokan, malah dugi ka digedor jandélana sagala. Asa piraku sugan ari teu kadangueun mah!”

Mani asa hayang ngabudalkeun kabéh kakeuheul nu ngagendok duka sagedé nanahaon dina dada. Cumah di lembur kuring aya dokter, aya mantri, aya bidan nu sok ngubaran budak gé. Ari dina waktuna butuh ku tanagana, ku kaahlianana, teu bisa dipikabutuh. Tadi gé sajajalan kuring kutuk gendeng.

“Rupina mah Jang, kasieunan aranjeunna téh,” ceuk Mang Ujé nu tadi nganteur kuring, kabeneran manéhna téh kabagéan ngaronda peuting ieu.

Bisa jadi kasieunan. Aya béja nu keur jadi sabiwir hiji. Saminggu ka tukang, cenah aya dokter nu dirampog. Tengah peuting aya nu keketrok pajar cenah aya nu gering, tapi barang pantona dibuka dokter téh bet terus ditodong ku péstol. Pangeusi imahna, bangsa barang berharga mah korédas, sabab cenah rampogna gé mawa colt pikeup. Enya, kasieunan jigana mah. Tapi apan kuring mah lain rampog, enya-enya ieu mah Si Nénéng butuh pitulung dokter. Pan écés disebutkeun yén anu datang téh kuring jeung ronda, jeung deuih pan kajadianana ogé di lembur batur saminggu ka tukang téh. Kitu gé karék béja.

“Ah, wajar wé atuh Jang, teu di dokter teu di urang ari kasieun mah sami sugan, da sami-sami sipatning manusa.”

Aya benerna ogé omongan Mang Uyé téh. Dokter gé manusa, bisa jadi deuih leuwih nyaah kana harta jeung jiwana sorangan batan jiwa batur.

“Allohu akbar, Allohu akbar,” masih kénéh kadéngé sora takbir indung kuring dina sela-sela ceurik Si Nénéng nu ngalaunan, napasna jiga nu beurat. Ceu Titi ceurikna narikan. Kuring nyampeurkeun.

Haté téh ngarakacak, teu wasa nempo Si Nénéng teu walakaya. Geus teg wé tinggal ngadagoan mangsa. Asa percaya asa henteu, padahal tadi soré Si Nénéng geus ngahibur kuring sakulawarga. Saleuseurian akey-akeyan nénjo Si Nénéng diajar leumpang. Nangtung, saléngkah dua léngkah, blug labuh. Tuluy nangtung deui, ngaléngkah deui, blug labuh deui. Unggal labuh unggal diseungseurikeun, Si Nénéng kalah ceuceuleukeuteukan. Nu nempo akey-akeyan, lucu tuda. Komo keur indung kuring mah. Tuda teu sirikna kanyaahna kabéh ditamplokkeun ka Si Nénéng. Sagala rupa Si Nénéng. Balik ti kebon atawa ti mana baé, anu mimiti dilakukeun téh mangku Si Nénéng. Kungsi indung kuring sapoé-sapeuting mapag u ti Mekah di Halim, isukna sapopoé Si Nénéng teu lésot tina aisanana.

“Di ditu téh meni inget baé ka budak,” ceuk indung kuring. Budak téh lain kuring, tapi incuna. Enya, Si Nénéng téh lucu jeung pigeuliseun deuih ceuk kuring mah.

Tapi sakapeung mah sok keuheul ka Si Nénéng téh, éta ari geus ceurik tengah peuting. Keur meujeuhna saré tibra, hég kahudangkeun ku nu ceurik. Cara tadi, Si Nénéng ceurikna teu daék répéh, kuring cengkat terus ngadeukeutan kamar Ceu Titi.

“Ceu, Ceu … tah Si Nénéng ceurik baé, hayangeun nyusu meureun!”

“Puguh teu daékeun,” témbal Ceu Titi, “Cep … cep … tuh Emang kagandéngan, “ Nénéng henteu répéh, “Cep Néng cep, tuh cieun éong! Éong, yeuh Néng éong … angis aé.”

“Ku naon Nyai budak téh?” ceuk indung kuring, kaluar ti kamarna, sup ka kamar Ceu Titi.

“Duka atuh, Ma,” témbal Ceu Titi.

“Susuan kainyah!”

“Nyéta alimeun.”

“Ku naon atuh nya budak téh? Cep Néng cep ... aduuuh nyaah teuing anak Ema.” Moal henteu bari dipangku éta téh, tapi Si Nénéng angger ngéar.

“Huh, gandéng, batur mah keur meujeuhna tibra saré ...,” ceuk kuring. Henteu tarik padahal mah, tapi kadéngéeun ku Ema.

“Alaaah, jiga nu teu karaos wé ku sia. Keur sagedé Si Nénéng téh beuki ceurik, jaba ririwit. Wungkul ngahésékeun batur. Hemh, ayeuna mah kakara ngadéngé budak ceurik gé geus monyong. Samarukna ujug-ujug jleg wé nya sagedé kitu?” indung kuring nyereng.

