Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

KATALIMBENG ANGEN-ANGEN

Tintin anjeucleu hareupeun kaca toalét. Sakali deui leungeunna ngarongkong kana tempat kosmétik, nyokot lipensetip Mustika Ratu nomer 6. Terus dipulaskeun kana biwirna, lalaunan. Dipelong, ditéléng. Runya-renyu, biwirna diengabkeun saeutik, dilétak ipis ku létahna. Dipelong deui, ditéléng deui. Piraku sugan salakina teu uruy. Apan baheula mah resepeun pisan kana ieu biwir mun geus dilipensetipan modél kieu téh. Boh keur mangsa hahadéan, boh mangsa anyar kawin. Sok terus dicoo, diusapan, jeung sajabana-jeung sajabana.

Kadéngé ti luar Si Nénéng ceurik.

“Ésiiih, ku naon éta Si Nénéng?”

“Hoyongeun balon, Ibu!” témbal Ésih ti tepas.

“Meuli atuh! Yeuh, duitna!”

Ésih nyampeurkeun, muka panto kamar dununganana, terus ngajanteng di lawang bari ngais Si Nénéng nu inghak-inghakan. Tintin nyampeurkeun. Mikeun deuit limaratus pérak. Terus ngusapan sirah anakna.

“Nénéng ameng di payun, nya, sareng Bi Ésih. Ngantosan Apa, nya!”

Budak unggeuk, celengok pipina dicium.

“Ésih, bawa ulin di hareup. Tong jauh nya!”

“Mangga.”

“Keun wé méja makan mah, ku Ibu engké dibéréskeun. Geus digantitaplakna?”

“Atos.”

“Heueuh. Jung Nénéng ameng sareng Bi Ésih, mésér balon. Tong nangis nya!”

Budak unggeuk. Ésih indit bari ngais Si Nénéng. Panto kamar ditutupkeun deui ku Tintin.

Reg eureun hareupeun kaca. Tintin ngajanteng neuteup awakna nu sampulur konéng. Ngangigir, terus nukang. Kawas peragawati, geuning, nangtang tandang. Nyéh imut sorangan. Inget deui, mun geus kitu salakina sok katutuluyan. Ngaharéwos bojong, napasna karasa panas ku héabna kanyaah.

“Teraskeun ulah ieu téh?” Biasana Tintin ngajawab ku isarat raga tumarima.

Tapi éta mah baréto, basa anyaran kawin, basa méméh boga Si Nénéng. Ayeuna mah geus loba robahna. Geus aya taunna. Éta wé saprak Si Nénéng léléngkah halu, ayeuna geus opat taun jalan. Saprak salakina diangkat jadi Kepala Bagian Pemasaran di kantorna. Mun rék indit ka kantor kawas aya nu ngarurusuh. Balikna geus teu tangtu, ari datang boro-boro bisa heureuy, malah kawas nu embung pisan diajak nyarita gé. Malah kungsi salakina nyereng tina hal anu teu pira, ceuk Tintin mah. Harita téh salakina karék datang ti kantor,ngabaheuhay dina korsi di patengahan. Tintin nyampeurkeun.

“Pa, tadi Ibu Dadan ka dieu.”

“Hemh ....”

“Nawiskeun éta, mangkok poslén satengah losin, lalucu téh. Palay tujuh puluh lima rébu. Ké wé ceuk Mamah téh, upami Apana Si Nénéng tos sumping. Ditawis lima puluh, bari heureuy. Jigana Pa upami serieus mah dipasihkeun lima puluh ogé.”

“Na badé ngagaleuh nu kitu-kitu baé mani kedah ngantosan Apa heula? Pan kamari dipasihan artos ku Apa, piraku tps séép deui mah.”

“Ih, sanés kitu, Pa. Geuning saur Apa, sagala gé kedah musawarah heula upami badé nanaon téh.”

