Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

MAMAH NGIMPI MEKPREK BEURIT

“Tadi wengi mah ngimpi téh aya ku anéh,” ceuk pamajikan kuring.

Kuring angger diuk, teu riuk-riuk. Puguh manéhna nu anéh mah. Nyaho salaki kakara datang, kakara ucul-ucul, késang gé can tuus-tuus acan, disampakkeun carita ngimpi anéh. Boro-boro hayang mairan, anu jelas mah hayang reureuh wé. Hayang ngararasakeun kacapé, balas leumpang nanjak-mudun aya kana tilu kilona. Aya éta ogé ari ojég mah, tapi Pa Bupati palay angkat nyacat étang-étang olahraga saurna téh. Kapaksa wé atuh bawahanana ogé, komo pejabat ésélon tilu cara kuring mah, kedah ngiringan kana kapalayna.

Puguh wé pikeun kuring mah boro-boro olahraga, anu jelas awak asa pasiksak. Urut mangkukna ogé masih kénéh karasa cangkeulna. Sarua deuih, badarat mapay jalan satapak ngahadiran acara di lembur anu sarua singkurna. Ngan mangkukna mah ngiringkeun Pa Wakil Bupati.

Boh Bupati boh Wabup, duanana gé atasan kuring. Ahir-ahir ieu, duanana mindeng ngayakeun acara di pilemburan. Dadakuna mah sakalian tepung lawung jeung masarakat nu aya di pasisian. “Da éta ogé masarakat urang kénéh,” saur Pa Bupati. Tapi dina enas-enasna mah, kabéh ogé padamaphum, duanana rék nyalonkeun Bupati dina Pilkada nu kari sababaraha bulan deui. Pa Bupati palay jadi bupati deui, Pa Wabup palay undak jabatan jadi bupati.

Anu serba salah, pajabat anu aya di sahandapeunana saperti kuring. Ka ditu kumaha, ka dieu kumaha. Milu ka ditu, teu milu ka dieu, bisi majarkeun “ada keberpihakan”. Kitu ogé lamun acarana henteu mareng. Lamun mareng mah saleuheung kénéh, bisa milih acara anu raket patalina jeung dinas tempat kuring digawé. Tapi minggu ieu mah, dikersakeunana téh acarana euweuh nu mareng. Atuh kapaksa kudu milu ka duanana. Matak awak asa pasiksak téh lain bebenjon ieu mah.

Ari anu ngaranna bawahan, lain soal satuju jeung teu satuju, ngan kawasna kabéh ogé sarua, sieun aya buntutna. Teu werat nanggung konsékuénsi politisna, anu bisa jadi baris mangaruhan kana karier ka hareupna. Salaku pajabat karier, kuring ogé hayang atuh naék pangkat mah. Paling copel bisa ngeusian jabatan “yang menjanjikan”. Apan ayeuna mah, sabada aya otonomi daérah, nasib pajabat di daérah téh leuwih gumantung ka kapala daérah. Éta masalahna téh.

Pamajikan ogé kababawa riweuh deuih. Da Ibu Bupati sareng Ibu Wabup sami-sami sering ngayakeun rupi-rupi acara. Tadi baé, pamajikan mah milu dua acara sakaligus. Isuk-isuk milu kagiatan PKK sareng Ibu Bupati, soréna ngiringkeun Ibu Wabup muka acara turnamen poli putri antarkacamatan.

“Mamah téh tadi wengi ngimpi mékprék beurit. Aya naon nya, Pah?” ceuk pamajikan bari diuk gigireun.

“Ah, ngimpi-ngimpi baé Mamah mah jadi masalah. Riwan éta mah! Ari ngimpi téh kembangna saré, anu muncul tina alam bawah sadar,” ceuk kuring tamba bau sungut, ngutip pamadegan psikoanalis Sigmund Freud.

“Éh, Papah mah… Tong dianggap serieus, nya, ieu mah nyarioskeun. Kapungkur waktos Si Enong badé nikah, Mamah téh ngimpi neunggeul oray. Teu kantos lami, apan Si Enong nikah. Da saurna, upami ngimpi neunggeul oray mah badé nikah atanapi badé nikahkeun. Ieu mah ngimpi mékprék beurit, dipékprék ku batu nepi ka paéh si beuritna téh. Anu jadi émutan Mamah téh, ari beurit perlambang naon, nya?” ceuk pamajikan, norostos. Si Enong téh anak kuring nu cikal, lanceukna Si Enéng. Da ngan dua-duana kuring mah boga anak téh, duanana awéwé.

“Ah, Mamah mah kawas Si Alung baé percaya kana sioh. Anu jelas, beurit mah sato nu sok kokorowot! Apan dokumén Papah ogé di kamar tukang, béak dikorowotan beurit!” ceuk kuring.

Pamajikan ngahuleng, kawas-kawas anu mikiran omongan kuring. Ari nepi ka kitu mah, teu téga kuring ogé.

“Apan ceuk Mamah gé tong dianggap serieus. Boa saméméhna keur mikiran beurit. Atawa anu siga beurit!” ceuk kuring ngajak heureuy.

“Ah, Papah mah kitu baé. Puguh Mamah téh ti siang kénéh teu ngarareunah haté, inget baé ka Si Enéng!”

Teg téh aya nu nyentug kana haté.

“Apan Si Enéng mah biasana sok ngiring kana kagiatan ibu-ibu!”