Kuring teu némbal, sanajan teu rumasa keur leutik beuki ceurik jeung ririwit téh, moal pihadéeun. Indung kuring sakitu nyaahna ka Si Nénéng.

Si Nénéng teu daék répéh sarta teu beunang dibébénjokeun. Lila-lila mah kuring gé jadi karunya, malah jadi milu tagiwur.

“Lah, ku naon atuh nya Si Nénéng téh, jiga nu kasarumahan baé?” ceuk indung kuring.

Teu lila torojol bapa kuring mawa panglay ti dapur, cetrok dicapék terus dibeuweung bari kunyam-kunyem. Ceprot, ceprot diburakeun ka unggal madhab, terus ka unggal juru. Pelengseng bau panglay, Si Nénéng angger ngéar.

Harita kuring mah bet nyangka nu lain-lain. Boa-boa bapana meunang kacilakaan atawa nylowédor, da cenah watekna sok rungsing ka budak. Tapi kuring teu wani ari kudu nyangka Kang Abas nyolowédor mah. Lalaki sakitu bageurna, ceuk kuring mah. Kumaha mun cilaka? Kahayang mah ulah, ulah duanana ogé.

“Geuning budak téh ngising baé,” ceuk indung kuring bari ngaganati calana Si Nénéng. “Tuh, geus tilu kali ganti calana.”

Baruk ngising baé? Moal kitu muntaber mah? Tapi da teu utah-utahan Si Nénéng mah.

“Euh, urang ngangkir dokter wé atuh nya, Nya?”

“Enya kaituh, Jang. Mun teu dokter gé Pa Mantri atawa Ibu Bidan.”

Rap kuring maké jékét, sarung disalindangkeun kana beuheung, ceg kana sénter. Barang rék jut turun ti imah, kadéngé bapa kuring nyarita, “Kira-kirana daékeun kitu tengah peuting kieu?”

“Lah, urang cobian wé,” témbal kuring bari indit.

Tadina mah hayang méakkeun kapanasaran wé. Tétéla, kahamham bapa kuring téh ngabukti.

“Allohu akbar, Allohu akbar,” indung kuring tambirna beuki lirih, Si Nénéng tinggal euh-euhan. Ceu Titi ceurik nungkup beungeutna ku dua leungeun di juru ranjang.

“Teu ka dieu dokter téh, Ujang?” indung kuring nanya dina sela-sela takbirna.

“Henteu, Ma.”

“Téang wé atuh Ama Ulu.”

“Mangga.”

Teu talangké, gejlig kuring indit. Nepi ka jalan gedé, rada ngarempod ogé, sabab inget ka bumina Ama Ulu téh kudu ngaliwatan kebon awi. Mangka loba kabéjakeunana. Ka kulon baé heula kitu, ngajak anu ngaronda? Ras inget ka Si Nénéng anu ngalempréh, kumaha mun teu kaburu? Ah, naha maké kudu sieun ku béja? Rék kitu rék kieu kari kumaha engké. Pati gé geuning ari geus nepi ka mangsana mah mo bisa disingkahan. Ku kapaksa, kasieun téh kasilibkeun. Kuring terus baé leumpang ka wétankeun, muru bumi Ama Ulu.

Teu sakara-kara, sanajan bari rerempodan gé teu burung nepi. Kuring ngetrok panto halon bari uluk salam.

“Assalamu ‘alaikum.”

“Wa ‘alaikum salam,” aya nu némbal ti jero imah. Teu lila kulutrak panto dibuka, lol Ama Ulu.

“Saha?”

“Abdi Ama.”

“Ujang?”

“Sumuhun Ama. Alah hapunten wé ieu téh Ama, ngaganggu panginten.”

“Ih, henteu Ujang, kabeneran Ama gé can saré. Sok ka jero, Jang!”

“Ah, sawios Ama da moal lami ieu téh, dipiwarangan ku Apa, Ama dihaturanan linggih ka ditu ....”

“Ké, aya naon ieu téh Ujang, peuting-peuting kieu? Sok rareuwas Ama mah.”

“Nu mawi itu Ama, Si Nénéng, udur répot, tos teu walakaya nembé téh.”

“Kutan? Ké atuh nya Ujang, Ama rék ganti baju heula jeung rék bébéja heula ka Ambuna.”

“Mangga,” témbal kuring terus ngajanteng dina golodogna, da ari pantona mah teu dipeundeutkeun.

Teu lila Ama Ulu kaluar.

“Mangga Ama ti payun,” ceuk kuring. Terus leumpang pairing-iring, sentér dikolényay-kolényay nyaangan tincakeun.

Leumpang téh teu loba cacarita, tapi pikiran kuring mah norowéco. Ras ka Si Nénéng, ras ka diri sorangan. Rét ka Ama Ulu, sakitu tos sepuhna masih kénéh jagjag, masih kénéh kuat nanjak ka pasir, ka kebonna, malah socana gé masih kénéh awas, can kudu dikacapanon mun maca hutbah Jumaah gé. Tadi basa kuring ka bumina, cenah Ama Ulu téh teu acan kulem. Ama gé jigana mah keur nganti-nganti mangsa, sarua jeung kuring, sarua jeung Si Nénéng. Moal henteu Ama Ulu mah nganti-nganti mangsana téh ku dikir jeung wiridan, milang tasbéh bareng jeung nyérélékna waktu. Ari kuring, karasa nganti-nganti mangsa téh bet ku loba nyieun dosa. Mangka mangsa mah tara kanyahoan datangna, sok ngabongohan.

