Ieu blog diajangkeun keur sing saha wae nu aya minat jeung kadeudeuh kana basa Sunda

LILIN GEUS PAREUM

Acan tunduh saenyana mah manéhna téh. Tapi ari rék diteruskeun lalajo televisi, taya pikaresepeunana. Saluranana geus dipundah-pindah, sarua baé. Boh TV pamaréntah, boh TV partikelir, nyiarkeun acara “Laporan Khusus”.

Ari televisi dipareuman, taya alesan pikeun terus cicing di dinya. Diuk di patengahan, ambéh bisa nalingakeun anu keur galuntreng di ruang tamu. Ngahaja manéhna ogé diuk dina tempat anu sakirana henteu matak kagok, boh keur nu di ruang tamu, boh keur manéhna. Anu penting, anu keur paduduaan di ruang tamu téh ngarasa yén aya jalma katilu di dinya. Lain teu percaya ka anak sorangan, tapi sahenteuna wé atuh anakna téh awéwé. Parawan meujeuhna. Malah leuwih ti meujeuhna mun nilik kana umurna mah. Geus méh salawé taun. Taki-taki mah kudu, ngajaga kamungkinan anu panggoréngna.

Leuh, tada teuing aébna mun anakna aya kabéjakeunana. Manéhna ogé tangtu kaciwit kulit kabawa daging. Meureun ceuk batur téh, “Anak saha nu reuneuh jadah?”

“Éta Néng Yani putra Pa Rustandi.”

“Pa Rustandi RW?”

“Enya éta.”

Tuh, nya, jabatan kolot ogé kababawa. Mangkaning tangtuna ogé moal ukur sakitu. Baris aya tuluyna. Enya ogé ukur RW, da pamingpin masarakat atuh. Mana dijadikeun RW ogé, tandaning dipercaya ku masarakat. Kangaranan pamingpin, hade jadi omong goring jadi omong.

Enya, anakna nu keur guntreng di ruang tamu téh. Anakna anu bungsu. Awéwé. Kuliah di Bandung, jurusan Akuntansi di salasahiji paguron luhur. Tadi soré datang ka dieu, ka Purwakarta. Ngan aya bédana ti sasari, datangna téh bari mawa lalaki. Mémang lain sakali baé aya lalaki anu datang ka anakna téh. Anu remen datang ogé kungsi. Tapi da tara meuting cara ayeuna. Cenah babaturanana sakampus, ngan béda jurusan jeung béda fakultas. Ngaranna Wawan, cenah. Papanggih alatan sakaresep, papada resep téater. Babarengan jadi anggota téater di kampusna.

Ukur kitu. Henteu kapapanjangan tatanya. Terusn mah ngobrol sakumaha biasa jeung nu anyar panggih. Tapi, pirasat kolot mah seukeut. Lalaki anu ayeuna dibawa ku anakna téh, lain ukur babaturan biasa. Aya leuwihna ti kitu. Béda tina rindat jeung kelétna ogé.

Ayeuna, anakna keur ngobrol paduduaan jeung lalaki anu cenah babaturanana téa, di ruang tamu. Sakapeung tingkecewis, sakapeung kadéngé obrolanana téh, sakapeung sareuri. Nu kadéngé ku manéhna téh, obrolan ngeunaan téater, ngeunaan babaturanana, ngeunaan dosén-dosénna. Tapi loba anu teu kadéngéna ogé. Geus kabadé, moal henteu ngobrolkeun dirina masing-masing, ngobrolkeun urusan maranéhanana duaan. Bisa jadi, ngobrolkeun aing deuih, ceuk pikir Pa Rustadi.

Surti lebah dinyana mah. Anakna téh geus déwasa. Geus meujeuhna milih-milih rabi mindah-mindah rasa. Da piraku sugan ari rék lalagasan baé mah. Tapi naha aya rasa anu béda karasana ku manéhna nyanghareupan mangsa sawawa anakna nu bungsu mah. Pédah awéwé kitu? Sabab ari lanceuk-lanceukna mah tiluanana ogé lalaki. Pédah ka anak anu pangdipikanyaahna kitu? Anak awéwé hiji-hijina, anak beunang hayang pisan. Maké aya rasa hariwang jeung melang. Lain, ka anakna nu lalaki ogé lain henteu hariwang jeung henteu melang, lain kitu. Ngan rarasaan téh ganjor pisan bédana. Pédah aya anggapan yén awéwé mah heureut deuleu pondok léngkah? Lain éta kawasna mah. Tapi kanyaah nu jadi bapa ka anakna nu awéwé. Kanyaah nu dibarung ku rasa tanggung jawab dunya ahérat.