“Leres, énjing-énjing mah aya di Gedong PKK. Tapi teu lami, da saurna téh badé kana acara Pa Bupati.”

“Na, da euweuh di ditu mah. Kepala dinasna ogé euweuh deuih, diwakilan ku kabagna duaan. Cenah keur aya tugas ka Bandung.”

Moal milu ka Bandung mah, kitu? Éta anu kapikir ku kuring téh, tapi henteu dipokkeun ka pamajikan mah. Sabab bisa jadi pamajikan ogé boga pikiran kitu. Katurug-turug geus méh pukul dalapan can balik kénéh baé.

“Telepon atuh kana HP-na atawa di-SMS,” ceuk kuring.

“Atos sababaraha kali, tapi mailbox baé.”

Si Enéng téh kakara sataun tamat ti paguron luhur di Bandung. Ti batan ngaligeuh bari juta-jeté, ku kuring diasupkeun jadi pagawé honorér di pemda. Pikiran téh, lamun geus aya di jero mah kari ngadagoan wanci nu mustari pikeun dibebeskeun jadi pagawé negri. Soal sulap-selip jeung waragadna mah bisa diatur, lantaran ayeuna téa apan euweuh nu haratis. Can sataun digawé, cenah geus kapaké ku atasanana. Malah sok katémbong babarengan jeung kapala dinasna sagala. Aya reueus pacampur jeung paur. Kapaur kolot nu boga anak awéwé geus sawawa.

Kapala dinasna, Pas, umurna mah sahandapeun kuring. Malah jadi pagawé negrina ogé teu leuwih lila ti kuring. Tapi karierna gancang nérékél ngaluncatan paraseniorna. Pangpangna mah baréto, jaman Orde Baru, kaasup bisa ngadeukeutan Bupati alam harita. Bisa mupujuhkeun karesepna, anu sabenerna mah kurang pantes. Nepi ka aya béjana sosobatan jeung pénisilin sagala apan. Ceuk béja, kabiasan jaman orbana téh terus manjang nepi ka jaman otda kiwari. Ari ayeuna mindeng kapanggih babarengan jeung Si Enéng. Si Enéng, anak kuring nu bungsu, sarjana anyar. Soal rupa, paling copel di lingkungan pagawéanana mah hésé tandingna. Enya, geulis Si Enéng téh, malah leuwih geulis ti Si Enong. Ayeuna teuing keur jeung saha jeung di mana deuih?

Teu mustahil mun Si Enéng kapincut ku Pas téh. Ganteng, gagah, jeung pinter deuih. Pinter sagala rupana. Gelarna ogé ngantay ti hareup ti tukang. Gelar akademis asli ieu mah. Lain hadiah komo aspal, saperti kalolobaanana pejabat di urang. Geus puguh ari pakayana mah, da méh salilana aya di dinas anu lain baseuh deui, tapi cikruh. Malah manéhna téh disebut-sebut salasaurang pejabat ésélon dua anu diincer ku sababaraha calon bupati pikeun jadi wakil bupatina. Ngan cenah Pas can méré putusan ka sasaha ogé, sabab manéhna leuwih ngincer jabatan sékda, kalungguhan puncak pikeun pejabat karier.

Boa-boa enya ayeuna téh keur babarengan jeung Si Enéng. Beu, teu mikeun haté téh. Sanajan indungna, enya pamajikan kuring, kungsi nyarita yén Pas geus aya jangji rék ngusahakeun Si Enéng jadi pagawé negri. Tapi ari nepi ka kitu mah, asa mahal teuing waragadna. Boa-boa éta kitu anu dilambangkeun ku beurit téh? Beu….

“Kumaha atuh, Pah? Taroskeun atuh ka réréncanganana!” ceuk pamajikan.

“Ku Mamah wé atuh! Papah mah jam salapan téh aya pertemuan di Pondok Ungu. Ngaréngsékeun perkara potongan bantuan ka désa-désa téa. Atasan nu ngabalana, angger wé bawahan anu kudu sasapuna mah!” ceuk kuring, meupeus keuyang.

Atuda enya, salah tah anu nyieun babasan “euweuh bawahan anu goblog, aya ogé pamingpin anu teu becus” téh. Buktina mah, lamun pamingpin nyieun kasalahan, angger wé bawahan anu kudu daék katempuhan buntut maungna mah! Da euweuh atuh pamingpin anu daék disalahkeun mah, iwal lamun sacara politis leuwih nguntungkeun mun ngaku kasalahan. Mangkaning sasapu kalasahan pamingpin jaman réformasi téa, teu cukup ku catur, da kudu jeung bukurna nepi ka puluhan juta. Sabab anu kudu disumpelna ogé leuwih loba tur “merata”.

Mun kitu, saha atuh anu dilambangkeun beurit téh?

“Kumaha atuh, Pah?” ceuk pamajikan deui.

“Dagoan wé nepi ka Papah balik ti Pondok Ungu. Lamun can datang baé, ku Papah ditéangan, sakalian urang pékprék jeung beuritna! Ngan lamun datang ayeuna-ayeuna, talék ku Mamah anu bener! Ulah ngérakeun Papah kituh!”

Pamajikan katénjo cumalimba. Bisa jadi kahariwangna leuwih gedé ti kahariwang kuring.

Situ Wanayasa, Agustus 2005


(Juara I Saembara Ngarang Carpon Kujang taun 2005)

Comments :

0 comments to “MAMAH NGIMPI MEKPREK BEURIT”
 

Pengikut