Nepi ka imah, kuring mukakeun panto, méré lawang ka Ama Ulu.

“Assalamu ‘alaikum,” Ama Ulu uluk salam.
“Wa ‘alaikum salam.”

“Mangga wé Ama teras ka lebet,” ceuk bapa kuring. Ama Ulu terus baé ka kamar Ceu Titi, kuring jeung ba[a kuring nuturkeun.

“Allohu akbar, Allohu akbar,” takbir indung kuring beuki antaré. Si Nénéng geus teu kadéngé sorana, rénghapna beurat. Ceu Titi ceurikna jiga nu kanyenyerian. Indung kuring ngised ngadeukeutan Ceu Titi. Ama Ulu ngajanteng sakedapan terus nyabak tarang Si Nénéng.

“Sabar wé Nyai,” pokna téh antaré, “Urang mah teu ngaboga-boga, kabéh gé ukur titipan Alloh. Ridokeun wé, Nyai, malah mah kudu bagja, sabab Si Nénéng mah masih kénéh beresih, masih kénéh suci, engké di ahir bisa nulungan ka urang ….”

Ku sakitu gé geus cukup nandakeun yén Si Nénéng téh geus deukeut kana mangsana. Ceu Titi ceurikna narikan, indung kuring nangkeup Ceu Titi bari tipepereket nahan piceurikeun. Katingali Ama Ulu babacaan, terus nungkup panon Si Nénéng ku panangan kiwana. Si Nénéng rénghapna nyarangan. Kerelek, les.

“Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun ….”

Ceu Titi ngagoak, “Nénéééngngng …!”

“Sing sabar, Nyai, sing sabar,” indung kuring ngupahan. Tapi Ceu Titi kapiuhan dina tangkeupan indung kuring nu cumalimba.

Tatangga-tatangga daratang, jigana ngadéngé jeritna Ceu Titi.

“Ku naon Si Nyai téh, Ceuk?” Bi Élah nanya.

“Si Nénéng ... geus euweuh ....” témbal indung kuring.

“Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun.”

Trong kohkol, dur bedug subuh.

“Aéh, geuning geus subuh ieu téh, ké atuh nya Ama ka masjid heula,” saur Ama Ulu bari cengkat, terus kaluar dibarengan ku bapa kuring.

Teu lila kadéngé sora kohkol ditihtirkeun ti masjid, ditéma ku nu ti Pos Ronda. Tangara ka balaréa, aya nu meunang musibat.

Nu tas salat subuh berjamaah téh terus baé ka imah kuring. Beuki beurang, jul-jol jelema beuki loba nu datang. Lalaki mah, kalawan diluluguan ku Pa RT, digawé sagawé-gawé. Aya nu nyieun padung, aya nu nyieun tetengger, sawaréh indit ka kuburan rék nyieun lombang.

“Mana boéhna ieu téh Emana Nyai?” ceuk Ma Oyot, indung beurang nu rék ngamandian mayit Si Nénéng.

“Nya éta teu acan aya, Ma,” témbal indung kuring.

“Sugan di dieu, aya anu boga boéh?”

Nu ngariung téh tingraringeuh, tuluy silihtuduh.

“Euh, mun kitu mah paké heula wé atuh anu Ema, ngan kudu buru-buru digantian, nya. Malum Ema téh geus kolot, saréatna mah geus deukeut kana liang kubur,” ceuk Ma Oyot. “Ku Ujang wé bawa ka ditu, jung, da aya Si Séti!”

“Ulah ku Ujang, kajeun ku nu séjén wé,” indung kuring némpas, “Ujang mah sasayagian wé ka kota, ngabéjaan Kang Abas.”

“Mangga,” ceuk kuring.

“Sakalian meuli boéh wé atuh Ujang ari rék ka kota mah. Diengké-engké mah bisi poho,” ceuk Ma Oyot, “Umur téa saha nu nyaho.”

Enya, umur mah saha nu nyaho. Éta wé Ma Oyot nu geus sadia boéhna, ari geletuk bet alo kuring. Tétéla pati mah teu bisa dibawa badami.

Wanci carangcang tihang kuring megat mobil. Teu jauh ka kota téh, ukur lalampahan satengah jam, nu matak mayit téh dikurebkeunana engké mun bapana geus dating. Tampolana mah bisi bapana hayangeun neuteup beungeut anakna nu panganggeusan. Mangkaning kakara boga anakna téh.

Sakali deui kuring kudu manggihan jalma anu kaleungitan ku nu dipikacintana.

Wanayasa ’83

(Tina Manglé No. 897, 5 – 20 Juli 1983)

 

Pengikut