Enya kawasna mah, aya rasa tanggung jawab dunya ahérat. Keun ari di dunya, omong manusa bisa laas ku mangsa. Tapi di ahérat? Aing ogé kababawa, ceuk pikirna.

Manéhna ngahuleng. “Laporan Khusus” can réngsé kénéh baé. Éh, na aing téh bet kawas nu teu percaya ka anak? Haténa ngajak norowéco deui. Goréng-goréng ogé anak aing téh sok salat. Rarasaan mah, cukup dibéré pendidikan agama téh. Keur leutik, sok dititah ngaji, malah kungsi hatam Kur’anna ogé dua kali. Enya dua kali. Jeung deuih, lamun enya mah anak aing rék migawé pagawéan nirca, teu kudu di dieu, teu kudu di imah kolotna. Di Bandung ogé laluasa, jauh tina panalingaan kolot, bisa jadi moal pati ditalingakeun ku tatangga deuih. Di imah kontrakanana, atawa di mana baé ogé bisa. Upama nilik kana paroman jeung réngkakna, babaturan lalakina ogé bageur katémbongna mah. Hadé tata hadé basa. Sopan. Dina rupa, moal nilam jeung anak aing mah. Itu kasép anak aing geulis. Manéhna imut ngagelenyu. Lucu. Kayungyun.

Hampura Yani, Bapa geus goréng sangka, ceuk gerentes haténa. Manéhna kapiasem sorangan. Naha atuh tadi mah bet hariwang-hariwang teuing? Bet melang-melang teuing? Kasieunan. Sieun kababawa goréng ku nu can puguh goréngna. Égois kitu? Baé da éta mah tadi. Ayeuna mah henteu Yani, henteu. Sok wé ngobrol mah. Bapa percaya, anjeun mah anak Bapa, moal ngalakukeun hal-hal anu matak ngérakeun Bapa.

Jung manéhna nangtung. Ngarongkong power televisi. Cetrék dipareuman. Di ruang tamu kadéngé sora méja kadupak. Manéhna imut surti. Lah, paling-paling ogé kadupak suku anu dikejetkeun.

“Geuning dipareuman, Pa?” ceuk anakna.

“Lah, teu ramé, Laporan Khusus jeung lila deuih,” témbalna.

“Muhun, sok lami baé ayeuna mah. rupina badé mayunan pemilu,” Wawan mairan.

“Biasa. Upami badé istirahat mah, di kamar payun nya. Tos dibérésan kamarna?”

“Atos,” témbal anakna.

“Duh, ieu téh téh kalah ngarérépot wé nya,” ceuk Wawan.

“Ngarérépot naon. Puguh rorompok téh, butut-butut ogé da lega. Tapi kapungkur mah waktos lanceuk-lanceukna Yani can rimbitan, kamar tilu téh asa dukdek. Kamar payun mah, tara dieusian pisan, paranti kitu wé upami aya tamu. Kamar nu itu, sok dianggo ku Yani ari ka dieu. Kitu gé ayeuna mah tara nitih sabulan sakali sabulan sakali acan ka dieuna téh.”

“Atuda riweuh. Komo ayeuna mah mayunan ujian sidang,” témbal anakna, embung disalahkeun.

“Enya riweuh téa mah. Cik ceuk urang mah surat-surat atuh, ulah lebeng teuing. Ieu mah geura Cép, mani tara nyuratan-nyuratan acan. Indungna mah wani sok hariwangeun pisan éta téh.”

“Nu penting mah salamet wé nya, Kang Wan.”

“Enya ari kitu téa mah. Malum, kolot ka anak atuh, sok hariwang baé ari geus lila teu manggih béja téh.”

Anakna kalah nyeukeukeuk. Wawan ogé ngahéhéh.

“Sok wé Cép Wawan, Bapa mah badé istirahat heula,” ngomong kituna téh bari leumpang. Sup ka kamarna. Kamar anu di tengah. Kabeneran, pagigir-gigir jeung ruang tamu.

Lampu kamar geus dipareuman, ukur kacaangan ku sinar lampu ti ruang tamu nu nyulusup kana liang angin kamarna. Pamajikanana geus ngagolér.

“Pa,” ceuk pamajikanana.

“Can saré?”

“Teu acan. Tos wawartos ka Pa RT?”

“Naon?”

“Aya nu ngéndong.”

“Enggeus tadi di masigit. Ceuk Bapa téh, RT di imah aya babaturana Si Yani ngéndong. Najan Bapa RW ogé, da bébéja mah kudu wé, bisi aya nanaon.”