“Muhun. musawarah téh upami aya masalah ageung. Ieu mah, alah, naon masalahna atuh. Piraku gé badé ngagaleuh mangkok poslén. Der der wé atuh. Biasana ogé apan tara wawartos.”

“Pa!”

“Tos wé Mah lah. Éta mah teu langkung Mamah wé. Ulah nambih-nambih émutaneun Apa. Ku urusan kantor ogé tos riweuh Apa téh!”

Tintin teu nyarita deui. Ngan peutingna, di gigireun salakina anu tibra, Tintin mah nginghak.

Ti harita, mimiti karasana pisan ayana gunung és di antara manéhna jeung salakina téh. Gunung és anu beuki lila karasa beuki ngagédéan. Hubungan jeung salakina, karasana ku Tintin mah ngan ukur pikeun nohonan kawajiban. Teu leuwih ti kitu. Lamun seug teu katalian ku Si Nénéng mah, teuing kumaha pamustunganana.

Kawasna baé, hal éta ogé karasaeun ku salakina. Beuki dieu, beuki carang baé ayana di imahna téh. Urusa kantor kawas nu rata reureuhna. Aya éta ogé kacuriga mah ka salakina téh. Malum atuh anu mindeng anggang jeung pamajikan. Ngan disidem wé, inggis leuwih ngalegaan anggang, nohagaan bénténg gunung és.

Puncak kasabaran Tintin, basa magkukna. Salakina cukup ku nitah ka supirna ngabéjaan Tintin yén rék ka Surabaya salila dua poé. Tintin ngarasa teu dihargaan ku salakina téh, ngadu ka kolotna.

“Teu kiat abdi téh Pa ari kieu-kieu teuing mah,” ceuk Tintin satutasna ngabéjér-béaskeun pasualan imah-imahna.

“Sing sabar wé atuh, Tin.”

“Ari sabar mah, kirang kumaha sabar atuh abdi téh. Raraosan mah tos séép kasabaran téh,” ceuk Tintin. Témbong panonna ngalimba nahan piceurikeun, pokna deui dareuda, “Upami teu émut ka Si Nénéng mah ....”

“Geus wé atuh ari kitu mah, ménta enggeusan. Ménta talak! Ti batan jadi pikiran, der deuih engké jadi panyakit batin, matak TBC. Da manéh téh masih kénéh ngora ieuh. Leupas ti Si Agus gé moal teu padanyanggap! Keun Si Nénéng mah, Ema ogé sanggup ngurusanan mah!” ceuk indungna milu mangnyerikeun.

“Éta, éta, éta .... Ari nyarita téh sok padu, jiga lain kolot baé Ema mah,” ceuk bapana. “Lain kadua milu ngabébérés, ieu mah kalah nitah ancur. Keun wé, da biasana anu rumah tangga mah, moal salawasna tengtrem ayem atuh, sok aya pacogréganana, aya teu bérésna. Cenah paséa téh kembangna rumah tangga. Tah Ema, urang téh kolot, kudu milu néangan jalan pikeun ngoméanana. Soal pipisahan mah perkara gampang, ngan na geus kapikir pibalukareunana?”

“Sebel tuda. Mun Ema mah boga salaki kitu, wuahhh ...!” ceuk indungna.

“Hawatos ka Si Nénéng abdi mah.”

“Enya bener, karunya ka Si Nénéng. Mikir téh ulah ngan saayeunaeun wungkul, tapi kudu dipikir pikahareupeunana. Geuning loba contona, loba kacaritakeunana; budak nakal lantaran pakucrut indung-bapana. Saha nu salah? Nya kolot-kolotna kénéh! Tah, sabisa-bisa mah singkahan hal-hal sarupa kitu téh.”

“Muhun, pok-pok atuh carioskeun kumaha carana, ulah seueur pidato, ulah disamikeun sareng di sakola!”

“Tah, baku ari geus mamawa kana pagawéan téh indung manéh mah, Tintin. Ké, salsé wé da nu boga urusanana ogé Si Tintin, lain Emana.”

“Muhun Si Tintin. Tapi pan Ema téh indungna Si Tintin, dihenteu-henteu ogé mun Si Tintin meunang katugenah, Ema ogé milu ngarasakeun!” indungna nyereng.

“Geus, geus, atuh moal aya tungtungna ari dikagokan baé mah!”

“Sebel tuda!”

“Geus, da Bapa gé sarua milu ngarasakeun kana katugenah nu jadi anak téh. Rék mémérés nu teu bérés, kalah ngajak teu bérés tuda Ema mah. Geus lah. Ayeuna Bapa rék nanya ka Tintin, suka kénéh ka Jang Agus téh ta henteu?”

Tintin unggeuk.

“Hawatos ka Si Nénéng abdi téh.”

“Heueuh, keun ari sual alesanana mah, Pokona mah Tintin masih kénéh gedé kasuka rumah tangga téh nya? Ayeuna mah kieu wé, méméh ngaléngkah ka nu leuwih jauh téh, dimimitian ku ngoréksi diri heula, introspéksi. Boa pang salaki urang kitu peta téh, teu betah di imah, lantaran urang ngawulaanana kurang utama.”

“Duka atuh, da raraosan mah asa tos cekap kumawula ka salaki téh.”

“Ah, lalakina wé éta mah!”

“Geus, geus ... (bapana molototan indungna). Cukup téh ceuk rarasan urang, Tin, boa ceuk itu mah masih kénéh kurang. Bisa jadi deuih lantaran aya salah paham, urangna teu bruk-brak. Nu matak perluna bruk-brak, terbuka jeung nu saimah téh di dinya, pikeun nyingkahan salah paham. Ayeuna mah kieu wé, isukan Tintin balik. Enya ka imah. Isukan lin Jang Agus téh pidatangeunana? Heueuh. Tah, salaki dating téh sampakkeun budi parangi anu hadé, paroman anu marahmay hégar. Dangdan anu pantes. Sayagikeun kaperluanana, boh keur beberesihna, boh bisi capé atawa lapar, sadiakeun keur daharna,” ceuk bapana.

Saterusna loba-loba deui papatahna téh. Kaharti, ku Tintin dicatet dina ati sanubarina. Boa enya sangkaan bapana téh, salakina ngarasa kurang dikawulaan ku manéhna. Sanajan indungna mah kawas anu teu satuju kana padika ti bapana téh, tapi ayeuna éta papatah téh rék dilaksanakeun. Geus teu sabar malah, geus hayang buru-buru nyaho hasilna.

Di luar kadéngé Si Nénéng ceuceuleukeuteukan, diélég Si Ésih. Nyahoeun kitu indungna rék nyanghareupan pagawéan rumpil? Rék nugar cadas hahalang, ngaleyurkeun gunung és? Nénéng du’akeun Mamah, Tintin ngagerentes.

Sakali deui Tintin neuteup awakna méméh muka lomari rék néangan baju téh. Baju nu mana nya? Ieu kitu nu panganyarna? Warna ungu ngora, warna anu keur “in” taun ieu. Lahak teuing tapi, jeung nyitak teuing deuih. Ulah, ah, ulah ieu, kurang sreg. Bari milih-milih baju, pikiran Tintin mah nyusurup sorangan. Nu itu teu pantes, nu ieu bakal kurang kéwes. Ceg téh kana baju pulas paul, warna cinta cenah. Baju hadiah ti salakina basa poéan diangkat jadi Kepala Bagian Pemasaran. Weuteuh kénéh da carang dipaké. Potonganana basajan. Rap wé. Mahi kénéh geuning, teu loba robahna horéng awak téh, gerentes Tintin. Ngaca deui. Resepeun Kang Agus mah kana baju ieu téh.