“Leres. Teras kumaha saur Pa RT téh?”

“Kalah malik nanya. ‘Tamuna istri pameget?’ Ceuk Bapa téh, ‘Lalaki.’ Pokna téh, ‘Atuh panginten Pa RW téh téréh hajat deui, nya?’ ‘Naon kitu?’ ‘Muhun nikahkeun Neng Yani.’ Ah, dasar si RT, ari nyarita téh sok ka mana baé. Ceuk Bapa téh, ‘Ah, na ari nanaon téh, enya ogé lalaki, da babaturanana sakampus.’ Kalah seuri dikitukeun téh,” ceuk manéhna.

“Muhun nya, Pa!”

“Muhun naon? Ujug-ujug muhun wé teu pupuguh.”

“Muhun anak urang, Si Yani, babaturan ulinna mah geus rarimbitan. Panungtungan téh Si Popon, apan tos kawin taun kamari.”

“Enya. Teu karasa, geus sawawa wé si bungsu téh. Sugan jeung Ema geus ngobrol-ngobrol?”

“Upami serieus mah teu acan. Mung ti payun, waktos sasih kamari ka dieu téa geuning, ku abdi téh diheureuyan. ‘Ari Yani can mikir-mikir hayang boga salaki?’ Ari walonna téh, ‘Duka atuh.’ ‘Ari Yani geus boga kabogoh?’ ‘Aya wé.’ Ku abdi téh ditaroskeun saha-sahana. Kawitna mah teu ngawartoskeun. Ari lami-lami nyebatkeun, yén tos gaduh cenah calon mah, urang Panjalu. Sakitu wé, da teu kateterasan.”

“Urang Panjalu mah atuh, Cép Wawan ogé urang Panjalu.”

“Wawan éta?”

“Enya.”

“Tadi henteu nyarios nanaon ka Bapa?”

“Henteu.”

“Katingalna mah sakitu uplekna.”

“Ih, ngobrol ogé, ngobrol kitu wé ngalor-ngidul. Lain euweuh curiga éta ogé, da pirasat mah boga, ngan rék ditalék téh sieun kapiring leutik. Keun urang dagoan wé kumaha kahayangna. Da lamun enya ogé rék enya-enya, piraku henteu betus.”

“Saupamina ieu mah nya, Pa. Saupamina leres calon Si Yani téh éta, Bapa satuju atanapi henteu?”

“Nya ari geus jodona mah piraku teu satuju. Bapa mah moal magak kahayang anak. Asal bener. Jeung deuih, katémbongna mah bageus budakna téh.”

Jep baé. Masing-masing ngumbar lamunanana. Di ruang tamu sakapeung kadéngé nu tingkecewis, sakapeung kadéngé atra obrolanana, sakapeung simpé. Anéh, bet aya rasa nu anéh dina dada manéhna mun pareng simpé téh. Rasa anu bijil tina surti sarta dipapantes ku pikiranana sorangan. Boa-boa, boa-boa ….

“Oho-oho!” teu karasa manéhna babatukan.

“Aya korék api, Yan?” teu kungsi lila kadéngé ti ruang tamu Wawan nanyakeun korék api.

“Aya, ké nya urang bantun heula,” kadéngé anakna némbalan. Gesruk-gesruk, sora sendal semu digusur. Leumpang ka paebah bupét, kadéngé mukaan lacina. Matuh da di dinya tempat korék api jeung sabangsana téh. Srek laci ditutupkeun deui kadéngéna téh. Cetrék nyetél televisi. Teu lila. Dipareuman deui wé.

“Acara naon, Yan?”

“Pilem cerita ahir pekan. Badé nongton?”

“Pilem naon?”

“Duka, da pilem Indonésia.”

“Ah, paling-paling ogé pilem tos burem, atanapi pilem petuah petatah-petitih. Ari di RCTI naon?”

Cetrék disetél deui.

“Iklan.”

“Moal, ah.”

Cetrék dipareuman deui.

Nu di kamar ngarénghap. Sugan téh lalajo televisi. Paling copél aya alesan pikeun manéhna kaluar deui ti kamarna. Pokona mah ulah nepi ka simpé, bari nyaho aya dua mahluk lalawanan, anakna jeung sémah lalaki, nyaring paduduaan. Enya, kahayang manéhna. Kahayang an béda jeung kahayang anakna kadua sémah lalaki, tangtuna gé. Tétéla lain ngan saukur babaturan anakna éta sémah téh. Pirasatna henteu nyalahan, sarta beuki yakin sanggeus ngadéngé caritaan pamajikanana. Rét ka pamajikanana, nyileuk kénéh. Sarua kitu rarasaanana jeung aing?