Gerung téh aya mobil asup kapakarangan. Tintin apal kana sorana, sora mobil salakina. Geuning geus balik wayah kieu? Nempo béker karék pukul sapuluh saparapat. Biasana mah apan tara kurang ti jam dua. Najan ts ti mana-mana ogé, tara langsung ka imah, sok ka kantorna heula. Ieu mah kawas nu langsung.

Gerung-gerung, rep sora mesina dipaéhan. Kadéngé ti kamar sora panto mobil dibuka, jebréd ditutupkeun deui.

Tintin ngintip tina jandéla kamarna. Salakina nyampeurkeun Si Nénéng, terus dipangku. Budak téh seuri, cacarita duka naon, terus nangkeup pageuh kana beuheung bapana. Tintin gura-giru kaluar ti kamarna, maksudna rék mukakeun panto, mapag salaki. Teu kaburu. Salakina geus asup, terus ka patengahan, gék diuk dina korsi. Si Nénéng dina lahunanana.

“Geuning tos mulih deui, Pa?”

“Capé lah,” ukur kitu témbal salakina téh.

“Teu ka kantor heula?”

“Atos,” témbal salakina deui pondok bari ngalonjorkeun sukuna, diuk ngabaheuhay. Éta sapatuna, panglaankeun kitu? Ah, éra. Teu biasa. Padahal apan kitu kuduna mah ceuk Bapa téh. Tintin mandeg mayong, anu prak téh kalah pok ngomong.

“Nénéng, éta teu kénging kitu (nénjo budak ajet-ajetan dina lahunan salakina)! Yap, ka dieu ka Mamah, Apa mah capé kénéh!”

“Emung,” ceuk Si Nénéng gideug.

“His, awon! A, a, a ... alim kituh!”

“Aim.”

“Yu, ka Mamah. Urang mésér balon deui, yu!” Mimitina mah budak téh mugen, tapi k uterus diolo mah teu burung daékeun. Ku Tintin dibawa ka tepas, dibikeun ka Si Ésih. Hayang tenang cenah, hayang bruk-brak, haying sagala rupa taya nu ngaganggu. Teu lila geus asup deui, gék diuk gigireun salakina nu keur ngalaan sapatu.

Kumaha nya, pikirna bingung, tanya baé kitu. Apa badé tuang heula atanapi badé ka ranjang heula?

“Pa, em ... badé tuang?” ceuk Tintin, ukur sakitu nu kedal mah.

Salakina unggeuk.

“Ké nya, manawi téh tuda moal mulih énjing kénéh.”

“Pami Apa teu wangsul énjing kénéh, bagé naon kitu?”

“Ah, henteu. Mung teu acan bébérés wé, teu acan sasayogian kanggo tuang Apa. Tap ké sakedap, urang haneutkeun heula sopna,” ceuk Tintin. Jung cengkat terus ka dapur. Dituturkeun ku teuteup seukeut salakina.

Tintin bébérés, di dapur, di ruang makan. Haténa hahariringan. Réngsé sasadiaan, nyampeurkeun deui ka salakina.

“Mangga, Pa!” ceuk Tintin bari imut ngirut. Salakina nu keur uleng ngalamun, kagebah. Jung cengkat, sup ka ruang makan. Gék Tintin diuk gigireun salakina, mangnyiukkeun sangu. Salakina angger ngabetem. Kalékéd pisan rék dahar téh, kawas nu hayang teu hayang.

“Ku naon sih, Pa? Teu raraos?” Tintin nanya.

Salakina ngabigeu.

“Atanapi aya masalah?”

“Masalah naon, Pa? Kantor?” ceuk Tintin deui, giak. Aya kaatoh, aya harepan. Salakina geus rék daék deui silitembrakkeun rupa-rupa masalah.

“Sanés. Masalah urang, masalah Mamah sareng Apa,” ceuk salakina bari leuwih ngadeukeutkeun mangkok sop.

Tintin ngagebeg ngadéngé jawaban salakina kitu téh. Tanda Tanya minuhan uteukna, kawas aya masalah gedé baé. Masalah naon atuh? Timbul kapanasaran, ku dariana salakina. Daria kacida. Pirasatna mere tangara teu hadé.

“Ayeuna Apa badé naros ka Mamah, kedah diwaler anu saleres-leresna. Anu jujur.”

“Mangga.”

“Emh ... saleresna Mamah téh badé ka mana atuh?”

“Moal ka mamana.”

“Nu leres?”

“Muhun,” témbal Tintin. Ceg kana cukil, nyiuk sangu keur manéhna. Rék dahar maturan salakina. “Sok-sok atuh tuang téh, bilih kabujeng tiis!”

“Hemh, terus terang wé Mah! Saur Apa mah da asa langkung saé upami Mamah terus terang, blak-blakan, terbuka. Ambéh jelas masalahna. Ambéh jelas deuih milari jalan kaluarna, puguh!”

“Muhun, anu kedah dijelaskeun téh naon? Raraosan mah asa teu aya anu dibuni-buni. Teu gaduh rusiah. Teu ngalalartos Mamah mah!” ceuk Tintin neuteup salakina. Prok paadu teuteup, teu kapanggih aya geugeut. Tintin tungkul deui.

Teu cacarita sajongjonan. Aranteng dalahar kawas nu teu narapsu. Teu lila salakina ngomong deui, antaré tapi sorana ngageter.

“Apa gé terang Mamah téh sering kasepian, sering dikakantunkeun ku Apa. Tapi Mamah kedah sadar, Apa ngantun-ngantunkeun téh sibuk ku padamelan. Sadayana ogé pikeun makayakeun nu jadi anak pamajikan, Mah. Kanggo Mamah! Kanggo Si Nénéng!”

“Muhun, Mamah ogé terang ....”

“Tapi geuning Mamah mah jiga anu teu ngahargaan kana usaha Apa téh, nyapirakeun!”

“Nyapirakeun kumaha ari Apa? Ah, beuki teu ngalalartos wé Mamah mah!” ceuk Tintin. Daharna teu diteruskeun deui.

“Mamah tos ngabohong ka Apa! Saleresna Mamah téh ayeuna badé angkat ti bumi. Buktosna? Teu sakara-kara Mamah dangdos, ngageulis, ngaluis, upami Mamah teu badé angkat-angkatan. Sanés nyapirakeun ari kitu? Sareng deui Mah, upami leres mah tujuanana saé, ku Mamah téh teu kedah dibuni-buni. Kitu wé nya upami teu aya Apa téh? Paingan asa bararénten ahir-ahir ieu mah. Paingan tadi Mamah jiga anu nganaha-naha ka Apa pédah wangsul énjing kénéh!”

“Pa!”

“Sebatkeun, Mah, aya jangji sareng saha Mamah téh? Gaduh acara sareng saha? Pok nyarios!” ceuk salakina. Cul wé kana dahar mah.

“Janten, janten Apa téh, Apa téh ... nyangka abdi salingkuh ti salaki? Nyolowédor? Muhun, Pa?” ceuk Tintin satengah cengkat. Haténa panas disangka teu uni ku salakina, panonna panas nahan piceurikeun.

“Seueur contona! Istri nu sering dikantun ku carogéna, kasepian, teras mencari pelarian ka pameget sanés!”

“Teu Mamah mah! Teu rumaos!” ceuk Tintin nahan émosi. Gauk wé ceurik nalungkup kana méja makan.

Salakina cicing, ngabigeu, ngégél biwir sorangan.

Jung cengkat, deregdeg Tintin lumpat bari nungkup beungeutna ku dua leungeun. Sup ka kamarna, meubeutkeun manéh kana kasur. Ceurik kanyenyerian nyaluuh kana bantal.

Salakina angger cicing, ngajentul di ruang makan.

(Katumbiri Jilid 3, 1986)

Comments :

0 comments to “KATALIMBENG ANGEN-ANGEN”
 

Pengikut