Gesruk-gesruk sora sandal semu digusur ka ruang tamu.

“Kanggo naon maké nyandak lilin sagala?” kadéngé Wawan nanya. Heueuh, da dina laci éta téh sagala aya. Aya korék api, aya lilin, aya sénter, aya gunting. Enya, keur naon atuh anakna make mawa lilin sagala?”

“Nya kanggo diseungeut, piraku badé dianggo susuguh mah,” témbal anakna. Wawan seuri. Tuluy kadéngé tingkecewis. Najan ceulina teu sirikna dirancung-rancung ogé, teu kadéngé écés naon anu diomongkeunana téh. Anu jelas, ditungtungan ku sareuri.

Cekés, kadéngé korék api dicekéskeun. Kaciptana téh dipaké nyeungeut roko. Tapi manéhna ngarénjag basa lampu di ruang tengah pareum. Dituturkeun ku pareumna lampu di ruang tengah. Teu lila, tina liang angina kamarna nyulusup cahaa lilin. Diganti ku lilin geuning.

“Raos nya Kang, mani asa daméy,” kadéngé sora anakna.

“Romantis.”

“Muhun.”

“Éta rupina mah anu matak parasufi sok ngajantenkeun lilin jadi symbol dirina ogé.”

“Kumaha kitu, Kang?”

“Mangga wé aos dina sajak-sajakna. Lilin téh sakapeung sok dianggo simbol dirina anu nyaangan batur ku cahaya cinta, bari teu maliré kana dirina anu jadi korban éta cahaya. Sakapeung jadi symbol cahaya anu dijugjug. Ari dirina diibaratkeun rametuk, anu hayang ngahontal éta cahaya. Ana kahontal, rametuk kabeuleum.

“Lilin, rametuk, sareng anggur sering kapendak dina sajak-sajak sufi mah. Nyeuseup cinta disamikeun sareng nyeuseup anggur nu matak mabok. Tapi di dinya cenah éndahna cinta téh. Tangtos wé sanés cinta asmara sapertos urang. Tapi cinta anu paling hakiki. Cinta ka nu pangpantesna dipikacinta, cinta ka Sang Maha Sagalana. Da cenah mahluk mah taya daya upaya, upami teu tanpa cinta Anjeunna.”

“Jero ogé nya, Kang, palasipah lilin téh.”

“Ah, sagala rupa ogé upami dijero-jerokeun mah, tangtos jero. Didéétkeun atuh déét. Gumantung ka nu ngajerokeun sareng ngadéétkeunana wé. Sapertos ….”

“Sapertos naon?”

Manéhna anu milu ngadéngékeun caritaan Wawan ngeunaan lilin ogé ngarep-ngarep jawaban panalék anakna. Tapi lain jawaban Wawan anu kadéngé téh. Kalah nyikikikna seuri anakna. Jawabanana diharéwoskeun meureun mana teu kadéngé ku manéhna ogé.

“Ih, sebel! Kitu baé Kang Wawan mah!” kadéngé sora anakna.

Manéhna panasaran, sapertos naon Yani anu sebel téh? Sapertos naon anu kitu baé téh?

“Janten engké mah mending jero, supados kakobét palasipahna,” kadéngé sora Wawan. Anakna seuri deui.

Naon anu kedah jero téh? Na ari saméméhna déét kitu, make nyebut engké mah sagala? Haténa make dibarung ratug sagala marengan pikiranana anu norowéco téh.

Beuki lila anu ngalobrol téh beuki lalaunan. Beuki lila, sareurina ogé siga nu dipengkek. Beuki lila remen paselang jeung simpé. Beuki lila, simpé anu leuwih lila téh. Beuki lila, nu di jero kamar nénjokeun cahaya lilin kakalicesan. Panonna neuteup kana lalangit kamarna. Rét ka pamajikanana, katémbong gulinggasahanana.

“Jam sabaraha ieu téh?” manéhna ngaharéwos ka pamajikanana.

Pamajikanana cengkat, nyidik-nyidik béker.

“Satengah satu.”

“Geus peuting,” duka kadéngéeun duka henteu ngomongna kitu ku pamajikanana téh.

Teu lila, ujug-ujug pes baé cahaya lilin téh pareum.

“Bapana!” ceuk pamajikanana bari neuteup lewang. Angenna beuki motah tutunggulan.

“Enya, isukan mah urang talék,” témbal manéhna halon. Teu karasa manéhna déhém.

(Dicutat tina Manglé No. 1365, 27 Agustus 1992)

Comments :

0 comments to “LILIN GEUS PAREUM”
 

Pengikut